BLH Sumedang Bakal Ngabebenah Alun-alun Sumedang


Badan Lingkungan Hidup (BLH) Kabupatén Sumedang bakal ngabebenah Alun-alun Sumedang supaya leuwih éndah jeung matak pikaresepeun. Anu dibebenahna téh pangpangna mah anu aya pakaitna reujeung Monumén Lingga anu aya di tengah Alun-alun Sumedang. Salila ieu, Monumén Lingga katutupan ku rempegna tatangkalan anu aya di Alun-alun. Antukna, Monumén ieu téh nyumput teu katempo ti kajauhan.

Ku jalan dibebenah mah, Monumén Lingga téh bakal bisa katempo ti opat madhab, ti béh kalér, kidul, wétan jeung ti béh kulon. Lamun geus kitu (gampang katempona), Monumén Lingga dipiharep bakal jadi tujuan wisata pikeun jalma anu ngadon ulin ka Sumedang. Komo deui taun hareup bakal dilumangsungkeun kagiatan PON ka-19 di Jawa Barat. Dina éta kagiatan Sumedang kabagéan ngalumangsungkeun opat jinis olahraga. Salasahijina nyaéta Paralayang di Batu Dua jeung Kampung Toga. Anu tangtuna ogé bakal jadi pangjugjugan sawatara atlét patandang dina éta PON. Teu tinggaleun ogé anu lalajona.

Monumen Lingga anu perenahna di Alun-alun Sumedang, dikurilingan ku tatangkalan
Monumen Lingga anu perenahna di Alun-alun Sumedang, dikurilingan ku tatangkalan

Pikeun ngabebenahna, cenah mah ku jalan nutuhan sawatara dahan tatangkalan anu ngahalangan tetempoan ka Monumén Lingga, heuseusna ti opat madhab tadi. Sanggeus ditutuhan mah Monumén Lingga téh bakal atra katempona lamun disawang ti lebah Masigit Agung, Gedong Nagara, Lapas Sumedang jeung kantor DPRD Sumedang. Jadi teu kabéh dahan tangkal anu aya di Alun-alun ditutuhan.

Salian ti nutuhan dahan anu ngahalangan Monumén Lingga, BLH ogé bakal melak tatangkalan di unggal juru Alun-alun anu masih kénéh kosong. Supaya kaayaan Alun-alun Sumedang leuwih iuh linduh.

Anu dibebenah téh cenah mah lain ngan ukur Alun-alun Sumedang wungkul. Sakabéh taman anu aya di dayeuh Sumedang ogé bakal dibebenah kayaning Taman Patung Kuda di wewengkon Samoja, Bunderan Polrés (Bundaran Geusan Ulun) di Kacamatan Sumedang Selatan, Taman Alun-alun Tegalkalong, Bunderan Alamsari jeung Patung Tahu di Kacamatan Sumedang Utara. Taman Endog ogé teu tinggaleun bakal dibebenah. Ngan Taman Endog mah lain ku BLH tapi ku anu ngawangun Pasar Sandang Sumedang ayeuna.

(Inpo meunang nyutat ti Pikiran Rakyat)

Acara Puncer Milangkala Sumedang ka-437 Dipiharep Leuwih Ramé


Déwan Kabudayaan Sumedang miharep acara puncer milangkala Sumedang ka-437 dina ping 22 April engké leuwih ramé jeung karasa ku sakabéh masarakat Sumedang di unggal kacamatan. Ulah saperti saméméhna anu ngan ukur dirasakeun ku masarakat di dayeuh Sumedang wungkul. Sabab, dina taun-taun saméméhna mah acarana diayakeun di Alun-alun Sumedang wungkul.

Milangkala Sumedang ka-437 Dipiharep Leuwih Ramé
Milangkala Sumedang ka-437 Dipiharep Leuwih Ramé

Supaya leuwih ramé, unggal kacamatan kudu ngiluan ngareuah-reuah ku jalan ngayakeun acara pikeun miéling milangkala Sumedang ieu. Henteu jauh béda reujeung acara agustusan, sakabéh masarakat ngiluan ngareuah-reuah ku jalan ngayakeun rupa-rupa raraméan.

Jadi, sanajan acara puncerna diayakeun di Alun-alun Sumedang anu diluuhan ku unggal Kadés jeung Camat, acara di unggal kacamatan kudu tetep bisa dilumangsungkeun. Acarana bisa dieusi ku tanding olah raga, pidangan kasenian, paméran jeung hiburan.

Pikeun acara puncer di Alun-alun anu geus biasa mah teu kudu aya anu dirobah. Féstival Prabu Geusan Ulun anu dieusi ku prosési adat jeung arak-arakan Kareta Naga Paksi tetep aya. Sabab éta mangrupakeun simbul Karajaan Sumedang Larang, cikal bakal ngawujudna Kabupatén Sumedang.

Kitu, kurang leuwihna sakumaha diwartakeun ku Pikiran Rakyat Online.

Puseur Dayeuh Sumedang Dibebenah


Supaya leuwih merenah tur tumaninah, wewengkon puseur dayeuh Sumedang mimiti dibebenah. Ti mimiti parapatan Polrés Sumedang nepikeun ka alun-alun baris dibébérés, sangkan dayeuh Sumedang téh jadi pikaresepeun. Geus jadi program Bupati Sumedang entragan ayeuna, parapatan Polrés Sumedang baris dirobah kaayaanana jadi bunderan saperti di Alam Sari. Alun-alun ogé anu osok ramé ku anu daragang di sisi jalan bakal dibébérés supaya henteu daragang di sabudeureun Alun-alun. Pon kitu deui reujeung wewengkon Gedong Nagara bakal dibebenah ogé.

Alun-alun Sumedang
Alun-alun Sumedang

Parapatan Polrés Sumedang salila ieu osok jadi tempat padedetna kandaraan anu lalar liwat ka ieu parapatan. Kandaraan anu asalna ti wewengkon Bandung, dayeuh Sumedang jeung ti wewengkon Cirebon pasarandog di ieu parapatan. Antukna nyababkeun kandaraan téh loba padedet di ieu parapatan, tungtungna remen macét. Pikeun ngungkulanana, pamaréntah Sumedang baris ngarobah ieu parapatan jadi bunderan. Tujuanana mah supaya henteu macét ku kandaraan anu lalar liwat. Pikeun ngalaksanakeun ieu program geus disadiakeun waragadna, utamana pikeun meuli tempat (taneuh) anu baris dipaké ngawangun ieu bunderan.

Ngeunaan anu daragang di Alun-alun Sumedang, cenah mah bakal dipindahkeun tempat daragangna ka tempat anu séjén. Anu tadina daragang di sabudeureun Alun-alun, mimiti poé ayeuna (Ahad, ping 29 Désémber) dipindahkeun ka tempat anu anyar. Tukang dagang anu biasa daragang di Alun-alun, dipindahkeun tempat dagangna ka hareupeun Gunung Kunci. Sedengkeun anu biasa daragang dina poé Saptu jeung Ahad dipindahkeun ka Lapang Pacuan Kuda. Hal ieu mibanda maksud pikeun mémérés Alun-alun Sumedang supaya jadi tempat anu pikabetaheun anu ngadon arulin.

Ngeunaan wewengkon/kompléks Gedong Nagara, bakal dibebenah ogé. Ka hareupna lain ngan ukur pikeun tempat dines wungkul tapi jadi tempat wisata. Pager hareupna, cenah mah bakal dipundurkeun supaya tempat pikeun neundeun kandaraan leuwih lega. Terus, balong anu aya di tukang ogé henteu tinggaleun bakal dibebenah. Supaya balongna bisa dimangpaatkeun ku masarakat umum pikeun dijadikeun tempat wisata saperti paparahuan/rarakitan.

Kitu nurutkeun warta anu katampi ti loka warta Pikiran Rakyat.

Féstival Prabu Geusan Ulun Poé Panungtungan


Nincak poé panungtungan (poé kaopat) dina pagelaran Féstival Prabu Geusan Ulun anu ninggang dina poé Salasa ayeuna (26 Nopémber), nurutkeun inpo baris dilumangsungkeun acara medalkeun kalawan resmi Buku Biografi Ibu Eén Sukaésih. Waktuna dina mangsa isuk-isuk, jam satengah salapan kalawan tempatna di Alun-alun Sumedang. Medalna buku ieu sakalian dina raraga miéling poé guru anu ninggang dina poé kamari (Senén, 25 Nopémber).

Pagelaran ibing kipas dina raraga Festival Prabu Geusan Ulun
Pagelaran ibing kipas dina raraga Festival Prabu Geusan Ulun

Ranggeuyan acara Féstival Prabu Geusan Ulun anu geus dilumangsungkeun ti mimiti poé Saptu kamarina téh baris ditutup dina poé ayeuna. Loba pisan acara anu ngeusi pagelaran salila opat poé noron ieu. Lain ngan ukur ti beurangna wungkul, dalah dina wanci peutingna ogé aya acara anu dilumangsungkeun. Saperti dina peuting tadi, cenah mah geus dilumangsungkeun pagelaran seni tradisional kayaning ibing kipas. Ditambah deui ku pagelaran wayang golék.

Pikeun anu panasaran hayang nyaho kana ieu pagelaran/féstival, taya salahna pikeun ngajugjug ka wewengkon Alun-alun Sumedang atawa Gedong Nagara Sumedang. Meungpeung aya kénéh waktu sapoé deui.

(Potret kagungan Pa Herman Suryatman)

Peta Sumedang Baheula


Nyungsi data ka KITLV, nyampak data ngeunaan peta Sumedang baheula anu dijieun ku Walanda. Aya dua peta poko anu bisa dijadikeun cekelan. Nurutkeun data anu aya, dua peta éta téh kaluaran taun 1908 jeung taun 1920.

Ngilikan kana eusi petana, utamana ngeunaan jalan-jalan poko (utama) anu aya di dayeuh Sumedang henteu pati loba parobahan. Utamana ngeunaan perenahna. Jalan-jalan poko anu ayeuna aya di dayeuh Sumedang geus aya ti béh ditu kénéh. Jalan Pangéran Kornél, Jalan Prabu Geusan Ulun, Jalan Sebelas April, Jalan Angkrék, katut jalan-jalan di sabudeureun Alun-alun Sumedang. Pon kitu deui reujeung lapang pacuan kuda di wewengkon Dano.

Peta sabudeureun dayeuh Sumedang jieunan taun 1908
Peta sabudeureun dayeuh Sumedang jieunan taun 1908
Peta sabudeureun dayeuh Sumedang jieunan taun 1920
Peta sabudeureun dayeuh Sumedang jieunan taun 1920
Peta sabudeureun dayeuh Sumedang ayeuna (2013)
Peta sabudeureun dayeuh Sumedang ayeuna (2013)

Anu ngabédakeun antara peta taun 1908 reujeung taun 1920 mah nyaéta ayana jalan Parigi anu tembus ka Gunung Gadung, Jalan Pasanggrahan (pertelon patung Kuda Rénggong) katut jalan ka Baginda/Citengah. Dina peta taun 1908 mah henteu kagambarkeun éta jalan téh.

Sedengkeun bédana reujeung kaayaan ayeuna (peta dina taun ayeuna-ayeuna) nyaéta ayana Jalan Kutamaya katut jalan Baypass.