Basa Sunda di Wikipédia


Wikipédia téh mangrupakeun kumpulan rupa-rupa daluang, élmu panimu jeung sagala catetan anu perlu dipikanyaho ku jalma loba anu asalna ti saban madhab (ti sakuriling dunya). Kumpulan rupa-rupa tulisan ieu dikumpulkeun dina wangunan hiji loka anu ngaranna atawa alamatna wikipedia.org. Jalma-jalma arék saha waé bisa ilubiung kana ngokolakeun tulisan dina ieu loka, dina harti ngiluan ngarempegan tulisan ku jalan ngasupkeun tulisan anu luyu ka ieu loka. Kusabab ieu loka téh ambahanana sakuliah dunya, atuh rupa-rupa basa aya di ieu loka. Ti mimiti basa anu jadi basa hiji nagara nepikeun ka basa wewengkon.

Kumaha atuh ari Basa Sunda? Naha geus asup ka Wikipédia?

Wikipedia dina Basa Sunda

Ngeunaan Basa Sunda di Wikipédia, geus loba anu asup kana loka ieu. Loba tulisan anu geus aya dina loka Wikipédia, naha tulisan asli beubeunanganana urang Sunda atawa meunang narjamahkeun tina basa séjén. Najan nurutkeun itung-itungan mah geus loba, tapi lamun dibandingkeun reujeung jumlah total tulisan anu geus aya dina Wikipédia, jumlah éta téh kacida saeutikna. Atuh ka singsaha waé anu hayang nembrakeun yén urang Sunda téh teu katinggaleun jaman, urang Sunda téh bisa ngigelan jaman, hayu urang ilubiung ku jalan medalkeun tulisan atawa narjamahkeun tulisan anu geus aya tina basa séjén kana Basa Sunda anu aya di Wikipédia.

Pikeun bisa ilubiung di Wikipédia Basa Sunda, langsung waé longok alamat loka http://su.wikipedia.org/. Terus nyieun aku atawa asup log lamun geus miboga akun Wikipédia. Lamun geus miboga akun Wikipédia, bisa medalkeun tulisan katut narjamahkeun tulisan anu geus aya.

Néangan Luang ti Papada Urang


Luang asalna ti papada jalma deui. Luang téh miboga harti pangalaman, élmu pangaweruh anu kapanggih salila ngalakonan kahirupan, atawa élmu panimu meunang mulungan sasieureun sabeunyeureun salila nyorang kahirupan. Pangalaman atawa pamanggih sanajan ngan ukur sasieureun sabeunyeureun, asal aya mangpaatna pikeun kahirupan jalma, boh pikeun dirina atawa diri batur bisa jadi luang. Komo deui pangalaman anu geus gerot mah, loba pisan luangna. Jadi lamun niténan kana ieu hal, anu ngaranna luang mah asalna téh ti papada jalma atawa ti papada urang.

Ngaguar pangalaman kolot

Dina néangan atawa nyiar luang, teu bisa ngan ukur nempo di jalma atawa di sahana, ti saha asal daluangna. Da luang mah lain ngan ukur ti jalma anu geus gerot wungkul. Najan jalma anu kasebut budak kamari soré ogé lamun miboga luang mah euweuh salahna dicokot. Jadi luang mah teu bisa nempo di jinis jalma anu miboga luangna. Tinggal kumaha ngala jeung misah-misahna, mana luang anu alus dicokot jeung mana luang anu goréng.

Luang bisa dicokot atawa ditéang ti jalma anu geus kahot, geus loba pangalamana atawa geus jalma anu geus legok tapak genténg kadék. Kolot-kolot anu geus loba pangalaman biasana mah loba pisan luangna, anu bisa dipulungan piken ngalakonan kahirupan ka hareupna. Luang kumaha cara ngalakonan kahirupan anu alus atawa bener tangtuna bakal nyampak. Luang anu utama bisa dikoréhan anu asalna ti kolot sorangan, atawa jalma anu dipikolot.

(Gambar meunang nginjeum ti http://chlorofil.files.wordpress.com/2011/03/keluarga.jpg)

Kaulinan Barudak jeung Élmu Pangaweruh


Kaulinan barudak anu osok diparaké ku barudak téh, sabenerna mah lain ngan ukur jadi kaulinan wungkul, tapi bisa ogé dijadikeun bahan pikeun diajar jeung nambahan pangaweruh ngeunaan élmu hususna élmu ngeunaan kahirupan. Sakumaha anu disebutkeun dina tulisan anu tiheula (mangpaat kaulinan barudak), kaulinan barudak téh pinuh ku mangpaat anu gedé pangaruhna pikeun kahirupan barudak sanggeus manjing dewasa.

Ngeunaan élmu pangaweruh, dina kaulinan barudak bisa dikoréhan atawa dikotéktak ngeunaan niléy atawa élmu pangaweruh. Hususna anu aya pakaitna jeung élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Aya sababaraha jinis élmu pangweruh anu diajarkeun di sakola, aya prak-prakanana atawa kapanggih cara nerapkeuanana dina kaulinan barudak. Jadi ku jalan migawé kaulinan barudak éta, barudak bisa ngarti kana palajaran anu aya di sakola. Da di sakola mah barudak diajar élmu pangaweruh ééh lolobana mah teori, sedengkeun praktékna mah duka téh teuing kumaha.

Diajar (gambar diundeur ti: http://www.twinhills.k12.ok.us/Images/ClipArt/Before%20School%20Study2.gif)

Tulisan ieu (katut tulisan saterusna anu aya pakaitna jeung tulisan ieu) bakal ngabolékérkeun atawa muka naon hubunganana kaulinan barudak reujeung élmu pangaweruh dina hususna élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Hubungan antara élmu pangaweruh jeung kaulinan ieu kudu ditembrakeun supaya jelas, yén anu ngaranna kaulinan barudak téh lain ngan ukur kadar kaulinan wungkul, ngan ukur kaulinan anu taya mangpaatna jeung ngan ukur dipigawé pikeun ngeusian waktu kosong wungkul. Salian ti éta ogé, kumaha supaya barudak anu diajar di sakola bisa gampang ngarti kana élmu pangweruh anu diajarkeun di sakola (téorina) reujeung prak-prakanana sapanjang éta élmu pangaweruh jeung kaulinan barudakna aya pakuat-pakaitna. Anu tungtungna, barudak bisa apal deui jeung resep deui kana kaulinan barudak.

Lamun ditataan mah, kaulinan barudak téh loba anu aya pakaitna jeung élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Kaulinan barudak téh di jerona mah loba anu ngandung élmu pangaweruh. Ti mimiti élmu ngitung nepikeun ka élmu sosial ogé aya: matématika, fisika, biologi, sosial, jeung nu séjénna.