Cikur, Tatanén Andelan Urang Lembur


Tatanén Cikur bisa disebutkeun tatanén pangpunjulna jeung jadi andelan pikeun urang lembur. Henteu bisa disebutkeun kitu kumaha, da unggal kulawarga di lembur mah biasana melak cikur di kebonna séwang-séwangan. Sanajan arék saeutik waé melakna, teu jadi masalah. Malahan taneuh leuweung anu digarap ku masarakat ogé dipelakan cikur. Taneuh leuweung bogana Kehutanan anu digarap ku jalan PHBM, saméméh dipelakan tangkal kai téh apanan dipelakan heula cikur.

Kebon cikur

Tatanén Cikur mimiti jadi andelan urang lembur kurang leuwih ti taun 1990-an. Mimitina mah ngan sababaraha urang wungkul anu melak Cikur téh. Nya istilahna mah anu melak Cikur bisa kénéh diwilang ku ramo. Ngan satutasna nempo kauntungan tina tatanén Cikur anu hasilna bisa dijadikeun modal nyieun imah, urang lembur mimiti marelak Cikur di kebonna séwang-séwangan. Malahan mah tatangga lembur ogé loba anu narurutan ngadon marelak tatanén Cikur. Jadi waé ti harita tatanén Cikur mimiti nerekab ka sababaraha lembur deukeuteun lembur Ciburuan.

Pangaresep urang lembur kana melak tatanén Cikur henteu nepikeun ka pugag najan dipegat ku harga Cikur anu murah. Malahan nepikeun ka susah ngajualna. Dina waktuna werit mah, tatanén Cikur teh kacida murahna (lamun henteu disebut henteu payu). Dina nalika murahna mah nepikeun ka 250 rupiah sakilona téh. Najan kitu, urang lembur henteu nepikeun ka pareum sumangetna kana melak tatanén Cikur.

Ku disabaran mah ahirna harga Cikur téh bisa nérékél naék deui. Ahirna mah harga Cikur bisa naék deui, malahan nepikeun ka 20.000 tina sakilona.

Rejeki teu Pahili-hili, Bagja teu Paala-ala


Rejeki unggal jalma geus aya catetanana. Unggal jalma geus miboga hancengan séwang-séwangan. Si A miboga rejeki sakitu, si B sakieu, geus aya cekelan jeung patokanana. Pon kitu reujeung bagja, geus jadi kayakinan yén jodo pati bagja cilaka éta geus aya dina katangtuan Gusti Alloh. Rejeki katut bagjana jalma geus aya dina patokan séwang-séwangan, geus aya cawisanana. Tinggal kumaha supaya éta rejeki jeung bagja téh bisa datang ka anu miboga cawisanana. Da rejeki jeung bagja moal datang sorangan (jarang pisan anu datang sorangan). Rejeki jeung bagja kudu ditéang supaya bisa kapanggih.

Ngan dina perkara néangan jeung ngoréhanana, ulah miboga kahariwang jeung kasieun rejeki katut bagja diri dipimilik ku batur atawa jalma séjén. Dina ngala rejeki ulah sieun rejeki cawisan diri diala ku batur.

-

Rejeki mah moal pahili-hili. Jadi rejeki pikeun hiji jalma moal pahili reujeung rejeki bogana batur. Entong sieun pahili kusabab rejeki batur mah loba ari rejeki sorangan ngan saeutik. Anu tungtungna bisa kaluar sipat sirik pidik jail kaniaya ka batur. Atawa gara-gara diri anu geus tihothat néangan rejeki tapi narima hasilna ngan saeutik saeutik, sedengkeun batur anu ngalana biasa-biasa waé tapi hasilna mucekil, miboga anggapan rejeki téh pahili.

Pon kitu deui reujeung bagja. Bagja moal silih ala reujeung batur. Bagja pikeun diri moal diala ku batur, pon kitu deui bagja pikeun batur moal bisa diala atawa kapimilik ku diri sorangan. Unggal jalma miboga rejeki jeung bagja cawisanana séwang-séwangan.

(Gambar meunang nginjem ti http://1.bp.blogspot.com/-6M8vbDsLZto/TmmI3RqHolI/AAAAAAAAAVg/ApmRbbxjr9M/s1600/DSC_0024+copy.jpg)

Komputer mah Ibarat Pabrik


Anu ngaranna komputer téh lamun dina kahirupan mah siga pabrik. Ieu hal lamun ngilikan kana kumaha cara gawéna komputer. Komputer dijieun gunana pikeun ngokolakeun jeung neundeun data atawa inpo anu penting pikeun jalma. Data anu perlu dikokolakeun ku komputer diasupkeun kana komputer. Terus komputer ngolah éta data. Sanggeus diolah hasilna dikaluarkeun deui pikeun dibikeun ka jalma anu merlukeunana atawa diteundeun dina komputer pikeun sampeureun jaga lamun jalma mikabutuh éta data atawa inpo.

Nilik kana ieu hal, komputer téh lir ibarat pabrik. Pabrik merlukeun bahan anu bakal diolah. Sanggeus bahan asup ka pabrik jeung diolah, bakal kaluar hasil anu asalna tina bahan anu diolah tadi. Contona waé pabrik héleran atawa pabrik paranti ngagiling paré. Héleran merlukeun paré anu bakal diolahna. Lamun paré asup ka héleran terus diolah ku héleran (digiling), bakal kaluar béas anu mangrupakeun hasil tina paré anu digiling ku héleran. Salian ti béas, kaluar ogé huut badag reujeung huut lembut. Komputer ogé teu béda tina héleran ieu. Komputer merlukeun bahan anu baris diolah atawa dikokolakeun. Lamun bahan geus nyampak, bahan téh diolah nurutkeun kahayang jalma anu ngagunakeun éta komputer. Hasilna bakal kaluar tina komputer sakumaha anu dipikahayangna. Bédana téh komputer mah leuwih pinter tibatan héleran. Lamun héleran mah ngan ukur bisa ngatur ukuran béas anu dihasilkeunana, naha hayang béas biasa atawa mangrupa beunyeur, komputer mah bisa leuwih ti kitu pangabisana téh. Najan bahan anu bakal diolahna téh sarupa, hasilna bisa mangrupa-rupa gumantung kana kahayang jalma anu makéna.

Héleran paranti ngagiling paré

Matak dina komputer mah diperlukeun bagéan anu ngaranna PROGRAM anu digunakeun pikeun ngokolakeun jeung ngolah bahan anu diasupkeun kana komputer. PROGRAM komputer kacida pentingan dina ngajalankeun komputer dina raraga ngolah data atawa bahan. Jalma anu maké komputer dina ngolah data atawa bahan kudu apal kana pasipatan PROGRAM anu digunakeun pikeun ngokolakeun bahan anu diasupkeun kana komputer. Atawa bisa ogé sabalikna, komputer kudu apal kudu kumaha cara ngolah data atawa bahan anu diasupkeun kana komputer sakumaha anu dipikahayang ku jalma anu makéna. Kusabab kitu, kudu aya kasaluyuan antara maksud PROGRAM reujeung maksud jalma anu makéna dina ngokolakeun bahan atawa data.

(Gambar meunang nginjeum ti http://v-images2.antarafoto.com/gpr/1230108926/peristiwa-pertanian-26.jpg)