Hujan Dordar Gelap, Osok Aya Batu Gelap


Lamun keur usum hujan anu dibarung ku dordar gelap, matak sieun ngalamanana. Komo lamun keur di jalan naha inditkeun atawa balikeun, komo deui di pakebonan, matak sieun lamun kapegat ku hujan dordar gelap. Osok aya kabéjakeun aya jalma atawa tatangkalan anu kabentar gelap. Lamun aya jalma anu kabéntar gelap téh apanan bisa nyababkeun palastra, cenah mah nepikeun ka tutungna. Pon kitu deui lamun gelapna ngabéntar tatangkalan, bisa nyababkeun tatangkalan anu kabéntarna paéh jeung tutung.

Batu gelap

Dina palebah ngabéntar tatangkalan, cenah osok kabéjakeun di deukeuteun tangkal anu kabéntarna osok kapanggih batu gelap. Gelap anu ngabéntar tatangkalan téh mamawa batu atawa ngabéntarna maké batu anu remen disebut batu gelap.

Sanajan tatangkalan anu kabéntarna jadi tutung kusabab panas, ari batuna (batu gelap) mah hanteu panas-panas teusing. Teuing pédah kapanggihna geus lila tina waktu ngabéntar tangkalna. Jeung nilik kana rupa batuna, henteu nuduhkeun batu anu panas. Batuna lemes siga anu tapak ngalemeskeun jeung hérang. Katempo ti luar ma jerona téh osok aya lapisan rupa-rupa warnana. Biasana mah wangunana siga kampak anu dijieun tina batu. Ieu batu téh jarang bisa kapanggih, da tara unggal aya gelap ngabéntar tatangkalan anu bisa kapanggih batu gelapna. Jeung deui jarang anu ngahajakeun néangan ieu batu. Batu ieu kapanggihna lamun keur kawénéhan waé.

Ieu batu téh, cenah mah miboga hasiat. Teuing pédah arang kapanggihna meureunan duka teuing pédah naon. Da tacan bisa dibuktikeun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Di Dayeuh mah Teu Cocog Huhujanan Maké Payung


Mimiti maju ka usum hujan. Kudu ngabiasakeun sorangan lamun pasosoré hujan ngecrek. Kudu siap sayaga lamun ka mamana téh mamawa tiung pikeun niungan awak tina hujan kayaning payung atawa jas hujan. Daun cau mah teu asup itungan, da di dayeuh mah geningan geus jarang tangkal cauna ogé. Teu saperti di lembur, masih kénéh loba manggihan tangkal cau di kebon sisi jalan anu bisa diala daunna pikeun tiung.

Lamun hayang merenah jeung buni mah alusna maké jas hujan. Salian ti gampang makéna jeung buni ogé gampang mamawana, kari ditilepan terus asupkeun kana kantong. Da payung mah kadang tara bisa ditilepan. Katambah deui lamun aya angin, payung mah osok rada susah ngadalikeunana lamun katebak angin.

Make payung nalika hujan

Salian ti éta, aya deui anu nyababkeun rada wegah maké payung téh. Di dayeuh mah sigana teu cocog lamun kudu huhujanan maké payung téh. Maksud mah maké payung téh kusabab embung kabaseuhan kusabab hujan, tapi kanyataanana mah remen kacipratan cai hujan. Komo deui lamun ngaliwat ka jalan gedé. Da cai hujan anu nyiprat kana awak téh geningan lain ti luhur, tapi di gigir. Leuwih geuleuhna, cai kolomberan atawa cai leuncang anu nyipratna téh. Cai hujan anu namper di jajalaneun téh remen kagilesan ku kandaraan, bok gilinding dua boh gilinding opat. Leuheung lamun saeutik mah da ieu kadang mancawura kana awak kusabab kalindes kandaraan. Teuing kumaha atuh da, cai leuncang téh kalahka nyalangkrung di jajalaneun. Cai leuncang téh siga anu embungeun ngocor kana solokan di sisi jalan. Jadi waé cai leuncangna nyiprat ka mana meni.

Leuwih keuheulna deui lamun kandaraan anu nyorang cai leuncang anu nyalangkrung téh lain ngalaunan, kalahka ngagancangan majuna. Atuh cai téh beuki tarik waé mancawurana. Naha saha anu kudu disalahkeun. Salah anu maké payung, salah anu naék kandaraan atawa salah cai leuncangna?

(Gambar meunang nginjeum ti http://media.viva.co.id/)

Hujan Poyan mah teu Meunang Huhujanan


Langit ceudeum tandana bakal hujan. Reueuk hideung geus ngantay mawa pihujaneun. Beuki hideng reueukna biasana mah beuki gedé hujanna. Da geus kabiasaan lamun hujan osok dipiheulaan ku langit anu ceudeum. Lamun langit ceudeum, cahya panon poé osok kahalangan jadi waé rada poék.

Ngan teu salawasna kaayaan hujan téh pasti (rada) poék. Aya kalana hujan téh osok dibarengan ku caang panon poé. Najan kaayaan keur hujan, tapi cahya panon poé tetep aya, moncorong. Biasana mah hujanna henteu gedé teuing. Lamun kaayaan keur hujan dibarengan ku caang atawa cahya panon poé disebutna hujan poyan. Hujan tapi caang ku cahya panon poé.

Hujan poyan

Saur pun nini mah, keur hujan poyan mah teu meunang huhujanan, pamali. Pamalina téh bisi matak kapuragan bulu sasatoan anu ngagibrigkeun buluna nalika hujan poyan di leuweung. Jadi lamun kahujanan keur hujan poyan teh matak diaarah ku batur anu osok ngala sasatoan di leuweung.

Ngan aya cara supaya ulah kakeunaan ku éta panyakit. Lamun kapaksa kudu huhujanan kudu maké sumping. Sumping téh nyaéta daun jujukutan kayaning daun jukut bau terus diciduhan. Sanggeus diciduhan diselapkeun dina sela-sela ceuli jeung sirah. Kitu cenah….

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com)

Huhujanan


Anu ngaranna budak mah geus biasa lamun resep kana cai. Komo ngaheureuykeun cai mah, kacida pisan resepna. Bakating ku resepna, najan diulah-ulah ogé angger waé tara daék dihulag. Najan disingsieunan bisi gering ogé, angger waé teu beunang disingsieunan. Ku rasa resep mah éléh kasieun gering téh.

Barudak anu keur huhujanan

Dina mangsana hujan atawa usum hujan, barudak mah kacida pisan raresepna. Nyaéta téa, ngadon huhujanan. Najan keur aya dinu iuh atawa keur di imah ogé, ngadon ngabrit ka luareun imah ngadon huhujanan bari dibubuligir. Lamun kolot mah bélaan ngiuhan dina mangsana kahujanan téh, atawa maké tiung payung tina daun cau dina sakalina kahujanan keur balik ti kebon atawa balik iiditan, barudak mah henteu kahujanan ogé maksa hayang huhujanan. Komo deui lamun kahujanan mah beuki resep waé huhujanan. Pikeun kolot, teu bisa kumaha, da anu geus jadi pangaresep mah susah dihulagna. Nya paling ogé nalingakeun jeung ngelingan. Nalingakeun ulah kamalinaan, ngelingan ulah lila teuing. Lamun geus lila mah gera ampih ka imah, gera mandi beberesih, tuluy disimbut bisi katirisan.

Da lamun lila teuing huhujanan mah bisi kabulusan. Ditambah deui lamun hujanna gedé mah apanan osok aya gelap atawa guludug ngageleger, matak pikasieuneun. Lamun hujanna gedé pisan mah da barudak ogé biasana mah sieuneun komo lamun kudu lila-lila huhujanan mah.

Sosorodotan dina Waktu Hujan


Paralakna sora hujan, maseuhan kenténg anu geus lila henteu kabaseuhan. Taneuh beureum anu bareulah mimiti kabaseuhan. Taneuh anu teuas kusabab padet balas katincakan ku anu ngalaliwat, jadi leucir kabaseuhan cai hujan. Mun kurangna ati-ati mah bisa matak labuh pikeun jalma anu ngaliwatanana. Labuh tisorodot nincak taneuh anu leucir. Anu apal mah moal wani nincak taneuh anu leucir jeung leueur. Mending kénéh néangan titincakan anu hipu atawa tacan katincak kunu séjén. Malah mandar henteu sirodot.

Ngan pikeun budak mah, dina waktu hujan, taneuh anu leucir balas kahujanan téh mangrupakeun tempat anu dipikaresep. Lamun batur (kolot) mah embung nyorang atawa nincak kana anu leucir, barudak mah ngahaja néangan tempat anu leucir. Lamun aya mah taneuhna anu rada lega atawa panjang.

Barudak anu keur huhujanan

Taneuh anu leucir téh, osok dipaké pikeun sosorodotan. Naha arék mudun atawa datar. Dina palebah datarna, bisa dipaké tempat ngadu pangabisa pikeun sosorodotan bari henteu labuh. Saha anu bisa lumpat ngawahan terus nyorodot bari nangtung di tempat anu leucir bari henteu labuh, miboga kaagul sorangan. Asa jadi budak anu agul, anu pangbisana. Dina henteu bisana, nya ngan ukur nempokeun. Anu miboga saeutik wawanén, osok miluan najan hemar-hemir sieun labuh. Budak anu bisa ngajaga kasaimbangan awakna, bisa nangtung nyorodot kalawan henteu labuh.

Atuh pikeun anu labuh, lumayan nyeri ogé. Komo lamun labuhna camekblek bujur heula. Matak seueul kana cungcurungan. Ngan anu ngaranna pangaresep mah, tara dirasa sanajan nyeri ogé. Rasa kanyeri kalindih ku rasa resep arulin.

(Gambar meunang nginjeum ti http://badeathsworld.files.wordpress.com/2010/06/aeta-kids-running-rain.jpg)

Halimun jeung Pepedut


Ngaran pepedut teu jauh tina ngaranna halimun. Da nempo kana rupana mah sarua waé nyaéta ayana haseup tiis kusabab hawa tiis kusabab waktuna isuk-isuk atawa kusabab aya hujan. Ngan anu jadi pamikiran téh nyaéta, naha halimun jeung pepedut teh sarua atawa béda. Naha duanana téh béda dina ngaranna wungkul, sedengkeun kajadianana mah éta-éta kénéh. Atawa bener-bener béda, antara duanana sakumaha bédana ngaran.

Nempo kana kajadianana mah, cenah anu ngaranna halimun téh bisa ngawujud atawa aya kusabab ayana héab cai di luhureun taneuh terus katiisan jadi waé haseup. Jadi halimun téh ayana kusabab hawa tiis anu mangaruhan kana héab cai, terus éta héab cai téh jadi tiis. Sedengkeun pepedut biasa ayana téh  waktu satutasna hujan. Ngan kumaha kajadianana mah kurang dipikanyaho. Naha sarua waé sakumaha halimun atawa henteu.

Halimun (asal poto: http://www.crh.noaa.gov/Image/jkl/tree-in-fog.jpg)

Anu bisa jadi pangbébéda téh, sigana mah, nyaéta remen atawa seringna kajadian. Pepedut mah biasana kadang-kadang. Tara tiap waktu hiji tempat kasimbutan ku pepedut. Sedengkeun halimun mah biasana kajadianana téh geus jadi kabiasaan di éta tempat.

Kitu sigana mah….

Ngan intina mah duana gé sarua waé wujudna téh haseup anu tiis atawa baseuh jeung ayana di handap deukeuteun taneuh lain di awang-awang.

Waktu Hujan


Ukur jucung satungkulan
Ngan ngolémbar sapakarangan
Natrat udat na panyawéran
Adeg-adeg na pajaratan

Kalangkang makalangan
Na keclakna cai hujan
Beueus bareubeu kabaseuhan
Nungguan pamuntangan

Udat-udat narémbongan
Leucirna matak ngahalangan
Pamaksudan milampahan
Pegat cupat patékadan

Haréwosna sora hujan
Haleuangna angin wétan
Paralak na dangdaunan
Séah minuhan ambahan

Beuki rékép beuki kerep
Teu bisa kumakarep
Tiis ngadalingding nyerep
Loba anu ngadon kasirep

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=468995561893)