Pikeun Nu Motekar, Hahalang jadi Jalan Kapinunjulan


Perkara anu ngahalangan atawa jadi panghalang dina ngahontal kahayang, pikeun jalma anu motekar mah dijadikeun jalan pikeun ngaronjatkeun ajen-inajen dirina. Hahalang teh ditarekahan supaya bisa diungkulan, henteu diculjeunkeun.

Hal ieu kaalaman ku barudak sakola anu ngiluan kana KIR ASIC (Kelompok Ilmiah Remaja Al-Ma’soem Science Club) SMP Al-Ma’soem Cipacing Jatinangor. Dua urang barudak sakola eta SMP anu ngiluan KIR ASIC nyaeta Lubba Ailiati jeung Syauqiyyah Syahlaa nyieun alat pikeun praktek pangajaran Fisika. Alat ieu dijieun didadasaran ku kasusah dina diajar Fisika anu jejerna bias cahaya. Teori ngeunaan bias cahaya susah pikeun dicangkemna kusabab euweuh alat anu nembrakeun ngeunaan bias cahaya.

Alat pikeun ngukur bias cahaya anu dijieun teh kawilang basajan. Bahanna tina wadah kaca kalawan ukurana jangkungna 30 senti, panjangna 60 senti jeung panjang kagigirna (lebar) 20 senti. Wadah ieu diwangun sarimbagan reujeung akuarium. Di bagean sisi gigir belah luhurna diterapan busur 180 derajat kalawan dilapisan ku plat seng dijaruman pikeu tutunjuk. Dina dadasarn wadahna aya jidar tina beusi anu panjangna 50 senti dikeueumkeun.

Lubba Ailiati ti KIR ASIC meunangkeun medali perak
Lubba Ailiati ti KIR ASIC meunangkeun medali perak

Cai anu ngeusi wadah mangrupakeun campuran tina cai reujeung gula anu babandinganana hiji jeung satengah. Pikeun nyobana bisa ngagunakeun laser anu biasa dijual saharga lima rebuan. Cahaya laserna ditojokeun kana wadah terus diukur sabaraha gede mengkolna cahaya laser sanggeus ngaliwatan cai dina eta wadah. Saterusna, cahaya anu mengkol teh diitung ngagunakeun itungan rumus Fisika. Hasilna, teu jauh beda reujeung meunang ngukur anu ngagunakeun alat digital anu mahal.

Alat beubeunanganana dua urang barudak sakola SMP Al-Ma’soem ieu diilukeun kana kajawaraan ilmiah rumaja Asia-Pacific Conference of Young Scientists (APCYS) 2016 anu kalima dina ping 17 Juli mangkukna di University Gurgaon, New Delhi, India. Hasilna, alat anu dijejeran ku “Designing Liquid Refractive Index Measuring” ieu dileler salaku jawara kadua atawa medali perak.

(Warta meunang nyutat ti Tempo.co)

Belang Betong


Mangsa keur budak mah remen ngadéngé kekecap ieu téh. Pangpangna mangsa sakola di SD. Kolot téh loba anu mapagahan ka budakna supaya ulah belang betong ari sakola téh. Sakola mah kudu rajin. Tapi ieu husus pikeun budak anu ngedul kana sakolana, kadang daék sakola kadang embung sakola. Rajeun daék sakola lamun dipapaksa kudu sakola. Da budak anu rajin sakola mah henteu kudu ditititah deui sakolana.

Gambaran barudak sakola keur indit sakola
Gambaran barudak sakola keur indit sakola

Budak anu daék sakolana kakapeungan disebutna téh belang betong. Atuh, saha kolotna anu hayang miboga anak anu kedul sakola, atawa daék kakapeungan. Kolot mah nyakolakeun budak téh supaya daék diajar, supaya pinter. Supaya miboga élmu pikeun bekel hirup ka hareupna. Lamun kedul mah atuh moal meunang élmu anu mucekil.

Dina prak-prakanana, lain ngan ukur pikeun budak anu daék kakapeungan sakola wungkul. Belang betong ogé osok dilarapkeun dina hal séjénna. Budak anu keur diajar solat ogé, aya kalana nalika horéam mah tara dilakonan. Budak téh ngalakonan solat lamun keur hayang, lamun waktuna horéam mah najan dipapaksa ogé angger horéam. Lamun dititah ka masigit pikeun diajar ngaji, ogé sarua waé. Kadang daék indit ngaji, kadang cicing waé di imah najan geus waktuna ngaji ogé.

Najan remen dilarapkeun ka barudak, sabenerna mah bisa dilarapkeun ka saha waé kaasup pikeun kolot. Kolot anu kadang daék kadang embung bisa disebut belang betong. Ngan hanjakal remen dipaké pikeun budak anu keur mangsana diajar, boh diajar di sakola (élmu umum) atawa diajar élmu agama.

Kaulinan Barudak jeung Silih Ajarkeun Pangabisa


Henteu sakabéh kaulinan barudak bisa langsung dimaénkeun ku barudak. Aya kalana barudak téh kudu diajar heula boh kumaha nyieunna, kumaha cara ngulinkeunana atawa aturanana. Budak anu kakara ngiluan kudu mikawanoh heula jeung diajar heula ngeunaan kaulinan anu arék diiluanana. Hal ieu geus jadi kawajiban barudak anu geus nyaho pikeun ngajarkeun ngeunaan kaulinan anu arék diulinkeunana ka barudak anu acan apal atawa acan bisa. Supaya dina ngulinkeunana bisa babarengan kalawan sakabéhna bisaeun.

Ku hal ieu, geus jadi perkara anu biasa lamun budak anu geus bisa ngajarkeun ngeunaan kaulinan ka budak anu tacan bisa. Sanajan henteu dikudu-kudu ngajarkeun ogé, budak anu geus bisa sacara sadar bakal ngajarkeun ka budak anu tacan bisa. Atuh budak anu tacan bisa téh bisa diajar ngeunaan kaulinan barudak. Sahanteuna budak téh bisa mikawanoh ngeunaan dadasar kaulinan jeung cara ngulinkeunana.

Barudak arulin
Barudak arulin

Sanajan dina prak-prakan maénna téh jadi musuh atawa lawan saperti dina maén galah, pris-prisan jeung kaulinan séjénna anu mikabutuh dua pihak silih singhareupan, angger waé ngajarkeun kaulinan mah henteu kahalangan. Supaya dina ngulinkeunana bisa ramé, barudak anu ngiluan téh apanan kudu bisa ngulinkeun kaulinan anu keur dijalankeunana.

Ngeunaan ngajarkeun ieu bakal terus tatalépa. Budak anu tadina diajar, bakal miboga rasa kudu ngajarkeun deui ka budak séjénna anu tacan bisa. Anu tungtungna barudak téh sina diajar silih ajarkeun kaulinan barudak. Supaya naon anu dipikanyaho ku manéhna jeung anu dipikabisa ku manéhna bisa diajarkeun ka budak séjénna anu tacan apal jeung tacan bisa.

Jadi, kaulinan barudak téh lain ngan ukur pikeun arulin wungkul, tapi ogé bisa dipaké pikeun diajar kumaha carana ngajarkeun naon anu dipikanyaho jeung anu anu jadi pangabisa ka barudak séjénna.

Tadina Teu Bisa jadi Pinter WordPress Ngaliwatan 10 Léngkah Diajar WordPress


Ngajajah loka WordPress, jog anjog kana lambaran Diajar WordPress.com (Learn WordPress.com) anu dijudulan Master the Basics and Beyond (Ngawasaan Dadasar katut Saterusna). Dina ieu lambaran dijelaskeun léngkah-léngkah anu kudu dicumponan supaya bisa ngawasaan ngeunaan nyieun blog WordPress ti mimiti dadasar nepikeun ka anu tingkatan pinter.

Diajar WordPress.com

Léngkah-léngkah anu kudu dilakonan pikeun bisa ngawasaan blog dina WordPress téh aya sapuluh léngkah, nyaéta:

  1. Mitemeyan atawa ngamimitian, Daftar di loka WordPress.com.
  2. Mikawanoh WordPress, Ngajajah unggal anu aya dina Dasbor.
  3. Manco, Pilih widang atawa hal (topik) anu bakal dikali kalawan anteb.
  4. Ropéa, Robah pidangan sakumaha kahayang anu nyieun.
  5. Pedalkeun, Nyieun tulisan munggaran.
  6. Témbréskeun, Tambahan ku gambar jeung pidio.
  7. Kaitkeun atawa Tumbukeun, Supaya bisa manggihan nu lian di hiji riungan.
  8. Wanohkeun, Supaya loba anu mikanyaho jeung maca.
  9. Gunakeun Hénpon, Ngagunakeun Blog di mana waé najan keur di jalan.
  10. 10 Cara anu matak pikahémengeun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://learn.wordpress.com/)

Diajar tina Rorodaan Gilinding Hiji


Rorodaan anu gilindingna hiji, anu paranti ngadorongna téh tina awi saleunjeur, biasana mah ku barudak téh osok dipaké ngakut cai anu diwadahan kana jalikén atawa émbér. Lamun dibandingkeun reujeung dijingjing ku leungeun, éta cai téh leuwih hampang ditarik maké rorodaan. Jadi salian dipaké pikeun hareureuy atawa ulin, éta rorodaan téh osok dipaké pikeun mantuan kolot ngala cai ka tampian.

Anu kudu dijadikeun panalungtikan téh naon sababna éta cai téh leuwih hampang lamun ditarik maké rorodaan tibatan dijingjing maké leungeun? Ari jawaban anu gampangna mah nya bisa waé kusabab dibantuan maké rorodaan. Tapi jawaban nurutkeun élmu pangaweruh di sakola kumaha atuh? Da lamun ditengetan mah ngeunaan perkara ieu téh aya élmuna anu diajarkeun di sakola, hususna élmu alam (IPA atawa Fisika).

Rorodaan gilindingna hiji dipake narik cai

Kumaha atuh ngeunaan ieu téh lamun ditilik tina élmu Fisika?

Ngeunaan mawa cai aya pakaitna reujeung pangajaran massa, beurat reujeung gaya (lain gaya dina basa Sunda ieu mah). Berat cai anu dibawa téh salian ti ngabeungbeuratan budak anu mawana ogé ngabeungbeuratan gilinding rorodaan. Jadi beurat cai téh dibagi duaan. Babagina, kumaha wangunan rorodaaanana, utamana panjang pangdorongna katut bédana panjang tempat neundeun cai kana gilinding reujeung kana taktak budak anu mawana.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)