Mangpaat Ngadahar Buah Reujeung Cangkang (Kulit)-na


Nurutkeun béja ti detikhealth ngeunaan cara ngadahar buah, aya alusna lamun ngadahar buah téh reujeung cangkangna. Ngadahar buah dibarung cangkangna, mangrupakeun hiji cara pikeun ngurangan beurat awak (supaya henteu gendut teuing). Ieu béja téh meunang nyutat tina hasil panalungtikan urang Ostrali (Autralia) anu ngaranna Profesor Mike Gidley. Inyana nalungtik cangkang buah jinis Irwin reujeung Nam Dok Mai. Ieu panalungtikan ngahasilkeun kanyataan yén cangkang atawa kulit buah bisa ngurangan ngalobaanana gajih dina awak jeung nyegah tina gendutna awak. Dua jinis éta cangkang atawa kulit buah miboga saripati bioaktif, diantarana fitokimia anu miboga hasiat dina ngahalangan proses  Adipogenesis nyaéta anu nyababkeun ngagendutanana awak. Nurutkeun anu nalungtik ieu, saripati jero buah reujeung cangkangna téh kacida bédana. Ngan, cenah, ngeunaan ieu diperlukeun panalungtikan leuwih parna.

Jadi, nurutkeun ieu panalungtikan mah, aya alusna lamun ngadahar buah téh reujeung cangkangna atawa kulitna. Sakumaha mangpaat ngadahar apel atawa pir (pear) reujeung kulitna. Ulah ngan ukur ngadahar jerona wungkul.

Salasahiji jinis buah dina tangkalna

Ngeunaan ieu, jadi inget ka jaman baheula. Keur budak mah, lamun ngadahar bungbuahan téh osok reujeung cangkangna, tara ieu dipesék heula. Kaasup dina ngadahar buah. Malahan mah apanan tara diberesihan heula. Lamun katempona beresih (beresih ceuk penclongan mata), langsung waé didahar. Diberesihan téh lamun daék reujeung katempona kotor kulitna, naha dikumbah atawa ngan sakadar disusutan wungkul. Dina keur males mah ngan ukur disusutan maké baju supaya beresih.

Sanajan karasa rada kesed ogé resep waé ngadahar buah reujeung cangkangna téh. Taya pikiran yén cangkang buah téh miboga mangpaat eukeur kasehatan awak. Nu kapikir mah, buah henteu dipesék heula téh supaya gampang waé henteu kudu susah mesék heula. Reujeung lamun dipesék téh apanan aya buah (jerona) anu kapiceunan (kajaba ku anu geus ahli mesék buah).

Ayeuna? Geningan aya mangpaatna kulit atawa cangkang buah téh pikeun kasehatan. Alus atuh lamun kitu mah.

Mulung Limus


Rebun-rebun kénéh geus saget muru ka tampian anu perenahna di sisi lembur. Lamun teu kitu, bakal kabeurangan. Da tampianana biasa mah ti subuh kénéh geus pinuh ku urang lembur anu ngadon mandi jeung ngala cai. Indit ka cai ngan ukur mawa awak wungkul jeung anduk. Teu angkaribung barangbawa kawas anu séjén. Batur mah aya anu mawa wawadahan gérohaneun atawa komplang eusian, manéhna mah ngagandeuang waé. Ngan anu béda téh, leungeunna ngeukeuweuk kérésék.

Buah tangkal limus

Tayohna mah, isuk-isuk geus indit ka tampian téh lain ngan saukur hayang mandi wungkul. Aya pamaksudan séjén salian ti arék mandi.
Saméméh anjog ka tampian, manéhna nyimpang heula ka kebonn Mang Juha. Oh…, sigana mah arék barangpulung. Kabeneran apanan di kebonna Mang Juha téh keur usum bungbuahan utamana buah tangkal Limus. Limus téh keur meujeuhna karolot maju ka asak. Atuh ninggang dina buah (limus) anu asak, osok murag ku sorangan. Lamun bungbuahan anu geus murag tina tangkalna, biasana mah teu bisa diaku masih kénéh milik anu boga kebon atawa tangkal buahna. Buangbuahan anu geus murag mah biasana osok jadi milik anu manggihanana. Saha anu manggihan ti heula, nyaéta anu ngapimilikna. Hal ieu geus jadi kabiasaan jeung geus kamaphum. Anu boga tangkal atawa kebonna ogé teu bisa kukumaha deui. Paling carana téh kebonna dipageran atawa buahna dipupu keur kolotna kénéh atawa ditalian supaya ulah maruragan.

Najan kitu, sabenerna apanan anu ngapimilik mah tetep anu bogana. Teu meunang nyokot bogana batur lamun taya ijin tinu bogana….

(Gambar meunang nginjeum ti internet)