Kudu Naék Kapal Ngapung…?


Kabeneran ayeuna mah pagawéan téh ayana di luar Pulo Jawa. Nya meureunan kudu nyaba heula pikeun saheulaanan mah. Najan kudu jauh ti lembur sorangan, tapi teu meunang jadi halangan pikeun mugagkeun lampah. Najan arék di mana waé anu ngaranna gawé mah kudu siap sadia. Nu penting mah jelas tugasna jeung nepi ka iraha. Cenah mah lilana téh kurang leuwihna genep bulaneun.

Ari tempatna? Tempatna téh cenah mah kudu meuntas ka Pulo Sumatera, perenahna di wewengkon Riau. Jauh ogé geningan…!

Naék naon atuh ka dituna? Ka dituna téh naék kapal ngapung!

Geningan…? Kumaha atuh…?

Kapal ngapung eukeur ngapung

Nya teu kukumaha. Da lamun badarat mah sigana iraha mah nepina. Teuing sabaraha poéeun lamun jalan darat mah. Sedengkeun ari naék kapal ngapung mah paling ogé sababaraha jameun. Ngan sakeudeung, moal nepikeun ka leuwih ti dua jam. Kitu cenah.

Apanan tacan pernah ngalaman naék kapal ngapung? Moal kukumaha kitu?

Moal kukumaha. Batur ogé anu osok naék kapal ngapung, henteu nanaon. Reujeung deui anu ngaranna cilaka mah teu kudu naék kapal ngapung wungkul. Dalah anu badarat ogé bisa waé cilaka. Pon kitu deui anu di laut, geus nepi kana cilakana mah bakal cilaka. Jadi najan remen kabéjakeun loba anu cilaka, ulah ngendagkeun patékadan. Asal niatna alus, ulah pugag di tengah jalan. Lakonan lamun éta dianggap alus.

Heueuh ogé nya. Najan remen kabéjakeun loba anu cilaka, éta mah geus kuduna waé cilaka. Lamun kuduna henteu cilaka mah moal cilaka. Najan loba anu nyebutkeun ngeunaan cilaka: cenah anu naék kapal ngapung, apanan murag; anu naék kapal laut tilelep; anu naék karéta tabrakan, anu naék mobil ogé sarua; anu naék motor ditabrak; ulah mugagkeun lampah. Da cilaka mah teu kudu tumiba ka jalma anu keur lumampah, najan jalma anu keur cicing ogé bisa waé kakeunaan ku cilaka. Jalma anu cicing diimah terus karagragan kapal ngapung, apanan bisa katumibaan cilaka.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Anu Solat Bakal Cilaka


Teu sakabéh jalma anu solat téh éta bakal meunang kasenangan. Teu sakabéh jalma tukang solat anu bakal meunang kabagjaan, dina harti bakal asup ka sawarga. Sababna mah aya golongan jalma anu osok solat tapi bakal cilaka. Anu kumaha atuh jalma anu osok solat tapi bakal cilaka téh?

Lamun nengetan Pidawuh Gusti Alloh dina Al-Quran surah Al-Ma’un ayat ka 4-7, anu hartina kurang leuwih:

Mangka bakal cilaka pikeun jalma anu solat, nyaéta jalma-jalma anu ngalalaworakeun kana solatna. Jalma anu hayang katanggar. Jeung embung nulungan ku barang anu aya gunana

Salian ti narjamahkeun cilaka pikeun jalma anu solat, aya ogé anu narjamahkeun bakal asup Naraka Wél (Wail) pikeun jalma anu solat.

Jadi nurutkeun ieu Pidawuh Gusti Alloh, teu salawasna jalma anu osok ngalakonan solat éta bakal meunang kabagjaan jeung kasenangan. Aya kalana jalma anu osok solat téh bakal meunang kagoréngan jeung bakal cilaka alias asup ka Naraka, lain asup ka sawarga. Anu kumaha atuh solatna jalma anu bakal cilaka téh?  Nyaéta jalma anu osok ngalalaworakeun kana solatna.

Jalma keur solat

Anu ngaranna ngalalaworakeun bisa ngandung dua harti. Anu kahijina ngalalaworakeun kana ngalakonan solatna. Contona, ngalakonan solatna osok diahir-ahirkeun (di tungtung waktu). Anu kaduana, najan osok ngalakonan solat, tapi éta solatna téh euweuh tapakan dina kahirupan sapopoéna. Solatna mah solat, ngan ari kahirupanana mah angger waé tara ngeunteung kana solatna.

Salian ti éta, jalma anu ngalakonan solat tapi hayang katanggar atawa katempo ku batur. Ngalakonan ibadah solatna téh lain karana Alloh, tapi karana hayang katempo ku jalma séjén.

Jodo Pati Bagja Cilaka Kagungan Gusti


Jodo pati bagja cilaka mah kumaha Gusti.

Jodo pati bagja cilaka mah kagungan Gusti.

Jadi inget kekecapan kolot, pikeun ngupahan téh biasana mah ku kecap jodo pati bagja cilaka mah geus aya anu nangtukeun. Perkara jodo pati bagja jeung cilaka mah aya dina kakawasaan Gusti Alloh. Jalma mah teu bisa kukumaha.

Éta kecap téh biasa dikedalkeun lamun aya jalma meunang karerepet anu hésé kaungkulanana, atawa meunang musibah. Kaasup ogé lamun aya jalma atawa dirina anu tacan meunang waé jodo.

Jadi anu opat perkara éta téh kabéhanana ogé geus aya anu nangtukeun nyaéta Gusti Alloh. Jalma mah teu bisa nanaon deui, da geus aya anu nangtukeun. Perkara jodo, unggal jalma geus ngabogaan jodona séwang-séwangan. Unggal jalma anu gubrag ka dunya geus dicatet saha jodona. Kitu deui ngeunaan pati atawa paéhna, geus ditangtukeun ku Gusti Alloh. Pon kitu deui jeung perkara bajga reujeung cilaka, duanana geus aya dina katangtuan Gusti Alloh. Jalma mah tinggal narimakeun naon anu geus dicawiskeun pikeun manéhna ti Gusti Alloh. Arék hadé atawa arek goréng, geus jadi kawajiban jalma pikeun narimakeunana. Da anu ngaranna Gusti Alloh mah Maha Sagala Nyaho, naon anu alus pikeun mahlukna reujeung naon anu goréng pikeun mahlukna (jalma).

Jodo pati bagja cilaka kagungan Gusti

Ngan dina kanyataanana, teu saeutik jalma anu teu bisa narima kana kanyataan. Da osok aya dina anu opat perkara ieu téh papalingpang reujeung kahayangna. Aya jalma anu hayang bagja, bisa waé kalahka meunang cilaka. Atawa jalma anu hayang paéh kusabab teu kuat nandangan tunggara dina hirupna, teu bisa paéh kusabab tacan waktuna. Atawa jalma anu hayang ngabogaan jodo anu ‘geulis’, kalahka meunang jodo anu pasalia reujeung anu dipikahayangna. Tapi teu kabéh kitu, da aya ogé dina opat perkara éta, anu sarua reujeung anu dipikahayang ku hiji jalma. Aya jalma anu hayang bagja, kaparengan dibéré bagja. Nya pastina saha anu henteu bungah. Aya jalma anu hayang dibéré jodo anu ‘geulis’, pék téh dibéré jodo anu sarua ‘geulis’. Nya éta mah wayahna waé kudu narimakeun.

Sanajan kitu, Gusti Alloh méré lolongkrang ka jalma pikeun nepikeun paménta, kaasup dina perkara anu opat ieu. Jalma dibéré jalan ku cara ngadoa nepikeun paméntana ka Gusti Alloh, hayang ménta anu kumaha. Ieu bisa jadi jalan pikeun nyaruakeun naon anu dipikahayang reujeung anu bakal kanyataan. Ngan tetep perkara bakal bukti atawa henteuna mah aya dina kakawasaan Gusti Alloh.

17 Agustus, Poéan Anu Ahéng?


Baheula mah anu ngaranna tanggal 17 Agustus téh katelah poéan anu ahéng atawa karamat. Kabéh jalma dina poéan éta téh kudu miluan atawa husu nujukeun pikiran jeung léngkah pikeun mapag éta poé, poéan merdékana nagara Indonésia. Dina éta poé téh kabéh jalma kudu ngareuah-reuah, minangka miéling kamerdékaan nagara. Lamun bisa mah apanan ngiluan miéling kamerdékaan ku jalan ngiluan upacara bandéra di désa atawa kacamatan. Lamun henteu bisa ngiluan upacara, nya datang ka tempat upacara téa pikeun ngiluan ngareuah-reuah, miluan ngaramékeun pawéy pembangunan. Lamun henteu bisa kénéh, nya cicing di imah ulah ka mamana.

Dina sakalieun ngalakukeun perkara anu taya pakuat-pakaitna jeung mieling kamerdékaan téh, osok aya istilah kakeunaan ku apes atawa matak cilaka. Pernah dina hiji waktu mah, aya urang lembur anu dina poéan mieling kamerdékaan téa henteu miluan ngareuah-reuah. Dina waktu batur daratang ka kacamatan, ari éta jalma kalahka indit ka leuweung pikeun ngala jéngkol. Dina waktu ngala jéngkol, éta jalma téh kalahka meunang cilaka, ragrag tina tangkal jéngkol. Ari parna mah henteu, ngan angger waé anu ngaranna cilaka mah. Tambah deui jadi mangaruhan jalma séjén, jeung mangaruhan kayakinan urang lembur. Sanggeus aya kajadian kitu mah, urang lembur téh ati-ati dina poéan miéling kamerdékaan téh. Lamun henteu datang ka kacamatan atawa désa téh, nya mending milih cicing waé di imah.

Bendera Negara Indonesia (sumber foto: internet)

Ku nyérélékna waktu jeung robahna jaman, kaayeunakeun mah, éta perkara téh henteu dipaké atawa kapaké deui. Poéan 17 Agustus téh teu pati dipiroséa. Komo lamun aya pakaitna jeung néangan pakaya dunya mah. Sanajan dina poéan 17 Agustus téh sawaréh jalma téh ngahajakeun daratang ka kacamatan pikeun upacara atawa pawéy, sésana (lolobana) mah nya ngalakukeun pakasabanana séwang-séwangan. Anu tatanén, nya datang ka kebon atawa sawahna séwang-séwangan. Anu perlu jukut atawa suluh, nya néangan kaperluanana séwang-séwangan.

Naha geus teu metu deui kitu ahéngna poéan 17 Agustus téh? Atawa gara-gara geus ganti pamingpin?