Lir Ngudag-ngudag Kalangkang Heulang


Lain teu surti lain teu ngarti. Da lamun nurutkeun kana rasa mah, saha anu teu miboga rasa anu sarua. Rasa mah sigana sarua waé, henteu jauh bédana. Ngan hanjakal teu bisa betus kitu waé, aya hahalang anu ngahalangan. Hahalang anu susah pikeun diungkulananana. Hahalang anu nganggangkeun, anu ngajauhkeun. Najan raga padeukeut, lain harti bisa deukeut. Deukeut anu taya hartina, deukeut anu taya gunana.

Najan haté mah teu bisa dipangpalérkeun, najan kanyaho teu bisa dibobodo, najan rasa teu bisa digunasika, kudu tetep pageuh kana cekelan. Inget kana dangiang, inget kana papatah. Papatah anu geus dicutat digurat ti baheula. Cekel pageuh ulah dileupaskeun.

Heulang jeung kalangkangna

Najan rasa rumasa sarua, rasa karunya papada jalma. Rasa anu bisa tumuwuh ku murudulna waktu, nyérélékna wanci, teu bisa diantep kitu waé. Bibitna teu meunang jadi, teu meunang tumuwuh nepikeun ka gedé. Komo nepikeun ka kembangan jeung buahan. Teu meunang dianteur kahayangna, teu meunang leupaskeun tina cangcangna.

Cekel pageuh, najan dianteur ogé hamo bisa kasorang. Najan diantepkeun ogé moal bisa kadongkang. Lir ibarat ngudag-ngudag kalangkang heulang. Siga anu deukeut, siga anu gampang, teu bisa diudag jeung moal bisa kaudag.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Manuk Heulang Ménta Hujan


Kliiiik kliiiiik

Kliiiik kliiiiik

Kitu sora manuk heulang anu hiber di awang-awang. Sorana lumayan tarik, nepikeun ka kadaréngé ku urang lembur. Si Acim jeung si Omon anu eukeur jongjong ngala suluh di kebon Bah Minta, carengkat heula. Maranéhna nempo ka luhur, ngilik-ngilik ti lebah mana datangna sora manuk heulang.

“Mon, gancangan ah.” Ceuk si Acim basa geus manggihan lebah mana datangna sora manuk heulang téa.

“Sakeudeung deui atuh. Kuring mah da acan beubeunangan.” Témbal si Omon bari ngumpulkeun suluh beubeunanganana.

“Maenya…, apanan éta geus satumpukan kitu….” Ceuk si Acim bari nuduhkeun kana tumpukan suluh beunangna si Omon.

“Kakara saeutik éta mah.” Témbal si Omon.

“Tong lila teuing atuh nya.” Si Acim ngawawadian.

“Naha, mani tong lila teuing sagala?” Si Omon melong ka si Acim.

“Apanan bisi kaburu hujan.”

“Lila kénéh atuh hujan mah. Apanan ayeuna mah sakieu panasna.”

“Ih, siga anu teu ngareungeu waé manéh mah. Apanan bieu geus aya sora heulang disada.” Ceuk si Acim bari nempo ka awang-awang.

“Nya keun waé atuh heulang anu disada mah.”

“Ih, manéh mah. Apanan lamun manuk heulang disada kitu téh, tandana arék hujan.”

“Kitu nya…?”

“Heueuh.”

“Ceuk saha éta téh?”

“Ceuk jenatna nini kuring.”

Si Omon mencrong ka si Acim. Siga anu panasaran.

“Teu percaya nya?” Si Acim malik melong. “Ceuk nini kuring mah cenah lamun aya manuk heulang disada klik-klikan, éta téh tandana manéhna menta hujan.”

“Ménta hujan?”

“Heueuh.”

“Naha bet ménta bujan sagala? Hayangeun huhujanan kitu éta heulang téh?”

Manuk heulang hiber (sumber foto: internet)

“Lain hayang huhujanan ieu mah. Ceuk nini kuring. Cenah manuk heulang mah lamun hayangeun nginum téh kudu tina cai hujan waé. Da manéhna mah ulaheun ti cai walungan.” Si Acim ngajéntrékeun.

“Naha cenah?” Si Omon panasaran.

“Sababna, baheulana manuk heulang mah teu milu mantuan nyieun walungan.”

“Kitu nya?” Si Omon siga anu teu percayaeun.

Lain Ngudag Kalangkang Heulang


Lain ngan ukur ngudag-ngudag kalangkang heulang
Impenan jeung implengan anu ngalayang ka awang-awang
Pipikiran anu ngan ukur kumalayang ka tempat anu anggang
Sedeng diri tetep-tumetep aya dina sayang

Obrolan, padungdengan, guneman jeung sagala kahayang
Mudal, tamplok, leber nepi ka mamana, ayang-ayangan, ngayang
Hate, pamadegan, kadang teuas saperti batu karang
Teuteupan mani seukeut, leuwih seukeut tibatan pedang

Hanjakal, teuing ku hanjakal, diri ngan ukur bisa ngorondang
Teu bisa leupas, teu bisa mungkas, teu bisa ngajauhan kandang
Teu kapikir, teu ka ukur mun bisa ngalayang bareng heulang
Ngaleupaskeun diri tina tatali anu jadi hahalang

Tatandang teh lain ngan ukur hayang kabandang
Lain ngan ukur kaluar tina golongan anu wangkelang
Komo mun ngan ukur neangan batur anu dipikamelang
Ditambah neangan jirim panyelang di mangsa keur senang

Daek mungkas, daek megatkeun sagala nu matak ringrang
Mopohokeun, nyingraykeun, nyingkirkeun sagala kakurang
Sagala nu kasorang, sagala rurudet bakal jadi hampang
Saacan diangkir, dihaturanan, dipapag ku jalan anu panjang

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/amid.abdul.malik.imanuddin?v=app_2347471856&ref=profile#!/note.php?note_id=355074451893)