Marhaban Ya Ramadhan 1438 H


Marhaban Ya Ramadhan 1438 H

Mapag Puasa téh Kapiheulaan ku Tipi


Teu karasa geningan waktu téh nyérélékna. Ayeuna geus manjing bulan Rewah deui. Bulan anu ngandung harti yén sakeudeung deui bakal manggihan bulan puasa. Bulan anu sakuduna mah ditutunggu ti béh ditu, dipépénta ti baheula, dianti-anti ti kamari, heuseusna pikeun jalma-jalma anu mibanda panemu jeung kayakinan kumaha alusna éta bulan.

Wilujeng mapag sasih puasa romadon 1437 H
Wilujeng mapag sasih puasa romadon 1437 H

Naha geningan asa jempé waé, sigana mah katungkulkeun teuing ku pakasaban jeung pacabakan. Da baheula mah biasana saméméhna téh osok ramé dipadungdengkeun iraha atuh iraha mimitina bulan puasa téh, poé naon jeung tanggal sabaraha (sok padahal geus jelas tanggalna mah tanggal hiji Romadon).

Ayeuna mah asa kapiheulaan ku tipi. Mapag bulan puasa téh ti mangkukna kénéh tipi mah geus rada ramé kana puasa. Acan ogé ngalaksanakeun puasa, da éta mah dina tipi aya iklan buka puasa romadon sagala. Jeung naon buka puasana atawa kumaha ngajalankeun puasa supaya teu katerap panyakit mah (mag).

Tétéla, bener ogé mapag puasa téh kapiheulaan ku tipi. Aya ku kituna….

Silih Anteuran Dahareun dina Saur Munggaran


Manjing wanci janari leutik poé munggaran bulan puasa, pikeun ibu rumah tangga mah waktuna pak pik pek di dapur. Nyayagakeun dahareun pikeun dahar saur, ngadon masak di dapur. Réngsé nyayagakeun dahareun katut ngidangkeunana dina méja dahar atawa dina samak di tengah imah, kakara ngahudangkeun sakabéh anu cicing di imah (salaki jeung anakna).

Teu réngsé di dinya, biasana mah bari ngadagoan wancina saur bareng, ngider heula ka tatangga. Ngadon silih anteuran dahareun ka tatangga heuseusna tatangga anu dareukeut. Lamun henteu nganteuran, biasana mah aya anu ngadon nganteuran. Tegesna silih anteuran dahareun, saha anu ti heula nganteuran nya nganteuran. Silih cobaan dahareun jeung tatangga. Mulangna ti tatangga téh lengoh. Osok beubeunangan ogé dahareun paméréna tatangga anu dianteuran. Lamun aya tatangga ngadon nganteuran, saméméh mulangna dibekelan heula dahareun.

Wilujeng ngalaksanakeun ibadah shaum Romadhon 1436 H
Wilujeng ngalaksanakeun ibadah shaum Romadhon 1436 H

Alusna, anu teu nyadiakeun dahareun sakumaha dahareunana tatangga, bisa ngasaan dahareun tatangga. Anu teu meuncit hayam, bisa ngasaan dahar hayam panganteuran tatangga anu meuncit hayam. Anu teu boga lauk, bisa ngadahar lauk panganteur tatangga anu bogaeun.

Mapag Bulan Romadhon 1436 H


Mapag bulan puasa Romadhon 1436 H
Mapag bulan puasa Romadhon 1436 H

Puasa, Antara Dayeuh jeung Lembur


Ngarumas ogé geningan puasa di dayeuh mah. Béda pisan reujeung puasa di lembur. Kaayaan di dayeuh mah aya parobahan lamun dibandingkeun reujeung di lembur. Kaayaan anu robah téh bisa disebutkeun lengkep ogé. Aya kaayaan anu ngarojong pisan kana puasa, aya ogé kaayaan anu bisa disebutkeun anu ngahalangan kana puasa. Jadi, lengkep waé duanana.

Bulan puasa

Lamun di lembur mah anu ngaranna puasa téh biasa-biasa waé. Taya hal-hal anu pinunjul. Sedengkeun lamun di dayeuh mah aya hal-hal anu pinunjul, aya ogé anu goréng pikeun puasa.

Di dayeuh mah, anu kaasup pinunjul atawa alus pikeun puasa téh nyaéta loba kagiatan anu ngarojong pikeun ibadah puasa. Dina bulan puasa mah anu ngaranna ibadah atawa acara anu ngarojong kana ibadah puasa téh kacida pisan dihangkeutkeunana. Loba temmpat ngaji anu leuwih remen muka pangajian jeung acara séjénna anu ngarojong sagala diayakeun. Kaayaan ieu téh béda reujeung di lembur. Arang langka acara anu ngahaja dijieun pikeun ngarojong ibadah puasa kajaba ti kuliah Subuh.

Ari kaayaan anu teu ngarojong di dayeuh mah nyaéta kaayaan di sabudeureun, di jalan-jalan. Aya golongan jalma anu teu ngarojong kana ibadah puasa atawa henteu apal kudu kumaha ngahargaan jalma anu keur puasa. Dina waktu pabeubeurang di dayeuh mah jalma anu teu puasa téh bisa katara ku jalma anu keur puasa. Aya jalma anu ngadon jajan di warung, ngadon dahar di warung sangu. Teu ngahargaan deui jalma anu keur puasa. Ditambah deui di dayeuh mah loba tempoeun anu matak ngurangan atawa ngabatalkeun kana ganjaran puasa. Kaayaan ieu beda reujeung di lembur. Di lembur mah najan anu teu puasa ogé, henteu nyirikeun yén manéhna henteu puasa. Ngan, kétang kaayaan ieu téh bisa waé kusabab kaayaan jalmana anu béda. Naha kusabab béda ageman atawa kapaksa.

(Gambar meunang nginjeum ti http://adhimsa.com/wp-content/uploads/2011/07/ramadhan.jpg)