Uyah mah Tara Téés ka Luhur


Uyah mah tara téés ka luhur. Lamun henteu ka luhur pasti ka handap. Da kitu nyatana. Anu ngaranna uyah mah téésna téh ka handap. Téés téh bisa dihartikeun ku nyerep. Jadi, uyah mah nyerepna téh ka handap. Sanajan kitu, sabenerna mah da lain uyah wungkul anu nyerep ka handap téh. Aya barang atawa perkara séjén anu nyerepna ka handap, saperti cai.

Uyah

Dilarapkeun kana uyah téh kusabab uyah mah miboga rasa anu mandiri nyaéta asin. Kabéh uyah rasana téh asin. Jadi lamun hiji barang atawa perkara atawa dahareun kaserepan ku uyah pasti jadi miluan asin, sakumaha rasa uyah. Jadi hal ieu anu jadi ciri naon sababna anu diobrolkeun téh ngeunaan uyah. Uyah lamun nyerep kana barang anu aya dihandapeunana (lamun neundeun uyah dihijikeun reujeung barang atawa kadaharan séjén), éta barang atawa kadaharan téh milu miboga rasa asin.

Ieu hal téh nuduhkeun kana perkara atawa kaayaan dina kahirupan. Uyah reujeung barang atawa kadaharan anu diteundeun téh nuduhkeun kana jalma anu aya dina hiji rundayan. Sedengkeun ari asin nuduhkeun kana pasipatan jalma. Uyah anu miboga sipat anu mandiri bakal mangaruhan kana pasipatan barang atawa kadaharan anu aya di handapeunana. Kusabab kitu, kadaharan atawa barang anu di handapeunana téh bakal miboga rasa asin, sarua reujeung rasa uyah.

Dina hiji kulawarga, anu miboga rundayan turunan, bakal nyarupaan kana ieu kaayaan. Pasipatan kolot bakal nyerep kana pasipatan rundayanana. Jadi pasipatan rundayan atawa turunanan bakal kapangaruhan ku pasipatan kolotna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.promojateng-pemprovjateng.com/fotopromo/1808601203garam%20.jpg)

Samara Pasakan


Nu ngaranna pasakan pasti wae osok make samara atawa bumbu. Samara teh mangrupakeun tambahan anu dihijikeun kana pasakan supaya eta pasakan teh ngeunah rasana waktu didaharna. Mun ditataan mah loba pisan anu kaasup kana sasamaraan atawa bumbu teh. Da pastina oge nu ngarana jalma mah ngabogaan pangaresep sewang-sewangan, kaasup oge dina hal rasa.

Ditambah deui, anu ngaranna pasakan teh henteu saeutik wae rupana. Aya mangrupa-rupa pasakan anu osok diasakan ku jalma-jalma. Bedana pasakan ieu oge osok mangaruhan kana samara anu dipake. Tujuanana nyaeta supaya eta pasakan teh ngeunah dina waktu didaharna. Komo deui lamun anu resep motekar mah. Dina sarupa pasakan teh kadang aya rupa-rupa samara anu bisa dipakena. Dina hiji waktu mah make samara anu kieu, sedengkeun dina waktu anu sejen mah make samara anu samodel kitu. Tapi anu disebut loba rupana teh sabenerna mah lain loba jinis dina harti hijian samarana, tapi loba teh dina harti loba rupa-rupa campuran eta jini-jinis anu jadi samara. Da anu kaasup jinis samara mah bisa diitung. Umumna anu bisa disebut samara teh da anu bisa mangaruhan kana rasa pasakan, saperti amis, asin, lada, atawa haseum. Tina eta rupa-rupa rasa teh, dihijikeun anu ukuranana bisa beda-beda, atawa ngan ukur dipakena teh henteu kabenahanana.

Mun ditataan mah anu kaasup samara teh, diantarana wae: anu rasana amis mah gula; anu asin teh uyah; anu haseum teh asem; jeung anu lada teh cabe, pedes, jahe. Sedengkeun samara sejenna anu beda rasana (susah ngabedakeun rasana, naha rasana asin, amis, haseum atawa lada) diantarana wae pecin, surawung, kecap, laja, bawang bodas, bawang beureum, cikur, tomat, muncang, bawang daun, jeung nu sejenna.

Dina nyampurkeunana jeung pasakan, gumantung kana karesep jeung kahayang, hayang kumaha rasana. Lamun hayang lada, nya cabena rada dilobaan. Lamun hayang asin nya uyahna dileuwihan, tapi ulah loba teuing sok matak jadi pangset atawa asin teuing. Lamun hayang sedeng, nya takeranana masing sarua.