Dikuramas


Waktu geus nyérélék waé. Panon poé geus ngiser lingsir ngulon, sakeudeung deui ogé bakal datang cicirén ti masigit. Sakeudeung deui bakal aya anu nakol dulag, méré tanda pikeun urang lembur anu arék dikuramas. Geus jadi kabiasaan, unggal arék ngalaksanakeun puasa téh urang lembur osok dikaruramas heula. Urang lembur téh marandi bari dianggir. Anggirna mah aya anu maké sampo aya ogé anu maké daun sampeu anu daunna téh paranjang leutik (sampeu naon nya…? Poho deui lah ngaranna mah). Tapi anu teu resep dianggir mah, tara dianggir, ngan ukur mandi biasa waé.

Atuh di tampian téh osok pinuh ku urang lembur anu ngadon dikuramas. Ngan kaayeunakeun mah, sanggeus nyarieun sumur, anu ngadon dikuramas di tampian téh ngan ukur anu teu bogaeun sumur.

Waktu beuki nyérélék….

Tampian

Teu lila, ti masigit geus aya anu nakol bedug, ngadulag méré tanda geus waktuna dikuramas. Atuh si Acim gura-giru indit ti imahna bari mamawa anduk. Manéhna muru ka imahna si Omon. Sanggeus nepi ka deukeuteun imahna si Omon, manéhna terus ngageroan si Omon ti buruan imah, ngajak buru-buru indit ka tampian. Sanajan manéhna jeung si Omon geus ngabogaan sumur, maranéhna ngahajakeun waé dikuramasna téh di tampian.

“Supaya ramé waé di tampian mah. Soalna lamun di imah mah moal ramé.” Kitu alesanana si Acim ka si Omon téh. Itung-itung ngolo supaya si Omon daékeun dikuramas di tampian.

“Saha waé kitu?” Si Omon masih kénéh acan satujueun.

“Nya jeung babaturan ulin urang, si Duyéh, si Uju jeung nu séjénna.” Ceuk si Acim nataan babaturan anu séjénna anu bakal bareng dikuramas di tampian.

“Nya lamun kitu mah.” Ahirna mah si Omon éléh déét. Nyatujuan kana kahayang si Acim.

“Tapi engké sampeur ka imah nya?” Pokna si Omon méré sarat.

“Nya heug lah.” Témbal si Acim sanggeus meunang kapastian kitu mah.