Caang Bulan Dadamaran


Lamun dina wanci peuting, saméméh aya listrik mah anu biasa nyaangan di imah téh taya deui salian ti damar atawa cempor. Damar anu dieusian ku minyak tanah téh diseungeut supaya bisa nyaangan rohangan di imah. Lumayan bisa nyaangan pikeun sarohanganeun mah.
Dadamaran, asal kecapna tina damar, anu miboga harti nyieun pagawéan ngagunakeun damar pikeun nyaangan (supaya jadi caang). Damar diseungeut ku seuneu supaya hurung. Tempat anu poék dina wanci peuting téh jadi caang tina cahaya seuneu damar. Ngan tempat anu bisa dicaangan ku damar mah henteu ka lega teuing. Cahya tina damar mah ngan ukur bisa nyaangan tempat anu leutik saperti rohangan imah.

damar atawa cempor
damar atawa cempor

Kumaha lamun dadamaranana dina waktu caang bulan? Moal aya mangpaat nyeungeut damar dina waktu caang bulan mah. Cahya tina damar bakal kasilep ku cahya bulan. Caang kénéh cahya bulan tibatan cahya seuneu tina damar. Cahya bulan mah bisa nyaangkan ka saban wewengkon katojo ku cahya bulan, sedengkeun cahya seuneu tina damar mah ngan ukur bisa ngaangan patempatan anu heureut.
Jadi, dina waktu caang bulan mah alusna henteu dadamaran (ngahurungkeun damar pikeun nyaangan).

Ngitung Jumlah Poé dina Sabulan Ngagunakeun PHP


Dina nyieun aplikasi atawa program dina wéb, kadang merlukeun jumlah sabaraha poé unggal bulan dina sataun. Hususna bulan-bulan dina pananggalan Maséhi, pananggalan anu kalénderna dipaké dina aplikasi komputer. Jumlah poé anu béda-béda téh teu kudu susah-susah ngitung deui (kitu kahayangna mah). Nempo kanyataanana, jumlah poé unggal bulan dina bulan-bulan Masehi téh béda-béda. Aya anu jumlahna 28 poé, aya anu 29 poé, aya anu 30 poé, nepikeun ka anu 31 poé. Jumlah poé anu béda-béda téh gumantung kana ngaran bulan katut taunna.

Jumlah poe dina sababaraha bulan Masehi

Nurutkeun tulisan anu dipedalankeun di dunya internét, aya sababaraha cara pikeun manggihan jumlah poé ieu. Salasahijina maké fungsi:

date(‘t’);

Ieu fungsi utamana pikeun mikanyaho jumlah poé dina bulan jeung taun anu keur dilakonan. Sanajan kitu, bisa ogé digunakeun pikeun mikanyaho jumlah poé dina bulan katut taun anu séjénna. Carana, tinggal nyelapkeun paraméter bulan jeung taun disatukangeun éta paraméter t. Contona waé:

date(‘t’, strtotime(‘2012-12-1’);

Salian ti ngagunkeun fungsi date(‘t’), aya fungsi séjén anu bisa dipaké nyaéta fungsi cal_days_in_month(CAL_GREGORIAN, ngaran_bulan, ngaran_taun). Contona:

cal_days_in_month(CAL_GREGORIAN, 12, 2012);

Terus aya ogé fungsi anu kapanggih ti lambaran Get the number of days in a month with PHP

function days_in_month($year, $month) {
return round((mktime(0, 0, 0, $month+1, 1, $year) – mktime(0, 0, 0, $month, 1, $year)) / 86400);
}

Aya deui fungsi anu kapanggih di alamat PHP Function – Calculating Days In A Month

function get_days_in_month($month, $year) {
return $month == 2 ? ($year % 4 ? 28 : ($year % 100 ? 29 : ($year %400 ? 28 : 29))) : (($month – 1) % 7 % 2 ? 30 : 31);
}

Wilujeng Ngalaksanakeun Ibadah Shaum Romadhon 1433 H


Wilujeng Ngalaksanakeun Ibadah Shaum Romadhon 1433 H

Cunduk waktu anu tangtu
Bulan anu ditunggu-tunggu
Ti waktu ti béh ditu
Ayeuna gening geus katimu

Najan anggang ayeuna datang
Nedunan sagala kahayang
Hayang nepi ka bulan caang
Hayang boga kahadean nu ngayang

Bungah bagja bisa nepi
Ka bulan anu ngan hiji
Kalawan jiwa raga walagri
Nohonan pamundut Illah Robbi

Bulan agung ulah pundung
Napsu tahan ulang diberung
Sengker kahayang nu metung
Takwa sugan bisa jucung

Kokoplahu Bulan Purnama (Supermoon)


Kokoplahu Supermoon?

Dina peuting tadi kabeneran aya kajadian kokoplahu. Cahya panonpoé anu sakuduna nepi ka bulan kahalangan ku alam dunya (bumi). Ngan aya hal anu ngabédakeun reujeung kokoplahu biasa. Dina peuting tadina mah kokoplahuna disebutna téh kokoplahu supermoon atawa kokoplahu bulan purnama. Kabeneran kajadian kokoplahuna dina waktu bulan purnama katut leuwihna téh kabeneran ogé bulan téh cicingna eukeur dina tempat anu pangdeukeutna reujeung bumi.

Bulan satutasna kokoplahu bulan purnama

Ieu kajadian téh arang langka. Cenah mah kajadianana téh bisa sapuluh taun sakali. Bulan purnama katempona leuwih gedé tibatan bulan purnama lianna dina sataun ayeuna. Kajadian kokoplahuna ogé ngan sakeudeung, kurang leuwih opat jam-an. Kokoplahu sabenerna mah dimimitian ti jam 3 burit waktu Indonesia bagéan Kulon. Sedengkeun tungtungna dina jam 8 peuting leuwih 19 menit-an.

Samagaha, Nalika Panonpoé Dilegleg Bulan


Kakara apal yén dina poé ayeuna (naha da isukan cenah anu benerna mah) téh cenah aya samagaha. Sanajan ka wewengkon kuring mah hanteu kaliwatan, tapi sahanteuna kudu apal ogé yén poé ayeuna téh aya kajadian samagaha. Da jarang kaparengan manggihan anu ngaranna samagaha téh.

Samagaha téh hiji kaayaan nalika cicingna panonpoé kahalangan ku bulan. Jadi bumi (alam dunya)-bulan-panonpoé aya dina kaayaan ngajajar kalawan lempeng. Kusabab panonpoé téh cicingna kahalang ku bulan, atuh cahya panonpoé ogé kahalangan ku bulan. Antukna kaayaan di alam dunya téh jadi poék da henteu katojo ku cahya panonpoé téa.

Samagaha cingcin

Dina kahirupan, kecap samagaha biasa dipaké pikeun nuduhkeun kaayaan diri atawa haté jalma anu poék mongkléng. Anu tadina biasa caang, jadi poék. Éta téh samagaha ngaranna. Poékna haté jalma bisa ku naon waé sababna. Naha arék ku jalan leungitna kabungah, dipegatkeun ku bébéné atawa beubeureuh, ditinggalkeun ku kolot atawa anu jadi pananggeuhan, jeung réa-réa deui.

Kitu deui reujeung samagaha panonpoé. Anu biasana mah beurang téh caang ku moncorongna cahya panonpoé, dina waktu kaayaan samagaha mah jadi poék taya cahya. Poékna beurang nalika samagaha, gumantung kana kaayaan samagahana. Aya samagaha pinuh, samagaha sabagéan, jeung samagaha cingcin. Dina samagaha pinuh mah, cahya panonpoé kahalangan sakabéhna ku bulan. Samagaha sabagéan mah ngan ukur sabagéan wungkul anu kahalanganana. Sedengkeun samagaha cingcin mah ngan ukur kahalangan tengahna wungkul, ari sisi-sisina mah henteu kalangan (panonpoé katempona siga cingcin).

Tah, samagaha dina poé ayeuna mah, 29 Jumadil Ahir/20 Mei, cenah samagaha cingcin.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.isdaryanto.com/)

Kamari téh Taun Anyar Sunda anu ka 1948


Nurutkeun warta ti inilahjabar.com, dina poéan kamari, Jumaah 4 Nopémber 2011 mangrupakeun poéan taun anyar dina Kaléndér Sunda. Poé Jumaah kamari mangrupakeun poéan kahiji dina taun 1948 dina pananggalan Kaléndér Sunda. Loba kagiatan anu diayakeun, cenah mah dina raraga mapag taun anyar éta téh. Aya kagiatan ngalarung jeung sukuran di wewengkon Cikapundung Wétan. Salian di dayeuh Bandung, kagiatan dina raraga mapag taun anyar éta ogé diayakeun di Ciparay jeung Cilauteureun.

Kalender Sunda

Ngeunaan Kaléndér Sunda ieu diangkat deui ku yasana Abah Ali Sastramidjaja. Kaléndér Sunda mangrupakeun kaléndér pangkolotna anu aya di Indonésia. Malahan mah geus dipagunemkeun dina Seminar Internasional. Kaléndér Sunda sakumaha kaléndér séjénna, dieusi ku 12 bulan. Ngaran-ngaranna nyaéta Kartika, Margasira, Posya, Maga, Palguna, Setra, Wesaka, Yesta, Asada, Arawana, Badra, jeung Asuji. Dina sabulanna, aya 29 atawa 30 poé. Sedengkeun ari ngaran-ngaran poéna dina saminggu nyaéta Radite, Soma, Anggara, Buda, Respati, Sukra, jeung Tumpek.

(Gambar meunang nginjeum ti http://static.inilah.com/data/berita/foto/1792112.jpg)

Aya Waktu anu Lila, Aya Waktu anu Sakeudeung


Dina kahirupan jalma di dunya mah teu leupas tina waktu. Waktu anu ngajurung laku-lampah kahirupan unggal jalma. Matak dina kahirupanana, jalma osok kasengker ku waktu atawa kaukur ku ukuran waktu. Asal ukuran anu dipakéna téh jelas. Jelas naon anu dipaké ngukurna.

Ngan dina kanyataanana, anu ngaranna ukuran waktu téh osok teu jelas. Teu jelasna téh kusabab henteu sarua anu dipaké ngukurna. Da biasana mah anu dipaké ngukur waktu mah hal-hal anu aya di luareun diri jalma, lain anu aya di dirina. Waktu bisa diukur maké jam, waktu ogé bisa diukur ku cahya panon poé. Lamun waktu diukur maké jam, aya waktu sadetik, samenit, jeung sajam. Lamun ukuranana maké panon poé, aya ukuran sapoé, dua poé, saminggu, sabulan jeung sataun. Atawa bisa ogé ukuranana téh maké bulan, anu ampir sarua ukuranana jeung maké ukuran panon poé.

jam jeung kalender

Dina hal maké ukuran anu disebutkeun di luhur, bisa jadi patokan anu ‘ampir sarua’. Ukuranana moal loba bédana.

Ngan lamun ukuran waktu téh maké anu aya di diri jalma, misalna dirina éta jalma, teu bisa dijadikeun patokan anu sarua. Da anu ngaranna masing-masing jalma mah euweuh anu sarua atawa sarimbagan. Komo deui lamun anu dipakéna téh rarasaan. Rarasaan mah ukuran anu pang teu bisa dipercayana. Rarasaan jalma ngeunaan waktu osok béda-béda, gumantung ka jalmana. Salian ti gumantung ka jalmana, ogé gumantung kana kaayaan. Kaayaanana téh arék kaayaan iraha waktuna atawa kaayaan tempat. Ditambah deui ku kaayaan kabiasaan. Kadang rarasaan jalma téh asa lila waktu téh. Kadang rarasaan jalma téh asa sakeudeung waktu téh. Kitu waé nurutkeun anggapan jeung rarasaan jalma mah, moal leuwih ti perkara lila jeung sakeudeung. Ngan rarasaan ngeunaan sakeudeung jeung lilana waktu anu dilakonan taya ukuran anu jelas. Sakumaha lilana anu ngaranna sakeudeung jeung, sakumaha lilana waktu anu ngaranna lila téh.

Hayang bukti? Coba waé nyoba nungguan hiji hal anu kudu ditungguan. Misalna nungguan babaturan nyampeur ka imah. Waktu anu dipaké nungguan téh bisa waé kaasup lila atawa sakeudeung. Lila jeung sakeudeungna téh gumantung kana rarasaan éta jalma anu nungguanana. Lamun dina nungguanana téh miboga sipat bosenan, mangka waktuna bakal kaasup lila. Béda reujeung lamun dina nungguanana téh bari migawé pagawéan anu dipikaresep, waktu téh bakal karasa sakeudeungna.