Kokoplahu Bulan Purnama (Supermoon)


Kokoplahu Supermoon?

Dina peuting tadi kabeneran aya kajadian kokoplahu. Cahya panonpoé anu sakuduna nepi ka bulan kahalangan ku alam dunya (bumi). Ngan aya hal anu ngabédakeun reujeung kokoplahu biasa. Dina peuting tadina mah kokoplahuna disebutna téh kokoplahu supermoon atawa kokoplahu bulan purnama. Kabeneran kajadian kokoplahuna dina waktu bulan purnama katut leuwihna téh kabeneran ogé bulan téh cicingna eukeur dina tempat anu pangdeukeutna reujeung bumi.

Bulan satutasna kokoplahu bulan purnama

Ieu kajadian téh arang langka. Cenah mah kajadianana téh bisa sapuluh taun sakali. Bulan purnama katempona leuwih gedé tibatan bulan purnama lianna dina sataun ayeuna. Kajadian kokoplahuna ogé ngan sakeudeung, kurang leuwih opat jam-an. Kokoplahu sabenerna mah dimimitian ti jam 3 burit waktu Indonesia bagéan Kulon. Sedengkeun tungtungna dina jam 8 peuting leuwih 19 menit-an.

Kokoplahu dina Wanci Peuting Tadi


Kokoplahu….

Peuting tadi aya kajadian anu ngaranna kokoplahu.

Naon atuh ari kokoplahu téh?

Kecap kokoplahu, jarang pisan kadéngéna. Ngan ieu kecap téh pernah kapanggih baheula mangsa keur leutik. Kecap kokoplahu ampir sarua reujeung samagaha. Duanana ogé nuduhkeun kana kaayaan anu poék, anu sabenerna mah kudu caang atawa rada caang.

Dina wanci peuting, anu osok nyaangan téh nyaéta bulan. Arék bulan sapasi atawa bulan purnama, anu penting mah bulanna aya cahayaan jeung nyaangan poékna peuting. Ngan dina waktu peuting tadi mah, bulan anu keur sumedeng purnama téh, dina wanci ngagayuh ka janari gedé, bet ngaleungit. Bulan anu cahayaan téh leungit siga anu dilegleg ku poékna peuting.

Ceuk warta mah cenah peuting tadi téh aya kajadian kokoplahu. Bulan aku kuduna cahayaan téh jadi poék kusabab bulanna henteu kasorot ku cahya panon poé. Cahya panon poé anu kuduna keuna kana bulan téh kahalangan ku bumi. Kusabab kahalangan, bulan jadi poék.

Bulan anu arek kapoekan ku kalangkang bumi

Lamun diibaratkeun dina keur lalajo wayang mah, lamun hiji jalma nangtungna di tukangeun batur bakal ngarasa kapoékan kusabab kahalangan ku jalma anu aya dhareupeunana. Cahya lampu patromak anu aya di panggung téh moal bisa nyaangan éta jalma sapanjang batur anu dihareupeunana ngahalangan kénéh.

(Gambar meunang nginjeum ti http://newsimg.bbc.co.uk/media/images/42639000/jpg/_42639603_sharp.jpg)

Ciri Sabumi Cara Sadésa


“Mon, cenah lanceukna si Duyéh téh geus balik deui ti dayeuhna?” Si Acim nanya ka si Omon, “bener éta téh?”

“Heu-euh cenah mah.” si Omon ngaheueuhkeun.

“Kunaon nya? Apanan kakara dua minggu kamari lain indit ka dayeuhna téh?” Si Acim héraneun, sigan nanya ka dirina sorangan. “Teu betah kitu di dayeuhna.”

“Lain cenah mah lain teu betah.” Témbal si Omon.

Pancuran

“Kunaon atuh nya…?”

“Aya anu ngabéjaan mah cenah gara-gara cai.” Ceuk si Omon bari ngahuleng.

“Gara-gara cai…?” Si Acim melong.

“Heueuh, teu pira sababna mah. Ngan ukur ngeunaan cai wungkul.” si Omon ngajéntrékeun.

“Maksudna teh kumaha? Bet gara-gara cai bet bisa balik deui ka lembur?” Si Acim héran jeung panasaran, “naha di dayeuh mah euweuh cai kitu? Béda jeung di urang sanajan rada jauh ogé, apanan cai mah moal kakurangan.”

“Lain euweuh cai cenah mah.”

“Terus…?”

“Ceuk tatangga kuring mah…, naon nya kamari téh…,” si Omon ngahuleng. Nginget-nginget obrolan tatanggana waktu kamari.

Si Acim milu cicing. Ngadagoan si Omon neruskeun omonganana.

“Eh, heueuh. Gara-gara cai…,” si Omon deui.

“Ah, manéh mah. Apanan éta mah enggeus tadi ogé.” Si Acim megat omongan si Omon.

Si Omon teu maliré kana ucapan si Acim. “Ieu cenah, sababna mah. Apanan lamun di urang mah cai anu di tampian téh tara dicocokan, nya? Bener lin?”

Si Acim unggeuk, nyatujuan omongan si Omon.

“Tah di dayeuh mah apanan anu ngaranna cai téh kudu meuli. Jadi cai téh ulah diawur-awur, ulah dipiceunan.” Si Omon neruskeun ucapanana.

“Pakaitna jeung lanceukna si Duyéh?” Si Acim tacan ngarti kana maksud si Omon.

“Enya, sababna mah éta, cai tina kokocoranana téh tara dicocokan.” Ceuk si Omon.

Si Acim ngahuleng kénéh. Bingung.

“Kieu atuh. Di dayeuh mah cai tina kokocoran téh kudu ditutupan supaya ulah kapiceun da kudu dibayar. Sedengkeun di urang mah pancuran téh ulah dipendet, ulah dicocokan da bisi bedah tempat caina.” Si Omon ngajéntrékeun. “Tah, meureunan lanceukna si Duyéh téh geus biasa tara nyocokan cai pancuran, jadi waé cai anu di imah dununganana téh tara dicocokan. Jadi waé caina téh kapiceunan. Mangkaning cenah ti isuk nepikeun ka beurang.”

“Oh…, kitu. Kakara ngarti atuh lamun kitu mah.” Si Acim nepak tarang manéhna. “Gara-gara éta nya….”

“Heu-euh. Eta téh cenah lain sakali dua kali, ampir unggal poé. Da poho meureunan najan geus dipapatahan ogé.”

“Jadi, lamun kitu mah balikna téh lain teu betah nya, tapi kusabab dititah balik ku dununganana jigana mah.”

“Bener…! Sarantuy pikeun Acim.” Ceuk si Omon ngaheureuyan si Acim bari ngacungkeun jempolna.

Si Acim nyenghél.