Caang Bulan Dadamaran


Lamun dina wanci peuting, saméméh aya listrik mah anu biasa nyaangan di imah téh taya deui salian ti damar atawa cempor. Damar anu dieusian ku minyak tanah téh diseungeut supaya bisa nyaangan rohangan di imah. Lumayan bisa nyaangan pikeun sarohanganeun mah.
Dadamaran, asal kecapna tina damar, anu miboga harti nyieun pagawéan ngagunakeun damar pikeun nyaangan (supaya jadi caang). Damar diseungeut ku seuneu supaya hurung. Tempat anu poék dina wanci peuting téh jadi caang tina cahaya seuneu damar. Ngan tempat anu bisa dicaangan ku damar mah henteu ka lega teuing. Cahya tina damar mah ngan ukur bisa nyaangan tempat anu leutik saperti rohangan imah.

damar atawa cempor
damar atawa cempor

Kumaha lamun dadamaranana dina waktu caang bulan? Moal aya mangpaat nyeungeut damar dina waktu caang bulan mah. Cahya tina damar bakal kasilep ku cahya bulan. Caang kénéh cahya bulan tibatan cahya seuneu tina damar. Cahya bulan mah bisa nyaangkan ka saban wewengkon katojo ku cahya bulan, sedengkeun cahya seuneu tina damar mah ngan ukur bisa ngaangan patempatan anu heureut.
Jadi, dina waktu caang bulan mah alusna henteu dadamaran (ngahurungkeun damar pikeun nyaangan).

Élmu Ajug


Ngadéngé kecap ajug pasti inget kana lalangit atawa luhur lawang panto. Pikeun jalma anu jangkung mah aya istilah ngajug lamun tangtunganana nepi kana luhur lawang panto atawa lalangit imah. Pajarkeun téh ngajug lamun keur nangtung sirah bisa nepi kana luhur lawang panto. Biasana jalma anu ngajug mah pangawakanana téh jangkung. Jangkungna leuwih ti jangkung jalma ilaharna. Lamun ngaliwatan lawang panto téh kudu ati-ati da bisi tidagor kana lawang panto. Jadi, ajug téh teu jauh tina istilah jangkung. Jangkung leuwih ti ilaharna.

damar atawa cempor

Salian ti éta, ajug téh mangrupakeun ngaran pikeun damar atawa cempor anu jangkung. Jangkungna henteu ilahar reujeung damar atawa cempor biasa. Cempor jangkung lamun dihurungkeun atawa diseungeut, osok nyaangan ka sakurilingeunana. Dina palebah ajug (cempor jangkung), sarua waé bisa nyaangan sabudeureunana, ngan nyaanganana téh ka tempat anu rada jauh ti tempat neundeun ajugna. Ari tempat anu deukeut atawa dideukeuteun neundeunna mah angger waé poék, teu kacaangan.

Jalma anu miboga élmu ajug, ampir sarua reujeung ajug ieu. Jalma anu miboga élmu tapi ngan ukur bisa mangaruhan atawa bisa dimangpaatkeun ku batur. Élmu anu aya dina dirina henteu bisa dimangpaatkeun ku dirina.

(Gambar meunang nginjeum ti http://teatersundakiwari.wordpress.com/)

Angin Jeung Haseup Cempor


“Mon, kuring mah bingung…,” ceuk si Acim ka si Omon anu eukeur diuk dina bangbarung panto imahna. Sedengkeun ari si Acim keur dadapangan bari nyinghareupan buku gambar.

“Bingung ku naon kitu, Cim?” Si Omon nangtung terus diuk di gigireun si Acim. Manehna nyidik-nyidik naon anu eukeur digambar ku si Acim.

“Eta, peuting tadi….” Si Acim ngan sapotong nyaritana. Matak teu pikahartiaeun.

“Ari eta maneh ngagambar naon, Cim…?” Si Omon kalah nanya anu papalingpang reujeung naon anu dipimaksud ku si Acim. “Siga ngagambar kembang…?”

“Ih, apanan ieu mah tugas atuh ti sakola. Ari maneh enggeus acan…?” Si Acim malik nanya.

“Kuring mah gampang. Engke wae peuting migawena.” Tembal si Omon cetek.

“Ah, kuring mah embung migawena peuting teh.”

“Naha kitu…?” si Omon panasaran.

“Nu matak kuring mah bingung.”

“Ti tadi eta anggeur wae anu disebut-sebut teh ngan bingung wungkul.” si Omon katinggali keseleun ku sikep reujeung ucapan si Acim. “Bingung ku naon atuh…?”

“Eta, peuting tadi…,”

“Minggeus, eta mah apanan enggeus tadi.” Si Omon keseleun. “Terusanana ieu mah…!”

“Sakeudeng atuh. Sabar….” Si Acim mepes kakeuheul si Omon.

Si Omon teu ngajawab.

“Kieu…,” si Acim daria. “Waktu kuring ngapalkeun peuting tadi. Apanan make cempor…. Tah, eta cempor teh teuing ku mantangul.”

“Maksudna…?” Si Omon beuki panasaran.

“Heu-euh, eta haseup cempor teh teuing ku teu bisa diatur pisan. Waktu kuring ngapalkeun, haseup eta cempor teh naha bet dengdek ka kuring, bet nyampeurkeun beungeut kuring.”

“Terus…?”

“Sanajan ku kuring geus diputer-puter oge cemporna, tetep wae eta haseup cempor teh bet nyampeurkeun wae ka kuring.” Si Acim ngajelaskeun.

“Diputer-puter nya…? Sabaraha puteran…?” Si Omon panasaran.

“Eta oge geus sababaraha kali puteran. Tapi tetep wae haseupna teh kana beungeut wae.” Si Acim semu anu bingung.

“Nya salah atuh…!” si Omon rada hegar ayeuna mah.

“Naha bet salah sagala…?”

“Nya heueuh atuh. Arek sababaraha kali puteran oge angger wae moal pindah eta haseupna mah. Kajaba lamun maneh obah cicingna. Entong di tempat anu tadi.”

“Naha kumaha kitu? Bingung kuring mah….” Si Acim tacan bisa ngarti kanu dipimaksud ku si Omon.

“Eta, maneh apal teu kunaon haseup cempor teh bet nyampeurkeun beungeut maneh…?”

“Nu matak eta teu apal. Da waktu kuring ngapalkeun teh geus nyampeurkeun beungeut kuring.”

“Tah lamun teu apal mah, ku kuring arej dibere nyaho, nya.”

Si Acim teu ngajawab. Si Acim diuk daria, ngabandungan naon anu arek diucapkeun ku sobat dalitna.

“Eta haseup teh, nyampeurkeunana kana beungeut maneh teh kusabab katebak ku angin. Jadi, eta haseup teh dengdekna teh kusabab angin. Angin anu ngahiliwir ti hareupeun maneh.”

“Tapi da teu karasa aya angin atuh….” Si Acim ngangles.

“Ih…, lain kitu atuh. Ieu mah lain angin ngagelebug, tapi angin anu teu karasa ngahiliwirna. Jadi sanajan arek diputer-puter sababaraha kali oge cemporna, ari tempat cicing maneh reujeung cemporna teu obah mah angger wae haseupna teh nuju kana beungeut maneh.” Si Omon ngajelaskeun kalawan daria. “Ngarti teu…?”

Si Acim ngahuleng. Aya benerna oge…, pikirna.

“Heu-euh nya…. Kakara kapikir.”