Balantrak


Mangsa-mangsa keur budak mah kacida resepna arulin téh. Naha ulin sosoranganan, komo deui babarengan reujeung babaturan. Ngan lamun dibandingkeun mah resep kénéh ulin bari babarengan reujeung babaturan tibatan ulin sosoranganan. Ulinna, rupa-rupa. Bisa hareureuy di buruan imah, di jero imah atawa ampreng-amprengan ka mana waé. Resep loba batur mah aya batur pakumaha reujeung moal sieun najan arék ka mana waé ogé. Najan kolot teu arapaleun ogé ulinna ka mana, nu penting mah ulah poho balik ka imah.

Barudak anu ngadon arulin ka leuweung
Barudak anu ngadon arulin ka leuweung

Lamun keur bosen ulin di buruan atawa di jero imah, osok ngahajakeun arulin ka tempat anu rada jauh, naha ka kebon atawa ka leuweung. Tujuanana mangrupa-rupa, aya anu ngadon guyang di leuwih walungan, mulung bungbuahan kayaning limus, muncang atawa kadu, atawa ngan ukur leuleumpangan pa tepiswiring. Inditna resep ngabring, muru ka hiji tempat. Salila ngabring osok bari hareureuy ogé, silih gebah kusabab nyumput dinu suni atawa silih udag paheula-heula.

Nepi ka tempat anu dituju, barudak paheula-heula migawé kaulinan anu jadi tujuanana. Lamun arék guyang, paheula-heula arancluk ka walungan. Dina palebah mulung bungbuhana, paheula-heula néangan bungbuahan anu osok maruragan di handapeun tangkalna. Sanggeus seubeuh arulinna atawa beubeunangan, ngabring deui baralik. Ngan osok aya anu ngahaja ditinggalkeun di tempat pangulinan.

Arulin méakeun pangaresep téh remenna mah tara bébéja ka kolotna séwang-séwangan. Lamun ulinna kamalinaan matak deudeupeun kolot-kolot di lembur. Ngadon naréangan budakna séwang-séwangan. Komo lamun geus burit taya waé mulang mah osok pada néangan, tatanya ka tatangga. Waktu mulang, remen dicarékan pajarkeun téh bet ulin kamalinaan, bet balantrak sagala. Atawa naha ulin téh bet jauh-jauh teuing, saha pamawana. Dibarung ku pangwawadi ulah ulin kamalinaan deui atawa ulah balantrak deui.

Hanjakal, anu ngaranna budak mah osok aya mantangulna. Lamun geus diajakan arulin ku babaturan, osok ngalakonan kitu deui….

(Potret meunang nginjeum ti internet)

Kakawihan Barudak: Oyong-oyong Bangkong


Oyong-oyong bangkong,
Kong parakan nyambut,
Buten buah beunying,
Nyingsatkeun cawené,
Néang nu ngajuru,
Ruket sajajagat,
Gatrik tumpak munding,
Dingkleung ka landeuhkeun,
Keuna kana burang,
Rangkék naék jambé,
Beo ménta kéjo,
Johar kawali dulang,
Budak tonggar ngegel tulang.

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=384326600734&comments)

Kakawihan séjénna:

  1. Kakawihan Barudak: Ayun Ambing
  2. Kakawihan Barudak: Hét Hét Embé Janggotan
  3. Kakawihan Barudak: Prang Pring
  4. Kakawihan Barudak: Acung-acungan
  5. Kakawihan Barudak: Nang Ning Nang
  6. Kakawihan Barudak: Olé-oléan
  7. Kakawihan Barudak: Néngnongnéngjak
  8. Kakawihan Barudak: Trang-trang Kolentrang
  9. Kakawihan Barudak: Surser
  10. Kakawihan Barudak: Sieuh-sieuh
  11. Kakawihan Barudak: Nanggerang – Nanggorek
  12. Kakawihan Barudak: Galah Ginder
  13. Kakawihan Barudak: Punten Mangga
  14. Kakawihan Barudak: Bang Bang Kalima Gobang
  15. Kakawihan Barudak: Sakentrung
  16. Ayang Ayanggung

 

Pacampur Getih


Pasosore, sore tonggeret geus disarada. Si Acim keur dariuk reujeung babaturanana, Si Omon dina babangkuan anu ngahaja maranehna nyieun di handapeun tangkal kopi di sisi buruan imah si Omon. Maranehna kacirina eukeur guntreng wae ngobrol.

“Ari maneh, Mon osok ulin jeung barudak awewe tara?” Si Acim nanya ka si Omon.

“Naha kitu?” Si Omon malik nanya.

“Henteu wae….” Si Acim embung terus terang.

“Nya osok atuh.” Ceuk si Omon bari nyarande kana tangkal kopi anu aya di tukangeun pangdiukan. “Da di dieu mah ulin teh salian reujeung budak lalaki oge reujeung budak awewe.”

Si Acim cicing.

“Ari maneh kumaha Cim?” Si Omon bagean nanya malik ngareret ka batur ngobrolna.

“Kuring mah tara, euy.” Tembal si Acim.

“Naha…?” Si Omon mencrong kana beungeut si Acim. Ari si Acim ongkoh-ongkoh wae.

“Teu kukumaha da….” Tembal si Acim deui.

“Eh, ketang, di tonggoh mah euweuh barudak awewe nya…?” Si Omon bari seuri ngaheureuyan si Acim.

Si Acim nyenghel. “Lain kitu.”

“Enggeus kumaha atuh? Kabuktianana kitu lain? Paling budak awewe teh adi maneh lain….” Si Omon asa meunang.

“Ih…. Lain eta alesanana atuh.” Tembal si Acim embung eleh.

“Terus naon atuh?” Si Omon mencrong ka si Acim.

“Ieu….” Si Acim ngahuleng. Jiga anu bingung.

Sedengkeun si Omon tetep mencrong, da hayangeun apal naon anu jadi pikiran si Acim.

“Maneh apal pacampur getih teu?” Si Acim neruskeun ucapanana, nanya ka si Omon bari ngareret ka si Omon.

“Pacampur getih…? Naon kitu?” Si Omon malik nanya.

“Heueuh. Apal teu?” Si Acim keukeuh.

“Naon heula ieu teh?”

“Apal teu? Jawab heula atuh…!”

“Henteu….” Si Omon ngelehan.

“Oh…, sugan teh apal.”

“Aya naon kitu? Bet nyabit-nyabit pacampur getih sagala?” Si Omon panasaran.

“Teu nanaon….” Si Acim embung terus terang.

“Ah…, sok kitu teh.” Si Omon ngarojok cangkeng. Si Acim ngajerete, reuwaseun. “Pastina oge aya maksud, lin. Da moal ujug-ujug, ojol-ojol tatanya perkara eta lamun taya sababna mah, nya…?

Si Omon ngaheureuyan si Acim, supaya kedal naon anu jadi pasualanana. Sedengkeun si Acim tetep tacan hayangeun balaka.

“Sok atuh, gera terus terang, aya naon ieu teh.” Si Omon maksa deui ka si Acim. “Mending keneh balaka. Da ku kuring ope moal dibeja-beja ka batur, komo lamun ieu teh rusiah mah. Kuring jangji, sumpah moal dibeja-beja ka batur.”

“Da ieu mah lain rusiah atuh.” Si Acim melong ka hareup.

“Tah komo lamun lain rusiah mah. Gera wakca balaka atuh.”

“Eu…,” Si Acim bingung. “Ieu, basa poe kamari. Basa kuring arek arulin reujeung barudak awewe di tonggoh, kuring teh dicaram ku indung kuring. Cenah kuring teh entong ulin reujeung barudak awewe.”

“Oh, kitu.” Si Omon unggut-unggutan. “Terus…?”

“Ceuk indung kuring, cenah tong ulin reujeung barudal awewe, da bisi pacampur getih….” Si Acim ngareret ka Si Omon.

“Oh kitu. Mun kitu mah kuring oge teu apal….”

Si Acim cicing.

“Lain tanyakeun atuh ka indung maneh…?” Si Omon mere jalan.

“Ah, embung, Era atuh….” Tembal si Acim.