Tongtolang Nangka Pikeun Deungeun Sangu


Tongtolang nangka téh bisa dijadikeun deungeun sangu. Komo deui lamun tongtolangna anu keur meujeuhna rangu mah, anu gedéna kira-kira sapigeulang leungeun. Di lembur mah aya anu ngaranna gori, nyaéta ngaran lain tina tongtolang. Ngan gori mah biasana pikeun ngaran tongtolang anu keur meujeuhna bisa dipaké coél sambel. Tongtolang anu gedéna sapigeulang leungeun téh jerona tacan aya eusian, kakara barisan laleutik picalonnangkaeun.

Tongtolang nangka

Luarna anu carucukan laleutik téh bisa dipiceun atawa diantepkeun. Éta tongtolang atawa gori téh dipotong maké péso atawa bedog. Terus diciwitan saeutik-saeutik, kumaha hayangna, dicoélkeun kana sambel goang. Nikmat kacida. Rasa anu kesed, ditambah rada lada sambel, matak pédo bin odép. Lamun tara ngadahar sambel, bisa ogé dicoélkeun kana uyah supaya ngurangan rada kesedna. Lamun hayang langsung ngadahar gorina jadi deungeun sangu, bari teu disamaraan nanaon, ogé bisa.

Ngan ati-ati téh lamun kakara ngala tina tangkalna, lamun palebah dina neukteukna, osok aya getahan kénéh. Jadi kudu diberesihan heula getahna. Da lamun keuna kana leungeun mah lumayan cepel éta getah nangka téh. Tapi lamun geus leuwih ti sapoé mah biasana geus orot getahna.

Hayang Gera Buka, Hayang Sagala Dihanca


Dur bedug ti tajug, ngon adan ti masigit, tandana waktu maghrib yang nepi.

Bungahna waktu buka puasa. Sanggeus sapoé jeput henteu dahar henteu nginum, cunduk waktuna bisa barangdahar jeung barang inum. Anu tadina diulah-ulah, ayeuna mangsana henteu diulah-ulah. Dahareun anu tadina disamuni-samuni, ayeuna ditembrakeun, diayakeun. Komo anu ngaranna cikénéh mah nincak puasa, di awal puasa, dahareun téh masih kénéh loba jeung rupana ogé mararodél. Istilahna mah sagala aya, anu euweuh ogé kadang osok diaya-ayakeun. Dahareun ngarareunah, inumeun ogé sarua. Dahareunana aya daging hayam atawa daging sapi, aya lauk emas atawa jaér, aya papais, sabangsaning aangeunan, ditambah inumeunana aya kolek atawa cai kalapa. Matak nikmat lamun ngabayangkeunana. Matak nikmat lamun ngahancana, hayang dihanca dicabak diasaan kabéhanana. Pokona mah hayang diasaan kabéhanana, moal aya anu kaliwat.

Buka puasa

Prung buka hiji-hiji didaharan jeung diinuman. Ngan hanjakal, beuteung aya watesanana. Acan ogé kabéh dahareun diasaan, beuteung kaburu pinuh teuing. Lamun diteruskeun barangdaharna bisa-bisa matak kamerkaan. Kumaha arék nggiluan Solat Taraweh lamun kaayaan beuteung kamerkaan mah? Paling ogé hayangna téh tibra lamun kaayaan beuteung kamerkaan mah. Solat Tarawehna ogé matak nundutan. Kitu geningan, ngan saukur kahayang wungkul jalma mah. Da kabuktianana mah diwawatesan ku kaayaan ogé. Sanajan sagala hayang, lamun kaayaan teu nedunan atawa geus nepi kana tungtung wawates mah teu bisa kukumaha deui.

(Gambar diropea meunang nginjeum ti http://gophar.br4.net/wp-content/uploads/2010/08/puasa.jpg)

Ngarumasna Ngamimitian Puasa


Anu ngaranna ngamimitian mah, biasana osok rada ngarumas. Kitu deui reujeung ngamimitian puasa. Pikeun anu ngamimitian mah biasa osok aya atawa miboga rasa ngarumas. Ngarumas kusabab robahna kabiasaan. Kabiasaan dina bulan puasa reujeung saacan puasa teh aya anu robah, pangpangna ngeunaan naon anu jadi pantangan dina bulan puasa: dahar jeung nginum dina waktu pabeubeurang. Lamun dina saacanna bulan puasa mah, dahar atawa nginum pabeubeurang téh geus jadi kabiasaan. Sedengkeun dina waktu bulan puasa mah apanan teu meunang dahar jeung nginum dina waktu pabeubeurang. Kusabab ieu, aya kalana anu ngadon poho yén manéhna téh keur puasa. Poho kalahka ngadon nginum sanajan keur waktu pabeubeurang.

Anu meunang jeung teu meunang waktu puasa

Tapi perkara poho mah teu nanaon. Da anu ngaranna poho mah teu matak batal kana puasana ogé. Ceuk paribasana, sanajan dahar saboboko metung ogé lamun poho mah, teu matak batal.

Terus ngarumas téh dina perkara beuteung ogé. Anu biasana mah dina waktu pabeubeurang téh osok kararaban dahareun, ari pék bulan puasa mah henteu kararaban nanaon. Bisa jadi dina poéan kahiji atawa kadua mah beuteung téh rada kasiksa, teu ngeunah beuteung. Tapi kadituna mah bakal biasa najan henteu kararaban sangu atawa cai ogé. Geus tilu poé atawa leuwih mah beuteung téh bakal narima kana kaayaan keur puasa.

(Gambar menang nginjeum ti http://radenbeletz.com/wp-content/uploads/2010/06/Puasa-Ramadhan-dan-Hikmahnya-Menurut-Al-Quran.jpg)

Gadung


Inget ka caritan sepuh baheula hususna pun nini, dina jaman keur serba walurat mah gadung téh mangrupakeun kadaharan anu dijadikeun gaganti sangu. Dahar téh lain ngadaharan sangu tapi ngadaharan gadung meunang ngala ti leuweung anu tangtuna ogé meunang ngolah.

Gadung mangrupakeun salasahiji ngaran tutuwuhan anu biasana mah jadina di leuweung. Jadi henteu dipiara atawa ngahaja melak di kebon. Tangkalna ngareuy kana tatangkalan anu séjén. Areuyna laleutik, kira-kira sacuruk gedéna téh. Areuyna miboga cucuk anu lumayan seukeut. Daunna jaradi dina dahan areuy anu wangunana buleud lonjong kawas endog hayam. Ieu tutuwuhan téh miboga kembang anu ngarantuy.

Tambahanana, ceuk hiji warta (wikipedia) mah cenah anu ngaranna areuy gadung mah meulitna kana tangkal teh miboga ciri anu husus nyaéta muter sakumaha arah jarum jam lamun ditilik ti lebah luhur.

Areuy gadung

Anu bisa dimangpaatkeun atawa didahar ku jalma téh nyaéta beutina. Beuti gadung kawas beuti hui ngan loba akaran laleutik. Beuti anu geus gede bisa diala pikeun diolah. Beuti gadung mah teu bisa langsung didahar atawa langsung diasakan, tapi kudu diolah heula. Cara ngolahna ogé kudu bener-bener. Kudu nepikeun ka paramna, kudu nepikeun ka asak pisan. Da anu ngaranna beuti gadung mah miboga racun anu matak jadi panyakit ka jalma anu ngadaharna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/e/e2/Diosc_hispi_090103-5117_rwg.JPG)

Opat Séhat Lima Sampurna


“Mon, apal kénéh ngeunaan kadaharan anu asup kana opat séhat lima sampurna teu?” Si Acim nanya ka si Omon.

“Nya apal atuh.” Témbal si Omon mani saget.

“Sugan téh geus poho….” Si Acim mésem.

“Nya apal atuh. Da kakara gé sababaraha bulan lain éta mah….”

“Heu-euh nya….”

Kadaharan opat sehat lima sampurna

“Aya naon kitu?” Si Omon mencrong ka si Acim siga anu panasaran, “bet nanyakeun perkara éta sagala?”

“Teu nanaon. Hayang nanya waé kuring mah.” Témbal si Acim sakahayuna.

“Ih, sok teu pararuguh kitu manéh mah.” Si Omon kukulutus.

Si Acim ukur nyenghél….

“Lain kétang kuring mah hayang nyaho waé.” Si Acim nyarita deui kawas anu daria.

“Naon tah?”

“Ari maneh lamun dahar osok asup kana opat sehat lima sampurna teu?” Ceuk si Acim nanya ka si Omon.

“Nya kadang-kadang atuh.” Témbal si Omon.

“Teu saterusna nya…?”

“Heu-euh atuh. Da anu ngaranna susu mah susah néanganana. Jeung mahal deui wé dina ayanana ogé.”

Si Acim ngahuleng sakeudeung. “Kitu nya…?”

Si Omon ukur unggeuk.

“Tapi kuring mah arék dahar opat séhat lima sampurna téh teu bisa…?” Ceuk si Acim siga anu ngarahuh.

“Naha…?” Si Omon mencrong.

“Heu-euh. Lamun anu opat séhatna mah kuring ogé bisa jeung gampang. Ngan anu kalimana rada susah mah.”

“Susah kumaha?” Si Omon panasaran, “lain manéh mah mampuh lain?”

“Ieu mah lain perkara mampuh atawa henteuna. Ngan kuring mah ulaheun ku kolot kuring.”

“Naha bet ulaheun?”

“Heu-euh, apanan sanggeus kuring dahar anu opat séhat téa, arék nincak anu sampurnana téh ulaheun ku kolot kuring.” Si Acim ngajelaskeun.

“Matak ulaheun ogé, sigana mah manéh boga panyakit meureunan.”

“Ih, henteu. Ngan kolot kuringna wae ulaheun. Cenah kuring mah budak kénéh. Ulah wani deukeut-deukeut kana sampurna.”

“Maksudna?” Si Omon beuki bingung.

“Apal teu manéh jeung anu ngaranna sampurna?”

“Henteu…!”

“Ah, manéh mah henteu gaul….”

“Kumaha kitu?”

“Sampurna mah roko lain?”

“Ih, dasar gejul. Sugan téh naon. Nya heu-euh atuh, kolot mah moal ngijinan lamun budakna kudu ngadahar sampurna mah.”

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.luwuraya.com/assetcuk/berita/real/4sehat5sempurna.jpg)

Lalab Rumbah


Naon atuh anu dipimaksud ku ngaran lalab téh?

Lamun nempoan jinis-jinis anu kaasup kana lalab, anu disebut lalab téh nyaéta sabangsaning dangdaunan atawa pupucukan (daun anu ngora kénéh) anu biasa didahar. Didaharna bisa dipaké deungeun sangu atawa lain. Ngan umumna anu ngaranna lalab mah anu dipaké deungeun sangu, kadang remen dipaké pikeun coél sambel.

Daun sintrong

Lalab biasana osok jaradi di kebon, di tegalan atawa sisi leuweung. Naha kusabab ngahaja dipelak atawa henteu (dina harti jadi sorangan). Ngan lolobana mah jadi sorangan, kajaba lamun éta tangkal lalab téh ngabogaan mangpaat séjénna contona bisa dimangpaatkeun bagéan tangkal anu séjénna, naha bisa tangkalna atawa buah/beutina. Lamun ngan ukur diarah daunna mah (jadi lalab), arang langka anu ngahaja melak. Contona waé tangkal sintrong, antanan, jeung anu séjénna. Ari anu ngahaja osok dipelak mah contona waé daun katuk (kusabab ngabogaan mangpaat séjénna, nyaéta bisa dijadikeun obat), tangkal jambu médé (kusabab bisa dimangpaatkeun buahna), tangkal gedang (kusabab bisa diarah buahna), jeung anu séjénna.

(Asal poto: http://www.datasunda.org/pl/images/s_nature_nature_alam/s_vegetable_legume_sayur/sintrong-tropical_burnweed-crassocephalum_crepidioides-01.jpg)

Puasa di Bulan Rayagung


Ngeunaan ibadah puasa di bulan Rayagung, aya hadis anu ngajelaskeun ngeunaan puasa éta. Hadis éta teh unina kurang leuwih: “Ti Abu Qotadah Al-Anshory r.a. yén Rosululloh pernah ditanya ngeunaan puasa dina poéan Arafah, tuluy anjeunna ngajawab, “Puasa éta mupus dosa-dosa taun nu geus kaliwat jeung taun anu bakal datang.” (HR Muslim).

Terus dina hadis séjénna, ngajelaskeun yén Rosululloh ngahulag puasa dina dua rupa poé, nyaéta ‘Idul Fitri jeung ‘Idul Adha. Terus ogé aya hadis anu nyebutkeun yén Rosululloh nyarita cenah poéan Tasyriq téh poéan pikeun barangdahar (dahar jeung nginum) sarta pikeun zikir ka Gusti Alloh.

Kalender Rayagung

Jadi lamun henteu bisa ngalaksanakeun puasa Rayagung ti mimiti bulan Rayagung, bisa ogé ngalaksanakeun puasana téh ngan ukur dina poéan ka salapan dina bulan Rayagung. Sakumaha dijéntrékeun dina hadis di luhur, puasa dina poéan ka salapan téh bisa mupus dosa sataun katukang jeung sataun anu bakal datang. Puasa ieu téh dilaksanakeunana husus pikeun jalma anu teu ngiluan Ibadah Haji ka Mekkah. Da anu ngalaksanakeun Ibadah Haji mah eukeur ngalakukeun Wukuf di Arofah bisa henteu ngalaksanakeun puasa sakumaha anu dilakukeun ku Rosululloh.

Sedengkeun dina poéan saterusna mah, poéan ‘Idul Adha (tanggal 10 Rayagung) jeung poéan tasyriq (tanggal 11, 12, 13 Rayagung, teu meunang ngalaksanakeun puasa.