Kariaan Pikeun Budak anu Arék Dikeureut


Dina mangsana budak kudu dikeureut (disepitan atawa disunat), osok dibarengan ku hajat. Hajatna biasana mah osok nanggap sisingaan atawa kuda rénggong. Hajat ieu biasa disebut kariaan. Minangkana mah jadi pangreuah-reuah jeung pangbubungah pikeun budak anu disunatan. Saméméhna budak disunatan téh apanan dibébénjokeun heula ku jalan naék kuda rénggong atawa sisingaan.

Kuda renggong

Pikeun budak mah apanan disunatan kacida dipikasieunna. Komo lamun meunang béja ti budak anu geus ngarasa disunatan mah. Cenah, nyeri disunatan téh. Kusabab kitu, lamun sakalian kariaan mah apana sahanteuna bisa kabébénjokeun. Bisa mopohokeun kasieun arék dikeureut (disunat) kusabab aya raraméan nanggap sisingaan atawa kuda renggong. Sanggeus sapoé jeput raraméan tumpak sisingaan atawa tumpak kuda renggong, atuh dina peutingna kakara budak téh dikeureut.

Salian ti pikeun ngabébénjokeun budak anu arék dikeureut, bisa waé hajat kariaan téh jadi tanda sukur ka Anu Maha Agung geus dipaparin budak anu geus manjing pikeun disunatan. Da disunat téh apanan geus jadi kawajiban pikeun umat Islam mah. Supaya bisa gampang dina beberesih jeung matak nyéhatkeun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://alampriangan.files.wordpress.com/2011/10/kuda-renggong.jpg)