Pagelaran Kampung Wisata di Kampung Kreatif Dago Pojok


Salila dua poé, Ahad – Senén ping 27 – 28 Oktober 2013, Bandung Creative City Forum (BCCF) kalawan gawé bareng jeung Rumah Kreatif Taboo baris ngayakeun pagelaran Kampung Wisata Kreatif Dago Pojok. Pagelaran taun ieu mangrupakeun hiji totondén dijadikeunana atawa diresmikeunana konsép Kampung Wisata Kreatif Dago Pojok. Saméméhna mah pagelaran anu geus dilumangsungkeun ti taun 2011 ieu, ngan ukur pagelaran biasa. Mimiti taun ieu, wewengkon Dago Pojok dijadikeun Kampung Wisata Kreatif kalawan dikokojoan ku Kang Ayi (tilas wakil wali kota Bandung). Tujuan dijieunna Kampung Wisata Kreatif ieu nyaéta ayana kahayang pikeun ngarobah konsép tina kampung urban anu condong ngajadikeun imah ngan ukur tempat pangajrekan saheulaanana saméméh miang deui, jadi tempat pikeun memener pasualan ékonomi, budaya jeung pasualan séjénna. Antukna, masarakat bisa ngokolakeun poténsi anu aya di kampungna.

Mapag pagelaran Kampung Wisata di Kampung Kreatif Dago Pojok
Mapag pagelaran Kampung Wisata di Kampung Kreatif Dago Pojok

Dina acara pagelaran ieu baris dipintonkeun rupa-rupa kamonésan jeung kasenian tradisional Sunda diantarana waé aya pintonan pencak silat jeung léngsér. Ditambah ogé ku pagelaran musik karinding, wayang golék, tarawangsa, ketuk tilu, rampak sekar, celempungan, kuda rénggong jeung anu séjénna. Terus aya deui paméran potograpi, lukisan jeung patung. Salila lumangsungna pagelaran, cenah, jalan ka Dago Pojok anu panjangna kurang leuwih dua kilo baris ditutup henteu bisa diliwatan ku kandaraan hususna kandaraan gilinding opat (mobil). Sapanjang jalan Dago Pojok baris dipaké pagelaran, baris aya opat panggung pikeun mintonkeun kasenian. Aya ogé pagelaran kaulinan barudak baheula saperti maén rebutan, tatanding ngulinkeun kaulinan barudak ditambah ku rupa-rupa jajanan tradisional jeung kamotékaran warga masarakat Dago Pojok.

Ngeunaan waktuna, pagelaran ieu baris lumangsung salila dua poé ti mimiti jam dalapan isuk-isuk nepikeun ka jam sapuluh peuting. Nurutkeun rarancang, dina bubukana ieu pagelaran baris diluuhan ku wali kota Bandung ayeuna, Ridwal Kamil.

(Potret meunang nginjeum ti Pikiran-Rakyat Online)

BandrOS, Tina Kadaharan jadi Sistem Operasi Hénpon


Saha anu teu apal kadaharan anu ngaranna bandros? Pasti geus papada apal. Bandros téh salasahiji jinis kadaharan anu dijieunna tina tipung béas anu dicampur reujeung parud kalapa. Diasakanana saperti surabi maké citakan satengah buleudan tur rada ipis. Ngeunah pisan didaharna nalika haneut kénéh.

Sistem operasi BandrOS dina henpon
Sistem operasi BandrOS dina henpon

Ngaran bandros ieu, nalika dipaké ku LIPI mah lain ngaran kadaharan tapi ngaran perkara anu lian jinis. BandrOS (ngagunakeun hurup O jeung S anu gedé) dipaké ngaran pikeun hiji jinis sistem operasi pikeun hénpon pinter saperti Android atawa iOS. Nurutkeun inpo, ieu sistem operasi téh dijieun ku urang Indonésia (di LIPI) kalawan maké dadasar tina Linux. Sanajan maké dadasar tina Linux, BandrOS béda reujeung sistem operasi hénpon Android. Lamun dipanjangkeun mah BandrOS téh mangrupakeun singketan tina Bandung Raya Operating System. Sistem operasi BandrOS ieu mimiti diwangun dina taun 2010.

Nurutkeun rarancangna mah, BandrOS mangrupakeun gabungan hardware jeung software husus jieunan LIPI. Hardwarena mangrupa parabot keupeul (handset) anu dilengkepan ku kartu SIM dua siki, kamérana 2 MP kalawan dirojong prosésor 1 GHz. Ngan pikeun sawatara waktu ayeuna mah masih kénéh dina rupa software anu bisa diasupkeun kana hénpon Android.

Sakumaha sistem operasi hénpon séjénna, BandrOS ogé nyadiakeun kamampuhan pikeun ngirim talatah reujeung maén gim (kaulinan). Ngan salian ti kamampuhan anu biasa éta, BandrOS ogé dilengkepan ku kamampuhan séjénna anu tacan tangtu aya dina sistem operasi séjén saperti Android. Kamampuhan anu jadi kapinunjulan BandrOS diantarana waé nyaéta bisa dipaké pikeun kaperluan husus saperti ‘peringatan dini bencana’ katut henteu bisa ‘disadap’. Pikeun ngarojong pangabutuh husus séjénna, LIPI bisa nyieun aplikasina diluyukeun reujeung pangabutuh.

(Potret meunang nginjeum ti Merdeka.com)

Lomba Kaulinan Budak Baheula ti Komunitas Kamonésan Lédeng


Dina raraga ngareuah-reuah milangkalana nagri Indonésia anu ka-68, sababaraha waktu ka tukang Komunitas Kamonésan Lédeng Bandung ngayakeun lomba kaulinan barudak. Ieu lomba téh dilaksanakeun dina poéan milangkana kamerdikaan Indonésia 17 Agustus 2013 kalawan tempatna di Jalan Sérsan Surip Lédeng.

Lomba Kaulinan Budak Baheula ti Komunitas Kamonésan Lédeng
Lomba Kaulinan Budak Baheula ti Komunitas Kamonésan Lédeng

Salian ti pikeun ngareuah-reuang kamerdikaan Indonésia, lomba kaulinan barudak ieu miboga maksud pikeun miara budaya Sunda hususna rupa-rupa kaulinan anu bisa dipaké kaulinan barudak baheula, anu aya geus kadongsok ku kaulinan modérn (digital).

Jinis kaulinan barudak anu dilombakeun téh diantarana waé: boy-boyan, galah asin, sorodot gaplok, gatrik, pochesan katut maén rebutan. Salian ti anu dilombakeun, diayakeun ogé kaulinan anu henteu dilombakeun kayaning sumpit jeung bedil lodong.

Saacanna lomba dilumangsungkeun, acarana dieusi heula ku diayakeunana pintonan budaya saperti pencak silat, oray-orayan, jeung anu séjénna. Panitia katut pamilon ieu acara ragem maraké baju adat Sunda. Pakakas anu dipaké dina lombana, ilaharna waé saayana. Pon kitu deui reujeung hadiah panglélérna, basajan pisan. Anu jadi jawara ieu lomba dilélér hadiah mangrupa béas reujeung hayam.

Pikeun inpo, Komunitas Kamonésan mangrupakeun riungan jalma anu aya di Jl. Sersan Surip RW 04 Lédeng Bandung anu dijieun tina gunem catur di warung anu tujuanana pikeun miara kaulinan jaman baheula supaya henteu leungit.

(Inpo katut gambar meunang nyutat ti Pikiran Rakyat)

Mikawanoh Komunitas Aleut!


Mimiti ngadéngé ngaranna, kaciri nyundana téh. Aleut, mangrupakeun kecap dina Basa Sunda anu nuduhkeun kaayaan anu ngabring. Dina hal ieu mah anu ngabringna téh nya sababaraha urang jalma atawa lobaan. Ngaleut mangrupakeun pagawéan sababaraha urang jalma (atawa lobaan) anu ngabring muru ka tempat anu dijugjug.

Ngeunaan Komunitas Aleut!, bisa disebutkeun mangrupakeun komunitas anu anggahotana barudak ngora anu hayang mikacinta kana tempat (dayeuh) anu keur dianjrekanana. Mikacintana ku jalan mikawanoh jeung néangan luang tina sajarahna. Sakumaha ngaranna, kagiatan poko anu dilumangsungkeun ku ieu komunitas téh nyaéta ngaleut atawa ngabring mapay tempat atawa ngajugjug tempat anu miboga niléy sajarah. Ku jalan ngaleut, dipiharep dina ngahargaan kana sajarah téh bisa leuwih loba anu mikaresep. Harepanana, niléy sajarah téh bisa dilarapkeun dina basa katut kahirupan sapopoé.

Komunitas Aleut! di twitter
Komunitas Aleut! di twitter

Komunitas Aleut! dikokolakeun ku saurang koordinator kalawan dibantuan ku sababaraha urang anggahota aktip salaku pangurus poéan. Struktur dina Komunitas Aleut! henteu tetep, tapi disaluyukeun reujeung pangabutuh.

Pikeun anu hayang ngiluan kana ieu komunitas, Komunitas Aleut! bisa diiluan ku saha waé kalawan sarat henteu ngabeuratkeun. Da ieu Komunitas mah lain néangan untung. Sarat anu kudu dicumponan kunu hayang jadi anggahota nyaéta:

  1. Bisa maca aksara latén.
  2. Miboga kahayang pikeun diajar.
  3. Resep leuleumpangan (jalan-jalan).
  4. Ngeusi keretas pormulir paranti daptar.

Anu hayang jadi anggahota ngan ukur dipénta waragad sapuluh réwu pikeun sataueun. Ieu waragad téh pikeun gaganti nyieun pin anggahota (unggal anggahota baris dibéré pin), béaya sms pikeun bewara lamun aya kagiatan ngaleut, jeung pikeun kas.

Sedengkeun papagon anu kudu dicekep ku unggal anggahota Komunitas Aleut! ieu, diantarana waé:

  1. Turut tumut kana papagon umum salaku warga masarakat.
  2. Nyumponan tanggung jawab salaku anggahota komunitas saperti silih tulungan, henteu ading adiguna, ogé henteu ngamangpaatkeun komunitas pikeun kapentingan anu henteu bener.
  3. Henteu ngamangpaatkeun data jeung aksés anggahota Aleut! pikeun kapentingan pribadi atawa kelompok di luar Komunitas Aleut! bari taya idin ti pengurus.
  4. Ngiluan kana kagiatan diajar babarengan.
  5. Sanajan taya tatali katut kawajiban anu pakaitna dina hal organisasi, harepanana mah bisa nyekel kana aturan anu aya.
  6. Pangurus bisa ngaluarkeun salasaurang anggahota lamun dianggap ngaganggu anggahota séjén dina komunitas.
  7. Anu ngiluan komunitas Aleut! ogé kudu apal jeung nyaluyuan katut ngalaksanakeun dadasar Komunitas Aleut!, manco dina kagiatan anu dilumangsungkeun, ngajaga harga diri komunitas katut ngaragangan anggahota anu séjénna.
  8. Sanggup ngagunakeun idéntitas Komunitas Aleut! dina unggal ngiluan kagiatanana.

Nurutkeun data anu diancokeun dina blog Komuunitas Aleut, ieu komunitas diadegkeun dina taun 2006. Kalawan sekretariat ayeuna di Jalan Sumur Bandung No. 4 Bandung 40132. Alamat sérélék di komunitasaleut@gmail.com, akun pésbukna di klab_aleut@yahoo.com, akun twitter di @KomunitasAleut. Sedengkeun alamat lokana di aleut.wordpress.com.

(Inpo meunang nyutat ti aleut.wordpress.com)

Merenahkeun Patempatan di Dayeuh Bandung Jaman Walanda


Salasahiji pangaweruh anu bisa katarima nalika ngiluan ngaleut nyaéta ngeunaan pangabisa urang Walanda dina merenahkeun patempatan anu aya di dayeuh Bandung. Unggal wewengkon di dayeuh Bandung dicawiskeun pikeun kaperluan anu tangtu. Anu tangtuna ogé nurutkeun itung-itungan heula, henteu sagawayah. Di wewengkon mana kudu diwangun pasar, puseur pamaréntahan, jeung anu séjénna.

Dina hal ieu kaasup ogé dina nempatkeun ngaran-ngaran wewengkon katut ngaran jalan. Ngaran wewengkon katut jalan di Jaman Walanda geus ditangtukeun. Utamana ngaran-ngaran jalan anu sajinis dikumpulkeun di hiji wewengkon. Aya wewengkon anu ngaran jalanna ku ngaran tutuwuhan, aya wewengkon anu ngaran jalanna ku ngaran mamanukan, jeung anu séjénna. Kaasup jalan anu dingaranan ku ngaran-ngaran dokter. Sababaraha jalan anu dingaranan ku ngaran dokter ngumpul di wewengkon Pasirkaliki nyambung ka Cipaganti.

Salasahiji wewengkon di dayeuh Bandung anu ngaran jalanna tina ngaran dokter
Salasahiji wewengkon di dayeuh Bandung anu ngaran jalanna tina ngaran dokter

Hal ieu, sigana mah supaya gampang dina ngokolakeun inpo ngeunaan wewengkon anu aya di dayeuh Bandung. Lamun néangan jalan atawa wewengkon anu ngaranna tangtu, kari nyocogkeun waé ngaranna téh tina jinis naon. Lamun ngaran jalanna tina ngaran dokter, kari nuduhkeun ka wewengkon anu tadi (Pasirkaliki béh kalér), moal ka wewengkon mana deui. Jadi henteu bingung atawa kudu aprak-aprakana ka mana-mana lamun néangan hiji jalan.

Ngeunaan sabudeureun tempat cicing baheula, hususna urang Walanda, henteu leupas tina tutuwuhan. Di buruan imah téh, cenah, loba anu dipelakan tutuwuhan. Buruan imah téh henteu diantepkeun lénglang tanpa iuh-iuhan. Ieu kaayaan béda reujeung Bandung ayeuna. Taneuh pikeun ngawangun imah téh dibéakeun kabéh pikeun ngawangun imah, taya tempat pikeun nanem pepelakan atawa tutuwuhan. Ngan saeutik anu bisa pepelakan di hareupeun imah téh. Masih kénéh ngeunaan wangunan imah, di tukangeun imah urang Walanda mah osok dilengkepan ku jalan pikeun panglumpatan nalika aya bahya atawa bancang pakéwuh saperti aya lini.

Mikawanoh Tutuwuhan, Pélingna Ngaleut Kedokteran


Sakumaha wejangan ti panitia saméméh prak indit ngaleut, sanajan jejerna ngeunaan Kedokteran, dina prakna ngaleut mah henteu ongkoh ngan ukur manco kana hal kedokteran atawa kaséhatan wungkul. Komo nyanghareupan milangkala Komunitas Aleut anu katujuh, lamun manggihan hal atawa obyék poto anu alus mah, ulah tinggaleun. Arék tutuwuhan atawa obyék séjénna, supaya hasilna bisa diancokeun engké nalika milangkala.

Bener waé salila ngaleut téh lain ngan ukur ngagugulung masalah kedokteran jeung kaséhatan wungkul. Dina prak-prakanana aya pedaran ngeunaan tutuwuhan utamana tutuwuhan anu kapanggih salila ngaleut. Sabenerna mah loba tutuwuhan anu kapanggih, ngan aya sababaraha tutuwuhan anu digunemcaturkeun ku anu leuwih apal kana éta masalah tutuwuhan (mahasiswa Biologi sigana mah). Aya pepelakan hui, cau, cau kipas, buah Dewandaru, jeung gedang.

Ngariung pepelakan hui
Ngariung pepelakan hui

Cenah aya cau téh salian bisa didahar, aya ogé jini cau anu henteu bisa didahar. Ciri-cirina cauna paranjang laleutik, terus rupa atawa warna jantungna méncrang. Panasaran ogé, hanjakal henteu disebutkeun ngaran jinis cauna. Soalna di lembur aya cau hoé anu paranjang laleutik, ngan warna jantungna poho deui, anu ngaranna cau hoé. Cau ieu mah tara dipelak, jadina di pileuweungan.

Ngariung magunemkeun masalah cau
Ngariung magunemkeun masalah cau

Aya deui tangkal cau kipas. Ngeunaan cau kipas, cenah bisa dipaké pikeun nuduhkeun arah kiblat. Tambahanana deui, aya tutuwuhan anu kakara panggih, nyaéta tangkal Dewandaru. Kakara harita manggihanana. Nilik kana rupa buahna mah siga buah ceremé. Buahna ogé bisa didahar cenah, rasana rada haseum.

Kumpul ngariung magunemkeun masalah cau kipas
Kumpul ngariung magunemkeun masalah cau kipas
Buah Dewandaru
Buah Dewandaru

Ngaleut Kaséhatan, Mikawanoh Ngaran Dokter Jaman Baheula


Kagiatan ngaleut Komunitas Aleut dina poé Ahad ping 19 Méi 2013 dijejeran ku Ngaleut Kedokteran, anu miboga maksud pikeun ngaprak wewengkon kedokteran di dayeuh Bandung. Dina ieu acara ngaleut, anu ngiluan bisa mikawanoh saha waé dokter-dokter anu ngaranna dipaké ngaran jalan anu aya di éta wewengkon. Salian ti mikawanoh ngaran dokterna, ogé bisa apal kana kumaha icikibung aranjeunna dina widang kaséhatan.

Ngaleut Kedokteran
Ngaleut Kedokteran

Kagiatan dimimitian ku ngumpul di sekretariat Komunitas Aleut, Jalan Sumur Bandung No. 4. Sanggeus kumpul ngariung jeung meunang wawaran ti panitia, anu ngiluan ngajugjug ka wewengkon anu dituju. Acara ngaleutna sorangan dimimitian di Taman Abdul Rivai anu perenahna di Jalan Abdul Rivai, Kelurahan Pasirkaliki. Ti dinya diteruskeun ka belah kulon, ka Jalan DR Cipto. Di deukeuteun SDN Pajajaran, méngkol ka katuhu ka Jalan Dr Rubini anu tembus ka Jalan Dr Rum. Ti Jalan Dr Rum, méngkol ka Jalan Dr Wahidin. Diteruskeun ka Jalan Dr Radjiman arah wétan, tuluy méngkol deui ka kénca muru Jalan Rontgen. Ti dinya ngalér tembus ka Jalan Dr Erhlich. Di dieu eureun heula sakeudeung. Anu lapar, bisa ngaganjel heula beuteung.

Teu lila, diteruskeun deui béh wétan ka Jalan Dr Curie. Di pertelon kahiji méngkon ka katuhu anu nyambung ka Jalan Taman Curie. Ti Jalan Taman Curie nyambung deui ka Jalan Dr Curie. Tepung jeung Jalan Dr Sukimin, méngkol ka kalér anu tembus ka Jalan Pasopati. Meuntas jalan Pasopati, asup ka Jalan Dr Saleh anu disambung ku jalan Dr Slamet. Anjog ka Jalan Dr Eyckman, méngkol ka kulon tembus parapatan Jalan Cipaganti. Ti dinya muru ka masigit Cipaganti. Acara ngaleut dipungkas di masigit Cipaganti ieu.

Jalan anu diliwatan ku anu ngaleut
Jalan anu diliwatan ku anu ngaleut

Dina mapay jalan anu dingaranan ku ngaran dokter ieu, dijelaskeun ngeunaan saha dokter anu jalanna keur disanghareupan katut kumaha waé ketakna dina widang kaséhatan. Ku hal ieu anu ngiluan ngaleut téh sahanteuna bisa apal saha waé dokter anu miboga jasa dina widang kaséhatan. Boh arék dokter urang Indonésia atawa urang luar nagri. Lamun aya inpo anu kurang parna, bisa silih lengkepan ku saha waé anu apal inpona.

Dina sela-sela ngaleut, lain ngan ukur meunang oléh-oléh inpo ngeunaan dokter jeung kaséhatan, aya ogé inpo atawa élmu ngeunaan hal séjénna. Diantarana waé ngeunaan tutuwuhan, sasatoan jeung kaayaan lingkungan anu kasorang. Salila ngaleut, manggihan sababaraha tutuwuhan katut inpo ngeunaan éta tutuwuhan ti anu leuwih apal.