Ngarumasna Maké Basa Tarjamahan dina Téhnologi


Anu geus biasa maké Basa Inggris dina widang téhnologi, hususna kompiuter, tangtuna gé geus apal kana kekecapan anu biasa dipaké dina widang kompiuter. Malahan mah apanan lain ngan ukur kecapna wungkul anu geus kacangkem téh, tapi ogé simbulna atawa tandana geus apal pisan. Lamun tanda maké gambar anu kitu, hartina téh kitu. Teu kudu néangan atawa ngoréhan deui hartina.

Kekecapan anu dipaké dina widang anu disinghareupan geus molotok deui. Lamun remen nyanghareupan atawa ngagunakeun kompiuter, geus teu anéh deui nyanghareupan sagala kekecapan anu aya dina kompiuter. Kekecapan anu kalolobaanana (lamun henteu disebut sakabéhna) mah maké Basa Inggris.

Wordpress dina Basa Sunda

Lamun geus kabiasaan maké Basa Inggris dina nyanghareupan kompiuter, atuh bakal karasa ngarumasna atawa bédana nalika nyanghareupan kompiuter dina basa anu béda. Contona waé lamun basa anu dipaké dina kompiuter téh Bahasa Indonésia atawa Basa Sunda. Bakal manggihan kekecapan anu béda, sanajan perlambangna atawa simbulna sarua. Bakal manggih rasa kagok atawa kararagok kusabab kekecapanana béda. Éta waé dina dunya blog, apanan bakal manggihan kekecapan anu béda jeung asa anyaran manggihan yén kecap éta téh bet asup kana kabeungharan kecap dina blog. Apanan aya kecap undeur pikeun narjamahkeun download. Lamun nilik kana kecap mah apanan undeur téh biasa dipaké pikeun ngala pupucukan, ari ieu dina basa kompiuter bet asup dipaké pikeun ngala payil ti internét.

Béh dituna, lamun kabéh kecap dina téhnologi ditarjamahkeun kana basa urang (Basa Sunda), bakal manggihan kekecapan anu arang kapaké dina omongan sapopoé. Jeung bakal nambahan kabeungharan kecap dina Basa Sunda. Najan nyababkeun karagok dina makéna, tapi aya alusna pikeun miara basa hususna Basa Sunda.

(Gambar meunang nginjeum ti http://en.wordpress.org/wp-content/languages/shots/shot-su_ID.png)

Narjamahkeun Basa Téhnologi


Dina widang téhnologi, urang kulon mah leuwih maju tibatan urang wétan. Teu anéh lamun sagala hal ngeunaan téhnologi, sumberna atawa asalna lolobana ti wewengkon kulon. Naha wangunan téhnologina atawa élmuna, ti kulon nyéréd ka béh wétan. Sumber-sumber élmu ngeunaan téhnologi lolobana mudalna ti béh kulon. Teu anéh lamun basa anu digunakeunana téh basa kulon. loba hasil téhnologi reujeung pangrojongna anu maké basa urang kulon.

-

Ku hal ieu salaku urang wétan, taya deui jalan kumaha carana bisa ngarti kana basa urang kulon. Anu biasana maké Basa Sunda, lamun hayang ngarti kana téhnologi kudu bisa jeung ngarti kana basa urang kulon hususna Basa Inggris. Pikeun anu ngalaman sakola mah sahanteuna bisa saeutik-eutikeun kana Basa Inggris téh. Jadi, rada gampang ngartina kana téhnologi anu nyebar ti urang kulon. Anu kungsi ngalaman sakola sahanteuna tingkat SMP mah bisa ngarti kana Basa Inggris téh.

Ngan teu sakabéhna bisa ngarti kana Basa Inggris téh. Aya jalma-jalma anu kurang ngarti kana Basa Inggris téh, naha kusabab teu perenah diajar atawa poho deui najan geus diajar ogé. Pikeun anu teu ngarti kana Basa Inggris mah apanan rada susah pikeun ngarti reujeung nerapna téhnologi anu maké Basa Inggris. Kusabab hal ieu diperlukeun tarjamahan tina Basa Inggris kana basa anu dipikaharti hususna ku urang Sunda.

Ngeunaan ieu hal aya dua pihak anu béda. Anu bisa atawa gampang ngarti reujeung anu (rada) susah ngarti kana Basa Inggris. Dina prak-prakanana, supaya pangarti ngeunaan téhnologi téh bisa sumebar kalawan rata, unggal jalma najan henteu bisa ngarti kana basa urang kulon kudu bisa narima pangarti ngeunaan téhnologi anu asalna ti wewengkon kulon. Kusabab kitu, dina lebah dieu mangpaatna jalma anu ngarti pikeun narjamahkeun atawa ngahartikeun elmu pangaweruh tina basa urang kulon kana basa urang wétan. Anu ahirna mah téhnologi téh lain ngan ukur dikeukeuweuk ku anu ngarti basa deungeun (basa kulon) wungkul, tapi ku kabéhan jalma.

Saha anu arék ngaleukeunan narjamahkeun élmu pangaweruh jeung téhnologi tina basa urang kulon kana Basa Sunda…?

Budak Urang Inggris Diajar Basa Inggris


“Yéh, manéh nyaho teu, yén urang Inggris ogé keur leutikna kudu diajar Basa Inggris?” Si Acim nanya ka si Duyéh.

“Henteu….” Témbal si Omon.

“Ceuk guru kuring di sakola cenah mah, matak urang Inggris pinter basa Inggris ogé pédah wae diajar basa inggrisna téh ti keur leutik kénéh.” Ceuk si Acim deui.

“Kitu nya?”

“Heueuh. Bener cenah mah. Diajarna teh ti keur leutik keneh.”

“Terus, maksud manéh ngobrolkeun ngeunaan éta arék naon kitu?” Si Duyéh panasaran.

“Teu nanaon….” Si Acim ngabéléhém.

“Ih teu puguh kitu.” Si Duyéh ngabalieur.

“Lain kitu. Ieu mah, lamun urang ogé diajarna ti keur leutik kénéh mah sigana pinter meureunan nya?” Ceuk si Acim bari ngahuleng.

“Nya puguh waé atuh. Urang ogé apanan pinter kana basa Sunda téh kusabab diajarna ti leuleutik kénéh.” Ceuk si Duyéh.

“Heueuh nya….” Ceuk si Acim.

Barudak urang Inggris

“Tapi…?” Si Acim teu kebat nyaritana. Manehna ngahuleng.

“Tapi naon?” Si Duyéh nyelok.

“Tapi lamun urang Inggris henteu diajar basa Inggris, terus maranéhna ngomong basa naon nya?” Ceuk si Acim siga anu nanya ka sorangan.

“Éta meureunan ceuk guru manéh kumaha?” Si Duyéh malik nanya.

“Nu matak éta henteu kapikiran harita mah. Ngan ayeuna kakara kapikiran.”

“Kapikiran naon?”

“Heueuh. Naha urang Inggris bet diajar basa Inggris. Apanan basa Inggri téh basa maranéhna lain?” Ceuk si Acim deui.

“Ah kuring mah moal milu mikiran.” Ceuk si Duyéh.

“Lain kitu. Anu kapikiran ku kuring mah, mangsa keur laleutikna mah maranéhna téh maké basa Sunda. Kusabab kitu maranéhna téh dialajar basa Inggris ogé.”

“Kitu nya?”

Si Acim teu ngajawab. Manéhna mikir heula.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.cai.org/files/images/photo-albums/kidsalbum-2006/pic_3.jpg)

Basa Inggris nurutan Basa Sunda?


“Yéh, apal kénéh palajaran Basa Inggris teu?” si Acim nanya ka si Duyéh.

“Nya apal atuh saeutik mah.” Témbal si Duyéh.

“Sukur atuh lamun kitu mah. Da jeung pikeun urang Sunda mah, kana Basa Inggris téh kudu pinter.”

“Naha, manéh bet ngomong kitu sagala, Cim?” Si Duyéh panasaran. “Ari manéh kumaha? Geus pinter meureunan ayeuna mah nya…?”

“Nya, kitu waé lah. Keur diajar kénéh kuring ogé. Jadi tacan bisa pisan.” Témbal si Acim.

“Apal teu manéh yén Basa Inggris téh nurutan Basa urang Sunda…?” Pok si Acim deui ka si Duyéh.

“Maksud manéh kumaha?”

“Heueuh, dina Basa Inggris teh aya kecap-kecap meunang nginjeum tina Basa urang.”

“Ah…, teu percaya kuring mah.” Si Duyéh teu percayaeun. Asa piraku, ceuk pikirna.

“Teu percaya nya…?” Si Acim neuteup.

Si Duyéh ukur unggeuk.

“Lamun teu percaya mah, ku kuring dibéré contona atuh nya.” Ceuk si Acim bari ngadeukeutan si Duyéh.

“Sok atuh, lamun heueuh mah aya.” Si Duyéh nangtang.

“Manéh apal teu naon Basa Inggrisna lengkep…?” Si Acim nanya ka si Duyéh bari neuteup.

“Naon nya…?” Si Duyéh kerung, mikir. “Eh, heueuh. Complete lain.”

“Heueuh tah geningan manéh apal kénéh. Jadi Basa Inggrisna lengkep téh apanan kumplit.” Ceuk si Acim bari ngucapkeun complete téh maké logat Sunda.

“Lain kumplit atuh, complete kitu….” Si Duyéh sorana rada naék.

“Da, dibacana mah apanan kumplit, lin…?”

Si Duyéh teu némbalan.

“Salian ti éta aya deui kecap anu séjénna.” Ceuk si Acim deui. “Hayang nyaho teu…?”

“Tapi anu bener nya?” Ceuk si Duyéh hayang anu bener-bener, lain ngan ukur heureuy.

“Lamun Basa Inggrisna tenang naon…?” Ceuk si Acim deui nanya ka si Duyéh.

“Teu apal ah éta mah.” Témbal si Duyéh.

“Piraku teu apal. Da kecap éta mah gampang pisan atuh.”

Si Duyéh teu némbalan.

“Hayang apal? Basa Inggrisna tenang téh kalem.” Ceuk si Acim.

“Aya kitu dina Basa Inggris kecap kalem?” Si Duyéh teu percayaeun.

“Nya aya atuh. Matak kuring nyebut kecap éta téh.”

“Ditulisna kumaha kitu?” Si Duyéh panasaran.

“Ditulisna mah C-A-L-M. Ngan dibacana jadi kalem.” Si Acim ngajéntrékeun.

“Kalem kitu dibacana? Asa piraku. Lain kalem meureunan.”

“Bener ieu mah, dibacana teh kalem.” Si Acim keukeuh.

“Nya kumaha manéh waé lah.” Si Duyéh embung kapapanjangan.

Basa Inggris Urang Lembur


“Mon, urang mah kadang osok bingung lamun nempo aksara atawa ngadéngé anu ngomongna Basa Inggris téh.” Ceuk si Acim dina hiji waktu.

“Naha kumaha kitu?” ceuk si Omon héraneun.

“Eta waé loba pisan anu teu kahartina.” Ceuk si Acim rada bingung.

“Piraku masih kénéh bingung.” Ceuk si Omon.

“Da kumaha deui atuh….”

“Eta, ari diajar bahasa Inggris geus sabaraha taun?” Si Omo mencrong.

“Nya…, lima taun meurenan.”

“Naha maké meureunan sagala…?”

“Nya, bener lah lima taun.” Témbal si Acim supaya jéntré.

“Piraku waé atuh ari geus lima taun tacan bisa kénéh nanaon mah.” Si Omon nyindiran. “Ari kuring mah nya teu nanaon. Da kuring mah diajarna ogé ngan ukur tilu taun.”

“Lain perkara lila atawa henteuna ieu mah. Tapi da tetep wav anu ngaranna Basa Inggris mah hésé.”

“Hésé sotenan ceuk nu teu diajar atawa embung diajar. Da anu daék mah gampang ngartina.”

“Heueuh lebah dinyana mah. Tapi da tetep waé pikeun kuring mah, béda Basa Inggris téh.”

“Maksud manéh béda kumaha?”

“Nya béda wae. Heueuh éta, mani béda….”

“Béda kumaha…?” Si Omon megat omongan. Manéhna beuki panasaran.

“Heueuh. Béda antara Basa Inggris anu diajarkeun di sakolah reujeung basa Inggris di urang.” Ceuk si Acim.

“Béda kumaha…? Da anu ku kuring apal mah, Basa Inggris mah sarua waé, hésé!” Ceuk si Omon.

“Kuring ogé sarua, héséna mah. Ngan kacida bédana antara Basa Inggris urang Inggris reujeung Basa Inggris di urang.”

“Manéh mah jadi lieur ka kuringna ogé.” Si Omon ngahuleng, “piraku béda sagala! Di mana-mana ogé anu ngaranna Basa Inggris mah sarua.”

“Ih, manéh mah can apal nya?”

“Apal naon…?” Si Omon malik nanya bari mencrong.

“Heueuh, apanan ceuk guru kuring di sakola mah cenah, di lembur oge osok maké Basa Inggris. Nya kaasup di lembur urang. Tah urang téh biasana mah osok maké Basa Inggris.” Ceuk si Acim ngajelaskeun.

“Basa Inggris?” Si Omon beuki teu ngarti.

“Enya urang nyarita téh maké Basa Inggris. Tapi Basa Inggrisna téh apanan kacida bédana jeung Basa Inggris anu ti Inggris.”

“Maksud manéh naon atuh…?”

“Kuring mah sakadar méré nyaho wungkul, yén urang téh sabenerna dina nyarita téh maké Basa Inggris, ngan Basa Inggrisna béda.”

“Kitu nya…?”

“Meureun….”