Jajangkungan (Bagéan 2)


Sambungan tina tulisan kahiji.

Sanggeus titincakan jajangkunganana dibolongan (bolongna sagedé tihang jajangkungan), saterusna nyieun liang leutik di sisi bolongan anu tadi paranti maseuk mageuhan titincakan kana tihang jajangkungan, anu dicocogkeun reujeung liang paranti paseuk dina tihang jajangkungan. Panungtungan, nyieun paseuk pamageuh titincakan jajangkungan. Paseukna salian tina awi ogé bisa waé nyieun tina kai atawa paku. Paseukna dipaskeun atawa leuwih gedé tina liang paseukna supaya dina maseukna bisa pageuh.

Barudak sakola maen jajangkungan (asal poto: ti internet)
Barudak sakola maen jajangkungan (asal poto: ti internet)

Réngséna, kari nerapkeun tiluanana ngajadi hiji jajangkungan. Titincakan jajangkungan diasupkeun kana tihang jajangkungan. Tempatkeun titincakan sina pas kana liang paseuk anu geus dibolongan dina tihang reujeung titincakanana. Sanggeus pas, pageuhan titincakan kujalan dipaseuk maké paseuk meunang nyieun téa kana liang paseuk anu geus dibolongan. Sanggeus pageuh, teukteuk paseuk supaya rata reujeung titincakanana, ulah nolol teuing bisi nojos anu nyababkeun cilaka.

Cara maén jajangkungan

Maénkeun jajangkungan mah kalolobanana henteu langsung bisa. Kudu diajar heula. Utamana diajar nyaimbangkeun awak dina nincak jeung nyekelan jajangkungan. Sakumaha budak anu keur diajar leumpang.

Kadua leungeun nyekelan kana tihang jajangkungan. Lebah-lebahna, bébas sina antaré waé ulah matak kesel. Dampal suku ogé sina napak kana titincakan sina rinéh supaya henteu matak labuh jeung gampang kesel. Alusna mah, indung suku jeung ramo kaduana, nyapit kana tihang jajangkungan, sakumaha nyapit nalika maké sendal capit. Diajar dina tempat anu rata jeung aya tempat anu rada jangkung pikeun ngamimitian naék kana jajangkunganana (biasana dina gawir).

Ngala Pancar Pikeun Gaganti Suluh


Sakumaha suluh pikeun parab seuneu di hawu, pancar ogé bisa dipaké beuleumeun seuneu pikeun nyuluhan seuneu. Dina sakalina susah ngala suluh kusabab jauh atawa tangkal kaina baraseuh kénéh, pancar bisa dijadikeun gaganti suluh. Ngan anu ngaranna pancar mah teu sarua reujeung suluh tina tatangkalan. Pancar mah leuwih hampos tibatan suluh. Pancar mah gampang béakna lamun dibeuleum ku seuneu téh. Pancar mah gampang dibeuleumna, gampang béakna.

Ibu-ibu keur marawa pancar

Pancar téh suluh tina leunjeuran tangkal awi. Arék awi naon ogé sarua waé, asal awina anu geus garing, lain anu baseuh kénéh. Kabéh tatangkalan sabangsaning awi bisa dipaké pikeun pancar, lain ngan ukur awi tali atawa awi gombong wungkul. Nu penting mah awina gampang ngalana reujeung geus garing, jadi gampang pikeun dibeuleumna.

Najan gampang ngalana awi mah sakumaha anu geus disebutkeun di luhur, leuwih hampos tibatan suluh tina tangkal kai. Jadi dipakéna moal lila sakumaha suluh tina tangkal kai anu leuwih teuas tibatan tangkal awi.

(Gambar meunang nginjeum ti http://v-images2.antarafoto.com/gps/1290161117/kayu-bakar-17.jpg)

Jajangkungan


Naon atuh Ari Jajangkungan teh?

Jajangkungan, asal kecapna tina kecap jangkung. Dina kaulinan ieu mah barudak anu ngulinkeunana téh jadi jangkung da nangtungna téh bari naék kana tihang awi. Jadi dina kaulinan ieu mah, barudak anu maénkeunana téh naék tihang tina awi anu dijieun bari maké titincakan dina éta tihang awi téa. Ari jangkungna éta tihang mah taya ukuran anu tangtu. Kitu deui jeung jangkungna titincakan, taya katangtuan anu pasti. Umumna, jangkungna tihang jajangkungan téh, kira-kira satangtungeun budak anu makena ditambah ku jangkungna titincakan éta jajangkungan.

Bahan jeung Alat anu digunakeun

Dina nyieun jajangkungan, bahan anu digunakeun ngan ukur awi. Awi anu biasa dipaké mah nyaéta awi tali. Da awi tali mah gampang néanganana. Ukuran awi dina harti panjangna, gumantung kana jangkungna jajangkungan anu arék dijieun. Éta jangkungna jajangkungan téh dikali dua, kusabab jajangkungan mah sapasang, aya dua tihang. Terus ditambah ku titincakan, anu panjangna kira-kira dua kali panjang dampal suku barudak. Nyieun titincakan ogé sarua kudu dua, sakumaha tihangna. Ari ukuran awi dina harti gedéna, biasana mah awi saukuran pigeulang leungeun budak ogé kuat pikeun dipaké ku barudak mah, asal awina anu kolot. Éta ukuran gedéna tihang. Sedengkeun ukuran gedéna titincakan mah leuwih gedé tibatan tihangna. Gedéna téh sakurang-kurangna awi pikeun pitihangeunana téh bisa asup kana jero awi anu bakal dijieun titincakanana.

Barudak sakola maen jajangkungan (asal poto: ti internet)

Sedengkeun pakarang anu diperlukeun mah paling ogé bedog. Pakarang séjénna mah, paling ogé ragaji pikeun neukteuk awina. Tapi pikeun anu geus biasa ngadéngdéng (neukteuk leunjeuran awi sina rata tungtungna) awi mah, teu kudu make ragaji. Ku bedog ogé cukup.

Cara nyieun éta Kaulinan

Ari nyieun éta jajangkungan, bisa dibagi kana tilu rupa atawa bagéan. Bagéan kahijina nyaéta tihang, kadua titincakan, jeung anu katiluna paseuk. Tihang jajangkungan dijieun tina leunjeuran awi tali. Tihangna nyieun dua, anu ukuranana mah bisa satangtung budak ditambah ku satuur lamun jangkungna titincakan kurang ti satuur. Jangkungna éta tihang téh di dijieun supaya dina waktu budak anu naék éta jajangkungan bisa nyekelan tihang jajangkungan kalawan laluasa henteu kudu ka handap teuing (kusabab tihang jajangkunganna pondok). Sanggeus nyieun éta tihang, terus nyieun liang pikeun ngasupkeun paseuk kana éta tihang. Lebah-lebahna éta liang téh sakumaha jangkungna titincakan, da paseuk ieu mah pikeun pamageuh titincakan kana tihang. Gedéna liang bisa sagedé jempol leungeun atawa sagedé curuk.

Saterusna mah nyieun titincakan. Titincakan téh panjangna kira-kira dua kalieun panjang dampal suku budak. Ieu téh supaya dina nincakna henteu pondok teuing atawa néwél. Nyieun titincakan ieu téh alusna mah ngarah kana buku awi, supaya kuat dina ngaliangan jeung maseuk éta titincakan kana tihangna. Sanggeus diteukteuk, terus waé dibolongan atawa nyieun liang dina awi éta di lebah deukeuteun bubukuna.

[Nyambung]

Ayun-ayunan


Ari ayun-ayunan mah mangrupakeun hiji ngaran pikeun kaulinan barudak anu nyarupaan kana ayunan pikeun kolot anu ngayunkeun budakna anu masih kénéh orok supaya gancang saré jeung tibra saréna. Lamun kolot mah nyieun ayunan pikeun orok téh osok maké samping kebat anu digantungkeun kana palang di imah, ari barudak mah biasana nyieun ayun-ayunana téh osok dina dahan tatangkalan. Naha tatangkalan anu aya di buruan imah atawa di tempat arulin barudak. Tatangkalan anu osok dipaké pikeun nyieun ayun-ayunan téh nyaéta tangkal kopi, tangkal jéngkol, rambutan atawa tatangkalan séjénna. Pokona mah tatangkalan anu gampang kahontal pikeun barudak, pangpangna dahan éta tangkal téh gampang pikeun nalikeun atawa ngagangtungkeun ayun-ayunan anu dijieun. Salian ti éta ogé, dahan anu dipaké pikeun ngagantungktun ayun-ayunan téh kuat lamun ayun-ayunana dipaké ku barudak.

Ayunan pikeun orok (foto meunang ngundeur ti: http://bp3.blogger.com/_x9bDHzhLbY4/R_G7kHPMjXI/AAAAAAAAAZo/gYB3SoUZpWU/s1600-h/Baayun+Maulid+1.jpg)

Ayun-ayunan ieu sahenteuna aya dua jinis, lamun ditempo tina wangunana atawa rupana: aya ayun-ayunan tina tali, bisa tali tina awi tali atawa tali rapia atawa tina areuy anu kuat. Aya ogé ayun-ayunan anu dijieunna tina leunjeuran awi (hususna awi tali). Jadi anu ngabédakeunana téh bahan atawa rupa bahan anu dipakéna.

Kakawihan Barudak: Olé-oléan


Ojok-ojok uang-aung,
ngarojok nu di saung,
nu di saung bau sigung,
dirojok lumpat ka lisung,
hup dengdo, hup dengdo.

Ting-ting kolanting,
simeut meuting dina jeungjing,
kokoprak awi sabeulah,
Hup! kongkorongok jago!
Olé-olé ogong, olé-olé ogong!

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=384326600734&comments)

Kakawihan séjénna:

  1. Kakawihan Barudak: Ayun Ambing
  2. Kakawihan Barudak: Hét Hét Embé Janggotan
  3. Kakawihan Barudak: Prang Pring
  4. Kakawihan Barudak: Acung-acungan
  5. Kakawihan Barudak: Nang Ning Nang
  6. Kakawihan Barudak: Néngnongnéngjak
  7. Kakawihan Barudak: Trang-trang Kolentrang
  8. Kakawihan Barudak: Surser
  9. Kakawihan Barudak: Sieuh-sieuh
  10. Kakawihan Barudak: Nanggerang – Nanggorek
  11. Kakawihan Barudak: Galah Ginder
  12. Kakawihan Barudak: Oyong-oyong Bangkong
  13. Kakawihan Barudak: Punten Mangga
  14. Kakawihan Barudak: Bang Bang Kalima Gobang
  15. Kakawihan Barudak: Sakentrung
  16. Ayang Ayanggung

 

Mapag Bulan Puasa (2)


“Mon, nyieun naon waé ieu téh?” Ceuk si Acim ka si Omon bari ngagugusur leunjeuran awi tamiang, ti rungkun awi ka sisi kebon.

“Nya nu penting ayeuna mah éta waé heula sadiakeun heula awina. Perkara jadi nanaonna mah kumaha engké.” Témbal si Omon anu sarua oge ngagugusur awi. Ngan manéhna mah awi anu dialana téh awi tali, ti lebakeun awi tamiang.

Sanggeus duanana nepi ka sisi kebon, maranéhna dariuk heula di handapeun tangkal jéngkol, ngareureuhkeun kacapé. Késang kalaluar tina awak duanana, kusabab capé enggeus nuar awi terus ngagusurna ka sisi kebon anu rada nanjak.

Angin anu ngahiliwir, nuuskeun késang. Sanggeus teu jibreg teuing késangna, si Omon terus mesat bedogna pikeun neukteuk awi tali beubeunanganana.

“Ari éta bakal dijieun naon kitu Mon?” Si Acim nanya deui panasaran.

“Ieu mah urang dijieun kohkol, pikeun ngadulag jeung ngider.” Témbal si Omon.

“Oh, éta. Kuring pangnyieunkeun atuh….” Si Acim curinghak.

“Da kuring ogé teu bisa. Engké waé nyieunna mah ku bapa kuring.” Témbal si Omon bari neukteuk awi tali anu ukuranana teu pati gedé, kira-kira sabitis manéhna.

“Bener manéh arék nyieun?” Si Omon nanya bari neundeun awi meunang neukteuk.

“Heu-euh.” Témbal si Acim bari nangtung.

Sumber gambar: http://www.suarakomunitas.net/content/images/1222406951-m.jpg

“Bisa teu neukteukna?” Si Omon nanya ka si Acim bari ngangtungkeun awi sésa paneukteukanana anu masih kénéh rada panjang.

“Pangneukteukeun waé atuh. Kuring mah bedogna leutik.” Témbal si Acim méré alesan. Padahal mah lain ku bedogna-bedogna teuing. Ngan manéhna mah tacan pati bisa.

Kapaksa si Omon neukteuk deui awi tali pikeun si Acim. Sanggeus bérés terus dijajarkeun jeung awi tali anu tadi meunang neukteuk.

“Ari awi tamiang ieu pikeun naon, Mon?” Si Acim bari meresihan bubuku awi tamiang beunangna.

“Maenya manéh poho deui…? Apanan urang nyieun obor…!” Témbal si Omon.

“Oh, heu-euh nya.” Témbal si Acim kakara surti. “Ku kuring waé atuh neukteukna anu ieu mah.”

“Nya sok. Ngan kadé bisi raheut.” Si Omon ngawanti-wanti.

Ku si Acim awi tamiang téh diteukteukan. Panjangna sabuku-sabuku. Manéhna neukteuk dua teukteuk, pikeun manéhna jeung pikeun si Omon.

Rorodaan: Rorodaan Nu Sejenna


Rorodaan sejenna salian anu bisa ditumpakan teh aya deui rorodaan anu ngan ukur didorong. Rorodaan ieu mah aya sababaraha rupa. Aya rorodaan anu dijieunna tina dampal sendal capit, aya oge anu tina kai.

Rorodaan anu dijieunna tina dampal sendal capit mah ngan ukur bisa didorong. Ari gilindingna bisa ngan ukur hiji, bisa oge tilus siki nyarupaan kana gilinding rorodaan anu bisa ditumpakan. Gilindingna laleutik, buleudna kira-kira sapigeulangan leungeun. Ari paranti ngadorongna make gagang awi meunang ngarautan/ngalemeskeun. Dina rorodaan ieu mah supaya rada nyeni teh osok ditambahan ku kaleng urut kale susu. Tutupna diganti make balon. Tah eta tutu anu geus diganti ku balon teh osok ditakolan. Panakolna bisa tina gagang awi atawa kai. Nakolanana teh lamun rorodaanna dipajukeun. Jadi lamun rorodaan eta dipajukeun osok disada.

Rorodaan gilinding hiji

Aya oge rorodaan gilindingna hiji anu dijieunna tina kai, terus gagangna teh dijieunna tina leunjeuran awi tali. Rorodaan ieu mah lumayan kuat, da bisa dipake pikeun narik naon wae saperti narik wadah cai. Rorodaan iue teh sarua wae didorong, ngan ngadorongna biasana mah eta gagang tina leunjeuran awi teh diteundeun dina taktak. Dina tengah-tengah leunjeuran awi anu jadi gagangna tea, ditendeunan palang anu pondok jeung rada leutik cukup pikeun nyekelan, minangka setirna.

(Gambar meunang moto ti koran Pikiran Rakyat)