Pésbukan (Facebookan), Kecap dina Basa Sunda atawa Bahasa Indonésia?


Pésbukan atawa facebookan mangrupakeun hiji pagawéan anu ilahar di jaman ayeuna mah. Geus jadi sabiwir hiji, pésbuk téh geus jadi cocooan di jaman ayeuna mah. Teu nempo di umur deui, arék budak, rumaja atawa kolot, miboga akun atawa jadi anggahota pésbuk. Lamun mimitina mah, anu mikaresep pésbuk téh ngan ukur anu ngarora wungkul (rumaja), ayeuna mah geus nerekab ka budak leutik jeung kolot. Kolot ogé ngadon ngiluan nyonyoo pésbuk.

Kusabab kitu, ayeuna mah teu anéh lamun aya kecap anyar anu ngaranna pésbukan. Pésbukan nuduhkeun jalma anu keur nyonyoo pésbuk atawa migawé pagawéan anu aya pakaitna reujeung pésbuk. Ti mimiti ngalongok jero akun pésbuk bogana, mairan pikiran atawa tulisan batur, nempoan poto jeung pidio atawa ngan saukur ngobrol ku tulisan ngaliwatan pésbuk. Pokona mah anu aya pakaitna reujeung pésbuk. Boh maké hénpon atawa maké kompiuter.

Pesbukan

Jadi jalma anu keur nyonyoo pésbuk téh disebutna keur pésbukan. Pésbukan, nuduhkeun kecap pagawéan. Ngan lamun ditalungtik mah, kecap pésbukan téh ngaharib-harib wangunan kecap dina kabeungharan kecap Basa Sunda. Pésbukan téh bisa disebutkeun mangrupakeun kecap rajekan tina kecap pésbuk ditambah rarangkén tungtung -an. Jadi waé kecap pésbukan. Naha bet boga anggapan kitu?

Alesanana mah, dina Bahasa Indonésia mah asa euweuh kecap anu dibéré rarangkén ahir atawa tungtung -an anu jadi kecap pagawéan. Kecap anu miboga rarangkén tungtung -an, biasana mah osok jadi kecap barang atawa anu nyarupaan. jadi kecap pésbukan téh sigana mah teu cocog jadi kecap dina Basa Indonésia.

Ari dina Basa Sunda? Loba pisan kecap dina Basa Sunda anu diwangun ku rarangkén tungtung -an. Salasihiji jinis kecap rajekan anu maké rarangkén tungtung -an téh miboga harti ngalakukeun hiji pagawéan. Jadi kecap pésbukan téh nuduhkeun pagawéan anu aya pakaitna reujeung pésbuk.

Bener kitu…?

Bahasa Sunda, Aplikasi Tarjamah Basa Indonesia – Basa Sunda dina Hénpon Android


Kokoréh di internét ngeunaan Basa Sunda, ahirna mah anjog ka loka ANDROIDBLIP, anu ngancokeun ngeunaan Bahasa Sunda. Nurutkeun katerangan dina ieu loka, anu dipimaksud ku Bahasa Sunda di dieu mangrupakeun ngaran hiji program aplikasi anu gunana pikeun narjamahkeun kecap-kecap tina Bahasa Indonésia kana Basa Sunda atawa sabalikna (Basa Sunda kana Bahasa Indonésia).

Ancoan program Aplikasi Bahasa Sunda dina henpon Android

Program aplikasi Bahasa Sunda ieu dijieun pikeun dijalankeun dina hénpon Android. Program aplikasi Bahasa Sunda ieu dijieun ku alpukahna GITS Indonesia. Program aplikasi ieu miboga kamonésan diantarana:

  1. Bisa nangkep sora (voice input)
  2. Tarjamah Bahasa Indonésia – Basa Sunda
  3. Tarjamah Basa Sunda – Bahasa Indonésia
  4. Babagi tarjamahan kecap

Pikeun anu mikahayang program aplikasi Bahasa Sunda ieu, bisa ngundeur ti alamat loka http://www.androidblip.com atawa langkung ka http://www.androidblip.com/.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.androidblip.com/)

Naha Basa Sunda téh Bakal Leungit?


Geus lila, salaku urang Sunda anu mikaresep jeung mikahéman kana Basa Sunda, miboga rasa sieun bisi jeung inggis dina hiji waktu mah Basa Sunda téh bakal kari ngaran. Kari ngaran lain disababkeun urang Sunda areuweuh, tapi kusabab urang Sunda-na arembungeun ngagunakeun Basa Sunda. Urang Sunda leuwih resep maké Basa séjén tibatan maké Basa Sunda. Nya istilahna mah Jati kasilih ku junti téa.

Kahariwang ieu lain tanpa bukti. Bukti anu nyata ngeunaan kasieun ieu geus kabandungan dina kahirupan sapopoé, utamana di wewengkon dayeuh. Loba urang Sunda anu leuwih remen ngagunakeun Bahasa Indonesia tibatan Basa Sunda dina obrolan sapopoéna. Najan obrolanan téh reujeung sasama urang Sunda. Leuwih jauhna deui, budak ogé umumna diajarkeunana téh Bahasa Indonesia lain diajarkeun maké Basa Sunda. Jadi leuwih milih maké Bahasa Indonesia tibatan Basa Sunda. Tapi ieu mah lain mikaceuceub Basa Indonesia, ieu mah ngan ukur miboga kasieun, lamun henteu ku urang Sunda anu makéna ku saha deui atuh makéna Basa Sunda téh? Lamun lain ku urang Sunda, ku urang mana deui atuh anu bakal miara Basa Sunda téh.

Kongres Basa Sunda jadi jalan pikeun ngamumule Basa Sunda

Lamun kaayaan ieu diantepkeun, tangtuna ogé teuing sabaraha lila deui Basa Sunda téh bakal kari ngaran. Ayana mah aya, ngan euweuh anu ngagunakeun. Kusabab kitu kudu nyieun cara atawa tarékah anu nyata pikeun ngahalangan ieu kaayaan. Kudu néangan cara supaya Basa Sunda téh dipaké dina obrolan sapopoé, hususna ku urang Sunda. Tarékah mah katempona geus aya (bisa disebutkeun geus loba): ayana paraturan pamaréntah hususna Pemda Jawa Barat ngeunaan ngagunakeun Basa Sunda, panalungtikeun ngeunaan Basa Sunda supaya Basa Sunda bisa ngigelan jaman, ngagunakeun média (buku jeung internét) anu aya pikeun nyebarkeun Basa Sunda, jeung réa-réa deui. Mudah-mudahan waé sagala tarékah anu dijalankeun téh saeutikna aya matihna dina ngaleungitkeun kasieun yén Basa Sunda bakal leungit.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.jendelasastra.com)

Ngarumasna Maké Basa Tarjamahan dina Téhnologi


Anu geus biasa maké Basa Inggris dina widang téhnologi, hususna kompiuter, tangtuna gé geus apal kana kekecapan anu biasa dipaké dina widang kompiuter. Malahan mah apanan lain ngan ukur kecapna wungkul anu geus kacangkem téh, tapi ogé simbulna atawa tandana geus apal pisan. Lamun tanda maké gambar anu kitu, hartina téh kitu. Teu kudu néangan atawa ngoréhan deui hartina.

Kekecapan anu dipaké dina widang anu disinghareupan geus molotok deui. Lamun remen nyanghareupan atawa ngagunakeun kompiuter, geus teu anéh deui nyanghareupan sagala kekecapan anu aya dina kompiuter. Kekecapan anu kalolobaanana (lamun henteu disebut sakabéhna) mah maké Basa Inggris.

Wordpress dina Basa Sunda

Lamun geus kabiasaan maké Basa Inggris dina nyanghareupan kompiuter, atuh bakal karasa ngarumasna atawa bédana nalika nyanghareupan kompiuter dina basa anu béda. Contona waé lamun basa anu dipaké dina kompiuter téh Bahasa Indonésia atawa Basa Sunda. Bakal manggihan kekecapan anu béda, sanajan perlambangna atawa simbulna sarua. Bakal manggih rasa kagok atawa kararagok kusabab kekecapanana béda. Éta waé dina dunya blog, apanan bakal manggihan kekecapan anu béda jeung asa anyaran manggihan yén kecap éta téh bet asup kana kabeungharan kecap dina blog. Apanan aya kecap undeur pikeun narjamahkeun download. Lamun nilik kana kecap mah apanan undeur téh biasa dipaké pikeun ngala pupucukan, ari ieu dina basa kompiuter bet asup dipaké pikeun ngala payil ti internét.

Béh dituna, lamun kabéh kecap dina téhnologi ditarjamahkeun kana basa urang (Basa Sunda), bakal manggihan kekecapan anu arang kapaké dina omongan sapopoé. Jeung bakal nambahan kabeungharan kecap dina Basa Sunda. Najan nyababkeun karagok dina makéna, tapi aya alusna pikeun miara basa hususna Basa Sunda.

(Gambar meunang nginjeum ti http://en.wordpress.org/wp-content/languages/shots/shot-su_ID.png)

Basa Sunda di Internét


Waktu maca ngeunaan wordpress basa Sunda, anu kaciri rada hémeng téh nyaéta cara ngagunakeun kecap-kecap dina basa Sunda pikeun narjamahkeun atawa ngaganti kecap tina Basa Inggris. Sanajan henteu sakabeh kecap ditarjamahkeun, aya sababaraha kecap anu bisa ditarjamahkeun kana Basa Sunda.

Sakumaha anu bisa katitenan dina situs http://su.wordpress.org, aya kekecapan anu jarang kapanggih dina dunya internét. Eta kecap téh sanajan tara kapanggih di dunya internét, di dunya biasa mah dina ucapan sapopoé mah kadang osok dipaké. Coba waé titénan kalimat anu aya dina Pituduh Nginstal wordpress anu unina:

Bahékeun (unzip) gémbolan WordPress Sunda nu meunang ngundeur.

Nengetan kana rundayan kecapna, éta kekecapan téh geus teu anéh deui dina kahirupan sapopoé. Ngan cara makéna lain dina dunya internét. Kecap ‘Bahékeun’, nuduhkeun kana paréntah supaya ngawurkeun atawa ngaluarkeun naon anu diwadahan. Kecap ieu téh jadi sasaruaan tina kecap unzip. Kecap anu saterusna nyaéta kecap ‘gémbolan’. Kecap ieu nuduhkeun kana barang, wadah paranti ngagémbol atawa neundeun barang. Gembolan biasana mah osok dipaké ku awéwé lamun mamawa barang anu saeutik dina tungtung samping anu disampingkeun kana cangkéng. Gémbolan di dieu nuduhkeun kana berkas atawa fail anu dihijikeun (zip). Kecap anu panungtung nyaéta ngundeur. Kecap ngundeur biasana mah dipaké lamun eukeur ngala dangdaunan sabangsaning pucuk daun atawa kekembangan.
Jadi lamun dititenan mah lamun hayang narjamahkeun atawa néangan harti kecap anu geus jadi istilah dina basa séjén, bisa nginjeum kecap dina Basa Sunda anu osok dipaké sapopoé.

Tetempoan wordpress dina Basa Sunda (asal poto: http://su.wordpress.org/wp-content/languages/shots/shot-su_ID.png)

Conto séjénna anu masih kénéh aya dina pituduh nginstal wordpress dina Basa Sunda téh nyaéta: unggah sarua jeung upload; juruladén sarua jeung server, katut kecap séjénna.