Lalab Rumbah


Naon atuh anu dipimaksud ku ngaran lalab téh?

Lamun nempoan jinis-jinis anu kaasup kana lalab, anu disebut lalab téh nyaéta sabangsaning dangdaunan atawa pupucukan (daun anu ngora kénéh) anu biasa didahar. Didaharna bisa dipaké deungeun sangu atawa lain. Ngan umumna anu ngaranna lalab mah anu dipaké deungeun sangu, kadang remen dipaké pikeun coél sambel.

Daun sintrong

Lalab biasana osok jaradi di kebon, di tegalan atawa sisi leuweung. Naha kusabab ngahaja dipelak atawa henteu (dina harti jadi sorangan). Ngan lolobana mah jadi sorangan, kajaba lamun éta tangkal lalab téh ngabogaan mangpaat séjénna contona bisa dimangpaatkeun bagéan tangkal anu séjénna, naha bisa tangkalna atawa buah/beutina. Lamun ngan ukur diarah daunna mah (jadi lalab), arang langka anu ngahaja melak. Contona waé tangkal sintrong, antanan, jeung anu séjénna. Ari anu ngahaja osok dipelak mah contona waé daun katuk (kusabab ngabogaan mangpaat séjénna, nyaéta bisa dijadikeun obat), tangkal jambu médé (kusabab bisa dimangpaatkeun buahna), tangkal gedang (kusabab bisa diarah buahna), jeung anu séjénna.

(Asal poto: http://www.datasunda.org/pl/images/s_nature_nature_alam/s_vegetable_legume_sayur/sintrong-tropical_burnweed-crassocephalum_crepidioides-01.jpg)

Advertisements

Tangkal Bungur


Angin subuh geuning ngahiliwir
Raga nyawa katambias
Geus Nyangreud katineung deudeuh
Geuning
Kembang bungur geuningan ting arulang
Reumisna nungtut ragragan
Cipanon kuring
Tali asih seungit kembang
Disusun ku wening ati
Kanyaah taya sudana

Ngadéngé éta kawih anu judulna Kembang Bungur, jadi inget ka lembur. Inget mangsa keur leutik basa ka leuweung manggihan tangkal bungur. Tangkalna lumayan jangkung jeung henteu lempeng. Ditambah jeung loba dahanan. Anu jadi ciri éta tangkal téh nyaéta pucuk daunna anu rupana (warnana) téh bungur. Sedengkeun ari rupa kembangna mah teu apal.

Sedengkeun di dayeuh ogé, ayeuna mah loba tangkal bungur téh. Ngan waktu ditelek-telek téh, rarasaan mah aya anu béda reujeung tangkal bungur baheula. Béda pisan dina rupa tangkal, daun jeung kembangna.

Teuing pedah pindah tempat jadina, teuing béda jinisna.

Teu apal ogé tah….

Tangkal jeung kembang bungur (asal poto: internet)

Kudu nalungtik ka leuweung deui sigana mah.

Paparahuan


Paparahuan tina dangdaunan. Diteundeunna di balong.

Daun anu bisa dipake paparahuan mah bebas. Bisa daun naon wae. Tapi anu biasa dipake nyieun paparahuan mah nyaeta daun anu teu pati rubak, terus oge eta daun teh nyarupaan kana parahu, rada melengkung jeung aya cerukan. Salasahiji daun anu osok dipake teh nyaeta daun marasi.

Tangkal marasi loba jadi di pakebonan saperti kebon kopi. Rungkun tangkal marasi mah saperti kongkoak tangkal kawung waktu keur leutik pisan, euweuh tangkalan. Tina akarna teh diteruskeun jadi dahan-dahan reujeung daunna. Anu osok dijieun paparahuan teh daun anu geus kolot jeung alus henteu sararoek atawa barolong. Daun marasi teh diteukteuk palebah puhu daunna.

Saterusna mah eta eta daun teh diteundeun dina cai balong. Cerukna atawa anu lengkobna diteundeun di luhur sakumaha parahu nyaan. Ari majuna eta parahu biasana mah make angin wae. Da lamun katebak angin oge bakal maju atawa bakal pindah, ngageuleuyeung. Ari majuna mah bisa ka tukang, bisa ka hareup, bisa oge ka gigir. Eta mah kumaha neundeun paparahuan reujeung ti mana datangna angin.

Mun hayang leuwih alus mah, bisa maju sorang, osok make budah odol atawa sabun. Alusna mah make budah odol. Eta budah teh diteundeun di tukangeun parahu, supaya ngayambah kana cai. Eta budah teh bisa ngadorong paparahuan.

Salian ti daun marasi, bisa oge make daun harendong leutik, atawa daun jujukutan.

Mangpaat Ieu Kaulinan

Mangpaat anu bisa diteuleuman tina ieu kaulinan teh diantarana wae:

  1. Kumaha cara nyieun parahu anu alus. Jeung mun leukeun mah ditengetan, dibarung dihijikeun atawa dikaitkeun jeung palajaran di sakola mah bisa dipake alat pikeun diajar, kunaon sababna eta paparahuan teh henteu titeuleum kana jero cai.
  2. Kumaha pangaruh angin kana parahu nyaan sakumaha pangaruhna kana paparahuan.
  3. Kumaha caranya supaya paparahuan bisa maju mun henteu make angin atawa euweuh angin.