Pagelaran Terebang Buhun Pusaka Cisitu


Sababaraha waktu anu geus kaliwat, Balai Taman Budaya Jawa Barat mintonkeun kasenian tradisional Terebang Buhun Pusaka Cisitu Kabupatén Sumedang. Kasenian tradisional terebang anu asal mulana geus aya ti abad ka-13 mangrupakeun média tradisi masarakat agraris anu saterusna dijadikeun sarana pikeun nyebarkeun agama Islam. Pintonan kasenian ieu téh di Teater Balai Taman Budaya Jawa Barat mangrupakeun hasil tina program pewarisan seni tradisional taun 2015.

Pagelaran Terebang Buhun Pusaka Cisitu
Pagelaran Terebang Buhun Pusaka Cisitu

Sanajan kasenian Terebang Buhun Pusaka Cisitu asal Dusun Pangjeléran, Désa Cigintung, Kacamatan Cisitu Kabupaten Sumedang ieu geus jarang dipintonkeun tur ampir tumpur, barudak sakola anu minuhan Teater Tertutup Balai Taman Budaya Jawa Barat, dina poe Rabu ping 8 April 2015 kacida pisan mancona. Malahan di tungtung pagelaran tembang “Buah Kawung”, “Geboy” anu dipungkas ku tembang “Tumbila”, anu dihaleuangkeun ku Mamah Rodiah Si Madu, barudak sakola teh ngiluan ngibing.

Cenah mah ngaliwatan program pewarisan kasenian tradisional, kasenian tradisional anu ampir tumpur teh diguar deui tur dipintonkeun ka barudak sakola.

(Inpo meunang nyutat ti Pikiran Rakyat Online)

Ngabuburit: Mulung Cangkaléng


Wanci lingsir ngulon, si Omon geus nyampeur ka imahna si Acim dibaturan ku si Duyéh. Duana katempo marawa wadah palastik jeung péso. Nepi ka imahna si Acim, duanana ngageroan si Acim ti hareupeun tepas imah. Teu lila si Acim norojol ka luar.

“Aya naon, Mon?” Ceuk si Acim nanya ka si Omon bari nitenan babawaan si Omon katut si Duyéh.

“Urang ulin, yu?” Ceuk si Omon ngajak si Acim.

“Ka mana…?” Tanya si Acim.

“Urang mulung cangkaléng.” Si Duyéh mangnémbalankeun si Omon.

“Mulung cangkaleng?” Si Acim melong ka si Duyéh.

Si Duyéh ukur unggeuk.

“Di mana…?” Si Acim nanya deui.

“Di kebonna Bah Minta.” Ceuk si Omon.

“Naha saha kitu anu ngala cangkaléng?” Si Acim panasaran.

“Pokona mah hayu waé lah. Arek ngilu moal?” Ceuk si Duyéh embung kapapanjangan.

“Nya lamun loba kénéh mah hayu waé.” Ceuk si Acim bari neuteup ka si Duyéh.

“Nya mudah-mudahan loba kénéh. Da biasana mah tara kaala kabéhanana. Sok aya waé anu nyésa.” Si Omon méré jaminan.

“Sakeudeung atuh nya. Urang mawa heula pésona.” Ceuk si Acim bari léos asup ka jero imahna.

“Kadé poho wadahna.” Si Omon ngawawadianan.

Sanggeus si Acim mawa péso jeung wadah, tiluanana muru ka sisi lembur, muru ka kebonna Bah Minta. Kabeneran kebonna Bah Minta mah deukeut ka lembur téh. Di kebonna loba tangkal kawung. Sanajan henteu melak ogé, teuing ti mana binihna, da tangkal kawungna téh mani loba. Sakebonan loba kénéh tangkal kawungna tibatan tangkal kai. Teu héran lamun Bah Minta mah sanajan pakasabanana kana tatanén, tapi cenah untung kénéh tina nyadap. Da beubeunangan tina nyadap mah unggal poé.

Cangkaleng (sumber foto: internet)

Tiluanana terus muru ka deukeuteun saung anu perenahna di tengah kebon. Di luareun saung katempo aya urut durukan saperti hahawuan. Di sakurilingeunana loba cangkang caruluk meunang ngulub. Atuh tiluanana tuluy naréangan caruluk anu masih kénéh acan dipesékan, naha dihaja atawa kaliwat. Cenah mah éta caruluk téh urut ngulub dulurna Bah Minta anu ngahajakeun hayangeun cangkaléng.

Nya hasilna lumayan tiluanana ogé beubeunangan. Meunang cangkaléng sawadah séwang.

“Lumayan pikeun buka,” ceuk si Duyéh.

Sanggeus kitu mah tiluanana baralik ka imahna séwang-séwangan.