Paparabotan urang Lembur di Musieum Fatahillah Jakarta


Nganjang ka Kota Tua Jakarta, ngalongok musieum Fatahillah. Kukurilingan nempoan anu aya di jero musieum. Taya anu anéh, kalolobaanana mah anu diancokeun téh paparabotan anu osok aya di imah kayaning méja, korsi, jeung dipan. Nu séjénna mah paling ogé lukisan anu digantung dina témbok, sababaraha rupa tulisan anu eusina ngeunaan sajarah Batawi baheula, rupa-rupa batu titinggal jaman baheula katut tironan prasasti anu aya pakaitna reujeung Batawi baheula.

Rupaa-rupa parabot anu osok aya di dapur
Rupaa-rupa parabot anu osok aya di dapur

Tina sababaraha barang anu dipidangkeun téh, aya paparabotan anu biasa dipaké ku urang lembur. Di hiji rohangan anu dieusi ku barang jeung katerangan ngeunaan Karajaan Sunda, aya paparabotan anu osok aya di dapur urang pilemburan reujeung parabot paranti tatanén.

Rupa-rupa parabot paranti tatanen
Rupa-rupa parabot paranti tatanen

Dina kumpulan paparabotan dapur aya rupa-rupa paparabotan saperti sééng, hawu, hihid, boboko, dulang, céntong, kendi, aseupan, téko jeung nu séjénna. Sedengkeun di deukeuteunana aya tempat anu midangkeun paparabotan paranti tatanén diantarana waé bedog, koréd, étém, sastra jeung kolénjér. Dua ngaran anu panungtung mah kakara manggihan jeung teu apal nu kumaha waé rupa parabotna. Di gédéngeunana aya ogé rupa-rupa baju anu osok dipaké urang pilemburan. Ceuk béja mah, rupa-rupa paparabotan iey téh mangrupakeun paparabotan urang suku Baduy di Banten.

Parako, Wadah Hawu


Parako mah henteu aya pakaitna reujeung para sakumaha paraseuneu. Parako mah ayana lain di luhur tapi di handap. Parako bisa disebut ogé wadah hawu. Parako téh tempat di dapur paranti neundeun hawu.

Parako
Parako

Parako téh wangunanana mah biasana kotak atawa pasagi. Baheula mah dijieunna tina papan kai. Di lolongkrang tengah kotak dieusi ku lebu atawa keusik. Jangkungna biasana mah sina lébér reujeung tungtung luhur papan kai (sina rata reujeung papan kai anu ngawengkuna). Di luhureun lebu di tengah-tengah kotak parako kakara diteundeunan hawu. Anggangna sisi hawu reujeung parako mah bébas, ngan ulah deukeut teuing bisi parakona kaduruk nalika seuneuna ngadahdaran (seuneu di hawu ngabebela). Bisa waé anggangna sajeungkal ramo leungeun.

Sababaraha mangpaat parako nyaéta kahijina mah ngajaga seuneu supaya henteu ngarambat atawa nyebar kana papan/palupuh imah panggung anu bisa nyababkeun imah kahuruan. Ku jalan aya parako, seuneu téh ngan ukur aya di jero jeung deukeuteun hawu wungkul. Kaduana supaya lebu beunang ngadurukan suluhna henteu ayang-anyangan. Lebuna bakal ngumpul di deukeuteun hawu da kahalangan ku parako anu ngawengku hawu.

Paraseuneu


Di pawon atawa dapur, osok aya tempat di luhureun hawu pikeun teuteundeunan. Ieu tempat osok dipaké pikeun teuteundeunan barang atawa dahareun anu perlu dihaneutan atawa digarang. Ieu tempat disebutna téh paraseuneu.

Paraseuneu di luhureun hawu
Paraseuneu di luhureun hawu

Nilik kana ngaranna mah ampir sarua reujeung para, anu aya di luhureun imah handapeun hateup. Ngan anu ngabédakeunana nyaéta anu tadi téa: paraseuneu mah osok dipaké pikeun teuteundeunan barang atawa dahareun anu perlu hawa haneut atawa panas. Salian ti éta téh, dijieunana ogé di luhureun hawu (luhureun seuneu di hawu).

Dina paraseuneu biasana mah osok jadi tempat pikeun neundeun hasil tatanén anu baris dijadikeun bibit pepelakan kayaning jagong, siki cabé, suuk, kacang taneuh, siki waluh jeung siki bonténg. Bisa ogé dijadikeun pikeun ngagarang dahareun supaya awét lila (hadareun jadi garing). Salian ti dahareun, aya ogé pikeun teuteundeunan wawadahan kayaning boboko jeung nyiru supaya garing henteu katiisan.

Budak Awéwé mah Kudu Bisa Nyangu jeung Masak


Salaku budak awéwé, kudu bisa babantu ka kolot utamana babantu ka anu jadi indung. Tugas indung mah kalolobanana di dapur: nyangu, masak, mirun seuneu, jeung pagawéan di dapur anu séjénna. Kusabab kitu, budak awéwé mah biasana dikudukeun bisa nyangu reujeung masak. Najan leutik kénéh geus diajarkeun ku indungna cara-cara nyangu reujeung masak. Najan diajarkeunana henteu sacara langsung, tapi ku jalan nempokeun carana masak reujeung mantuan indung ogé geus jadi hiji cara anu alus pikeun mamatahan ka budak.

Ku jalan dipapatahan atawa diajarkeun ti leuleutik, matak mawa alus lamun geus gedéna. Geus gedé bakal biasa lamun kudu atawa dititah masak reujeung nyangu téh. Moal ngarasa sieun teu bisa kusabab geus biasa.

Hawu paranti nyangu jeung masak

Tapi hal ieu gumantung reujeung balik deui ka unggal jinisna. Da teu salawasna budak awéwé anu daékeun diajar digawé di dapur. Komo lamun masakna maké hawu mah. Aya kalana lamun kurangna sabar reujeung leukeun mah da susah atuh masak di dapur maké hawu téh. Ngahurungkeun seuneuna lumayan hésé, ditambah kudu ngasur-ngasur suluh supaya seuneuna henteu pareum, kudu niupan seuneun lamun seuneuna pareum atawa leutik.

Parobahan jaman mawa parobahan ogé kana cara masak atawa nyangu. Ayeuna mah cara masak téh teu susah teuing kawas baheula. Ayeuna mah teu kudu maké hawu reujeung suluh deui. Kari maké listrik atawa gas elpiji, geus bisa masak reujeung nyangu. Masak reujeung nyangu téh jadi gampang. Najan gampang, tetep waé diperlukeun kadaék pikeun milampahna (nyangu reujeung masakna).

Papaharé


“Is, éta teu kénging langsung ameng. Ka bumi heula disalin acuk heula.” Ceuk indungna si Euis mangsa manéhna nempo anakna, nyaéta si Euis anu kakara datang ti sakola, henteu ka imahna heula tapi langsung ulin di tepas imahna si Onah.

Si Euis ngalieuk ka indungna anu arék indit ka kebon sanggeus mulang heula ka imahna.

“Muhun, Ma. Sakedap.” Témbalna.

“Kadé tong hilap nya. Éta raksukan bilih kotor dianggo ameng mah. Kanggo énjing sakola deui. Sareng éta deui emam heula…,” péntana deui bari terus ngaléos ka béh wétankeun.

“Muhun…,” tembal si Euis deui pondok.

“Urang atosan heula yu…,” ceuk si Onéng ngaharéwos kanu tiluan, si Onah, si Euis jeung si Icih.

“Muhun, urang disalin heula nya. Supados tiasa nyalsé amengna.” Ceuk si Euis deui.

“Éh, urang papaharé yu?” Ceuk si Onah kanua tiluan.

“Hayu atuh. Tapi di teun saha?” Si Icih melong ka si Onah.

“Di dieu waé atuh nya. Supaya entos papaharé teras ameng deui di dieu.” Ceuk si Onah nawarkeun tempat.

“Satuju…!” Ceuk anu tiluan.

“Aya naon waé kitu di dieu?” Si Icih nanya.

“Nya di dieu mah paling aya ogé lalab jeung lauk asin.” Témbal si Onah.

“Éh, muhun. Is, nyandak réncangna anu rada saé nya….” Pénta si Onéng bari seuri.

“Pami aya….” Témbal si Euis turun ti tepas.

“Piraku waé….” Ceuk si Icih.

Nu tiluan, si Euis, si Icih jeung si Onéng langsung muru ka imahna séwang-séwangan. Sedengkeun si Onah terus muru ka jero imahna, terus ka dapur nyadiakeun sangu jeung deungeunna pikeun papaharé. Manéhna mawa dua piring ka tepas, anu hiji dieusi ku sangu sedengkeun anu hiji deui dipinuhan ku lalab, aya daun sitrong, daun sampeu meunang nyeupan, roay jeung leunca.

Teu lila babaturanana anu tiluan geus daratang deui, da puguhanan teu pati jarauh imahna ti imah si Onah téh. Tiluanana mamawa piring dieusi ku sangu jeung deungeunna. Opatanana terus ngariun di tepas.

“Mana sambelna ieu téh?” Ceuk si Icih bari nempoan piring anu dihareupeun si Onah.

“Éh, enya nya. Sakedap, nya….” Si Onah nangtung terus muru ka dapur. Teu lila geus balik deui bari mawa sambel goang dina coét.

“Is, mana atuh réncangna?” Ceuk si Oneng ka si Euis.

“Da mung aya ieu, goréng endog wungkul.” Ceuk manéhna bari nempokeun piring anu dibawana ka si Onéng.

“Sugan téh aya anu anéh….” Ceuk si Onéng bari seuri.

“Nya nu aya waé atuh lah. Apanan ieu ogé aya deungeunna. Komo tah anu resep sambel, aya sambel. Ngan coélna ngan ukur aya nu kieu geningan.” Ceuk si Onah bari ngiserkeun coét jeung piring anu dipinuhan ku lalab.

“Wah éta mah karesep urang atuh.” Si Icih gumbira bari ngarongkong kana piring anu dikatengahkeun ku si Onah. Manéhna nyokot seupan daun sampeu, terus di cocolkeun kana sambel.

“Hayu atuh ah, lapar yeuh.” Si Onéng hayang buru-buru gera dahar.

“Sok atuh ngadunga heula.” Ceuk si Euis bari manéhna gegerendengan ngalapadkeun doana.

Sanggeus kitu mah, opatanana dalahar mani ngalimed pisan, siga anu lapar. Sangu sapiring séwang téh teu nyésa.

Bagean-bagean Imah Panggung


Lamun ditataan mah dina imah panggung teh loba pisan istilah anu biasa dipake. Ti mimiti istilah dina ngaran rohangan nepikeun ka istilah naon wae anu aya di imah atawa bahan-bahan anu ngajadikeun imah panggung bisa ngadeg. Ari istilah-istilah anu biasa dipake dina wangunan imah panggung nyaeta:

Rohangan Imah Panggung

Rohangan anu biasa aya dina imah panggung diantarana wae nyaeta:

  1. Kolong, mangrupakeun lolongkrang kosong anu aya di handapeun imah panggung.
  2. Tepas, mangrupakeun rohangan anu ayana di hareupeun imah. Biasana rohangan ieu tara make kikiding atawa lamun make kikiding teh ngan ukur handapna wungkul kira-kira satuur jangkungna tina papan atawa palupuh imah.
  3. Tengah Imah, mangrupakeun rohangan gede anu biasana aya di imah bagean tengah. Rohangan ieu biasa dipake ngumpul kulawarga atawa ngumpul jalma-jalma waktu keur aya riungan saperti sukuran atawa hamin.
  4. Pangkeng, rohangan pikeun istirahat atawa sare. Rohangan ieu bisa disebut oge ku istilah sepen, kamar, jeung enggon.
  5. Dapur, nyaeta rohangan paranti masak. Di dapur biasana dipake neundeun barang-barang paranti papasakan reujeung hawuna.
  6. Goah, mangrupakeun rohangan pikeun teuteundeunan dahareun sabangsaning pare atawa beas.
  7. Para, mangupakeun rohangan anu ayana di luhureun imah, di luhureun lalangit handapeun suhunan.
  8. Segog, mangrupakeun rohangan anu aya dina imah anu wangunanana nyarupaan kana hurup L. Rohangan ieu ayana di bagean imah anu di bagean sisi imah ka luar. Rohangan ieu biasa dipake neundeun sagala paparabotan atawa teuteundeunan sejenna (jadi gudang).

Istilah sejenna

Sedengkeun bahan-bahan sejenna anu biasa kapanggih dina imah panggung nyaeta:

  1. Lelemah, mangrupakeun taneuh anu datar atawa meunang ngahaja ngadatarkeun. Di tempat ieu teh anu bakal dijadikeun lahan pikeun nyieun imah.
  2. Tatapakan, bahan wangunan anu dijieunna tina batu meunang meulahan (mahat) dijieun siga balok anu dijieun dadasar pikeun nyieun imah. Jangkungna, taya ugeran anu jelas, ngan biasana mah jangkungna teh antara sajeungkal nepikeun ka satuur. Gedena oge taya watesanana.
  3. Tihang, mangrupakeun balok kai anu rada panjang anu dijadikeun tatangger pikeun ngadegkeun imah panggung. Biasana diteundeun di unggal sisi imah. Tihang mangrupakeun bahan anu kacida pentingna dina nyieun imah. Wewegna imah panggung teh utamana mah ku kuatna tihang ieu.
  4. Golodog. Mangrupakeun tetecean anu diteundeun di luareun lawang panto. Golodog teh bisa dipake pikeun dariuk jalma anu ngadon ngawngkong atawa ngareureuhkeun kacape. Bisa oge dijadikeun pikeun neundeun tarumpah atawa sendal jalma nu boga imah reujeung semah.
  5. Bangbarung, mangrupakeun palang atawa papan anu aya di lawang panto bagean handap, biasa osok dipake diuk.
  6. Palupuh. Amparan anu dijieunna tina awi anu dicacag. Dina imah panggung mah dijadikeun titincakan atawa tempat diuk (jadi dadasar). Lamun tina kai mah biasana make papan.
  7. Pongpok, juru imah di tukang bagean luar.
  8. Pipir, tempat atawa lahan anu aya di tukangeun imah.
  9. Juru, bagean rohangan imah anu aya di deukeuteun tihang anu di pojok.
  10. Palang Dada, balok tina kai anu biasana malang ditempatkeun di luhureun tihang.
  11. Paneer, balok tina kai anu malang di handapeun palang dada. Jangkungna kira-kira sabujal tina papan atawa palupuh.
  12. Kuda-kuda. Balok tina kai nu diterapkeunana teh dengdek anu nyambungkeun tihang adeg jeung pamikul
  13. Bilik. Mangrupakeun kikiding di imah anu dijieunna tina anyaman awi meunang ngahuaan.
  14. Parako, wadah atawa tempat pikeun neundeun hawu.
  15. Paraseuneu, tempat anu dijieun di luhureun hawu pikeun ngahaneutkeun atawa ngagarang dahareun atawa nu sejenna.
  16. Langit-langit, mangrupakeun kikiding anu diteundeun di luhureun imah, anu misahkeun rohangan-rohangan imah reujeung para.
  17. Hawu, mangrupakeun tempat pikeun masak, ngasakan dahareun anu pikeun ngahurungkeun seuneuna make suluh.
  18. Hateup, mangrupakeun tutup luhureun imah anu dipake pikeun iuh-iuh anu ngiuhan imah tina panas reujeung hujan. Biasana dijieunna tina daun eurih atawa daun langkap. Bisa oge make talahab (leunjeuran awi anu dibeulah dua.
  19. Usuk. balok kai anu diteundeun dina suhunan pikeun nerapkeun ereng.
  20. Jandela, lawang anu diteundeun dina bilih paranti kaluar asupna cahya atawa angin.
  21. Panto. Papan anu dijieun tutup lawang paranti kaluar asup ka imah atawa ka sepen.
  22. Lawang Panto, lolongkrang pikeun kaluar asup ka imah atawa ka kamar.
  23. Panyaweran
  24. Ontob, tutup anu jadi tungtung handap dina hateup anu dijieunna tina kai. Ieu mah biasana lamun hateupna make kenteng.
  25. Talahab, hateup anu dijieunna tina leunjeuran awi anu dibeulah dua.
  26. Ereng. biasana dijieunna tina awi anu meunang meulahana. Dijieun pikeun ngait-ngaitkeun kenteng supaya ulah maruragan.
  27. Sosompang, bagean imah anu dihaja make iuh-iuhan tambahan (make sorondoy) tapi teu make kikiding ngan make tihang wungkul. Biasana dipake pikeun neundeun suluh atawa paparabotan sejenna.
  28. Lincar, cemped tina papan anu rubak pikeun nutup bilik ti beulah luar, lebah darurung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah panggung).
  29. Wuwung : tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna kenteng/hateup dina puncak suhunan. Aya anu dijieun tina tembok, aya oge anu make injuk.
  30. Suhunan, bagian imah anu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangunan imah,

Denah Rohangan Imah Panggung (1)


Di handap ieu mangrupakeun hiji conto denah atawa gambaran rohangan-rohangan imah panggung anu biasa dipake di pakampungan:

Rohangan-rohangan Imah Panggung

Dina eta denah, anu disebut hareup teh ayana di lebah kenca, sedengkeun tukangna atawa pipih imah di lebah katuhu. Ari rohangan-rohanganana nyaeta:

  1. Rohangan tepas imah, nyaeta rohangan anu aya di hareupeun imah, anu biasana mah tara make kikiding atawa bilik. Paling lamun make kikiding teh ngan ukur semet satuur jangkungna teh. Rohangan tepas ieu, lamun dina gambar di luhur mah dituduhkeun ku hurup B.
  2. Pangkeng atawa kamar atawa sepen, dituduhkeun ku hurup A. Rohangan ieu biasa dipake pikeun istirahat atawa sare.
  3. Rohangan tengah (hurup D), nyaeta rohangan anu (biasana) ayana di tengah imah, terus oge biasana mah rada gede dibandingkeun reujeung rohangan-rohangan sejenna.
  4. Rohangan kulawarga (hurup C), biasana digunakeun pikeun hareureuy atawa caricingna barudak lamun di rohangan tengah eukeur dipake, naha eukeur aya sukuran atawa semah.
  5. Goah (hurup E), nyaeta tempat neundeun dahareun utamana sabangsaning pare atawa beas.
  6. Hawu atawa dapur. Dina ieu denah mah ayana ngahiji reujeung rohangan tengah, ngan diteundeunna di lebah tukang deukeuteun panto ka luar ti tukang. Hawu (hurup H) diteundeun dina parako (hurup I) supaya aman.
  7. Lamun kaluar ti lawang panto tukang, osok aya tetecean anu dijieun tina leunjeuran awi, anu biasa disebut golodog (hurup J). Sabenerna mah lain lawang tukang wae, da lawang hareup oge kadang aya anu make golodog. Tujuanana mah supaya gampang lamun asup ka imah. Salian ti eta oge bisa dipake ngadaweung atawa neundeun tarumpah.
  8. Di tukangeun imah biasana mah osok nyieun iuh-iuhan reujeung make tihang ngan tara make kikiding atawa bilik. Rohangan ieu mah da wangunana lain rohangan, ngan ukur tempat anu iuh pikeun teuteundeunan sabangsaning suluh atawa kai. Da dina rohangan ieu mah tara make dadampar atawa palupuh. Handapna teh ku taneuh langsung. Tempat ieu biasa disebut sosompang (hurup G)