Mangpaat Kacang Panjang pikeun Kaséhatan


Dina keur usumna mah, manggihan kacang panjang téh ampir unggal poé. Di dapur, ngabugbrug diwadahan. Salian ti meunang ngala ti kebon téh, aya kalana mangrupakeun pangirim ti tatangga anu mulang tas ti kebon. Biasana mah kacang panjang téh dijadikeun deungeun sangu, naha diangeun, diseupan (diteundeun di luhureun sangu anu diseupankeun) atawa didahar atahna langsung dicoélkeun kana sambel.

Areuy kacang panjang di kebon
Areuy kacang panjang di kebon

Salian ti ngeunah dipaké pikeun deungeun sangu téh, nurutkeun inpo ti loka Makanan Sehat, kacang panjang téh loba mangpaatna pikeun kaséhatan awak. Mangpaatna diantarana pikeun:

  1. Ngadalikeun atawa nurunkeun gula darah
  2. Nurunkeun darah tinggi
  3. Nyegah panyakit jantung
  4. Mantuan gawé padaharan (organ pencernaan)
  5. Ngurangan kaserang panyakit daging jadi (kanker)
  6. Ngubaran sembelit
  7. Ngubaran rématik
  8. Ngubaran diaré, arthritis jeung gangguan dina saluran kemih
  9. Mantuan ngubaran panyakit ginjal jeung arateul
  10. Ngajaga kulit supaya henteu kaserang éwateun
  11. Ngubaran kulit boléksék kusabab kaduruk

Jadi, salian ti pikeun nambahan segut kana dahar ku jalan dijieun deungeun sangu, ogé loba mangpaatna pikeun kaséhatan awak.

Advertisements

Kadedemes, Deungeun Sangu tina Kulit Sampeu


Ampir euweuh bagéan tina tangkal sampeu anu henteu dimangpaatkeun. Sakabéh bagéanana bisa dimangpaatkeun, ti mimiti kembangna nepikeun ka akarna. Tangkalna ogé bisa dimangpaatkeun. Buahna? Bisa kénéh dimangpaatkeun. Lamun henteu dimangpaatkeun pikeun kadaharan (parab jalma), nya bisa dimangpaatkeun pikeun parab ingon-ingon kayaning domba. Salasahiji bagéan sampeu anu osok dimangpaatkeun téh nyaéta kulit beuti sampeuna. Kulit beuti sampeu anu di jero (warnana rada bodas jeung kandel), bisa dimangpaatkeun pikeun kadaharan jalma. Lamun bisa ngolahna mah rasana bisa ngeunah tibatan daging hayam. Kitu ceuk anu resep mah….

Ngan saméméh diolah atawa diasakan, éta kulit sampeu téh kudu biasana mah dikulub heula. Maksudna mah supaya waktu digoréngna geus asak. Kulit sampeu téh dikulub nepikeun ka asak jeung hipu. Satutasna dikulub, terus dikeueuman maké cai atah kurang leuwih tilu jam. Salian ti supaya asak, maksudna dikulub jeung dikeueuman téh supaya racun anu aya dina éta kulit sampeu bisa leungit.

Sanggeus param (leungit racunna kusabab dikeueuman), kakara éta kulit sampeu téh bisa diasakan. Cara ngasakanana mah henteu susah-susah teuing. Ngasakanana ku jalan digoréng kalawan maké asakan biasa: uyah, bawang beureum, bawah bodas, cabé, gula jeung bawang daun. Saméméh diasakan (digoréng), keureutan heula éta kulit sampeuna supaya ulah paranjang jeung galedé teuing. Kulit sampeuna digoréng kalawan dicampur reujeung samarana nepikeun ka bener-bener campur jeung asak samarana.

Kadedemes

Ngeunaan kadedemes, mangrupakeun hiji kecap anu biasa dipaké pikeun nyebut ka jalma anu pohara pisan kana harta bandana. Sagala hayang diranggeum dikawasaan. Harta banda anu dipimilik ku manéhna najan geus henteu dipaké ku sorangan atawa geus waktuna dipiceun, ari dipénta ku batur mah mani dikeukeuweuh henteu dibikeun. Kitu lamun ninggang di jalma.

Lamun ninggang dina kadaharan? Sigana mah ampir sarua. Lamun nempo kana kadaharan ieu, ampir sarua. Kulit sampeu anu teu miboga harti anu sakuduna mah dipiceun, bet diarah kénéh. Kitu sigana mah sababna ieu kadaharan bet disebut kadedemes.

(Gambar meunang nginjeum ti http://cileuleusonline.wordpress.com/)

Dahareun (Deungeun Sangu) Anu Lalada


Salian ti hawa anu panas, aya deui hiji hal anu kudu bisa diungkulan ku diri supaya bisa betah cicing di Pekanbaru. Nya sahanteuna saeutik-eutikeun bisa ‘adaptasi’ kana kaayaan anu béda reujeung kaayaan di lembur. Hal anu kudu diungkulan téh nyaéta ngeunaan dahareun. Dahareun anu aya di Pekanbaru mah béda reujeung kabiasaan di lembur. Dahareun téh pasti waé aya sambelan. Teu di naon teu di naon, arék naon waé jinis dahareunana (deungeun sangu), angger aya cabéan anu lada. Komo dina poéan mimiti mah, sababaraha poé dahar téh meuli ti katering, anu jinis dahareunana geus disadiakeun ku anu nyieunna. Deungeun sangu téh teu isuk, teu beurang dicampuran cabé. Ti mimiti angeun, goréng lauk, goréng hayam, dicampuran ku cabé. Atuh pikeun sababaraha poé mah beuteung téh lumayan panas. Ahirna mah kudu bisa milih-milih deungeun sangu, naja euweuh piliheun.

Deungeun sangu di Pekanbaru

Ngadon meuli ka warung anu jualan sangu, sarua waé. Kalolobaanana mah deungeunna maraké cabé. Malahan, deungeun sangu téh disebutna SAMBEL. Pantesan waé kalolobanana lada jeung dicampuran cabé, da ngaranna ogé sambel lain deungeun sangu.

Néangan warung sangu anu ti Jawa? Susah ogé anu deukeut-deukeut mah. Teuing anu jauh mah, teu apal perenahna jeung tempatna. Kapaksa waé kudu ‘adaptasi’ heula reujeung kaayaan di tempat anu anyar. Susuganana waé atuh ka hareupna mah jadi biasa.

(Gambar meunang nginjeum ti http://blog.travelpod.com/)

Bédana Dahar di Lembur jeung di Dayeuh


Dahar geus jadi kabiasaan naha pikeun urang lembur atawa urang dayeuh. Dahar geus jadi pangabutuh unggal jalma dina unggal poéna. Dahar biasana mah tilu kali dina sapoéna. Anu didaharna biasana mah sangu dibarengan ku deungeunna. Arék di lembur atawa di dayeuh, sarua daharna téh kitu.

Dahar babarengan

Ngan lamun nengetan kabiasaan mah, aya bédana antara di lembur reujeung kabiasaan dahar di dayeuh. Anu kaciri pisan mah naon anu bédana ukuran anu didaharna. Sanajan aya anu sarua dina naon anu didaharna, sarua ngadahar sangu katut deungeunna, tapi dina ukuranana aya bédana. Di lembur mah biasana sanguna leuwih loba tibatan deungeunna. Sedengkeun ari di dayeuh mah sabalikna, loba kénéh deungeunna tibatan sanguna.

Di lembur mah, dina sapiring téh biasana pinuh ku sangu. Sedengkeun ari deungeunna mah saeutik. Di lembur mah endog sasiki waé biasana osok dibagi-bagi jadi sababaraha bagéan. Biasana jadi dua atawa jadi opat, gumantung kana anu arék ngadaharna. Dahar téh sanguna sakeupeul, ari deungeunna saciwit leutik. Jadi, di lembur mah kabiasaanana sangu leuwih loba tibatan deungeunna.

Ari di dayeuh? Di dayeuh mah, biasana, sabalikna. Loba kénéh dengeunna tibatan sanguna. Dina sapiring dahareun téh loba kénéh rupa deungeunna tibatan sanguna. Lobana téh bisa kusabab loba rupa deungeunna atawa ukuranana. Sanajan deungeunna ngan ukur sarupa, biasana mah deungeun reujeung sanguna téh loba kénéh dengeunna. Komo deui lamun loba rupa deungeunna, piring téh leuwih loba deungeunna tibatan sanguna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://seveneszerox.wordpress.com/)

Antanan, Lalab jeung Ubar Panyakit


Antanan (Centella asiatica) nyaéta sarupaning tutuwuhan liar anu réa tumuwuh di pakebonan, huma, sisi jalan, galengan sawah atawa di huma nu rada baseuh. Tuwuhan ieu asalna ti wewengkon Asia tropis, sumebar di Asia Tenggara (lebah wétan kidul), kaasup Indonésia, India, Republik Rakyat Cina, Jepang jeung Australia satuluyna sumebar ka saban madhab. Antanan tumuwuhna ngareuy di luhureun taneuh. Unggal bukuna miboga akar anu nanceb kana taneuh. Daunna haréjo rada buleud.

Areuy antanan

Antanan biasana mah osok dijadikeun lalab atawa deungeun sangu. Ngadaharna teu kudu diasakan heula atawa diseupan. Sanggeus diala bisa langsung didahar. Didaharna biasana mah dicoélkeun kana sambel. Sanajan ngamangpaatkeunana ngan ukur pikeun lalab wungkul, tapi sabenerna mah antanan téh miboga hasiat pikeun nyageurkeun sababaraha rupa panyakit, diantarana waé pikeun ubar panyakit kulit, memener jalanna getih dina awak, jeung réa-réa deui. Malahan mah bisa dijadikeun ubat pikeun manjangkeun umur (nunda kakolotan).

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Tongtolang Nangka Pikeun Deungeun Sangu


Tongtolang nangka téh bisa dijadikeun deungeun sangu. Komo deui lamun tongtolangna anu keur meujeuhna rangu mah, anu gedéna kira-kira sapigeulang leungeun. Di lembur mah aya anu ngaranna gori, nyaéta ngaran lain tina tongtolang. Ngan gori mah biasana pikeun ngaran tongtolang anu keur meujeuhna bisa dipaké coél sambel. Tongtolang anu gedéna sapigeulang leungeun téh jerona tacan aya eusian, kakara barisan laleutik picalonnangkaeun.

Tongtolang nangka

Luarna anu carucukan laleutik téh bisa dipiceun atawa diantepkeun. Éta tongtolang atawa gori téh dipotong maké péso atawa bedog. Terus diciwitan saeutik-saeutik, kumaha hayangna, dicoélkeun kana sambel goang. Nikmat kacida. Rasa anu kesed, ditambah rada lada sambel, matak pédo bin odép. Lamun tara ngadahar sambel, bisa ogé dicoélkeun kana uyah supaya ngurangan rada kesedna. Lamun hayang langsung ngadahar gorina jadi deungeun sangu, bari teu disamaraan nanaon, ogé bisa.

Ngan ati-ati téh lamun kakara ngala tina tangkalna, lamun palebah dina neukteukna, osok aya getahan kénéh. Jadi kudu diberesihan heula getahna. Da lamun keuna kana leungeun mah lumayan cepel éta getah nangka téh. Tapi lamun geus leuwih ti sapoé mah biasana geus orot getahna.

Sangu Tutug Opak


Lamun keur euweuh deungeunna, dahar téh bisa jeung naon waé. Anu penting mah ngeunah jeung bisa ngaganjel beuteung, ulah nepikeun ka kalaparan.

Salasahiji kadaharan anu bisa dijadikeun deungeun sangu téh nyaéta opak. Opak meunang meuleum atawa ngagoréng téh dihijikeun reujeung sangu, ngajadi sangu tutug opak. Saméméh dihijikeun atawa digalokeun, opak téh diremukeun heula sina laleutik. Sanggeus kitu dihijikeun jeung digalokeun kana sangu supaya nyampurna rata atawa galo. Lamun kurang rasana, bisa ditambahan ku uyah.

Sangu tutug opak

Sabenerna mah, lamun nempo kana jeroanana, anu didahar ieu téh teu miboga niléy giji anu alus atawa sampurna. Da duanana ogé, sangu reujeung opak, sarua waé dijieunna tina béas-béas kénéh. Ngan bédana béas biasa reujeung béas kétan, anu lolobana dieusi ku karbohidrat.