Parako, Wadah Hawu


Parako mah henteu aya pakaitna reujeung para sakumaha paraseuneu. Parako mah ayana lain di luhur tapi di handap. Parako bisa disebut ogé wadah hawu. Parako téh tempat di dapur paranti neundeun hawu.

Parako
Parako

Parako téh wangunanana mah biasana kotak atawa pasagi. Baheula mah dijieunna tina papan kai. Di lolongkrang tengah kotak dieusi ku lebu atawa keusik. Jangkungna biasana mah sina lébér reujeung tungtung luhur papan kai (sina rata reujeung papan kai anu ngawengkuna). Di luhureun lebu di tengah-tengah kotak parako kakara diteundeunan hawu. Anggangna sisi hawu reujeung parako mah bébas, ngan ulah deukeut teuing bisi parakona kaduruk nalika seuneuna ngadahdaran (seuneu di hawu ngabebela). Bisa waé anggangna sajeungkal ramo leungeun.

Sababaraha mangpaat parako nyaéta kahijina mah ngajaga seuneu supaya henteu ngarambat atawa nyebar kana papan/palupuh imah panggung anu bisa nyababkeun imah kahuruan. Ku jalan aya parako, seuneu téh ngan ukur aya di jero jeung deukeuteun hawu wungkul. Kaduana supaya lebu beunang ngadurukan suluhna henteu ayang-anyangan. Lebuna bakal ngumpul di deukeuteun hawu da kahalangan ku parako anu ngawengku hawu.

Jejengkok Paranti Sidéngdang Hareupeun Hawu


Ngajajah mandala wordpress, jog anjog ka loka J.O.U.R.N.E.Y sebuah catatan kehidupan anu medalkeun tulisan kalawan dijudulan Hawu, Jojodog, Songsong... Jadi inget kana jejengkok. Di lembur mah jojodog téh remen disebut ku kecap jejengkok. Sarua waé maksudna mah, pon kitu deui wangunanana. Jejengkok atawa jojodog téh bisa disebutkeun tempat diuk siga korsi ngan wangunana siga méja pendék. Ku bakating pendékna biasana mah diuk téh siga anu keur cingogo. Jangkungna éta jejengkok téh biasana mah sajeungkal. Sedengkeun panjangna tara panjang teuing, kira-kira dua jeungkal katut legana kurang-leuwih sajeungkal ogé. Tapi sabenerna mah euweuh ukuran anu pasti ngeunaan wangunan jejengkok. Ukuranana mah kumaha kahayang anu nyieunna.

Jejengkok biasana mah kapanggih tara jauh ti dapur. Da gunana pikeun diuk jalma anu keur di dapur, utamana keur ngasur-ngasur seuneu (ngasurkeun suluh maksudna mah). Bisa ogé pikeun tempat diuk jalma anu keur siduru, ngokolakeun asakan dina hawu saperti ngangeun. Keur leutik mah, utamana lamun keur kaayaan tiris, kacida resepna lamun diuk dina jejengkok di hareupeun hawu teh. Siduru bari ngadéangkeun leungeun kana hawu, ngeunah pisan karasana. Hanjakal ku kolot téh osok dicaram, utamana ku pun nini. Paribasa téh ulah loba teuing siduru bisa gancang péot. Urat leungeun gampang katempo raranteng sakumaha kaayaan urat jalma anu geus kolot. Kapaksa waé siduruna ngan sakeudeung.

Jejengkok di hareupeun hawu

Jejengkok, salian dipaké di dapur deukeuteun hawu, bisa ogé dipaké pikeun diuk nalika digawé di buruan atawa di tengah imah jeung tempat séjénna. Naha keur ngarompés cikur di buruan atawwa sosompang, naha keur dicukur buuk, naha keur ngopak, bisa diuk dina jejengkok. Lamun keur embung panas kusabab hawa ti hawu anu ngahéab, bisa ogé dihalangan maké jejengkok anu digolérkeun (didéngdékeun).

Budak Awéwé mah Kudu Bisa Nyangu jeung Masak


Salaku budak awéwé, kudu bisa babantu ka kolot utamana babantu ka anu jadi indung. Tugas indung mah kalolobanana di dapur: nyangu, masak, mirun seuneu, jeung pagawéan di dapur anu séjénna. Kusabab kitu, budak awéwé mah biasana dikudukeun bisa nyangu reujeung masak. Najan leutik kénéh geus diajarkeun ku indungna cara-cara nyangu reujeung masak. Najan diajarkeunana henteu sacara langsung, tapi ku jalan nempokeun carana masak reujeung mantuan indung ogé geus jadi hiji cara anu alus pikeun mamatahan ka budak.

Ku jalan dipapatahan atawa diajarkeun ti leuleutik, matak mawa alus lamun geus gedéna. Geus gedé bakal biasa lamun kudu atawa dititah masak reujeung nyangu téh. Moal ngarasa sieun teu bisa kusabab geus biasa.

Hawu paranti nyangu jeung masak

Tapi hal ieu gumantung reujeung balik deui ka unggal jinisna. Da teu salawasna budak awéwé anu daékeun diajar digawé di dapur. Komo lamun masakna maké hawu mah. Aya kalana lamun kurangna sabar reujeung leukeun mah da susah atuh masak di dapur maké hawu téh. Ngahurungkeun seuneuna lumayan hésé, ditambah kudu ngasur-ngasur suluh supaya seuneuna henteu pareum, kudu niupan seuneun lamun seuneuna pareum atawa leutik.

Parobahan jaman mawa parobahan ogé kana cara masak atawa nyangu. Ayeuna mah cara masak téh teu susah teuing kawas baheula. Ayeuna mah teu kudu maké hawu reujeung suluh deui. Kari maké listrik atawa gas elpiji, geus bisa masak reujeung nyangu. Masak reujeung nyangu téh jadi gampang. Najan gampang, tetep waé diperlukeun kadaék pikeun milampahna (nyangu reujeung masakna).

Ngala Pancar Pikeun Gaganti Suluh


Sakumaha suluh pikeun parab seuneu di hawu, pancar ogé bisa dipaké beuleumeun seuneu pikeun nyuluhan seuneu. Dina sakalina susah ngala suluh kusabab jauh atawa tangkal kaina baraseuh kénéh, pancar bisa dijadikeun gaganti suluh. Ngan anu ngaranna pancar mah teu sarua reujeung suluh tina tatangkalan. Pancar mah leuwih hampos tibatan suluh. Pancar mah gampang béakna lamun dibeuleum ku seuneu téh. Pancar mah gampang dibeuleumna, gampang béakna.

Ibu-ibu keur marawa pancar

Pancar téh suluh tina leunjeuran tangkal awi. Arék awi naon ogé sarua waé, asal awina anu geus garing, lain anu baseuh kénéh. Kabéh tatangkalan sabangsaning awi bisa dipaké pikeun pancar, lain ngan ukur awi tali atawa awi gombong wungkul. Nu penting mah awina gampang ngalana reujeung geus garing, jadi gampang pikeun dibeuleumna.

Najan gampang ngalana awi mah sakumaha anu geus disebutkeun di luhur, leuwih hampos tibatan suluh tina tangkal kai. Jadi dipakéna moal lila sakumaha suluh tina tangkal kai anu leuwih teuas tibatan tangkal awi.

(Gambar meunang nginjeum ti http://v-images2.antarafoto.com/gps/1290161117/kayu-bakar-17.jpg)

Nyadap Gula Kawung (Bagean Ka-1)


Hiji pagawean anu bisa dijadikeun jalan ngahasilkeun teh nyaeta nyadap. Pikeun sabagean urang lembur mah nyadap teh lumayan nguntungkeun oge. Tina hasil nyadap teh bisa dipake pikeun napakah sapopoe.

Tapi, ketang teu salilana nguntungkeun.

Nyadap teh asal kecapna mah tina sadap. Sadap basa Sunda beda jeung sadap Bahasa Indonesia. Kecap sadap dina Basa Sunda mah biasa dipake, hususna, pikeun jalma anu ngala lahang tina tangkal kawung atawa kalapa. Aya oge kecap sadapan, hartina tempat atawa bagean tina tangkal anu disadap, tempat kaluar cai anu disadap tea.

Perkara naha aya hubunganana antara kecap sadap dina Basa Sunda jeung sadap Bahasa Indonesia, anu harti jerona mah jiga sarua wae, eta mah jigana aya pakuat-pakaitna. Kadua kecap bisa ngabogaan harti megat hal atawa perkara saacan nepi ka tempat tujuanana. Nyadap dina Bahasa Indonesia mah, megat informasi naon eusina. Sedengkeun nyadap basa Sunda mah nyadap teh megat cai tina tangkal saaacan kaluar tina tempat kaluarna.

Balik deui kana nyadap anu jadi pagawean nyaeta ngala cai tina tangkal, hususna tangkal kawung. Nyadap dina tangkal kawung mah tujuanana teh nyaeta ngala cai tina cupat buah kembang kawung atawa anu disebut langari. Samemeh langari ligar jadi buah, cupatna atawa biasa disebut oge leungeun kawung teh dipapas atawa diteukteuk supaya bisa kaluar caina. Cai anu diala ieu disebutna teh lahang. Lahang mangrupakeun bahan anu baris diolah jadi gula beureum.

Ngan dina ngala lahang ieu teu sagawayah kitu wae, da aya cara-cara anu biasa dipake saacaanna ngala lahang teh.

Saacan prak-prakana teh aya bahan anu kudu diayakeun. Bahan anu biasa digunakeun teh diantarana wae:

  1. Paninggur, osok dipake pikeun ninggur leungeun kawung (cupat atawa dahan tempat ranggeuyan langari ngagarantung). Paninggur biasana dijieun tina tangkal kai, tangkal nangka, supaya kuat lila. Wangunana jiga gada, aya paneunggeul jeung paranti nyekelan.
  2. Lodong, wadah tina leunjeuran awi surat. Panjangna kira-kira sabeuteung kolot. Buku-bukuna dibolongan kajaba buku anu di dadasar atawa di handap. Tuntung luhur biasana dicowakan sabeulah terus make tali pikeun ngagantungkeun lodong kana leungeun kawung tea.
  3. Sigay, leunjeuran awi anu panjang anu dipake pikeun naek kana tangkal kawung. Awi anu osok dipake biasana mah awi tali. Tiap luhureun buku osok dibolongan, anu gedena ngaleuwihan jempo suku. Tujuanana teh pikeun tempat titincakan anu nyadap waktu keur naek.
  4. Peso Sadap, bedog atawa peso anu osok dipake pikeun ngeureut leungeun kawung. Wangunan pesona beda jeung peso biasa. Peso ieu mah rada gendut jeung pondok.
  5. Tali Aisan, tali anu dikuribengkeun kana tangkal kawung ngan rada logor. Tujuanana teh pikeun nahan awak anu nyadap mun eukeur di luhureun tangkal kawung.
  6. Raru, dangdaunan tina tangkal raru anu osok digunakeun pikeun campuran lahang. Saacan lodong ditandekeun kana leungeun kawung, lodong teh diasupan daul raru.

Ngasakan Kadaharan


Kadaharan anu kudu diasakan, leuwih hade kudu diasakan heula. Supaya ngeunah atawa ni’mat jeung matak sehat (mudah-mudahan).

Mun ngomongkeun ngasakan kadaharan, nu ngaranna ngasakan teh lumayan loba rupana oge. Nu ngabedakeun ieu bisa kusabab jinis kadaharanana, bisa oge kusabab karesep anu bakal ngadaharna, atawa kusabab duanana. Cara ngasakan kadaharan ieu merlukeun seuneu pikeun ngasakanana. Di lembur mah biasana make hawu. Rupa-rupa cara ngasakan kadaharan teh diantarana wae:

  1. Digoreng. Nu ngaranna di goreng mah biasana dina katel jeung minyak keletik (ayeuna mah make minyak goreng).
  2. Disangray. Nu ngaranna disangray mah make katel ngan teu make minyak keletik/minyak goreng.
  3. Digarang. Nyaeta neundeun dahareun di luhureun hawu (bisa di luhureunana pisan make wadah, bisa oge make paraseuneu) supaya kapanasan.
  4. Dibubuy. Anu ngaranna dibubuy mah kadaharan teh dibungkus make daun cau sing buni sababara lapisan, terus diasupkeun ka hawu dibugbrugan ku lebu jeung areng.
  5. Dibeuleum. Dibeuleum mah nya langsung diasupkeun kana seuneu.
  6. Dideangkeun. Nu ngaranna dideangkeun mah ampir sarua jeung digarang. Bedana dideangkeun mah bisa di luhureun seuneu bisa oge digigireunna. Terus oge nu ngaranna dideangkeun mah henteu diantepkeun tapi kudu dibolak-balik.
  7. Diseupan. Nu ngaranna diseupan mah lir ibarat keur nyangu. Wadahna bisa make seeng atawa wadah sejenna. Ngasakanana kadaharan teh diasupekun kana seeng make wadah deui saperti aseupan supaya kadaharanana henteu ngahiji jeung cai dina seeng.
  8. Dikulub. Ampir sarua jeung diseupan. Bedana teh mun dikulub mah, kadaharan anu arek diasakanana diancrubkeun atawa dihijikeun kana caina.