Ati Mungkir Beungeut Nyanghareup


Inget kana eusi hotbah Jumaah poé tadi. Judulna téh ngeunaan jalma munapék. Jalma munapék mangrupakeun hiji jinis pasipatan jalma anu béda pisan kaayaan haté katut kalakuan atawa ucapanana. Naon anu diucapkeun atawa dipilampah reujeung eusi haténa téh papalingpang. Ari ucap lampahna mah sapagodos reujeung batur, sedengkeun ari haténa mah henteu. Ari ucap lampahna mah ngalakonan ibadah, sedengkeun ari haténa mah henteu. Ari ucap lampahna mah samiuk kana kahadéan, sedengkeun ari haténa mah samiuk kana kagoréngan. Pokona jalma anu munapék mah osok pasalia jeung papalingpang antara kaayaan haté reujeung ucap lampahna.

Dina migawé ibadahna jalma munapék mah ngan ukur hayang katangar wungkul. Ibadah téh lain kusabab ihlas néangan Rido Gusti Alloh, tapi hayang katempo ku jalma séjén. Hayang katangar ku batur yén manéhna téh tukang ibadah. Sok padahal dina haténa mah embung teuing kudu ibadah téh. Lamun henteu nempo batur ibadah mah manéhna téh moal ngiluan ibadah.

Ati mungkir beungeut nyanghareup

Ahirna, aya tilu tanda anu bisa nuduhkeun yén hiji jalma téh munapék, nyaéta:

  1. Lamun ngomong osok bohong. Jalma munapék mah lamun nyarita osok linyok bohong.
  2. Lamun jangji osok tara ditedunan. Jalma anu munapék mah teu bisa dicekel jangjina, da dina sakali ngajangjikeun osok udar tina jangjina.
  3. Lamun dibéré kapercayaan osok dihianat. Jalma anu munapék mah osok ngahianat kana kapercayaan batur anu mercayana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://mohdapih.com/)

Samagaha, Nalika Panonpoé Dilegleg Bulan


Kakara apal yén dina poé ayeuna (naha da isukan cenah anu benerna mah) téh cenah aya samagaha. Sanajan ka wewengkon kuring mah hanteu kaliwatan, tapi sahanteuna kudu apal ogé yén poé ayeuna téh aya kajadian samagaha. Da jarang kaparengan manggihan anu ngaranna samagaha téh.

Samagaha téh hiji kaayaan nalika cicingna panonpoé kahalangan ku bulan. Jadi bumi (alam dunya)-bulan-panonpoé aya dina kaayaan ngajajar kalawan lempeng. Kusabab panonpoé téh cicingna kahalang ku bulan, atuh cahya panonpoé ogé kahalangan ku bulan. Antukna kaayaan di alam dunya téh jadi poék da henteu katojo ku cahya panonpoé téa.

Samagaha cingcin

Dina kahirupan, kecap samagaha biasa dipaké pikeun nuduhkeun kaayaan diri atawa haté jalma anu poék mongkléng. Anu tadina biasa caang, jadi poék. Éta téh samagaha ngaranna. Poékna haté jalma bisa ku naon waé sababna. Naha arék ku jalan leungitna kabungah, dipegatkeun ku bébéné atawa beubeureuh, ditinggalkeun ku kolot atawa anu jadi pananggeuhan, jeung réa-réa deui.

Kitu deui reujeung samagaha panonpoé. Anu biasana mah beurang téh caang ku moncorongna cahya panonpoé, dina waktu kaayaan samagaha mah jadi poék taya cahya. Poékna beurang nalika samagaha, gumantung kana kaayaan samagahana. Aya samagaha pinuh, samagaha sabagéan, jeung samagaha cingcin. Dina samagaha pinuh mah, cahya panonpoé kahalangan sakabéhna ku bulan. Samagaha sabagéan mah ngan ukur sabagéan wungkul anu kahalanganana. Sedengkeun samagaha cingcin mah ngan ukur kahalangan tengahna wungkul, ari sisi-sisina mah henteu kalangan (panonpoé katempona siga cingcin).

Tah, samagaha dina poé ayeuna mah, 29 Jumadil Ahir/20 Mei, cenah samagaha cingcin.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.isdaryanto.com/)

Alesan Bisa Dijieun, Tapi…


Osok inget waé lamun keur embung ngiluan atawa diajak téh. Lamun ngilu kumaha, da haté asa teu méréan. Naon anu kudu dipilampah té (lamun dina prakna ngiluan), ssa teu sapagodos reujeung haté. Haté téh asa nolak, ulah ngiluan. Lamun dina henteu ngiluanana, euweuh alesan pikeun ngangles. Najan dikukumaha ogé da kudu ngaragangan, piraku diajak kitu-kitu waé mani teu daék.

Bingung

Remen mikir, kumaha jeung jalan naon aku kudu dilakonan. Kumaha carana supaya bisa ngeunah kaditu ngeuna kadieu, lungsur-langsar, caina herang laukna beunang. Da ceuk nu ngajakna mah euweuh salahna lamun ngiluan ogé. Euweuh larangan atawa anu nyegah pikeun ngiluan. Euweuh dalil anu ngalarang atawa ngaharamkeun. Euweuh dalil anu sacara langsung nyegah teu meunang kitu. Da cenah éta mah lain ngadu.

Dipikir deui, heueuh da lain ngadu. Da anu dibawana ogé henteu diadukeun. Henteu kawas anu séjén diadukeun pada-pada dirina. Tapi, da haté angger teu méréan. Asa lain kitu da alesanana. Asa kurang merenah alesanana. Da nilik kana kaayaanana mah lain perkara éta wungkul anu ngahalangan kana haté pikeun méréan téh. Dina perkara étana mah bisa lah saeutikna dimaphum. Ngan dina pekara pas prak-prakanana, asa teu panuju.

(Gambar meunang nginjeum ti http://rumahjakarta.blog.com/files/2011/04/bingung.jpg)

Pondok Nyogok Panjang Nyugak


Lain pondok jadi orok,
lain panjang jadi budak

Ieu mah ngeunaan omongan, lain nyaritakeun ngeunaan anu lian atawa anu lain-lain. Omongan atawa caritaan, komo di hareupeun batur atawa cacarita reujeung batur, teu kabéh anu diomongkeunana téh bisa ditarima kalawan sadrah atawa matak ngeunah kana haté anu diajak ngomong. Aya kalana ucapan téh matak nyentug kana haté jalma anu diajak cacarita atawa anu keur disanghreupan nalika nyarita. Nyentugna kana haté téh naha kusabab dihaja supaya nyentug atawa henteu dihaja. Anu ngaranna nyentug kana haté mah angger, arék dihaja atawa henteu ogé matak nyeri kana haté jalma séjén. Lamun geus nyeri haté, apanan euweuh obatna anu ngaranna nyeri haté mah. Leuheung kénéh nyeri kusabab gudawang kasopak ku bedog, bisa diubaran kalawan gampang, dalah ninggang di nyeri haté mah susah ubarna téh. Susah néangan ubarna.

Biantara

Caritaan anu diomongkeun, teu nolih kana panjang reujeung pondokna caritaa. Nalika biantara, arék pondok (sakeudeung) atawa panjang (lila), geus ninggang kana matak nyentug atawa nganyerikeun haté mah angger waé matak nyeri haté. Dina pondokna caritaan bisa matak nyogok kana haté anu ngabalukarkeun nyeri haté. Atuh dina panjangna cacarita bisa matak nyugak kana haté ogé. Arék panjang, arék pondok, angger waé matak nganyerikeun haté batur.

Kumaha atuh? Nya biasana mah cacarita tungtungngan ku neda sihapunten tina samudaya kelelepatan ka sadayana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/_JB0X1blqnd4/TNNjAlRY_bI/AAAAAAAAALs/2zyqTtQFaV4/s1600/pidato.jpg)

Bener jeung Salah


Anu ngaranna kahirupan teu leupas tina dua hal, anu ngaranna papasangan. Sagala hal pasti aya papasanganana. Ti mimiti anu leutik nepikeun ka anu gedé, aya pasanganana. Pon kitu deui, dina hal anu dijalankeun ku jalma dina ngambah kahirupanan moal leupas tina dua anggapan atawa sangkaan: anu dilakukeun téh bener atawa salah. Bener jeung salah mangrupakeun dua perkara anu papasangan dina kahirupan ieu. Papasangan ieu mah salian ti papasangan ogé, kaduana mangrupkeun perkara anu pasalia atawa papalingpang. Duanana téh mumusuhan, moal aya perkara anu ngandung dua pasangan ieu. Lamun bener pasti bener, lamun salah pasti salah.
Jadi naon anu dipigawé ku tiap jalma, moal leupas tina dua hal éta.

Ngan anu jadi masalah téh, naon anu dianggap bener ku hiji atawa kalolobaan jalma téh naha bener-bener bener atawa salah. Naon anu dianggap salah ku hiji atawa kalolobaan jalma téh bener-bener salah atawa bener. Jadi kudu dipaluruh heula anu kumaha bener jeung anu kumaha salah téh. Kudu aya patokan atawa papagon anu bisa nangtukeun hiji perkara atawa pagawéan téh bener atawa salah. Ulah nepikeun ka hiji perkara anu dianggap bener téh, ahirna mah jadi salah. Kitu deui sabalikna.

Lamun dipakaitkeun jeung kahirupan di dunya, arék nanaonan jalma hirup di dunya ieu, anu ngaranna bener jeung salah téh pasti aya pakaitna reujeung kahirupan. Da anu diwengkuan ku bener jeung salah mah pastina ogé ngeunaan kahirupan di dunya ieu, ngeunaan laku lampah jalma dina ngalakonan kahirupanana. Dina ngalakonan kahirupan di dunya ieu, jalma geus dibéré papagon anu pasti, anu datangna ti anu nyipatkeun jalma. Ieu papagon téh ngawengku kana perkara-perkara anu bener jeung salah. Jadi lamun hayang apal kana naon-naon anu bener jeung salah, kudu apal kana eusi papagon anu geus diturunkeun ku anu nyiptakeun jalma.

Jalma salaku mahluk anu ngabogaan akal jeung haté, bisa digunakeun pikeun mikir jeung mutuskeun. Dina nyanghareupan kahirupanana, jalma bisa ngagunakeun pikiran jeung haténa pikeun nangtukeun hiji perkara téh bener atawa salah. Jadi salian ti papagoan anu geus tangtu, jalma ogé bisa nangtukeun perkara anu eukeur disanghareupan ku manéhna tur nangtukeun hukum éta perkara: bener atawa salah.

Bener jeung salah tacan tangtu bener jeung salah

Jadi salian ti papagon anu geus tangtu, akal jalma atawa haténa bisa mutuskeun hiji perkara ngeunaan bener jeung salahna. Ngan duanana tacan tangtu sapagodos ngeunaan hiji perkara. Anu dianggap bener ceuk papagon kahirupan, tacan tangtu bener ceuk pikiran jalma. Pon kitu deui sabalikna.

Anu mana atuh anu kudu dipilih téh? Naha papagon anu geus tangtu, anu diturunkeun kunu nyiptakeun jalma atawa kudu kudu pilih ceuk pikiran jalma?

Sieun Teu Patepung


Naha kieu gening rasa
Bet inget baé ka jisim
Tos lami henteu patepang
Hayang pisan amprok deui
Mulangkeun nu kamari
Mikeunkeun nu béh ditu
Males kana cintana
Alam éndah jadi saksi
Basa urang patepung waktos mimiti

Mun inget teu ngeunah rasa
Mun saré kaimpi-impi
Mun dahar tara mirasa
Mun nyaring osok kapikir
Mun émut sieun gering
Gering nangtung ngalanglayung
Naha kudu kumaha
Haté sok ngarasa risi
Lamun inget kana nasib ieu diri

Rarayna kabayang-bayang
Imutna osok kaciri
Ucapna sok nongtorékan
Naha kitu masih sami
Jeung kaayaan kamari
Naha teuing da ku baku
Lamun geus émut ka diri
Naha bakal patepung
Nuluykeun nu jadi cita-cita urang

Langit dipinuhan ku méga
Ngahalangan cahya diri
Rasa asa poék taya cahya
Sedih kingkin sieun diri
Teu bisa patepung deui
Jeung manéhna anu kembu
Sieun puyar cintana
Anu gedéna kamari
Luntur da ku kanyeri haté jeung rasa

Cikago, 9 Februari 2002
Pangropea: A.M.I.D

Ngan Ukur


Ngan ukur gerentes hate,
Nu maturan rasa simpe,
Ka mana tempat nyarande,
Naha bet asa dipepende,
Saha anu deuk ngajampe,

Ukur geletuk na kalbu,
Pamohalan rasa mahabu,
Jadina ngembang kadu,
Handapeun tangkal jambu,
Cangcaya leungeun katuhu,

Ukur ngabetrik na ati,
Kasengker ku tata titi,
Rarasaan deukeut jeung pati,
Da lain jalma sakti,
Hiji wanci nu nastiti,

Ukur haleuang na dada,
Teu meunang padu disada,
Komo keuna sakaba-kaba,
Alatan aya nu beda,
Ulah pisan jadi ceda,

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=442370756893)