Kamonésan Tangtara Indonesia


Ceuk béja mah cenah, tangtara Indonésia mah miboga kamonésan sorangan anu bisa jadi pangbébéda reujeung tangtara-tangtara ti nagara séjén. Lamun di nagara séjén mah, anu ngaranna tangtara téh ngan ukur ngurus jeung miboga pangabisa keur perang wungkul, tangtara Indonésia mah henteu kitu. Tangtara Indonésia mah salian ti nguruskeun ngeunaan perang téh ogé osok nguruskeun hal séjénna. Jadi lain ngan ukur nguruskeun jeung ngeukeuweuk sanjata atawa bedil wungkul anu dipigawéna téh. Tangtara Indonésia mah bisa macul, ngawangun imah atawa sasak pikeun masarakat jeung mantuan gawé babarengan di masarakat.

Tangtara keur gawe babarengan reujeung masarakat

Teu anéh lamun sababaraha waktu katukang mah aya program anu ngaranna AMD (ABRI Masuk Désa). Tangtara anu ngiluan éta program ngilu anclub kana kahirupan masarakat utamana dina masalah gawé babarengan (gotong royong). Lamun aya masarakat anu keur gawé babarengan memener jalan atawa sasak, tangtara ogé miluan gawé babarengan.

Ngan hanjakal éta program téh ayeuna mah geus henteu dipigawé deui. Program AMD (ABRI Masuk Désa) geus henteu dilumangsungkeun deui. Da cenah éta mah program anu dijieun ku pamaréntah Orde Baru anu dipingpin ku Pa Suharto. Sanggeus jaman orde réformasi mah tangtara téh dititah balik deui ka barakna séwang-séwangan pikeun nguruskeun urusan pokona salaku tangtara tukang ngajaga nagara.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Gerakan, Gawe Bareng Pikeun Kapentingan Sarerea


Gerakan téh disebut ogé gawé bareng atawa gotong royong. Teuing meunang nyokot ti mana éta kecap téh, da asana mah éta kecap téh ampir sarua jeung kecap gerakan tina Bahasa Indonésia. Dina hartina mah aya ogé anu rada saruana, duanana (gerakan dina Bahasa Indonésia jeung cara maké éta kecap di lembur téh sarua waé, ayana jalma anu henteu cicing, jalmana digarawé, gerak). Tapi kétang, perkara kecapna mah teu jadi masalah. Da kecap ieu mah geus jadi kecap anu osok dipaké dina éta pagawéan.

Dina prak-prakanana, gerakan téh ampir sarua jeung ngahiras atawa liliuran. Bédana téh pagawéan anu dipigawéna téh lain pikeun saurang atawa sawaréh jalma. Jalma anu kaasup warga masarakat urang lembur ngabogaan kawajiban pikeun ngiluan éta gerakan. Hasil tina pagawéanana téh dipaké pikeun kapentingan saréréa. Jeung deui biasana ieu pagawéan atawa gerakan ieu téh tiap jalma dipénta kaihlasanana pikeun miluan. Anu henteu miluan, kudu miluan dina waktu anu séjén pikeun ngagenti dina waktu henteu ngiluan gerakan.

Biasana mah gerakan ieu téh migawé hiji pagawéan babarengan anu dina ngahasilkeunana, dikumpulkeun pikeun kapentingan saréréa. Contona waé lamun gerakanana téh ngala kai. Hasil tina kaina téh dikumpulkeun ku lulugu atawa ketua RT/RW anu baris digunakeun misalna pikeun nyieun balé musawarah atawa ngabebener jalan.

Gerakan nyaangan jalan gede (Foto kenging ti: http://mandalamekar.wordpress.com/2009/10/16/bewara-ti-palemburan/)

Ari pagawéanana, bisa naon waé, anu penting mah aya hasilna atawa ngahasilkeun. Salian ti ngahasilkeun dina rupa duit, bisa ogé gerakan téh ngahasilkeun hal anu penting pikeun kapentingan saréréa, saperti gerakan memener jalan ka cai, gerakan nyaangan jalan gedé.

Tulisan anu saranggeuyan: