Ngawur Kasintu Nyieuhkeun Hayam


Lamun di jalma mah, kasintu reujeung hayam sigana mah aya tali kakait duduluran. Duanana bisa disebutkeun masih keneh sarupa, sato anu saturunan. Da kasintu téh apanan bisa disebut ogé hayam leuweung, hayam anu ayana di leuweung. Naon bédana atuh kasintu reujeung hayam? Bédana mah ngan saeutik. Kasintu mah ayana di leuweung, sedengkeun hayam mah ayana di lembur jeung diingu ku jalma anu nginguna.

Ngawur téh bisa disebut ogé maraban atawa méré parab ka sato hususna hayam ku jalan ngawurkeun parab kayaning béas ka kana taneuh atawa wadah anu diteundeun di buruan atawa pipir imah. Maraban sato anu jadi ingu-inguan malah mandar bisa diala hasilna dina waktuna. Nya dina perkara hayam mah malah mandar dina geus gedéna téh bisa dipeuncit diala dagingna. Atawa lamun ngendog bisa dimangpaatkeun endogna.

Hayam anu jadi ingu-inguan

Jadi jalma maraban ingu-inguan téh miboga tujuan atawa maksud supaya di ahir baring bisa ngamangpaatkeun anu diinguna. Lamun hayam, nya engkéna bisa dipeuncit hayamna. Ku jalan diparaban, hayam téh bakal ngagedéan jeung bakal jagjag waringkas moal paéh langlayeuseun. Kumaha atuh lamun anu diparabanana téh kasintu? Kasintu mah najan diparaban ku jalma ogé angger waé moal jadi hayam ingu. Kasintu mah kacida linghasna. Jadi najan diparaban ogé bakal susah ngamangpaatkeunana. Jeung deui da kasintu mah lain ingu-inguan. Jadi jeung naon maraban kasintu lamun aya kénéh hayam mah. Mending kénéh maraban hayam anu jelas deukeut jeung éta anu geus jelas kudu diparaban mah.

Aromanis jeung Tali Sendal Kétéplék


Pabeubeurang sanggeus balik sakola, barudak téh arulin di buruan. Ngan teu lila, barudak anu keur pogot arulin téh caruringhak. Curinghakna téh kusabab ngadéngé sora trok-trokan anu geus henteu anéh. Heueuh, da sora trok-trokan éta mah biasana ogé apanan sorana Bah Uhro waktu nakolan awi ku gagang panakol.

Atuh sanggeus jelas éta téh sora takolanana Bah Uhro, barudak téh pahibut baralik ka imahna séwang-séwangan. Teu lila maranéhna geus baralik deui ka tempat ngumpul tadi bari leungeunna barangbawa. Aya anu mawa jaliken urut anu geus ruksak, aya oge anu mamawa tali sendal kétéplék, aya anu mawa émbér anu geus peupeus, jeung barang séjénna anu geus raruksak. Ngan lolobana mah anu dibawana téh tali sendal capit (kétélpék téa). Maranéhna terus muru sisi jalan gedé pikeun megat Bah Uhro anu nanggung tanggungan bari ngetrokan awi sajeungkal anu ngagantung dina tanggungan.

Bah Uhro nyampeurkeun barudak anu ngadagoan di sisi jalan. Sanggeus ngécagkeun tanggunganana barudak téh pahibut hayang pangheulana mikeunkeun bawaanana.

Bah Uhro ménta barudak pikeun tarenang ulah pahibut, da kabéhanana ogé bakal kabagéan. Dikitukeun mah barudak téh teu pahibut teuing.

Tukang dagang aromanis digimbung ku anu arek meuli

Hiji-hiji barudak téh mikeunkeun barang bawaanana ka Bah Uhro. Sanggeus narima barang bawaan ti barudak, Bah Uhro ngalaan dahareun tina tanggunganana terus dibikeunkeun ka budak téa. Sanggeus kabéhanana kabagéan, Bah Uhro terus nanggung deui tanggunganana pikeun ngider deui. Sedengkeun ari barudak mani cacamuilan ngadaharan dahareun ti Bah Uhro meunang nukeuran ku barang-barang urut.

(Gambar meunang nginjeum ti http://commons.wikimedia.org/wiki/File:COLLECTIE_TROPENMUSEUM_Het_maken_van_het_suikerwerk_Aromanis_op_de_markt_te_Nongkojajar_Oost-Java_TMnr_10002453.jpg)

Poé Kenténg


Si Acim jeung si Omon eukeur paduduan di tepas imahna si Omon. Duanana eukeur ngawangkong ngalér ngidul, sagala diobrolkeun, ti mimiti perkara sakola nepikeun ka perkara anu teu perlu. Kadang silih gonjak, jeung silih sindiran silih poyokan.

Teu karasa waktu geus nyedek ka waktu burit. Langit mimiti angkeub ku pihujaneun. Teu lila kadéngé kunu duaan téh sora hujan pating paralak ninggang kenténg. Atuh si Omon ribut lumpat ka buruan.

“Ka mana Mon?” Si Acim curinghak.

“Nyaitan popoéan.” Témbal si Omon.


Si Acim nangtung. Ngan manéhna mah henteu muru ka buruan, manehna nyérangkeun si Omon ti golodog anu keur pahibut nyaitan popoéan tina sasampayan. Teu lila kabéh popoéan téh geus dijaitan. Si Omon satengah lumpat muru ka jero imah da sieun jibreg kahujanan. Sanggeus neundeun popoéan meunang nyaitan ka jero imah, si Omon nyampeurkeun deui si Acim anu diuk dina sisi tepas. Manéhna diuk di gigireun si Acim.

“Lumayan capé ogé.” Pokna rada renghap ranjug.

Si Acim ukur ngarérét bari seuri.

“Naha…?” Si Omon melong ka si Acim panasaran.

“Geus kabéh kitu dijaitanana?” Si Acim malik nanya.
“Enggeus atuh.” Témbal si Omon, “tempo waé tuh sasampayanna ogé geus kosong.”

“Nu bener…?” Si Acim teu percayaeun.

“Kajeun ah, kumaha manéh waé éta mah.” Si Omon teu embung kapapanjangan.

“Itu geningan aya anu acan dijaitan….” Ceuk si Acim bari melong ka buruan, nempo hujan anu beuki ngagedéan.

“Mana…?” Si Omon bingungeun.

“Itu….”

“Mana…?”

“Itu poé kenténg geningan teu dijaitan.”

Si Omon mureleng ka si Acim. “Ari manéh…?”

“Heu-euh, eta tadi mah dipoé lain?” Si Acim teu sieuneun dicarékan ku si Omon.

“Eta mah lain popoéan atuh!” Témbal si Omon teugeug.

“Enggeus naon kitu? Apanan anu dipanaskeun make panas panon poé mah, popoéan lain?”

“Kumaha manéh waé lah.”

Dikitukeun téh si Acim nyenghél.

Antara Lini jeung Liang Lini


“Mon, apal kénéh mangsa dua minggu katukang, basa aya lini?” Si Acim nanya ka si Acim mangsa duanana keur ngaroblol di pipireun sakola.

“Apal atuh. Apanan mani sakitu inggeungna.” Ceuk si Omon dari pisan, “kuring ogé anu eukeur di imah, nepikeun ka tibuburanjat lumpat ka luar da sieun katinggang kenténg.”

“Sarua kuring ogé, mani reuwas. Ngan untung kuring mah eukeur ulin di buruan. Jadi teu sieun teuing katinggang kenténg téh. Ngan tetep waé kuring ogé reuwas, da sieun imah kuring rugrug.” Si Acim teu éléh daria.

“Jigana mah gedé pisan linina harita mah.”

“Nya puguh waé atuh, Mon. Da inggeungna ogé karasa pisan. Malahan mah nepi ka lembur Pa Endang ogé cenah mah.”

“Pa Endang guru kelas genep?”

“Heu-euh.” Témbal si Acim, “apanan lemburna Pa Endang mah kacida jauhna ti sakola urang. Rata jigana mah keuna ku lini.”

“Tapi, naha manéh bet nyaritakeun ngeunaan lini sagala? Apanan manéh mah embung deui-deui lain ngalaman lini jiga kitu téh?” Si Omon nanya ka si Acim bari melong ka si Acim siga anu panasaran.

“Ih, éta mah kamari-kamari atuh.” Témbal si Acim. “Da ayeuna mah kuring teu sieun deui….”

“Naha…?”

“Teu naha-naha.” Témbal si Acim bari cingongo. “Ngan sigana mah moal aya lini gedé deui.”

“Naha…?” Si Omon héraneun kana omongan si Acim, siga jadi jalma pinter waé bisa nangtukeun moal aya lini deui.

“Heu-euh atuh.” Si Acim bari ngarérét ka jero kelas ngaliwatan jandéla kaca. “Apanan kamari ku kuring geus kapanggih di kebon.”

“Maksudna? Maksud manéh geus kapanggih teh naon…?” Si Omon melong, teu ngartieun kana maksud anu dicaritakeun ku si Acim.

“Tenang heula atuh. Kieu gera jujutanana mah.” Si Acim nyanghareup ka si Omon anu sarua cingongo ogé. “Basa kamari kuring ulin di kebon, bapa kuring keur ngali taneuh pikeun nyieun galengan. Waktu nyieun galengan éta, bapa kuring manggihan liang anu gedé pisan. Tah éta téh Liang Lini.”

“Naon pakaitna ari manéh…?” Si Omon melong ka si Acim.

“Heu-euh, apanan dua minggu katukang urang téh kaserang lini. Tah…, kamari bapa kuring manggihan liang lini. Jadi linina moal aya deui, da liangna geus kapanggih. Liang linina geus diruang deui ku bapa kuring jeung ku kuring.”

“Kitu nya…?” Si Omon teu percaya.

“Heu-euh kitu. Liang linina geus euweuh. Geus diruang.” Si Acim ngajéntrékeun deui.

“Teu percaya kuring mah.” Si Omon nangtung.

“Arék ka mana, Mon?” Si Acim curinghak. Manéhna milu nangtung, sieun ditinggalkeun.

“Ka kelas….” témbalna bari ngaléos.