Dua Jinis Kabagjaan Pikeun Jalma anu Puasa


Jalma anu buka puasa bakal meunang dua rupa kabagjaan: kabagjaan nalika buka reujeung kabagjaan nalika papanggih reujeung Robb-na kusabab puasa anu dilakonanana.

Baheula mah kacida gampangna ngahartikeun hadis di luhur éta téh. Pokona mah jalma anu puasa bakal meunang dua rupa kabagjaan nyaéta nalika buka puasa, reujeung engké mangsana balik ka alam ahérat bakal papangging jeung Gusti Alloh. Henteu leuwih ti éta. Nalika buka kacida bungahna kusabab geus nepi kana waktuna buka reujeung ngurangan itungan poé puasa anu bakal dilakonan. Poé puasa téh nungtutan ngurangan sapoé-sapoéna. Perkara engké di ahérat? Éta mah teu apal kukumahana. Pokona mah jalma anu puasa éta bakal papanggih reujeung Gusti Alloh.

Wilujeng Ngalaksanakeun Ibadah Shaum Romadhon 1433 H

Ngan sanggeus maca tulisan anu dipedalkeun ku Muslimah.or.id dina tulisan anu judulna Di Kala Waktu Berbuka Puasa telah Tiba, ana goréhél téh geningan lain ka dinya maksudna. Anu dipimaksud ku kabagjaan nalika buka puasa téh nyaéta bagja reujeung bungah kusabab geus dibéré kanikmatan ku Gusti Alloh dina ngalaksanakeun ibadah puasa. Geus dibéré kanikmatan bisa ngalaksanakeun ibadah puasa sapoé jeput anu mangrupakeun ibadah anu alus. Ieu kanikmatan téh henteu sakabéh jalma bisa kabagéan. Loba jalma anu henteu narima éta kanikmatan anu ngabalukarkeun henteu bisa ngalaksanakeun ibadah puasa. Salian ti éta ogé ngarasa bagja geus dibéré rejeki anu mangrupa kadaharan jeung inuman dina nalika buka. Anu tadina (dina waktu pabeubeurang) diharamkeun pikeun didahar jeung diinum, dina waktuna buka mah jadi halal. Éta ngeunaan bagjana jalma anu puasan dina nalika buka puasa.

Sedengkeun ari kabagjaan engké di ahérat bisa papanggih reujeung Gusti Alloh mah aya pakaitna reujeung bagjana jalma anu puasa kusabab manéhna meunang ganjaran tina ibadah puasana. Ganjaran puasa anu bener-bener dibutuhkeun nalika hirup di ahérat. Jalma-jalma anu puasa bakal asup ka sawarga kalawan ngaliwatan panto puasa (ar-Royyan), panto husus pikeun jalma-jalma anu osok ngalakonan puasa.

Jadwal Imsakiyah di Pekanbaru


Wewengkon dayeuh Pekanbaru mah béda reujeung wewengkon dayeuh Bandung atawa Sumedang. Wanci di Bandung atawa Sumedang mah teu jauh teuing bédana reujeung wanci di Jakarta. Bédana ngan ukur dua menit atawa tilu menit. Jadi teu pati lieur teuing ngitungna. Sedengkeun ari di Pekanbaru? Apanan teu apal bédana wanci antara Jakarta jeung Pekanbaru. Sedengkeun wanci téh apanan dina bulan puasa mah kacida pentingna. Utamana pikeun saur jeung buka.

Untung waé sanggeus dipaluruh mah meunang inpo ngeunaan wanci imsak jeung bukan pikeun dayeuh Pekanbaru salila sabulan campleng. Sumberna ti Pro Berita.

Ciri wanci sabulaneun pikeun dayeuh Pekanbaru

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.proberita.com/)

Ngabuburit, Antara Baheula jeung Ayeuna


Geus jadi kabiasaan jeung kabudayan anu ngarana ngabuburit mah. Teu nempo di kolot atawa di budak, teu nempo di pasisian atawa di dayeuh, anu ngaranna ngabuburit mah geus biasa dilaksanakeun pikeun jalma-jalma anu keur paruasa. Saenggoning nungguan waktuna buka puasa, jalma-jalma téh loba anu ngadon arulin atawa migawé pagawéan séjénna anu dilakonan supaya waktu ngadagoan waktuna puasa téh teu karasa. Arék naon waé perkara anu dipigawéna mah, nu penting tujuanana ngabuburit.

Ku robahna waktu jeung jaman, anu ngaranna ngabuburit téh geus loba robahna. Utamana kumaha ngbuburitna. Anu ngabuburit mah lolobana ku jalan arulin atawa jalan-jalan. Da ku jalan arulin mah, waktu teh biasana mah teu karasa pisan nyérélékna. Nyaho-nyaho geus nepi waé kana waktu Maghrib téh. Jeung deui anu ngaranna ulin mah teu pati méakeun tanaga teuing. Najan laleuleus kusabab nahan lapar jeung hanaang ogé, masih kénéh bisa lamun kudu ulin mah.

ngabuburit make kandaraan gilinding dua

Dina perkara ulin, baheula reujeung ayeuna mah béda pisan. Lamun baheula mah anu ngaranna arulin atawa jalan-jalan téh bener-bener leumpang. Ayeuna mah apanan sanggeus mahabuna kandaraan utamana kandaraan gilindingna dua mah, arulinna téh naraék kana kandaraan. Lamun baheula mah kusabab laleumpang, arulinna téh tara ieuh jauh teuing da bisi capé teuing reujeung bisi kaburitan, da biasana bukana téh di imah. Sedengkeun ayeuna mah arék ulin ka tempat anu jauh ogé dilakonan waé jeung teu sieuneun kamaghriban di jalan, kusabab tinggal mawa bekel waé saeutik mah pikeun buka. Lamun kamaghriban di jalan téh apanan tinggal néangan anu jualan inuman terus buka di jalan. Teu kudu muru buka ka imah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://1.bp.blogspot.com/_8hVKTVqoIds/S661VN_wH2I/AAAAAAAAAnw/qqRYrbXWDLA/s1600/ngabuburit2.jpg)

Ngabuburit: Mulung Cangkaléng


Wanci lingsir ngulon, si Omon geus nyampeur ka imahna si Acim dibaturan ku si Duyéh. Duana katempo marawa wadah palastik jeung péso. Nepi ka imahna si Acim, duanana ngageroan si Acim ti hareupeun tepas imah. Teu lila si Acim norojol ka luar.

“Aya naon, Mon?” Ceuk si Acim nanya ka si Omon bari nitenan babawaan si Omon katut si Duyéh.

“Urang ulin, yu?” Ceuk si Omon ngajak si Acim.

“Ka mana…?” Tanya si Acim.

“Urang mulung cangkaléng.” Si Duyéh mangnémbalankeun si Omon.

“Mulung cangkaleng?” Si Acim melong ka si Duyéh.

Si Duyéh ukur unggeuk.

“Di mana…?” Si Acim nanya deui.

“Di kebonna Bah Minta.” Ceuk si Omon.

“Naha saha kitu anu ngala cangkaléng?” Si Acim panasaran.

“Pokona mah hayu waé lah. Arek ngilu moal?” Ceuk si Duyéh embung kapapanjangan.

“Nya lamun loba kénéh mah hayu waé.” Ceuk si Acim bari neuteup ka si Duyéh.

“Nya mudah-mudahan loba kénéh. Da biasana mah tara kaala kabéhanana. Sok aya waé anu nyésa.” Si Omon méré jaminan.

“Sakeudeung atuh nya. Urang mawa heula pésona.” Ceuk si Acim bari léos asup ka jero imahna.

“Kadé poho wadahna.” Si Omon ngawawadianan.

Sanggeus si Acim mawa péso jeung wadah, tiluanana muru ka sisi lembur, muru ka kebonna Bah Minta. Kabeneran kebonna Bah Minta mah deukeut ka lembur téh. Di kebonna loba tangkal kawung. Sanajan henteu melak ogé, teuing ti mana binihna, da tangkal kawungna téh mani loba. Sakebonan loba kénéh tangkal kawungna tibatan tangkal kai. Teu héran lamun Bah Minta mah sanajan pakasabanana kana tatanén, tapi cenah untung kénéh tina nyadap. Da beubeunangan tina nyadap mah unggal poé.

Cangkaleng (sumber foto: internet)

Tiluanana terus muru ka deukeuteun saung anu perenahna di tengah kebon. Di luareun saung katempo aya urut durukan saperti hahawuan. Di sakurilingeunana loba cangkang caruluk meunang ngulub. Atuh tiluanana tuluy naréangan caruluk anu masih kénéh acan dipesékan, naha dihaja atawa kaliwat. Cenah mah éta caruluk téh urut ngulub dulurna Bah Minta anu ngahajakeun hayangeun cangkaléng.

Nya hasilna lumayan tiluanana ogé beubeunangan. Meunang cangkaléng sawadah séwang.

“Lumayan pikeun buka,” ceuk si Duyéh.

Sanggeus kitu mah tiluanana baralik ka imahna séwang-séwangan.