Budak Lalaki mah Kudu Bisa Nyieun Tali tina Awi Tali


Tali anu dijieun téh biasana mah dipaké pikeun nalian suluh atawa parab (parab domba/sapi). Tali anu dijieunna tina tangkal awi tali. Nyieun tali tina leunjeuran awi teu bisa kitu waé. Budak anu nyieun tali kudu miboga wawanén pikeun ngahua atawa meulahan leunjeuran awi jadi tali anu aripis. Henteu pauran dina kuduna maut huaan awi tali anu aya hinisan. Teu sieuneun raheut kabesét ku hinis.

Rungkun awi tali

Barudak anu osok ngala suluh mah geus biasa lamun kudu nyieun tali pikeun meungkeut suluh tina tangkal awi tali téh. Salian ti gampang manggihanana (manggihan rungkun awi tali), ogé tali anu tina tangkal awi tali mah lumayan kuat pikeun nalian suluh téh. Moal matak pegat. Ngan teu sakabéhna budak anu osok ngala suluh bisaeun nyieun tali tina awi tali. Aya ogé anu henteu bisaeun.

Pikeun anu henteu bisaeun mah biasana osok ménta pangnyieunkeun atawa néangan areuy atawa aakaran pikeun nalian suluhna. Aareuyan kayaning areuy geureung osok dipaké pikeun nalian beungkeutan suluh. Bisa ogé maké kulit tangkal tisuk pikeun talina. Ngan nya kitu téa, anu teu bisaeun nyieun tali tina tangkal awi tali mah osok dipoyokan ku babaturan séjénna. Pajarkeun téh piraku lalaki teu bisa nyieun tali….

Jajangkungan


Naon atuh Ari Jajangkungan teh?

Jajangkungan, asal kecapna tina kecap jangkung. Dina kaulinan ieu mah barudak anu ngulinkeunana téh jadi jangkung da nangtungna téh bari naék kana tihang awi. Jadi dina kaulinan ieu mah, barudak anu maénkeunana téh naék tihang tina awi anu dijieun bari maké titincakan dina éta tihang awi téa. Ari jangkungna éta tihang mah taya ukuran anu tangtu. Kitu deui jeung jangkungna titincakan, taya katangtuan anu pasti. Umumna, jangkungna tihang jajangkungan téh, kira-kira satangtungeun budak anu makena ditambah ku jangkungna titincakan éta jajangkungan.

Bahan jeung Alat anu digunakeun

Dina nyieun jajangkungan, bahan anu digunakeun ngan ukur awi. Awi anu biasa dipaké mah nyaéta awi tali. Da awi tali mah gampang néanganana. Ukuran awi dina harti panjangna, gumantung kana jangkungna jajangkungan anu arék dijieun. Éta jangkungna jajangkungan téh dikali dua, kusabab jajangkungan mah sapasang, aya dua tihang. Terus ditambah ku titincakan, anu panjangna kira-kira dua kali panjang dampal suku barudak. Nyieun titincakan ogé sarua kudu dua, sakumaha tihangna. Ari ukuran awi dina harti gedéna, biasana mah awi saukuran pigeulang leungeun budak ogé kuat pikeun dipaké ku barudak mah, asal awina anu kolot. Éta ukuran gedéna tihang. Sedengkeun ukuran gedéna titincakan mah leuwih gedé tibatan tihangna. Gedéna téh sakurang-kurangna awi pikeun pitihangeunana téh bisa asup kana jero awi anu bakal dijieun titincakanana.

Barudak sakola maen jajangkungan (asal poto: ti internet)

Sedengkeun pakarang anu diperlukeun mah paling ogé bedog. Pakarang séjénna mah, paling ogé ragaji pikeun neukteuk awina. Tapi pikeun anu geus biasa ngadéngdéng (neukteuk leunjeuran awi sina rata tungtungna) awi mah, teu kudu make ragaji. Ku bedog ogé cukup.

Cara nyieun éta Kaulinan

Ari nyieun éta jajangkungan, bisa dibagi kana tilu rupa atawa bagéan. Bagéan kahijina nyaéta tihang, kadua titincakan, jeung anu katiluna paseuk. Tihang jajangkungan dijieun tina leunjeuran awi tali. Tihangna nyieun dua, anu ukuranana mah bisa satangtung budak ditambah ku satuur lamun jangkungna titincakan kurang ti satuur. Jangkungna éta tihang téh di dijieun supaya dina waktu budak anu naék éta jajangkungan bisa nyekelan tihang jajangkungan kalawan laluasa henteu kudu ka handap teuing (kusabab tihang jajangkunganna pondok). Sanggeus nyieun éta tihang, terus nyieun liang pikeun ngasupkeun paseuk kana éta tihang. Lebah-lebahna éta liang téh sakumaha jangkungna titincakan, da paseuk ieu mah pikeun pamageuh titincakan kana tihang. Gedéna liang bisa sagedé jempol leungeun atawa sagedé curuk.

Saterusna mah nyieun titincakan. Titincakan téh panjangna kira-kira dua kalieun panjang dampal suku budak. Ieu téh supaya dina nincakna henteu pondok teuing atawa néwél. Nyieun titincakan ieu téh alusna mah ngarah kana buku awi, supaya kuat dina ngaliangan jeung maseuk éta titincakan kana tihangna. Sanggeus diteukteuk, terus waé dibolongan atawa nyieun liang dina awi éta di lebah deukeuteun bubukuna.

[Nyambung]

Ayun-ayunan


Ari ayun-ayunan mah mangrupakeun hiji ngaran pikeun kaulinan barudak anu nyarupaan kana ayunan pikeun kolot anu ngayunkeun budakna anu masih kénéh orok supaya gancang saré jeung tibra saréna. Lamun kolot mah nyieun ayunan pikeun orok téh osok maké samping kebat anu digantungkeun kana palang di imah, ari barudak mah biasana nyieun ayun-ayunana téh osok dina dahan tatangkalan. Naha tatangkalan anu aya di buruan imah atawa di tempat arulin barudak. Tatangkalan anu osok dipaké pikeun nyieun ayun-ayunan téh nyaéta tangkal kopi, tangkal jéngkol, rambutan atawa tatangkalan séjénna. Pokona mah tatangkalan anu gampang kahontal pikeun barudak, pangpangna dahan éta tangkal téh gampang pikeun nalikeun atawa ngagangtungkeun ayun-ayunan anu dijieun. Salian ti éta ogé, dahan anu dipaké pikeun ngagantungktun ayun-ayunan téh kuat lamun ayun-ayunana dipaké ku barudak.

Ayunan pikeun orok (foto meunang ngundeur ti: http://bp3.blogger.com/_x9bDHzhLbY4/R_G7kHPMjXI/AAAAAAAAAZo/gYB3SoUZpWU/s1600-h/Baayun+Maulid+1.jpg)

Ayun-ayunan ieu sahenteuna aya dua jinis, lamun ditempo tina wangunana atawa rupana: aya ayun-ayunan tina tali, bisa tali tina awi tali atawa tali rapia atawa tina areuy anu kuat. Aya ogé ayun-ayunan anu dijieunna tina leunjeuran awi (hususna awi tali). Jadi anu ngabédakeunana téh bahan atawa rupa bahan anu dipakéna.

Mapag Bulan Puasa (2)


“Mon, nyieun naon waé ieu téh?” Ceuk si Acim ka si Omon bari ngagugusur leunjeuran awi tamiang, ti rungkun awi ka sisi kebon.

“Nya nu penting ayeuna mah éta waé heula sadiakeun heula awina. Perkara jadi nanaonna mah kumaha engké.” Témbal si Omon anu sarua oge ngagugusur awi. Ngan manéhna mah awi anu dialana téh awi tali, ti lebakeun awi tamiang.

Sanggeus duanana nepi ka sisi kebon, maranéhna dariuk heula di handapeun tangkal jéngkol, ngareureuhkeun kacapé. Késang kalaluar tina awak duanana, kusabab capé enggeus nuar awi terus ngagusurna ka sisi kebon anu rada nanjak.

Angin anu ngahiliwir, nuuskeun késang. Sanggeus teu jibreg teuing késangna, si Omon terus mesat bedogna pikeun neukteuk awi tali beubeunanganana.

“Ari éta bakal dijieun naon kitu Mon?” Si Acim nanya deui panasaran.

“Ieu mah urang dijieun kohkol, pikeun ngadulag jeung ngider.” Témbal si Omon.

“Oh, éta. Kuring pangnyieunkeun atuh….” Si Acim curinghak.

“Da kuring ogé teu bisa. Engké waé nyieunna mah ku bapa kuring.” Témbal si Omon bari neukteuk awi tali anu ukuranana teu pati gedé, kira-kira sabitis manéhna.

“Bener manéh arék nyieun?” Si Omon nanya bari neundeun awi meunang neukteuk.

“Heu-euh.” Témbal si Acim bari nangtung.

Sumber gambar: http://www.suarakomunitas.net/content/images/1222406951-m.jpg

“Bisa teu neukteukna?” Si Omon nanya ka si Acim bari ngangtungkeun awi sésa paneukteukanana anu masih kénéh rada panjang.

“Pangneukteukeun waé atuh. Kuring mah bedogna leutik.” Témbal si Acim méré alesan. Padahal mah lain ku bedogna-bedogna teuing. Ngan manéhna mah tacan pati bisa.

Kapaksa si Omon neukteuk deui awi tali pikeun si Acim. Sanggeus bérés terus dijajarkeun jeung awi tali anu tadi meunang neukteuk.

“Ari awi tamiang ieu pikeun naon, Mon?” Si Acim bari meresihan bubuku awi tamiang beunangna.

“Maenya manéh poho deui…? Apanan urang nyieun obor…!” Témbal si Omon.

“Oh, heu-euh nya.” Témbal si Acim kakara surti. “Ku kuring waé atuh neukteukna anu ieu mah.”

“Nya sok. Ngan kadé bisi raheut.” Si Omon ngawanti-wanti.

Ku si Acim awi tamiang téh diteukteukan. Panjangna sabuku-sabuku. Manéhna neukteuk dua teukteuk, pikeun manéhna jeung pikeun si Omon.