Kunaon Undur-undur Bet Mundur


Saha atuh anu teu apal kana sato anu ngaranna undur-undur. Anu resep ngupuk mah, pasti apal ka satu anu ieu. Sato anu osok nyieun imah dina taneuh bari anu wangunana legok. Imahna anu legok téh ampir sarua reujeung aseupan, buleud jeung mancung ka handap. Sedengkeun undur-undurna mah tara katempo di  tempat anu ngalegokna, da osok nyumput dinu taneuh di deukeuteun tempat anu legokna.

Undur-undur osok dipaké hareureuy ku barudak mah. Heureuyna téh nyaéta dijadikeun eupan pikeun ngala undur-undur anu lianna. Lamun meunang hiji undur-undur, osok ditalian pas belah beuheungna make tali anu leutik. Terus éta undur-undur téh diteundeun dina imah undur-undur anu tacan diala undur-undurna. Teu lila biasana mah éta undur-undur nu ditalian téh osok mundur asup kana jero imah undur-undur anu acan diala téa. Diantepkeun sina ka jero taneuh. Saterusna kakara tali éta undur-undur téh ditarik. Lamun keur alus mah, undur-undur anu jadi eupan téh osok maunangkeun undur-undur anu imahna diasupan ku éta undur-undur.

Liang atawa imah undur-undur
Aya hiji hal anu tetep jadi kahémeng ngeunaan undur-undur ieu. Anu jadi pananya téh nyaéta kunaon undur-undur bet mundur. Dina ‘leumpangna’, undur-undur mah lain maju ka hareup, tapi kalahka mundur ka tukang. Naha nya…? Waktu keur sakola mah, pernah maca buku anu nalungtik ngeunaan undur-undur ieu. Ngan teu pernah dibaca nepikeun kan tuntasna. Da kaburu dijadikeun gogoncangan reujeung babaturan. Jadi tatarucingan, Naha undur-undur majuna mundur? Padahal apanan euweuh anu majuna mundur. Aya ogé anu mundurna mundur, atawa majuna maju.

Jadi, ngeunaan ieu masih kénéh jadi kapanasaran….

Eundeuk-eundeukan


Eundeuk eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki

Eundeuk-eundeukan cangkuang
Bale bandung paseban
Meunang peucang pa ujang
Leupas deui ku akang

Eundeuk-eundeukan téh kecap asalna mah eundeuk. Eundeuk téh kecap kaayaan anu hartina henteu cicing atawa bulak-balik ka ditu kadieu. Ngeundeuk-ngeundeuk mah hartina keur migawé pagawéan supaya eundeuk. Sedengkeun ari eundeuk-eundeukan mah mangrupakeun kaulinan barudak anu maénna téh ngeundeuk-ngeundeuk. Anu dieundeuk-eundeuk téh biasana mah dahan tatangkalan anu ngalumbuk ka handap atawa dahan anu pendék (teu jangkung). Bisa ogé anu dieundeuk-eundeukna téh tangkal anu dituar terus éta tangkal téh ngangkang (tungtung atawa congo tangkalna henteu adek kana taneuh). Éta anu dieundeuk-eundeuk téh (dahan atawa tangkal) didiukan atawa dicicingan ku barudak, saterusna mah dieundeuk-eundeuk.

Dina prak-prakanana eundeuk-eundeukan, anu penting mah barudak téh gumbira, bisa hareureuy. Ieu kaulinan téh lir ibarat ayun-ayunan. Anu sieunan mah osok diheureuyan ka barudak séjénna supaya sieuneun atawa reuwaseun, anu wanian mah osok ngahajakeun ngeundeuk-ngeundeukna téh sing tarik pisan.

Tangkal anu rungkad bisa dipaké pikeun eundeuk-eundeukan

Ari dahan anu dieundeuk-eundeukna, biasana mah anu kuat henteu gampang potong. Salian ti éta ogé anu rada leuleus, lain dahan anu heuras. Da anu heuras mah susah dieundeuk-eundeukna. Anu kuat tur rada leuleus mah gampang pisan pikeun dieundeuk-eundeukna.

Dina kaulinan eundeuk-eundeukan, barudak henteu dikudukeun nyieun bahan. Da bahan anu diperlukeun mah ngan ukur dahan atawa tangkal rungkad (tangkal meunang nuar). Ngan barudak kudu bisa neangan dahan atawa tangkal anu alus pikeun eundeuk-eundeukan. Dahan anu kuat pikeun nahan beurat kabéh budak anu ngiluan eundeuk-eundeukan.

Sedengkeun mangpaat ieu kaulinan mah leuwih condong kana supaya gumbira wungkul. Kumaha supaya barudak téh bisa galumbira.

Papaharé


“Is, éta teu kénging langsung ameng. Ka bumi heula disalin acuk heula.” Ceuk indungna si Euis mangsa manéhna nempo anakna, nyaéta si Euis anu kakara datang ti sakola, henteu ka imahna heula tapi langsung ulin di tepas imahna si Onah.

Si Euis ngalieuk ka indungna anu arék indit ka kebon sanggeus mulang heula ka imahna.

“Muhun, Ma. Sakedap.” Témbalna.

“Kadé tong hilap nya. Éta raksukan bilih kotor dianggo ameng mah. Kanggo énjing sakola deui. Sareng éta deui emam heula…,” péntana deui bari terus ngaléos ka béh wétankeun.

“Muhun…,” tembal si Euis deui pondok.

“Urang atosan heula yu…,” ceuk si Onéng ngaharéwos kanu tiluan, si Onah, si Euis jeung si Icih.

“Muhun, urang disalin heula nya. Supados tiasa nyalsé amengna.” Ceuk si Euis deui.

“Éh, urang papaharé yu?” Ceuk si Onah kanua tiluan.

“Hayu atuh. Tapi di teun saha?” Si Icih melong ka si Onah.

“Di dieu waé atuh nya. Supaya entos papaharé teras ameng deui di dieu.” Ceuk si Onah nawarkeun tempat.

“Satuju…!” Ceuk anu tiluan.

“Aya naon waé kitu di dieu?” Si Icih nanya.

“Nya di dieu mah paling aya ogé lalab jeung lauk asin.” Témbal si Onah.

“Éh, muhun. Is, nyandak réncangna anu rada saé nya….” Pénta si Onéng bari seuri.

“Pami aya….” Témbal si Euis turun ti tepas.

“Piraku waé….” Ceuk si Icih.

Nu tiluan, si Euis, si Icih jeung si Onéng langsung muru ka imahna séwang-séwangan. Sedengkeun si Onah terus muru ka jero imahna, terus ka dapur nyadiakeun sangu jeung deungeunna pikeun papaharé. Manéhna mawa dua piring ka tepas, anu hiji dieusi ku sangu sedengkeun anu hiji deui dipinuhan ku lalab, aya daun sitrong, daun sampeu meunang nyeupan, roay jeung leunca.

Teu lila babaturanana anu tiluan geus daratang deui, da puguhanan teu pati jarauh imahna ti imah si Onah téh. Tiluanana mamawa piring dieusi ku sangu jeung deungeunna. Opatanana terus ngariun di tepas.

“Mana sambelna ieu téh?” Ceuk si Icih bari nempoan piring anu dihareupeun si Onah.

“Éh, enya nya. Sakedap, nya….” Si Onah nangtung terus muru ka dapur. Teu lila geus balik deui bari mawa sambel goang dina coét.

“Is, mana atuh réncangna?” Ceuk si Oneng ka si Euis.

“Da mung aya ieu, goréng endog wungkul.” Ceuk manéhna bari nempokeun piring anu dibawana ka si Onéng.

“Sugan téh aya anu anéh….” Ceuk si Onéng bari seuri.

“Nya nu aya waé atuh lah. Apanan ieu ogé aya deungeunna. Komo tah anu resep sambel, aya sambel. Ngan coélna ngan ukur aya nu kieu geningan.” Ceuk si Onah bari ngiserkeun coét jeung piring anu dipinuhan ku lalab.

“Wah éta mah karesep urang atuh.” Si Icih gumbira bari ngarongkong kana piring anu dikatengahkeun ku si Onah. Manéhna nyokot seupan daun sampeu, terus di cocolkeun kana sambel.

“Hayu atuh ah, lapar yeuh.” Si Onéng hayang buru-buru gera dahar.

“Sok atuh ngadunga heula.” Ceuk si Euis bari manéhna gegerendengan ngalapadkeun doana.

Sanggeus kitu mah, opatanana dalahar mani ngalimed pisan, siga anu lapar. Sangu sapiring séwang téh teu nyésa.

Adat Kakurung Ku Iga


Di kantin sakola, si Edah eukeur guntreng ngobrol reujeung si Omon. Sanajan beda kelas reujeung beda lembur ditambah deui kakara wawuhna oge sababaraha minggu, duanana oge geus nyobat pisan.

“Mon, maneh teh babaturanana si Acim lain…?” Si Edah nanya ka si Omon.

“Heu-euh. Malahan mah lain babaturan deui. Da kuring reujeung manehna mah teu asa jeung jiga deui. Da geus jadi jadi sobat ti leutik keneh.” Tembal si Omon daria.

“Oh kitu. Salembur nya…?”

“Heu-euh. Salembur, sasakola deui waktu di SD, sakelas deuih.” Tembal si Omon deui.

“Lamun kitu mah apal atuh kana pasipatanana….” Si Edah nyoksrok jero, siga anu hayangeun apal kana pribadi si Acim.

“Nya…, perkara eta mah apal atuh. Tapi…,” si Omon teu kebat nyaritana.

“Tapi kumaha?” si Edah megat omongan.

“Teu kukumaha ketang.” si Omon teu jadi terus terangna.

“Naha…?” Si Edah panasaran. “Pedah ka sobat nya…? Moal beja-beja sagala rusiahna….?”

“Lain kitu atuh.” Si Omon ngahuleng.

“Terus…?”

“Teu ah. Enggeus ah tong nyaritakeun nu kitu. Tong nyaritakeun perkara eta. Mending keneh nyaritakeun hal sejen.” Si Omon nyalenggorkeun omongan.

“Em…. Saeutik wae atuh nya. Kuring mah ngan hayang apal kana pasipatan si Acim wungkul. Hiji wae.” Penta si Edah.

“Pasipatan nu kumaha?” Tembal si Omon siga anu haroream.

“Nya nu kumaha wae atuh. Nu penting mah pasipatan manehna.”

“Embung ah. Sieun kadengeeun ku manehna.” Si Omon culang-cileung.

“Moal atuh. Da si Acim mah eukeur di Perpustakaan. Jadi moal ngadengeeun. Dijamin lah.” Si Edah maksa.

Si Omon ngahuleng. Manehna luak-lieuk. Di kantin teh rada loba murid sakola, ngan tacan karenal kabehanana dan bareda kelas, kelasna saluhureun manehna. Aya anu saangkatan ngan beda kelas, reujeung tacan pati karenal kabehanana. Nu kenal teh kakara reujeung si Edah katut si Ikah wungkul, ditambah ku si Asep, Lalan, Wulan, Dede, Hendrik, Sahlan. Kabehananaa oge anu sakelas reujeung si Edah. Nu sejenna paling oge babaturan anu asal SD-na sarua reujung manehna: si Duyeh, si Uju, jeung nu sejenna.

“Kumaha…?” Si Edah maksa.

“Kumaha nya…,” si Omon ngahuleng.

“Eta wae atuh, hiji wae, ngan hiji….” Si Edah keukeuh maksa.

“Heug atuh lamun kitu mah. Tapi omat ulah dibeja-beja ka manehna nya.”

“Nya heu-euh atuh. Masing percaya wae ka kuring.” Si Edah nyayakinkeun si Omon.

“Manehna mah tara ieuh daria. Osok heureuy wae.” Ceuk si Omon. Nyaritana ampir teu kadenge da rada halon.

“Nu kitu mah atuh lain pasipatan. Da tiap jalma oge osok heureuy….” Si Edah siga anu hanjelu.

“Ih da ieu mah lain ngan ukur heureuy saheureuy-heureuyna atuh. Manehna mah teu nempo kaayaan. Sanajan anu nyaritana teh daria, tapi manehna mah siga anu heureuy wae. Teu dianggap daria. Eta pasipatanna teh lamun anu teuapal mah matak pikakeuheuleun. Da manehna mah teu nempo jalmana, sanajan kakara kenal oge tetep wae, eta pasipatanna teh teu bisa dipiceun atawa disumputkeun heula sakeudeung mah. Teuing atuh da kuring oge heran ku manehna mah. Langka dariana da. Geus pasipatanana meureun….” Ceuk si Omon deui panjang lebar.

“Nya lamun kitu mah atuh. Da si Acimna aya ka dieu.” Si Edah ngareret ka lawang panto kantin.

“Cim, cenah bapa maneh jadi bandar cau. Bener eta teh?” Mang Jeje, anu boga kantin nanya ka si Acim anu kakara asup ka kantin.

“Duka nya….” Tembal si Acim saceplosna wae.

“Bener ieu mah…. Lain heureuy.” Mang Jeje rada keuheul.

“Em, muhun.”

“Tah kitu atuh. Jawab masing daria.”

“Naon kitu Mang?”

“Henteu ieu mah nanya wae heula. Lamun amang perlu, apanan tinggal neang ka lembur.”

Si Acim unggut-unggutan.

“Cim ari harga cau ambon sabaraha sakilona?”

“Duka atuh. Da sanes abdi anu meseranana oge.” Tembal si Acim bari ngaleos nyampeurkeun ka si Omon reujeung si Edah.

“Ih, dasar!” nu nanya kutuk gendeng, asa teu diwaro ku si Acim. “Awas siah!”