Pentingna Élmu jeung Amal


Saur pun guru mah, aya kakait anu kacida pageuhna antara élmu reujeung amal téh. Duanana teu bisa dipisahkeun deui. Aya istilah ‘Ilmu ‘Amaliyah, ‘Amal ‘Ilmiyah. Lamun boga élmu kudu diamalkeun, jeung lamun ngalakukeun amal téh kudu apal kana élmuna. Jeung hiji deui anu kudu jadi cekelan téh nyaéta amal tanpa élmu éta bohong, terus lamun élmu tanpa amal ibarat tangkal anu teu buahan.

Jadi, anu ngaranna élmu reujeung amal téh kacida pentingna pikeun sakumna jalma téh. Duanana kudu sarua dilakonan, teu meunang milih salasahijina wungkul, komo lamun ninggalkeun duanana mah. Élmu jeung amal bisa dijadikeun bekel pikeun ngalakonan kahirupan di dunya ayeuna katut di ahérat engké. Dina ngalakonan kahirupan di dunya ieu, anu dipinuhan ku sagala rupa masalah, dibutuhkeun élmu pangaweruh pikeun ngungkulanana. Ngalakonan kahirupan supaya bener henteu ngarempak papagon geus nyata, dibutuhkeun élmu pikeun mikanyaho sagalana. Sanggeus nyaho kana élmuna, henteu eureun ngan ukur mikanyaho wungkul. Tapi éta kanyaho téh ulah ngan ukur jadi kanyaho wungkul. Kanyaho kudu bisa diprakeun dina kahirupan sapopoéna. Supaya kanyahonya miboga harti dina kahirupan, katut kanyaho téh bisa sapagodos sajugjugan reujeung kahirupanana. Ulah nepikeun ari kanyaho muruna ka kidul, ari prak-prakanana bet muru ka wétan. Ulah nepikeun ka geus mikanyaho hiji perkara téh goréng, tapi get dilakonan.

Jalma anu alus mah, antara élmu reujeung amalna téh sajugjugan, sareundeuk saigel sabobot sapihanéan, henteu papalingpang. Jalma anu papalingpang antara élmu reujeung amalna, sarua reujeung henteu ngamalkeun élmuna. Élmu anu dipiboga, lamun henteu diamalkeun mah sarua jeung tangkal anu teu buahan. Tangkal anu teu buahan mah taya mangpaatna. Tangkal anu teu mangpaat mah paling ogé dituar, moal lila diantepkeun sina ngarunggunuk.

Lamun hiji jalma ngalakonan hiji pagawéan atawa amal, tapi teu apal kana élmuna, éta mah sarua reujeung bohong. Amal anu dipigawéna sarua reujeung bohong atawa taya hartina. Sanajan pagawéanana téh alus, tapi lamun henteu dibarung ku élmuna, moal aya hartina. Sampurnana pagawéan atawa amal téh lamun miboga kanyaho kana éta pagawéan. Jalma anu keur migawé atawa keur nyieun amal, kudu apal kana naon anu keur dipigawéna. Apal kana hukumna, apal kana kumaha migawéna (tata carana) katut tujuan éta pagawéanana.

Élmu Ajug


Ngadéngé kecap ajug pasti inget kana lalangit atawa luhur lawang panto. Pikeun jalma anu jangkung mah aya istilah ngajug lamun tangtunganana nepi kana luhur lawang panto atawa lalangit imah. Pajarkeun téh ngajug lamun keur nangtung sirah bisa nepi kana luhur lawang panto. Biasana jalma anu ngajug mah pangawakanana téh jangkung. Jangkungna leuwih ti jangkung jalma ilaharna. Lamun ngaliwatan lawang panto téh kudu ati-ati da bisi tidagor kana lawang panto. Jadi, ajug téh teu jauh tina istilah jangkung. Jangkung leuwih ti ilaharna.

damar atawa cempor

Salian ti éta, ajug téh mangrupakeun ngaran pikeun damar atawa cempor anu jangkung. Jangkungna henteu ilahar reujeung damar atawa cempor biasa. Cempor jangkung lamun dihurungkeun atawa diseungeut, osok nyaangan ka sakurilingeunana. Dina palebah ajug (cempor jangkung), sarua waé bisa nyaangan sabudeureunana, ngan nyaanganana téh ka tempat anu rada jauh ti tempat neundeun ajugna. Ari tempat anu deukeut atawa dideukeuteun neundeunna mah angger waé poék, teu kacaangan.

Jalma anu miboga élmu ajug, ampir sarua reujeung ajug ieu. Jalma anu miboga élmu tapi ngan ukur bisa mangaruhan atawa bisa dimangpaatkeun ku batur. Élmu anu aya dina dirina henteu bisa dimangpaatkeun ku dirina.

(Gambar meunang nginjeum ti http://teatersundakiwari.wordpress.com/)

Ngamalkeun Élmu Nalika Ulangan


Cik atuh amal boga élmu téh.
Amalkeun atuh élmu téh saeutik mah.

Caritaan mah cenah élmu téh kudu diamalkeun. Ngan dina prak-prakanana salah ngalarapkeun. Lamun nilik kana kawajiban mah bener, élmu téh kudu diamalkeun. Diamalkeun hartina dipraktékeun atawa diprakeun dina kahirupan sapopoé. Ngan aya ogé anu napsirkeun yén ngamalkeun élmu téh nyaéta dibagi-bagi ka jalma séjén, lain dikeukeuweuk ku sorangan. Anu miboga anggapan ieu lain salah, da bener ogé anu ngaranna élmu téh kudu ditatalépakeun atawa dibagikeun kanu lian pangpangna anu tacan ngartieun kana éta élmu. Ku jalan ngabagi élmu ka jalma séjén, sugan waé jadi amal, nyaéta amal anu hadé.

Méré niron (ngamalkeun elmu) nalika ulangan

Dina palebah ngamalkeun élmu dina harti dibagikeun ka jalma séjén, kadang aya anu salah ngagunakeunana. Aya anu salah dina ngalarapkeunana. Baheula waktu keur sakola, remen aya kecap cik atuh amal boga élmu téh atawa amalkeun atuh élmu téh. Lamun nempo kalimahna mah euweuh anu salah, ngan anu salah téh dina ngalarapkeunana. Éta kecap téh osok kaluar atawa aya dina nalika keur ngiluan ulangan atawa satutasna ulangan. Nalika ulangan, henteu kabéh barudak bisa ngajawab pananya dina lambaran ulangan. Aya sababaraha urang anu jigana susaheun dina nyieun jawabanana. Nya, pikeun anu ngalaman susah néangan jawabanana, osok kaluar kecap atawa kalimah amalkeun élmu téh. Jadi, najan bener ogé élmu téh kudu diamalkeun, ari dina pas ulangan mah apanan teu meunang niron jeung silih béjaan. Jadi najan kudu silih béjaan élmu ogé, angger waé kasengker ku panghulag teu meunang silih béjaan.

Jadi, dina perkara ieu mah teu bisa nyumput di satukangeun kudu ngamalkeun élmu. Da tujuanana ngamalkeun élmu dina keur ulangan mah lain hayang élmuna tapi hayang meunang niléy anu alus.

(Gambar meunang nginjeum ti http://3.bp.blogspot.com/_qw09bcR_rX8/TQXkuAiHo_I/AAAAAAAAAI4/IjTIE72W8OE/s1600/menyontek.jpg)

Anu Leungit Ingetan Jeung Néangan Élmu


Teu sakabéhna jalma anu hirup bisa sadar kana dirina jeung kaayaanana. Aya sababaraha urang jalma anu kadang teu sadar kana kaayaan dirina. Teu sadar téh bisa disebut oge teu eling kana dirina atawa leungit ingetanana. Anu biasana mah inget kana diri jeung kaayaan dirina, kusabab aya hal anu ngaganggu kana éling jeung ingetanana, éta jalma jadi teu sadar kana ingetanana. Kaayaan teu sadar ieu bisa disebut ogé gélo.

Pikeun barudak mah, aya kalana sarieuneun ku jalma anu leungit ingetanana téh. Komo deui lamun dangdanan jalmana lumayan pikasieuneun. Kumis baplang, janggotna paranjang jeung bajuna sararuék, matak pikagimireun anu manggihanana. Komo pikeun budak awéwé mah matak birat lalumpatan.

Jalma anu kaganggu ingetanana

Teu kabéh jalma anu kaganggu ingetanana pikasieuneun. Aya ogé jalma anu matak pikaseurieun. Jalma anu kaganggu ingetanana anu ieu mah osok dihareureuyan ku barudak téh. Komo ku budak lalaki mah. Najan apal yén éta jalma téh kangaggu ingetanana, osok pada ngaheureuyan (pada nanya bari heureuy). Untung waé tumibana ka barudak anu resep heureuy, tacan apal kana bebeneran jeung apal di temah wadi. Coba waé lamun anu anu migawéna (ngaheureuyanana) téh jalma anu geus kolot. Katempo pisan sigana mah saruana téh.

Lamun manggihan jalma anu kaganggu ingetanana, biasana mah anu mimiti jadi pananya (gunemcatur) téh kunaon éta jalma bet kaganggu ingetanana. Nya jawaban anu remen kapanggih mah cenah kusabab éta jalma téh teu kataékan ngala élmuna. Élmu anu keur diala atawa diudagna henteu nepikeun ka kacagking. Élmu naon atuh? Umumna mah élmu ngeunaan kanuragan atawa élmu kabatinan. Cenah éta gé….

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/_7VoKPsVndP4/TRNBOi5aDXI/AAAAAAAAA3E/KTxdOFaDZB4/s1600/4.Orang+gila.jpg)

Ngasah jeung Diajar/Latihan


Dina kahirupan, anu ngaranna ngasah téh lain ngan ukur ngasah pakarang wungkul. Atawa ngan ukur ngasah pakarang pikeun digawé di pakebonanan wungkul. Anu ngaranna ngasah téh dina rupa-rupa widang ogé kacida diperlukeunana. Arék pangabisa atawa pangaweruh kudu diasah. Éta pangaweruh atawa pangabisa téh kudu diasah supaya seukeut.

Barudak keur dialajar

Dina hal ngasah pangaweruh atawa pangabisa ieu, kabéh ogé geus papada ngarti atawa surti jeung apal. Ngan dina ngasahna sahanteuna aya dua golongan jalma.

Sakumaha anu bisa katempo dina kajadian dua urang patani anu disebutkeun ti heula (Mang Édas jeung Mang Édun), duanana ogé sarua ngasah heula pakarangna; anu ngabédakeun téh dina kumaha ngasah pakarangna wungkul. Dina ngasah pangaweruh ogé sarua waé aya anu matak béda dina perkara kumaha atawa waktu ngasahna. Aya anu ngasahna téh ngan ukur sakali wungkul dina arék nyanghareupan hiji perkara. Aya ogé anu ngasahna téh dina arék nyanghareupan reujeung eukeur nyanghareupan éta perkara.

Dina ngasah pangaweruh bisa ku cara latihan atawa diajar. Diajarna lain ngan ukur sakali dina waktu mimiti wungkul, tapi ogé dina sapanjang jalan kudu terus latihan.

Kaulinan Barudak jeung Élmu Pangaweruh


Kaulinan barudak anu osok diparaké ku barudak téh, sabenerna mah lain ngan ukur jadi kaulinan wungkul, tapi bisa ogé dijadikeun bahan pikeun diajar jeung nambahan pangaweruh ngeunaan élmu hususna élmu ngeunaan kahirupan. Sakumaha anu disebutkeun dina tulisan anu tiheula (mangpaat kaulinan barudak), kaulinan barudak téh pinuh ku mangpaat anu gedé pangaruhna pikeun kahirupan barudak sanggeus manjing dewasa.

Ngeunaan élmu pangaweruh, dina kaulinan barudak bisa dikoréhan atawa dikotéktak ngeunaan niléy atawa élmu pangaweruh. Hususna anu aya pakaitna jeung élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Aya sababaraha jinis élmu pangweruh anu diajarkeun di sakola, aya prak-prakanana atawa kapanggih cara nerapkeuanana dina kaulinan barudak. Jadi ku jalan migawé kaulinan barudak éta, barudak bisa ngarti kana palajaran anu aya di sakola. Da di sakola mah barudak diajar élmu pangaweruh ééh lolobana mah teori, sedengkeun praktékna mah duka téh teuing kumaha.

Diajar (gambar diundeur ti: http://www.twinhills.k12.ok.us/Images/ClipArt/Before%20School%20Study2.gif)

Tulisan ieu (katut tulisan saterusna anu aya pakaitna jeung tulisan ieu) bakal ngabolékérkeun atawa muka naon hubunganana kaulinan barudak reujeung élmu pangaweruh dina hususna élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Hubungan antara élmu pangaweruh jeung kaulinan ieu kudu ditembrakeun supaya jelas, yén anu ngaranna kaulinan barudak téh lain ngan ukur kadar kaulinan wungkul, ngan ukur kaulinan anu taya mangpaatna jeung ngan ukur dipigawé pikeun ngeusian waktu kosong wungkul. Salian ti éta ogé, kumaha supaya barudak anu diajar di sakola bisa gampang ngarti kana élmu pangweruh anu diajarkeun di sakola (téorina) reujeung prak-prakanana sapanjang éta élmu pangaweruh jeung kaulinan barudakna aya pakuat-pakaitna. Anu tungtungna, barudak bisa apal deui jeung resep deui kana kaulinan barudak.

Lamun ditataan mah, kaulinan barudak téh loba anu aya pakaitna jeung élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Kaulinan barudak téh di jerona mah loba anu ngandung élmu pangaweruh. Ti mimiti élmu ngitung nepikeun ka élmu sosial ogé aya: matématika, fisika, biologi, sosial, jeung nu séjénna.