Jalan Anu Panjang


Lamun émut kanu ngantos
Iraha dipasihan wartos
Patepang upami cios
Supaya henteu digentos

Dugi ka iraha anjeun sabar
Ngantosan anu tatahar
Bari anjeun henteu sadar
Perhatosan anu dipalar

Pikiran asa ngapung
Ka luhur na méga mendung
Hayang pisan patepung
Leungitkeun gandrung liwung

Kadang haté ngolémbar
Asup ka alam samar
Néangan kadua kembar
Sugan bisa leuwih jembar

Lamun haté ngacacang
Indit ka tempat nu anggang
Sugan aya anu kapentang
Kitu ogé lamun kongang

Inget ka jaman baheula
Waktu urang keur rumaja
Waktu patepang di sakola
Ngedalkeun rasa cinta

Naratas jalan nu panjang
Anu tacan kasawang
Kumaha bakal kasorang
Teu bisa ukur dilanglang

Jangji pasini geusan ngajadi
Sugan bisa laki rabi
Dua pikir ngahiji
Dua rarasaan dipatri

Cikago, Méi 2002
Pangropéa: A.M.I.D

Sieun Teu Patepung


Naha kieu gening rasa
Bet inget baé ka jisim
Tos lami henteu patepang
Hayang pisan amprok deui
Mulangkeun nu kamari
Mikeunkeun nu béh ditu
Males kana cintana
Alam éndah jadi saksi
Basa urang patepung waktos mimiti

Mun inget teu ngeunah rasa
Mun saré kaimpi-impi
Mun dahar tara mirasa
Mun nyaring osok kapikir
Mun émut sieun gering
Gering nangtung ngalanglayung
Naha kudu kumaha
Haté sok ngarasa risi
Lamun inget kana nasib ieu diri

Rarayna kabayang-bayang
Imutna osok kaciri
Ucapna sok nongtorékan
Naha kitu masih sami
Jeung kaayaan kamari
Naha teuing da ku baku
Lamun geus émut ka diri
Naha bakal patepung
Nuluykeun nu jadi cita-cita urang

Langit dipinuhan ku méga
Ngahalangan cahya diri
Rasa asa poék taya cahya
Sedih kingkin sieun diri
Teu bisa patepung deui
Jeung manéhna anu kembu
Sieun puyar cintana
Anu gedéna kamari
Luntur da ku kanyeri haté jeung rasa

Cikago, 9 Februari 2002
Pangropea: A.M.I.D