Basa mah Teu Meuli


Lamun meuli mah pasti kudu mayar. Lamun mayar kudu ku duit.  Jadi lamun basa henteu meuli, hartina teu kudu kaluar duit. Kusabab basa mah henteu meuli, hartina lamun urang hayang ngaluarkeun basa teu kudu ngaluarkeun duit.

Basa di dieu mah nyaéta babasaan atawa kekecapan anu kaluar ti hiji jalma. Hartina arék kukumaha ogé, kecap anu dikedalkeun ku hiji jalma, moal kudu ngaluarkeun duit.

Basa di dieu mah condong kana basa anu alus. Basa anu loyog jeung kaayaan. Basa anu cocog dikedalkeunana reujeung matak ngeunah ngadéngé atawa narimana boh pikeun jalma anu diajak ngobrol pon kitu deui ku anu ngucapkeunana.

Ngobrol

Sanajan basa mah teu kudu meuli, tapi dina kanyataanana, loba jalma anu kacida beuratna pikeun ngedalkeun kekecapan anu loyog jeung kaayaan. Asa susah lamun kudu ngucapkeun kekecapan anu alus, anu cocog jeung kaayaan.

Komo dina hal Basa Sunda mah. Da sigana paribasa ‘Basa mah henteu meuli’ ayana dina Basa Sunda anu bakal kaharti ku urang Sunda. Jadi, ieu téh mangrupakeun hiji cekelan pikeun urang Sunda ngeunaan basa anu digunakeunana. Da urang luar Sunda mah moal ngartikeun kana kecap ‘Basa mah teu meuli’.

Hayu atuh urang gunakeun Basa Sunda dina kahirupan urang, hususna lamun ngobrol antara urang Sunda jeung urang Sunda deui. Kumaha atuh lamun teu bisa atawa bingung kénéh kumaha ngagunakeun basa Sunda téh? Da cenah basa Sunda mah ngabogaan undak-usuk basa anu bisa jadi bakal nyusahkeun anu teu apal kana undak usuk basana. Nya sahanteuna atuh dina obrolan téh lamun teu bisa basa Sunda anu lemes, ngagunakeun kekecapan anu kaasup basa loma. Ulah nepikeun ka ngagunakeun basa anu kasar, komo garihal mah.

(Gambar meunang nginjeum ti: http://images.clipartof.com/small/63179-Royalty-Free-RF-Clipart-Illustration-Of-Black-And-White-Human-Factor-Men-Talking.jpg)

Ulah Salah dina Ngalarapkeun Basa


Kuring nanya ka Mang Émed, “Éta téh putra sanés?”
Témbal Mang Éméd, “Muhun ieu mah pun anak.”

Inget kana kasauran pun guru, dina ngagunakeun basa téh masing tarapti, ulah nepikeun ka patukeur. Kitu saurna téh. Kudu nerap kana undak-usuk basana. Lamun ngobrol reujeung batur jeung saluhureun, kudu make basa anu merenah. Basa pakena batur kudu dipake pikeun batur. Basa pikeun sorangan kudu dipake pikeun sorangan. Ulah nepikeun ka pahili, basa pikeun batur dipake pikeun sorangan. Kitu deui sabalikna, basa pikeun sorangan dipake pikeun batur.

Budak
Jadi ulah nepikeun ka pahili ngagunakeun basa. Lamun nepikeun ka pahili teh, bisi batur anu diajak ngobrolna salah harti. Leuheung lamun baturna papada teu ngarti kana cara-cara ngagunakeun unduk basana, jadi moal apaleun yen eta kekecapan teh salah. Jeung leuheung lamun batur ngarti kana anu dipimaksud ku sorangan sanajan basa anu digunakeunana salah ngalarapkeunana.

 

Contona waé, kecap budak atawa anak. Budak sorangan reujeung budak batur, tangtuna waé béda dina ngalarapkeunanana dina obrolan. Lamun budak sorangan mah disebutna téh apanan: pun anak, sedengkeun lamun budak batur disebutna téh putra. Jadi lamun pahili mah bisa-bisa anak batur diaku anak sorangan, atawa anak sorangan diakuna anak batur (teu ngaku ka anak sorangan).

Kumaha lamun nyebut anu pahilina teh anu jadi pamajikan atawa salaki?

Susah ogé geningan maké Basa Sunda téh nya?