Borangan jeung Dibabarkeun dina Waktu Beurang


Borangan. Hiji kecap anu nuduhkeun pikeun budak (jalma) anu sieunan. Sieunna téh utamana ku mahluk anu teu katempo (jurig jeung dedemit) atawa sieun lamun kudu ngaliwat ka tempat anu pikasieuneun (tempat anu sanget) jeung poék (kusabab dina waktu peuting). Budak atawa jalma anu borangan mah biasana embungeun lamun kudu ngaliwatan ka hiji tempat anu suni jeung geueuman, atawa lamun kudu ngulampreng dina waktu peuting anu poék. Kituna téh lamun ngalakukeunana sorangan. Lamun aya batur mah henteu sieun da pédah aya batur.

Kumaha lamun anu ngabaturanana téh sarua ogé borangan? Nya kumaha kaayaanana. Bisa jadi jadi henteu borangan atawa angger waé borangan. Lamun pada-pada ngandelkeun mah biasana osok jadi beuki borangan dan osok jadi silih singsieunan.

Borangan lamun kudu ngaliwat ka tempat anu sanget, poek jeung geueuman

Borangan, biasana mah osok dipakaitkeun reujeung dibabarkeunana éta budak (jalma). Lamun hiji budak (jalma) dibabarkeunana dina waktu pabeubeurang, biasana mah borangan. Sedengkeun lamun dibabarkeunana dina waktu peuting mah, tara borangan. Matak, lamun nempo atawa manggihan budak anu borangan téh, osok ditanyakeun mangsa dibabarkeunana. Naha dibabarkeunana téh pabeubeurang atawa ti peuting. Lamun kabeneran dibabarkeunana pabeubeurang, disebutkan téh pantesan da cocog.

Atuh lamun kitu mah borangan téh aya pakaitna reujeung waktu beurang. Borangan, sigana mah asal kecapna beurangan, anu miboga harti sieun ku peuting (sieun ku kaayaan anu poék). Komo lamun peuting téh malem Jumaah….

Ngawadang Sangu Poé


Pabeubeurang geus hayang dahar? Éta mah biasa. Da pabeubeurang atawa tengah poé biasana mah geus karasa laparna beuteung téh. Lapar tandana hayang gera dieusian deui. Komo lamun geus digawé mah, apanan kacida laparna téh.

Di lembur mah geus biasa lamun dahar beurang atawa tengah poé téh disebutna ngawadang. Ngawadang biasana osok dahar sangu poé. Tapi, ulah salah sangka heula. Lain sangu poé anu hartina sangu meunang moé, tapi sangu meunang nyangu isuk-isuk. Sangu meunang nyangu isuk-isuk téh terus diteundeun dina boboko atawa wadah paranti neundeung sangu séjénna. Pabeubeurangna, éta sangu téh didahar bari henteu disangukeun atawa diasakan deui. Bisa kabayang atuh kumaha rasa sanguna. Sangu meunang ngasakan isuk-isuk diteundeun dina boboko, nepikeun ka beurang. Atuh sangu téh bisa disebutkeun geus béar jeung rada teuas/tiis.

Bobok dieusi ku sangu

Najan kitu, geus biasa deui lamun ngawadang maké sangu poé téh. Da bororaah kudu nyeupankeun sangu heula, apanan balik magawé téh dina kaayaan capé jeung lapar. Najan béra ogé jadi nikmat waé karasana. Lila-lila mah jadi biasa waé ngawadang maké sangu poé téh. Teu jadi halangan pikeun henteu nikmatna ngawadang.

(Gambar meunang nginjeum ti http://farm3.static.flickr.com/2303/2224010740_e1411bed1d.jpg)

Ngarumasna Ngamimitian Puasa


Anu ngaranna ngamimitian mah, biasana osok rada ngarumas. Kitu deui reujeung ngamimitian puasa. Pikeun anu ngamimitian mah biasa osok aya atawa miboga rasa ngarumas. Ngarumas kusabab robahna kabiasaan. Kabiasaan dina bulan puasa reujeung saacan puasa teh aya anu robah, pangpangna ngeunaan naon anu jadi pantangan dina bulan puasa: dahar jeung nginum dina waktu pabeubeurang. Lamun dina saacanna bulan puasa mah, dahar atawa nginum pabeubeurang téh geus jadi kabiasaan. Sedengkeun dina waktu bulan puasa mah apanan teu meunang dahar jeung nginum dina waktu pabeubeurang. Kusabab ieu, aya kalana anu ngadon poho yén manéhna téh keur puasa. Poho kalahka ngadon nginum sanajan keur waktu pabeubeurang.

Anu meunang jeung teu meunang waktu puasa

Tapi perkara poho mah teu nanaon. Da anu ngaranna poho mah teu matak batal kana puasana ogé. Ceuk paribasana, sanajan dahar saboboko metung ogé lamun poho mah, teu matak batal.

Terus ngarumas téh dina perkara beuteung ogé. Anu biasana mah dina waktu pabeubeurang téh osok kararaban dahareun, ari pék bulan puasa mah henteu kararaban nanaon. Bisa jadi dina poéan kahiji atawa kadua mah beuteung téh rada kasiksa, teu ngeunah beuteung. Tapi kadituna mah bakal biasa najan henteu kararaban sangu atawa cai ogé. Geus tilu poé atawa leuwih mah beuteung téh bakal narima kana kaayaan keur puasa.

(Gambar menang nginjeum ti http://radenbeletz.com/wp-content/uploads/2010/06/Puasa-Ramadhan-dan-Hikmahnya-Menurut-Al-Quran.jpg)

Samagaha


Aya kokoplahu, aya samagaha.
Kokoplahu mah kajadianana ti peuting, sedengkeun samagaha mah kajadianana waktu ti beurang. Duanana sarua nuduhkeun kaayaananu sakuduna caang, bet poék kusabab euweuh atawa kurang cahya. Poék sotéh kusabab anu biasana nyaangan téh bet kasilep, ilang kusabab kahalangan. Sanajan duanana nuduhkeun hal anu ampir sarua, dina kahirupan mah jalma-jalma téh condong atawa leuwih beurat kana kajadian samagaha. Sabab samagaha mah da kaciri pisan kaayaanana. Ari kokoplahu mah tara teuing atawa ngan saeutik anu merhatikeun. Keur mah kajadianana ogé ti peuting, anu geus biasa lamun poék téh, da dina wanci peuting mah jalma-jalma teh lolobana mah ngaringkeb waé di imah pikeun saré.

Samagaha, panon poé kahalangan bulan

Sedengkeuna ari samagaha, kalolobaan jalma pasti apal kana kajadianana. Dina wanci pabeubeurang mah, jalma-jalma téh apanan digarawé atawa apal kana kaayaan sakurilingeunana. Jadi lamun aya kajadian samagaha téh bakal apal. Beurang anu sakuduna mah caang disorot ku cahyana panon poé, kusabab aya samagaha jadi poék atawa rada poék. Poék ieu lain karana panon poé kahalangan ku reueuk atawa méga, tapi aya bulan anu ayana diantara alam dunya jeung panon poé. Kuayana bulan di antara alam dunya jeung panon poé ieu, cahya panon poé anu sakuduna nepi ka alam dunya, kahalangan ku bulan. Kusabab kahalangan, cahya teu nepi ka alam dunya. Poékna alam dunya ku sabab samagaha, gumantung kana perenahna bulan. Lamun perenahna bulan téh lempengan antara panon poé jeung alam dunya, bisa waé poékna lumayan. Lamun bulan téh rada lingsir saeutik tina lempengan panon poé jeung alam dunya, poékna teu katara teuing.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/_efuIYDP4AQ8/TU9XEb9LB-I/AAAAAAAAACM/qnbAfsuqfHg/s1600/Gerhana-Matahari-Total-di-Chili.jpg)