Mangpaat Bonténg Pikeun Kaséhatan Awak


Geningan sanggeus disungsi mah, ana goréhél téh meunang inpo yén Bonténg téh loba pisan mangpaatna pikeun kaséhatan awak. Nurutkeun panalungtikan mah cenah Bonténg téh miboga sari pati giji anu alus, anu ngarojong kana kaséhatan awak anu ngadaharna. Jadi lain ngan ukur matak ngabésérkeun (matak hayang kiih waé) wungkul. Sanajan ampir sakabéhna dieusi ku cai, dina éta bonténg téh aya vitamin A, B jeung vitamin C katut mineral saperti magnesium, kalium, mangan jeung silika.

Cai dina bonténg bisa nambahan cai dina awak anu bakal ngurangan dehidrasi (kakurangan cai dina awak). Lamun capé kusabab geus digawé aya alusna lamun ngadahar bonténg pikeun nambahan cai dina awak, ngaganti cai anu jadi késang. Kusabab cai dina bonténg mah lain ngan ukur cai biasa, tapi cai alami anu miboga giji anu alus sakumaha geus disebutkeun di luhur.

Bonteng
Bonteng

Salian ti éta cenah, bonténg ogé bisa miceunan racun atawa panyakit anu asup kana awak ngaliwatan kadaharan séjénna. Kadaharan anu didahar unggal dahar tacan tangtu beresih tina panyakit, aya kalana kadaharan téh mawa panyakit atawa racun. Ku jalan ngadahar bonténg, éta racun atawa panyakit téh bisa dipiceunan atawa dikaluarkeun.

Terus ogé bonténg bisa ngahalangan datangna daging jadi (kanker). Aya jat dina bonténg anu bisa ngahalangan datangna kanker, nyaéta lariciresinol, secoisolariciresinol, jeung pinoresinol. Jadi bonteng téh alus pikeun jalma anu embung kadatangan kanker (daging jadi).

Hasiat séjénna diantarana waé nyaéta pikeun ngubaran diabetes (loba teuing gula dina getih), ngarerepkeun nyeri dina jero awak, nurunkeun beurat awak, nurunkeun koléstérol, ngalancarkeun ngolah kadaharan dina beuteung.

Geningan kacida alusna ngadahar bonténg téh pikeun kaséhatan awak. Lain ngan ukur kusabab resep ngadahar bonténg wungkul, disagédéngeun éta aya hasiat anu alus pikeun awak anu ngadaharna. Éta mangpaat bonténg anu kapanggih di loka Makanan Sehat.

Cobék Bonténg


Salian ti didahar sacara langsung atahanana, bonténg ogé bisa didahar sanggeus dipolahkeun. Salasahiji kadaharan tina bonténg anu dipolahkeun téh nyaéta cobék bonténg. Cobék bonteng lumayan ngeunah pikeun deungeun (batur dahar) sangu. Nyieun cobék bonténg kacida gampangna, teu susah. Kari nyadiakeun bahan anu diperlukeun pikeun nyieun cobékna, diantarana waé cikur, cabé jeung uyah ditambah bawang katut gula. Bahan mah gumantung kana pangaresep séwang-séwangan, arék dilengkepan atawa moal. Da pangaresep unggal jalma mah geningan béda-béda.

Cobek bonteng
Cobek bonteng

Bahan anu diperlukeun pikeun sasiki bonténg anu gedéna sedeng (kira-kira sagedé pigeulang leungeun):

  1. Cabé rawit dua siki atawa tilu siki
  2. Cikur sasiki atawa sacukupna
  3. Saséndok leutik uyah atawa sacukupna
  4. Sasihung bawang beureum
  5. Sasihung bawang bodas
  6. Gula beureum sacukupna
  7. Bonténg dibeulah dua

Cara molahkeunana:

  1. Samara cobékna (cabé, cikur, uyah, bawang beureum, bawang bodas katut gula beureum) diréndos dina coét maké mutu nepikeun ka lembut.
  2. Bonténg meunang meulah téh dikerokan maké séndok. Diarah jerona wungkul, kulitna mah henteu diarah. Dikerok téh supaya jadi laleutik bonténg anu dicobékna (henteu gugurundulan galedé). Bonténg meunang ngerok diasupkeun kana coét.
  3. Terus galokeun bonténg reujeung samara cobékna nepikeun ka galo.

(Catetan: ukuran lobana samarana mah gumantung kana pangaresep bisa leuwih saeutik atawa leuwih loba)

Mangsa Keur Usum Bonténg


Keur usum Bonténg geningan di lembur téh. Najan melak di kebon téh ngan sababaraha dapur (areuy), tapi pas ka lembur Bonténg téh teu weléh aya. Najan henteu panén ti kebon ogé, osok aya anu ngirim ti tatangga atawa dulur. Ngadahar hiji ogé matak wareg ari Bonténg ti lembur mah. Teu anéh da Bonténgna ogé béda reujeung Bonténg anu osok dijualan di pasar anu laleutik. Bonténg di lembur mah galedé, nepikeun ka sagedé pigeulang leungeun kolot.

Areuy Bonteng di kebon Cikur
Areuy Bonteng di kebon Cikur

Di lembur mah Bonténg téh dipelakna ku jalan diandri (tumpang sari) reujeung pepelakan poko séjénna. Jadi pelak Bonténg téh lain tatanén utama di kebon. Pelak Bonténg ngan ukur pepelakan panambah wungkul. Pepelakan pokona biasana mah Cikur atawa Paré (huma). Kebon Cikur atawa Paré huma téh osok dipelakan Bonténg dina sisi-sisina (sisi galengan atawa piheuleutan). Atuh saméméh panén Cikur atawa panén Paré téh bisa panén Bonténg heula.

Kusabab lain taneman poko, atuh dina melakna ogé tara ieu dipiara. Sok komo deui maké tatanger atawa tuturus. Pelak Bonténg téh osok diantepkeun ngayang waé di kebon. Dina sakalian meresihan kebon (ngoyos) téh, Bonténgna bisa sakalian diala. Anu geus gedé jeung acan kolot pisan osok dibawa ka imah pikeun dahareun.

Saméméh areuy Bonténg paéh, biasana mah Bonténg téh osok dikarikeun paling saeutikna hiji pikeun pibiniheun. Bonténg téh diantepkeun sina kolot jeung asak. Supaya siki éta Bonténg téh bisa diteundeun pikeun bibit pelakeuneun taun hareup.

Melak Cabé Bakal jadi Cabé, Melak Bonténg Bakal jadi Bonténg


Aya cabé aya bonténg. Aya tangkal cabé aya ogé tangkal bonténg. Duanana osok jadi pepelakan di kebon atawa di huma. Naha jadi pepelakan anu utama atawa pepelakan anu ngan ukur panambah wungkul. Pepelakan anu utama, atuh kebon téh dipinuhan ku cabé atawa bonténg. Sedengkeun lamun jadi pepelakan panambah mah biasana osok dipelak dina sela-sela pepelakan séjénna kayaning paré di huma. Sanajan ngan ukur jadi pepelakan panambah, ari ngahasilkeunana mah angger waé ngahasilkeun atawa buahan anu bisa dipanén dina waktuna panén.

Sanajan duanana mangrupakeun pepelakan anu sarua bisa dipelak kalawan dihijikeun melakna dina hiji tempat atawa kebon, duanana mangrupakeun pepelakan anu béda. Béda kacida. Da ku nempo atawa ngadéngé ngaranna ogé apanan geus béda. Dina wujudna ogé béda, pon kitu deui rasa jeung mangpaatna. Wujudna beda, anu hiji mah leutik anu hiji ma gedé. Rasana, anu hiji mah lada anu hiji deui mah henteu. Mangpaatna anu hiji mah bisa didahar kalawan ditambulan, sedengkeun anu hiji deui mah langka anu daékeun nambulan. Ditambah deui tangkalna ogé béda, anu hiji mah ngareuy, sedengkeun anu hiji deui mah miboga tangkal.
Sanajan loba bédana, lain hartina henteu bisa dihijiken atawa dicampurkeun. Aya kalana kadaharan anu mangrupakeun campuran antara cabé jeung bonténg. Lamun eukeur hayang petis bonteng, cabé jeung bonténg bakal patepung lawung paamprok jonghok. Kitu deui jeung kadaharan cobék bonteng katut karédok. Pacampurna dina ieu hal mah matak resep ka anu ngadaharna, komo pikeun anu mikaresep kadaharan saperti kitu mah.

Cabe jeung bonteng dina tangkalna

Ngan nyakitu téa, anu ngaranna cabé mah béda reujeung bonténg. Moal pahili antara cabé jeng bonténg. Atawa pasalia ngahasilkeun. Tangkal cabé mah bakal ngahasilkeun cabé, sedengkeun areuy bonténg mah bakal ngahasilkeun bonténg. Moal aya tangkal cabé anu ngahasilkeun bonténg atawa sabalikna.

Melak cabé bakal jadi cabé, melak bonténg bakal jadi bonténg. Melak hadé bakal jadi hadé melak goréng bakal jadi goréng.

(Gambar meunang nginjeum ti internét terus diropéa)

Mipit Kudu Amit, Ngala Kudu Bebeja


Rebun-rebun keneh pisan, si Acim reujeung si Omon geus indit ke kebon si Omon. Kabeneran harita teh keur pere sakola, jadi henteu arindit ka sakola. Duanana katempo nyaroren bedog leutik dina cangkengna. Ditambah deui si Acim mah bari mekel koja anu disorenkeun dina taktakna.

Duanana muru ke lebah kidul, ka sisi leuweung awi. Anjog ka sisi kebon, duanana kacida bungahna. Bener wae pepelakan di kebon teh keur usumna diala. Aya jagong, bonteng, kacang panjang, waluh, reujeung samangka, kapuhanan ari cau mah da taya usumna.

kebon

Atuh duanana oge papada bungaheunana pisan. Da balik ti kebon teh pastina oge bakal beubeunangan. Arek sagala diala anu geus arasak atawa karolot mah.

“Ayeuna ngala naon heula, Mon?” Ceuk si Acim ka si Omon anu miheulaan asup ka saung di tengah kebon.

Samemeh si Omon ngajawab, manehna jiga aya anu diteangan. Tapi teu kapanggih.

“Urang ngala bonteng heula wae supaya bisa langsung didahar.” Tembal si Omon.

“Hayu atuh lamun kitu mah.” Ceuk si Acim jiga anu teu sabar hayang gera gap-gap wae kana alaeun.

“Ari eta koja, gede teu?” Tanya si Omon ka si Acim bari ngilik-ngilik koja anu disorendang ku si Acim.

“Leutik ieu mah. Kumaha atuh…?” Si Acim malik nanya.

“Kumaha atuh nya. Da di saung oge euweuh wawadahan sabangsaning karung.” Si Omon ngahuleng.

“Urang talian wae atuh….” Si Acim mere bongbolongan.

“Ari maneh…, piraku bonteng, waluh are dibeungkeut?” Si Omon melong.

“Heueuh, nya….” Si Acim eraeun. “Nya kumaha engke wae atuh. Nu penting mah ayeuna urang ngala heula. Urang kumpulkeun.”

“Hayu atuh. Tapi omat, ngalana anu kolot wungkul nya. Anu ngora mah, ulah diala, antepkeun wae sina kolot.” Si Omon mamatahan.

“Tapi, ari bonteng mah pan alus keneh anu ngora. Anu kolot mah osok diantepkeun pikeun binih….” Si Acim melong ka si Omon.

“Nya…, kumaha maneh wae. Da kuring ma arek ngala jagong.” Si Omon bari ngaleos ka luareun saung.

“Ngala jagong? Naha…?” Si Acim teu kebal nyaritana. Da kaburu ditingalkeun ku si Omon. Manehna nyusul si Omon anu ngajugjug ka belah kidul, ka kebon anu dipinuhan ku tangkal jagong.

“Ari kuring mah kudu ngala bonteng nya…?” Si Acim nanya deui, sanggeus nyusul si Omon.

“Heueuh. Tuh lebah ditu. Loba gera bontengna.” Si Omon nuduhkeun ka lebah wetan. Bener wae lebah wetan mah loba areuy bonteng anu ngahunyud.

Si Acim muru ke belah wetan.

“Tapi, omat. Saacanna ngala maneh kudu bebeja heula….” Si Omon mapagahan.

Si Acim ngarandeg.

“Bebeja ka saha…?” Si Acim malik, nyanghareup ka si Omon. “Apanan geus diidinan ku kolot maneh oge. Komo ieu mah sasatna dititah….”

“Lain eta…,” Si Omon nyampeurkeun ka si Acim. Sanggeus deukeut manehna ngaharewos ka si Acim. “Bebeja teh kaanu ngageugeuh di dieu….”

Si Acim olohok. Melong ka si Omon. “Naha bet kudu bebeja kanu kitu sagala. Apanan anu bogana oge kolot maneh, lin?”

“Ih, da ieu mah ceuk kolot kuring keneh. Cenah kudu bebeja heula.”

Si Acim teu nyarita deui. Manehna rada handeueul. Naha boga babaturan teh masih keneh percaya kanu kitu…. Tapi teu lila, manehna muru ka beh wetan. Muru ka rungkun bonteng. Manehna tuluy ngalaan bonteng, dipilihan anu meujeuhna, henteu kolot teuing, henteu ngora teuing.

Keur segut ngalaan bonteng, si Omon ngagorowok, nyalukan si Acim.

“Cim…! Acim…! ka dieu heula…!” Ceuk si Omon, jiga anu reuwas.

“Aya naon, Mon…?” Tembal si Acim bari lumpat nyampeurkeun si Omon anu aya di kebon jagong.

“Aya naon, Mon?” Pokna deui sanggeus aya di deukeuteun si Omon.

“Tempo…. Itu tempo.” Si Omon bari tutunjuk ka lebah kebon jagong. “Jagong teh geu aya anu ngala….”

Si Omon bangun anu kaduhung jeung keuheul.

“Aya anu ngala…? Si Acim nelek-nelek ka tatangkal jagong anu dituduhkeun ku si Omon. “Bener oge….”

“Saha nya, anu wani-wani ngala jagong eta…?” Si Omon keuheul. Ngan teu bisa kukumaha.

“Eta sugan. kolot maneh geus ngala atawa encan?” Si Acim nanya ka si Omon.

“Numatak nitah urang oge, kolot kuring mah acan ngala. Kakara ayeuna arek dialana oge ku urang.” Si Omon bingung.

Si Acim milu bingung. Diala ku saha atuh jagong teh? Mani teu bebeja heula? Lamun lain kunu bogana, tangtuna oge ku jalma sejen meureunan.