Ngarumat Budaya, Topéng jeung Penca Silat (Rumpaka) Lisés UNPAD


Ngarumat Budaya, Topéng jeung Penca Silat (Rumpaka) Lisés UNPAD
Ngarumat Budaya, Topéng jeung Penca Silat (Rumpaka) Lisés UNPAD

(Gambar meunang nginjeum ti twitter.com)

Festival Wayang Internasional 2013


Salasahiji pangeusi acara dina ranggeuyan Pekan Budaya Jawa Barat, téh nyaéta Festival Wayang Internasional 2013 anu baris dilumangsungkeun di Balé Rumawat Unpad Bandung. Alamatna di Jalan Dipati Ukur No. 35 Bandung. Ari waktuna dilumangsungkeun dina ping 12 nepikeun ka 13 Séptémber 2013.

Acara ieu baris dieusi ku sababaraha rupa pintonan. Pintonan anu diancokeunana lain ngan ukur ti Jawa Barat atawa Indonésia wungkul, tapi ogé ti urang luar nagri, saperti ti nagri Walanda, Ostrali, Pilipin, Singapur katut nagri Turki. Pintonanana henteu jauh tina jejerna nyaéta wayang. Wawakil ti nagri Ostrali anu diwakilan ku Sydney Puppet Theatre baris mintonkeun pintonan anu ngaranna Nella’s Wings. Wawakil ti nagri Walanda, nyaéta ‘t Magisch Theatertje mintonkeun PANTA RHEI II.

Wawakil ti nagri séjénna: Roppets Edutainment Production (Pilipin) mintonkeun One World One Song, Wayang Punokawan Nusantara Madagaskar (KBRI Antananarivo Madagaskar) baris mintonkeun Semar Silaturahmi Nusantara – Madagaskar & Mancanegara, Mascots and Puppets Specialists (Singapur) mintonkeun Streets of Singapore, CengizOzek Shadow Theatre (Turki) mintonkeun Garbage Monster, kalawan dipungkas ku pintonan Wayang Motekar ‘Si Acung di Alam Jelemun’ anu dipintonkeun ku Pohaci Studio Bandung salaku wawakil ti Indonésia.

Festival Wayang Internasional 2013
Festival Wayang Internasional 2013

Acara anu bisa diluuhan ku saha waé kalawan haratis ieu dilumangsungkeun hasil gawé bareng antara Pamaréntah Propinsi Jawa Barat, Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Universitas Padjadjaran Bandung, STSI Bandung dirojong ku Behind The Actor’s. Ari anu ngokolakeunana ieu acara téh nyaéta Bahama Multiarta.

Pasanggiri Nulis Surat dina Basa Daérah


Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Propinsi Jawa Barat ngayakeun pasanggiri atawa lomba nulis surat ngagunakeun basa daérah anu aya di Jawa Barat. Pasanggiri ieu bisa diiluan lain ngan ukur ku anu nganjrek di Jawa Barat wungkul, tapi ogé bisa diiluan ku jalma anu di luar Jawa Barat. Ngan saratna, surat anu ditulis téh make basa daérah anu aya di Jawa Barat nyaéta Basa Sunda, Basa Cirebon jeung Basa Melayu-Batawi.

Ari saratna ngiluan ieu pasanggiri téh nyaéta pikeun jalma anu umurna antara 15 taun nepikeun ke 21 taun, kalawan ngirimkeun salinan (poto kopi) KTP/SIM/Kartu Pelajar/Kartu Mahasiswa ditambah ku pas poto 2 lambar ukuran 3×4 senti.

Ngeunaan suratna, ditojokeun ka Gubernur Propinsi Jawa Barat. Ari eusian surat anu dijieun téh bisa mangrupakeun sawangan, kahayang, paménta atawa pameredih ngeunaan pariwisata jeung budaya di Jawa Barat. Terus, sakumaha disebutkeun di luhur, surat ditulis maké salasahiji basa anu aya di wewengkon Jawa Barat. Suratna bisa diketik atawa ditulis maké leungeun. Lamun diketik, anggang baris ka barins 1,5 spasi kalayan hurupna ngagunakeun hurup Times New Roman ukuran 12 pt. Panjangna kurang leuwih 750 kecap atawa dua lambar keretas polio. Lamun ditulis maké leungeun paling lobana tilu lambar keretas polio.

Surat meunang nyieun dikirimkeun maké amplop kalawan dirapet. Suratna kudu disalin (dipoto kopi) jadi opat surat. Paling elatna dina ping 19 Pebruari 2012. Alamat ngirimkeunana ka Dinas Psriwisata dan Kebudayaan Propinsi Jawa Barat Cq. Bidang Kebudayaan, Jl. L.L.R.E. Martadinata 209 Bandung 40114.

Pangdeudeul pikeun anu jadi pinunjul, bakal meunang hadiah Piala Gubernur ditambah duit.

Pasanggiri nulis surat dina basa daerah

(Gambar meunang nginjeum ti https://www.facebook.com/)

Blog jeung Kabiasaan Nulis


Anu ngaranna blog mah umumna dieusi ku rupa-rupa tulisan. Ti mimiti tulisan anu kaasup heureuy atawa teu puguh nepikeun ka tulisan anu bener-bener maksud jeung tujuanana. Tulisan anu kaasup eukeur pribadi sorangan anu nyieunna nepikeun ka tulisan anu aya pakaitna reujeung kahirupan jalma réa. Tulisan anu basana rupa-rupa ogé, gumantung ka anu nyieun tulisanana. Tulisan anu osok dicampuranan reujeung gambar atawa poto, atawa bisa ogé dibarung ku pidio atawa rékaman sora. Ngan anu utamana mah blog dieusi ku tulisan.

Kabiasaan nulis

Kusabab eusi blog mah umumna dieusian ku rupa-rupa tulisan, anu nyieun blog téh sahanteuna miboga kamampuhan pikeun nulis. Anu nyieun blog miboga kahayang jeung kabisa pikeun numplekeun naon anu aya dina pikiran jeung haténa kana wangunan tulisan. Nya kadituna mah, pangabisa dina perkara nulis téh jadi hiji modal pikeun hiji jalma dina ngokolakeun blog jieunanana. Sanajan pangabisa dina nulisna téh ngan ukur saeutik-saeutik, henteu bisa panjang. Da anu penting mah anu nyieun blog miboga pangabisa jeung kahayang dina nulis naon anu aya dina pikiranana.

Kumaha atuh lamun teu miboga pangabisa nulis atawa henteu keyeng kana kabiasaan nulis? Sabenerna mah pikeun ngeusian blog ku tulisan, teu kudu ku tulisan meunang sorangan. Tulisan anu bakal dijadikeun eusi blog bisa néangan di internét hususna blog anu bogana batur. Tinggal nyalin tulisan anu geus nyampak. Ngan budaya ieu teu hadé ogé, kusabab lamun terus-terusan niron tulisan meunang batur mah, bisi matak teu ngeunah ka anu boga blog anu tulisan ditiron. Komo lamun nironna téh teu maké tatakrama jeung teu ménta idin ti anu bogana, kawas jalma anu maling waé.

Jadi alusna mah anu ngaranna miboga blog mah bisa nambahan kahayang atawa pangjurung pikeun ngaremenkeun kana nulis. Atawa bisa ogé tibalik. Anu resep kana nuli, bisa nerapkeun pangaresep kana nulisna téh kana wangunan blog. Jadi aya pakait anu bulak-balik. Ku ayana blog, anu henteu resep nulis, saeutikna bisa nambahan sumanget pikeun nulis. Atuh di sisi séjénna, anu mikaresep kana tulas-tulis, bisa namplokeun pangaresepna dina wangunan blog.

(Gambar meunang nginjeum ti http://baltyra.com/wp-content/uploads/2010/09/writing….jpg)

Liliuran, Migawe Tatanen Babarengan


Budaya liliuran téh ampir sarua jeung budaya ngahiras. Bédana téh, lamun liliuran mah biasana dina perkara pepelakan (tatanén). Jadi budaya liliuran mah condongna kana pakasaban. Dina liliuran mah biasa ayana iketan anu rada pageuh antara anu mantuan jeung anu dibantuanna. Dina liliuran mah anu dibantuan téh, sacara henteu langsung kudu mantuan deui jalma anu mantuan manéhna magawé. Da ieu mah aya pakaitna jeung pakasaban, atawa usaha kumaha néangan pangupa jiwa, jadi istilahna mah henteu haratis. Sanajan kitu, teu jadi halangan ogé lamun henteu mantuan deui pagawéan jalma anu mantuan téa. Ngan akibatna tangtuna ogé kahareupna moal aya anu mantuan deui.

Jalma-jalma keur liliuran pepelakan

Tujuanana liliuran, tangtuna ogé supaya pagawéan téh gancang réngséna. Béda reujeung dipigawena ngan ukur ku saurang atawa ku sakulawarga. Da anu ngaranna tatanén mah tangtuna ogé aya waktuna anu husus, teu bisa sagawayah. Ngamimitian tatanén di kebon hususna dipigawé waktu mimiti usum hujan. Jadi urang lembur kabéh anu ngabogaan maksud pikeun tatanén, ngabogaan waktu anu ampir sarua. Jadi, lamun hayang migawéna ku jalan liliuran, kudu milih waktu anu teu sarua, supaya bisa silih bantuan. Dina poé ayeuna mah bagéan migawé di kebon si éta, isukan mah di kebon si itu, lamun pagéto mah di kebonna si saha. Jadi, diprak-prakanana henteu babarengan di kebonna séwang-séwangan.

Ngabagi waktuna bisa ku jalan dibadamikeun heula reujeung tatangga anu arék mantuan jeung dibantuan.

Ku jalan ngalakukeun liliuran ieu, loba mangpaat anu kapanggih, diantarana waé:

  1. Ngurangan béaya pikeun muruhan batur anu mantuan. Da ku jalan liliuran mah, pikeun males atawa mayarna téh ku jalan gawé deui.
  2. Ngurangan waktu pikeun digawé. Jadi pagawean gancang réngséna. Jadi bibinihan anu arek dipelak téh gancang kapelakeun.
  3. Budaya silih bantuan terus dijaga.
  4. Kahirupan natangga jadi ayem tengtrem, moal aya pcogregan gara-gara hirup séwang-séwangan.

(Gambar meunang nginjeum ti http://jawatimur.lensaindonesia.com/wp-content/uploads/2011/09/ilustrasi-Petani-di-Kediri-mulai-tanam-palawija.jpg)