Parupuyan jeung Menyan


Lamun keur gering, terus tatamba ka dukun, biasana mah osok terus kudu maké parupuyan. Menyan meunang ngajampé dukun téh kudu diseungeut dina parupuyan terus haseup menyanna kudu kaangseu atawa nebak kana awak anu keur diubaran.

Lamun keur boga hajat, saméméhna prung hajat téh, aya kabiasaan ngadeuheus heula ka kokolot. Ménta pangdoakeun. Balikna sarua mawa menyan. Menyan diseungeut maké parupuyan. Nyengeutna bisa di goah atawa di tengah imah dideukeutkeun kana dahareun.

Parupuyan

Parupuyan téh nyaéta wadah tempat paranti nyeungeut menyan. Wadah ieu aya anu dijieun tina kuningan jeung aya ogé anu dijieun tina taneuh. Wangunanana siga mangkok anu aya tihangan di handapeunana. Dina wadahna, osok diteundenan ruhak anu didadasaran ku lebu. Dina mangsana nyeungeut menyan, ruhak anu dipaké pikeun nyeungeut menyanna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Kakara Karasa Lamun geus Euweuh atawa Kaganggu


Naon-naon anu aya dina diri bakal karasa mangpaatna atawa nikmatna lamun éta hal téh geus ilang atawa leungit tina diri. Aya anggahota awak anu nyampak dina diri, kaayaan atawa pasipatan anu napel dina anggahota awak, jeung kaayaan meunang néangan dina salila ngajalankeun kahirupan. Naon-naon atawa perkara anu aya dina diri, bakal karasa mangpaatna lamun éta perkara téh leungit.

Rasa séhat bakal karasa mangpaatna lamun diri aya dina kaayaan gering. Boga anggahota awak saperti leungeun bakal karasa ngeunah jeung nikmatna miboga éta leungeun lamun leungeunna geus ilang tina diri atawa kaganggu. Bakal karasa nikmatna bisa dahar sangu lamun ngalaman teu bisa ngadahar sangu.

Sagala perkara anu aya dina diri, bakal karasa pisan nikmatna jeung asa kaleungitanana lamun geus ngalaman kaleungitan, atawa sahanteuna ngalaman gangguan. Lamun dibéré gering, bakal karasa yén anu ngaranna séhat téh nikmat. Najan geringan ngan ukur nyari huntu atawa geringna teu pira, bakal karasa anu ngaranna séhat téh nikmat.

Jalma anu keur nyeri huntu

Anggahota awak anu aya dina awak ogé sarua waé bakal karasa pisan nikmat jeung mangpaatna lamun éta anggahota awak téh leungit. Atawa sahanteuna anggahota awak téh aya gangguan atawa teu bisa sampurna dipakéna, bakal karasa yén éta anggahota awak téh kacida pisan mangpaatna jeung jadi nikmat dina ayana.

Kusabab kitu, aya alusna naon anu nyampak dina diri téh disukuran jeung dijaga kaayanana. Da geus leungit atawa kaganggu mah bakal karasa kaleungitanana atawa kamangpaatanana. Sukuran kana lengkepna anggahota awak jeung kaayaanana anu jauh tina gangguan, ulah nungguan ilangna atawa kagangguna. Najan ari keur ayana mah teu karasa yén éta téh mangrupakeun nikmat anu kudu disukuran, ulah nungguan kaganggu jeung leungit pikeun sukuran kana kaayaan jeung lengkepna anggahota awak. Geus kaganggu atawa geus leungit mah biasana kari hanjeluna. Sanajan bisa kénéh diubaran atawa ditambaan supaya bisa balik deui kana kaayaan sabihara-sabihari, alusna mah mending kénéh sukuran ku jalan ngajaga. Sukuran ku jalan ngajaga nikmat anu aya leuwih alus tibatan kudu malikeun deui anu kaganggu atawa ilang.

Jaga anu aya saméméh ilang atawa kaganggu.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com)