Fiksimini Basa Sunda (FBS) mangrupakeun salasahiji grup anu aya di mandala maya pésbuk. Grup ieu mancokeun anggahota grup kana wangkongan ngeunaan fiksimini dina Basa Sunda. Fiksimini (wangunan carita anu kacida pondokna), diguar katut dimekarkeun di jero ieu grup. Anggahotana ngariluan ilubiung kana ngamekarkeun fiksimini dina Basa Sunda ku jalan nyieunan jeung ngasupkeun fiksimini karangan séwang-séwanganana.
Fiksimini Basa Sunda di Pesbuk
Lamun nilik kana dokumen anu disadiakeun dina grup ieu, grup Fiksimini Basa Sunda (FBS) teh ditaratas ku Pa Nazarudin Azhar dina tanggal 16 Séptémber 2011. Masih keneh ceuk eta dokumen, geus leuwih ti 3000 karya anu midang nepikeun ka 2 Novémber 2011 tina anggota anu jumlahna leuwih ti 600 urang. Sedengkeun pairanana mah geus teu kaitung deui.
Anggahota anu ilubiung dina ieu grup lain ngan ukur pangarang carita atawa fiksi anu geus kahot wungkul. Tapi loba ogé pangarang anyar anu mimiti marucunghul.Pangarang anu miboga pangaresep kana carita mini (carita pondok pisan) bisa ilubiung dina ieu grup. Salian ti bisa ngasupkeun tulisan wangunan fiksimini ogé bisa néangan jeung nambahan élmu ngeunaan fiksimini dina Basa Sunda.
Malahan dina danget kamari mah diayakeun sayémbara ngarang fiksimini dina Basa Sunda katut pameran hasil fiksimini di kampus Unpad. Pikeun ka palawargi anu mikaresep jeung miboga kapanasaran ngeunaan Fiksimini Basa Sunda (FBS) bisa ngiluan kana grup ieu di pesbuk anu alamatna di http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/.