Meuyeum Cau dina Gombangan


Dina nyanghareupan hajat arék hajat leutik atawa hajat gedé, teu bisa leupas tina bahan cau. Cau geus jadi bahan anu wajib di lembur mah, salian ti opak, rangginang jeung wajit. Naha pikeun idangan atawa berekat bawaeun sémah anu datang.

Baheula mah saacanna aya karbit, pikeun meuyeum cau téh osok maké gombangan. Cau anu dialana atah kénéh téh, supaya bisa gancang asak téh osok dikekeb atawa dipeuyeum dina gombangan. Tibatan asak ku diantepkeun, anu bisa asak lamun geus sababaraha poé, cau anu dipeuyeum dina gombangan mah bisa asak dina sapoé sapeuting atawa lilana dua poé dua peuting. Dina meuyeumna henteu maké karbit, tapi maké haseup anu dipuputkeun kana jero gombangan.

Cara meuyeum cau dina gombangan lumayan gampang. Kari nyadiakeun bahan anu diperlukeun diantarana waé pacul pikeun ngali gombangan, daun cau anu rada loba katut sababaraha hiji tangkal cau. Sadiakeun ogé nyiru pikeun ngahihidan durukan.

Cau anu geus asak
Cau anu geus asak

Anu pangheulana dipigawé téh yieun gombangan dina taneuh. Ukuran panjangna taya ukuran anu pasti, ngan biasana mah wangunana pasagi. Panjang sisina gumantung kana lobana cau anu arék dipeuyeum. Sedengkeun jerona kira-kira satengah méter. Sanggeus nyieun gombangan réngsé, éta gombangan téh nyieun tilam tina daun cau kira-kira dua lapis. Unggal sisi gombangan ogé sarua dikidingan maké daun cau. Sanggeus réngsé, kakara cau anu arék dipeuyeumna ditumpukeun dina gombangan. Cau anu arék dipeuyeum, kudu disikatan heula (diteukteukan unggal sikatna tina turuyan cau). Cau ditumpukeun sina rata dina gombangan.

Saterusna deui mah, éta tumpukan cau dina gombangan téh ditutupan maké daun cau deui. Di luhureunana ditindihan ku tangkal cau anu meunang meulahan. Sanggeus katutupan kabéhanana, éta gombangan téh dirimbunana deui ku taneuh sina rata.

Ayeuna kari muput éta peuyeum cau dina gombangan maké haseup durukan. Carana dina salasahiji sisi gombangan dibolongan ku jalan nyieun cowak kana jero taneuh. Dina éta cowakan (liang), nyieun durukan. Sanggeus hurung seuneuna katut loba haseupna, éta durukan téh dihihidan maké nyiru supaya haseup durukan asup kana jero gombangan. Ngahihidanana kira-kira lima menit. Sanggeus réngsé, tutup deui cowakanana supaya gombangan buni deui.

Tungguan nepikeun ka peuyeum cauna asak. Kira-kira dua poéan.

Mapag Pabaru Sunda 1949, Iraha Nincak Taun Anyarna?


Meunang gambar ti Kang Anggi Aldila di twitter, anu nyebutkeun ngeunaan Hajat Mapag Taun Anyar Sunda 1949. Ieu hajat mapag Pabaru téh dilumangsungkeun dina poé Saptu ping 20 Oktober 2012, anu kabeneran ninggang dina mangsa Tumpek 12 Asuji 1948 Caka. Ari tempat lumangsungna ieu hajat téh cenah di Pendopo Alun-alun Bandung di Jalan  Dalem Kaum No. 56 Dayeuh Bandung. Dina hajat ieu dipintonkeun kasenian Rajah, Angklung Buncis katut Tarawangsa.

Hajat Mapag Pabaru Sunda

Geus arék taun anyar deui geningan, nya…? Mani teu apal kana mamangsaan dina kala (kalénder) Sunda. Ngaran bulan, ngaran mangsa atawa tanggalna. Jeung iraha ari taun anyarna? Naha lila kénéh atawa sakeudeung deui…?

(Gambar meunang nginjeum ti http://via.me/-66scprg)

Parupuyan jeung Menyan


Lamun keur gering, terus tatamba ka dukun, biasana mah osok terus kudu maké parupuyan. Menyan meunang ngajampé dukun téh kudu diseungeut dina parupuyan terus haseup menyanna kudu kaangseu atawa nebak kana awak anu keur diubaran.

Lamun keur boga hajat, saméméhna prung hajat téh, aya kabiasaan ngadeuheus heula ka kokolot. Ménta pangdoakeun. Balikna sarua mawa menyan. Menyan diseungeut maké parupuyan. Nyengeutna bisa di goah atawa di tengah imah dideukeutkeun kana dahareun.

Parupuyan

Parupuyan téh nyaéta wadah tempat paranti nyeungeut menyan. Wadah ieu aya anu dijieun tina kuningan jeung aya ogé anu dijieun tina taneuh. Wangunanana siga mangkok anu aya tihangan di handapeunana. Dina wadahna, osok diteundenan ruhak anu didadasaran ku lebu. Dina mangsana nyeungeut menyan, ruhak anu dipaké pikeun nyeungeut menyanna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Kariaan Pikeun Budak anu Arék Dikeureut


Dina mangsana budak kudu dikeureut (disepitan atawa disunat), osok dibarengan ku hajat. Hajatna biasana mah osok nanggap sisingaan atawa kuda rénggong. Hajat ieu biasa disebut kariaan. Minangkana mah jadi pangreuah-reuah jeung pangbubungah pikeun budak anu disunatan. Saméméhna budak disunatan téh apanan dibébénjokeun heula ku jalan naék kuda rénggong atawa sisingaan.

Kuda renggong

Pikeun budak mah apanan disunatan kacida dipikasieunna. Komo lamun meunang béja ti budak anu geus ngarasa disunatan mah. Cenah, nyeri disunatan téh. Kusabab kitu, lamun sakalian kariaan mah apana sahanteuna bisa kabébénjokeun. Bisa mopohokeun kasieun arék dikeureut (disunat) kusabab aya raraméan nanggap sisingaan atawa kuda renggong. Sanggeus sapoé jeput raraméan tumpak sisingaan atawa tumpak kuda renggong, atuh dina peutingna kakara budak téh dikeureut.

Salian ti pikeun ngabébénjokeun budak anu arék dikeureut, bisa waé hajat kariaan téh jadi tanda sukur ka Anu Maha Agung geus dipaparin budak anu geus manjing pikeun disunatan. Da disunat téh apanan geus jadi kawajiban pikeun umat Islam mah. Supaya bisa gampang dina beberesih jeung matak nyéhatkeun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://alampriangan.files.wordpress.com/2011/10/kuda-renggong.jpg)

Rayagung jeung Hajat Panganténan


Naon pakaitna antara Bulan Rayagung jeung Bébésanan atawa Hajat Panganténan?

Pikeun urang Sunda hususna, duanana aya pakaitna. Kakait anu kacida raketna jeung deukeutna. Loba kolot anu milih ngalaksanakeun hajat panganténan budakna dina ieu bulan. Jadi, pakaitna mah nya dina bulan ieu téh jadi bulan maréma anu hajat panganténan.

Loba jalma (kolot) ngabogaan anggapan ngeunaan alusna jeung agungna bulan ieu. Dina bulan ieu aya poéan anu agung nyaéta poéan ‘Idul Adha, Ibadah Qurban jeung Ibadah Haji. Kusabab kitu teu saeutik kolot anu milih ieu bulan pikeun ngayakeun hajat  panganténan atawa bébésanan. Tujuanana mah supaya meunang barokah dina ieu bulan.

Hajat Pangantenan
Aya anu boga rarancang pikeun ngayakeun hajat panganténan atawa bébésanan? Wilujeng siap-siap waé milih waktu anu alus di bulan Rayagung anu sakeudeung deui bakal kasorang.