Ngaran Kadaharan Dumasar kana Cara Molahkeunana


Ieu mah husus ngeunaan ngaran kadaharan anu diolah heula. Lain kumaha cara ngolahkeun éta kadaharan. Ngan cara ngolah atawa molahkeun éta kadaharan, mangaruhan kana ngaran éta kadaharan.

Teu saeutik ngaran kadaharan anu diolah, nyokot tina cara molahkeunana. Kusabab kitu, teu matak hémeng lamun aya dua rupa kadaharan sanajan bahan anu dipakéna sarua, lamun cara molahkeunana béda mah bisa béda ngaranna. Contona waé aya anu ngaranna Cilok reujeung Ciréng. Duanana bahan asalna mah sarua waé nyaéta tina aci. Anu ngabedakeunana teh anu hiji mah disebut Cilok téh kusabab éta Acina teh dicolok jadi waé ngaranna téh Cilok, anu hartina Aci Dicolok. Sedengkeun ari Ciréng, asalna tina kecap Aci Digoréng.

Comro

Anu séjénna, diantarana waé:

  1. Réngkol, tina kecap goréng engkol. Ieu teh mangrupakeun ngaran séjén pikeun kadaharan bala-bala.
  2. Comro, asalna tina kecap Oncom di Jero. Sakumaha ngaranna, kadaharan ieu mah dijieunna tina sampeu meunang marud anu dijerona téh diteundeunan oncom anu disamaraan meunang ngaréndos.
  3. Longah, asalna tina kecap Bolong di Tengah. Nyaéta kadaharan tina aci sampeu anu wangunana buleud, di tengahan dibolongan.
  4. Sukro, nyaéta asalna tina kecap Suuk di jero. Ieu mah kadaharan anu jerona téh suuk dibulen ku tipung.

(Asal poto: http://kuliner.ilmci.com/wp-content/uploads/2010/05/comro.jpg)

Mangpaat Tangkal Kawung


Ngeunaan tangkal kawung, teu leupas tina mangpaat éta tangkal dina kahirupan. Mangpaat anu gedé pikeun kahirupan téh nyaéta mangpaat dina hal dijadikeun pangupa jiwa: bisa dijadikeun sumber napakah. Ieu téh hartina tangkal kawung bisa dimangpaatkeun pikeun ngahasilkeun duit jeungeun bekel kahirupan. Sakumaha anu disebutkeun dina tulisan saméméhna, (ampir) sakabéhna tangkal kawung téh bisa dimangpaatkeun, ti mimiti puhu tangkal nepikeun ka tungtung daun. Jadi tangkal kawung téh loba pisan mangpaatna.

Tangkal kawung

Salian ti mangpaat pikeun sumber napakah, tangkal kawung ogé bisa nyuburkeun taneuh di sakurilingeunana. Taneuh di handapeun tangkal kawung mah biasana osok tiis baseuh. Teu anéh lamun aya kebon anu dipinuhan ku tangkal kawung, karasana téh osok tiis.
Mangpaat tangkal kawung lamun ditilik tina widang ékonomi jeung widang séjénna, nyaéta:

  1. Tangkal kawung bisa dijadikeun sumber gula beureum. Gula beureum tina tangkal kawung mah kacida kareueutna dibandingkeun reujeung gula tina tangkal kalapa.
  2. Tangkalna bisa dijual pikeun dijieun aci.
  3. Injukna bisa dijual ka tukang nyieunan sapu injuk.
  4. Carulukna bisa dijieun cangkaléng.
  5. Langarina bisa dijieun parab domba.
  6. Nyerena bisa dijieun sapu nyéré.
  7. Sarérang kawungna bisa dijieun obat éwateun.
  8. Daun kawung anu ngora bisa dijieun ududeun nyaéta udud daun kawung.
  9. Daunna bisa dijieun hateup saung.
  10. Tangkal anu ngorana bisa dijieun humut.
  11. Ruyungna (tangkal kawung anu teuas) bisa dipaké pikeun pérah pakarang.

Sedengkeun mangpaat pikeun barudak mah nyaéta:

  1. Dahanna bisa dijieun momobilan.
  2. Popotongan tangkal kawung anu dituar tapi teu dimangpaatkeun osok jadi tempat jaradina tunggeu. Tunggeu ook dipaké hareureuy ku barudak.
  3. Langarina osok dipaké babalédogan maké nyéré. Babalédogan pajauh-jauh atawa pakeuna-keuna kana hiji hal.

Baca oge:

  1. Tangkal Kawung
  2. Nyadap Kawung (Bagean Kahiji)