Rejeki teu Pahili-hili, Bagja teu Paala-ala


Rejeki unggal jalma geus aya catetanana. Unggal jalma geus miboga hancengan séwang-séwangan. Si A miboga rejeki sakitu, si B sakieu, geus aya cekelan jeung patokanana. Pon kitu reujeung bagja, geus jadi kayakinan yén jodo pati bagja cilaka éta geus aya dina katangtuan Gusti Alloh. Rejeki katut bagjana jalma geus aya dina patokan séwang-séwangan, geus aya cawisanana. Tinggal kumaha supaya éta rejeki jeung bagja téh bisa datang ka anu miboga cawisanana. Da rejeki jeung bagja moal datang sorangan (jarang pisan anu datang sorangan). Rejeki jeung bagja kudu ditéang supaya bisa kapanggih.

Ngan dina perkara néangan jeung ngoréhanana, ulah miboga kahariwang jeung kasieun rejeki katut bagja diri dipimilik ku batur atawa jalma séjén. Dina ngala rejeki ulah sieun rejeki cawisan diri diala ku batur.

-

Rejeki mah moal pahili-hili. Jadi rejeki pikeun hiji jalma moal pahili reujeung rejeki bogana batur. Entong sieun pahili kusabab rejeki batur mah loba ari rejeki sorangan ngan saeutik. Anu tungtungna bisa kaluar sipat sirik pidik jail kaniaya ka batur. Atawa gara-gara diri anu geus tihothat néangan rejeki tapi narima hasilna ngan saeutik saeutik, sedengkeun batur anu ngalana biasa-biasa waé tapi hasilna mucekil, miboga anggapan rejeki téh pahili.

Pon kitu deui reujeung bagja. Bagja moal silih ala reujeung batur. Bagja pikeun diri moal diala ku batur, pon kitu deui bagja pikeun batur moal bisa diala atawa kapimilik ku diri sorangan. Unggal jalma miboga rejeki jeung bagja cawisanana séwang-séwangan.

(Gambar meunang nginjem ti http://1.bp.blogspot.com/-6M8vbDsLZto/TmmI3RqHolI/AAAAAAAAAVg/ApmRbbxjr9M/s1600/DSC_0024+copy.jpg)

Ngahontal Kabagjaan anu Sampurna


Kabagjaan mangrupakeun udagan pikeun sakabéh jalma. Kabagjaan anu sampurna bisa disebut ogé kabagjaan anu taya tandinganana, kabagjaan anu paripurna, nyaéta kabagjaan dunya rawuh ahérat. Lamun di dunya bisa bagja, piraku dia ahérat ogé henteu meunang bagja. Sakumaha pidua urang sadayana, dina dua sapujagat (saur pun guru mah), dina nyuhunkeun kabagjaan teh apanan di dunya ongkoh, di ahérat ongkoh.

Komo pikeun jalma anu miboga kayakinan yén kahirupan lain ngan ukur di dunya, tapi ogé aya kahirupan di ahérat, bakal ngudag kabagjaan anu sampurna: bagja dunya ditambah ku bagja di ahérat. Aya kasaluyuan antara kabagjaan di dunya jeung di ahérat.

Bagja bungah

Pikeun meunangkeun kabagjaan di dunya, henteu ngan ukur ngandelkeun ngadua wungkul, tapi kudu jeung prak-prakanana. Pon kitu pikeun ngudag kabagjaan di ahérat. Kudu aya usaha anu nyata pikeun ngahontal kabagjaan éta. Pikeun ngudag kabagjaan di dunya, jalma kudu ngusahakeun bisa ngahontalna nalika keur hirup di dunya. Pikeun ngahontal kabagjaan di ahérat ogé sarua kudu diusahakeun, ngan ngusahakeunana teu bisa nalika keur di ahérat, tapi keur di dunya ieu. Anu ngaranna kabagjaan di ahérat ditangtukeun ku usaha nu dilakonan keur di dunya ieu. Di ahérat mah kari ngala buah usaha nalika di dunya ieu. Jadi usaha anu dilakukeun nalika di dunya lain ngan ukur pikeung ngudag kabagjaan di dunya wungkul, tapi kumaha carana supaya usaha anu dipigawé téh bisa dipaké pikeun ngahontal kabagjaan di ahérat ogé.

(Gambar meunang nginjeum ti http://2.bp.blogspot.com/-2tQ7TffLuBs/TjSx5zKEAxI/AAAAAAAAAIM/HD0F22OxWaY/s1600/bahagia.jpg)

Wilujeng Mapag Sasih Shaum Romadhon 1432 H


Bulan anu dianti-anti
Kiwari bakal balik deui
Hareupeun kawas kamari
Susuganan bisa nepi

Bulan anu didago-dago
Nungguan nepi ka manco
Geus di aya lawang panto
Rebun-rebun geus katenjo

Bulan nu ditunggu-tunggu
Ti baheula mula beh ditu
Najan itungan geus tangtu
Tetep teu nolih na waktu

Bulan puasa nu diteda
Geus cunduk dina waktuna
Nyanggakeun pangbagea
Pamaksudan bisa laksana

Bulan anu agung kacida
Ayeuna di hareupeun dada
Siapkeun bekel asupna
Camkeun naon kahayangna

Wilujeng Mapag Sasih Shaum 1432 H

Jodo Pati Bagja Cilaka Kagungan Gusti


Jodo pati bagja cilaka mah kumaha Gusti.

Jodo pati bagja cilaka mah kagungan Gusti.

Jadi inget kekecapan kolot, pikeun ngupahan téh biasana mah ku kecap jodo pati bagja cilaka mah geus aya anu nangtukeun. Perkara jodo pati bagja jeung cilaka mah aya dina kakawasaan Gusti Alloh. Jalma mah teu bisa kukumaha.

Éta kecap téh biasa dikedalkeun lamun aya jalma meunang karerepet anu hésé kaungkulanana, atawa meunang musibah. Kaasup ogé lamun aya jalma atawa dirina anu tacan meunang waé jodo.

Jadi anu opat perkara éta téh kabéhanana ogé geus aya anu nangtukeun nyaéta Gusti Alloh. Jalma mah teu bisa nanaon deui, da geus aya anu nangtukeun. Perkara jodo, unggal jalma geus ngabogaan jodona séwang-séwangan. Unggal jalma anu gubrag ka dunya geus dicatet saha jodona. Kitu deui ngeunaan pati atawa paéhna, geus ditangtukeun ku Gusti Alloh. Pon kitu deui jeung perkara bajga reujeung cilaka, duanana geus aya dina katangtuan Gusti Alloh. Jalma mah tinggal narimakeun naon anu geus dicawiskeun pikeun manéhna ti Gusti Alloh. Arék hadé atawa arek goréng, geus jadi kawajiban jalma pikeun narimakeunana. Da anu ngaranna Gusti Alloh mah Maha Sagala Nyaho, naon anu alus pikeun mahlukna reujeung naon anu goréng pikeun mahlukna (jalma).

Jodo pati bagja cilaka kagungan Gusti

Ngan dina kanyataanana, teu saeutik jalma anu teu bisa narima kana kanyataan. Da osok aya dina anu opat perkara ieu téh papalingpang reujeung kahayangna. Aya jalma anu hayang bagja, bisa waé kalahka meunang cilaka. Atawa jalma anu hayang paéh kusabab teu kuat nandangan tunggara dina hirupna, teu bisa paéh kusabab tacan waktuna. Atawa jalma anu hayang ngabogaan jodo anu ‘geulis’, kalahka meunang jodo anu pasalia reujeung anu dipikahayangna. Tapi teu kabéh kitu, da aya ogé dina opat perkara éta, anu sarua reujeung anu dipikahayang ku hiji jalma. Aya jalma anu hayang bagja, kaparengan dibéré bagja. Nya pastina saha anu henteu bungah. Aya jalma anu hayang dibéré jodo anu ‘geulis’, pék téh dibéré jodo anu sarua ‘geulis’. Nya éta mah wayahna waé kudu narimakeun.

Sanajan kitu, Gusti Alloh méré lolongkrang ka jalma pikeun nepikeun paménta, kaasup dina perkara anu opat ieu. Jalma dibéré jalan ku cara ngadoa nepikeun paméntana ka Gusti Alloh, hayang ménta anu kumaha. Ieu bisa jadi jalan pikeun nyaruakeun naon anu dipikahayang reujeung anu bakal kanyataan. Ngan tetep perkara bakal bukti atawa henteuna mah aya dina kakawasaan Gusti Alloh.

Aya Bagja Teu Daulat


Balik ti kampus, si Acim heraneun. Naha ngan aya hiji mobilna di sisi jalan teh? Naha henteu nambahan, beubeunngan ti dayeuh Jakartana? Naha henteu nambahan atawa memang henteu diteundeun di sisi jalan…? Kitu gerentes hatena. Turun tina angkot, manehna langsung muru ka imah kosan. Nepi ka imah, nyarampak anu boga imah sakulawarga eukeur pada-pada istirahat di tengah imah. Katempo ku manehna siga anu carape pisan. Nya, ku manehna oge kama’lum, henteu cape kumaha atuh. Da sakulawarga enggeus ngajugjug tempat anu kacida jauhna, ka dayeuh gede, nyaeta Jakarta tea. Mangkaning bulak-balik, indit rebun-rebun, balikna pabeubeurang muru ka sore.

Salian ti eta katempo ku manehna anu bontrakan teh lir ibarat anu pada-pada hanjelu atawa kaduhung jeung keuheul.

“Lamun apal bakal kieu mah meureunan hangeuk teuing kudu jauh-jauh ngajugjug ka Jakarta sagala.” ceuk si Ibu anu boga kontrakan bari rumahuh.

“Bener etana mah. Tapi asa piraku deui lamun tea mah eta undian teh bobohongan. Naha bisa bocor ka luar sagala.” Adina si Ibu anu boga kontrakan mairan.

“Menggeus lah, entong dicaritakeun bae. Da matak kitu oge meureun lain milik urang.” si bapa anu boga kontrakan ngagebes bari diuk dina korsi.

Ari si Acim tacan ngarti kana naon anu eukeur lumangsung. Manehna diuk dina korsi di gigireun si bapa anu boga kosan bari ngaregepkeun sagala anu eukeur diobrolkeun.

“Da lain neuteuli ieu mah. Tapi da kumaha geningan. Apanan urang teh geus hese cape ti mangkukna keneh. Neangan duit pikeun nembusna, terus kudu disusul sagala ka Jakarta. Tapi buktina geningan teu beubeunangan….” si ibu kontrakan tetep handeueuleun.
“Nya dikumaha deui atuh….” Tembal si bapa kontrakan bari nyarande kana korsi bari peupeureuman.

“Naha kumaha kitu Bu…?” Si Acim kakara ngabogaan lolongkrang pikeun nanya.

“Eh…, geus mulang. Sugan teh acan mulang.” si ibu kontrakan ngareret ka si Acim. “Eta…, perkara hadiah tea. Cenah mah teuaya undian nanaon da.”

“Naha, bet tiasa kitu nya…?” Si Acim heraneun.

“Nya kitu tea meureunan. Sigana mah aya anu ngaheureuykeun. Da lamun nilik kana surat anu nepi ka dieu mah apanan jiga anu bener jeung asli. Malahan mah apanan aya cap reujeung paraf ti anu ngayakeun undian reujeung ti kulisi sagala.” Ceuk adina ibu kontrakan.

“Bener eta teh. Da lamun henteu nilik kana suratna mah moal daek kudu ripuh-ripuh, hese-hese neangan duit pikeun nembusna reujeung dijugjugan ka kantorna sagala.” si ibu kontrakan mairan deui. “Lamun apal bakal kieu mah meureunan mending keneh jalan-jalan sakalian liburan.”

“Pami eta, saur ti dituna kumaha kitu…?” Si Acim nanya deui.

“Enya cenah mah da taya undian di dituna mah.” Tembal si ibu kontrakan.

“Enya. Tapi da nempo suratna mah sasaha oge pasti percaya yen eta surat teh asli ti anu ngayakeun undian.” si bapa mairan. “Reujeungna deui naha bisa eta kupon anu dikirim teh bet bisa nyasar ka mana wae. Lamun tea mah henteu ngayakeun undian, naha bet bisa aya dina surat anu dikirimkeun ka dieu.”

Kabehanana ngaharuleng.

“Tapi, geus lah tong dipikiran teuing lah. Sanajan geus bungah bakal meunang hadiah anu gede oge, tapi da lamun lain rejekina mah geningan angger wae teu nepi ka urangna.” Pungkas si bapa kontrakan bari cengkat muru ka kamarna.