Matihna Agustusan Baheula


Geus jadi kabiasaan lamun tujuh belas agustusan osok diayakeun raraméan. Utamana di kacamatan atawa di désa. Malahan aya lomba pawéy antar-désa sagala sa-kacamatan. Lomba arak-arakan anu diiluan ku amour sakabéh warga masarakat. Sagala kamonésan jeung sagala anu aya di masarakat dipintonkeun dina ieu arak-arakan. Ti mimiti hasil tatanén atawa kamonésan anu ngahaja dijieun, diarak/diabringkeun supaya katempo naon waé anu aya di hiji désa.

Teu anéh lamun agustusan téh osok diiluan ampir ku sakabéh masarakat. Arék budak atawa kolot, arék lalaki atawa awéwé, ngiluan ngareuah-reuah agustusan. Najan jauh anu kudu dijugjug, ka kacamatan atawa ka désa, teu jadi halangan pikeun indit. Najan teu mibanda kandaraan ogé, aya anu ngahajakeun leumpang.

Raramean dina raraga Agustusan
Raramean dina raraga Agustusan

Leuwih jauhna, baheula mah cenah kana ngaranna agustusan téh kudu waé ngiluan, kudu ngiluan ngareuah-reuah. Teu meunang henteu. Dina henteu ngiluan raraméan téh teu meunang ka mamana. Kudu cicing di imah. Lamun maksakeun iinditan atawa barangala sok aya matakna.

Nalika batur raraméan agustusan teu meunang barangala. Aya kajadian, hiji jalma anu ngadon ngala jéngkol nalika agustusan, cenah mah manéhna téh tikosewad. Atuh, nempo kana éta kaayaan, geningan matih ogé anu ngaranna agustusan téh. Najan bisa waé éta téh ngan ukur kabeneran.

Da pernah nyobaan nalika agustusan teu ngiluan raraméan. Terus ngala jambu di buruan tatangga. Teu nanaon….

(Potret meunang nginjeum ti Galamedia News)

17 Agustus, Poéan Anu Ahéng?


Baheula mah anu ngaranna tanggal 17 Agustus téh katelah poéan anu ahéng atawa karamat. Kabéh jalma dina poéan éta téh kudu miluan atawa husu nujukeun pikiran jeung léngkah pikeun mapag éta poé, poéan merdékana nagara Indonésia. Dina éta poé téh kabéh jalma kudu ngareuah-reuah, minangka miéling kamerdékaan nagara. Lamun bisa mah apanan ngiluan miéling kamerdékaan ku jalan ngiluan upacara bandéra di désa atawa kacamatan. Lamun henteu bisa ngiluan upacara, nya datang ka tempat upacara téa pikeun ngiluan ngareuah-reuah, miluan ngaramékeun pawéy pembangunan. Lamun henteu bisa kénéh, nya cicing di imah ulah ka mamana.

Dina sakalieun ngalakukeun perkara anu taya pakuat-pakaitna jeung mieling kamerdékaan téh, osok aya istilah kakeunaan ku apes atawa matak cilaka. Pernah dina hiji waktu mah, aya urang lembur anu dina poéan mieling kamerdékaan téa henteu miluan ngareuah-reuah. Dina waktu batur daratang ka kacamatan, ari éta jalma kalahka indit ka leuweung pikeun ngala jéngkol. Dina waktu ngala jéngkol, éta jalma téh kalahka meunang cilaka, ragrag tina tangkal jéngkol. Ari parna mah henteu, ngan angger waé anu ngaranna cilaka mah. Tambah deui jadi mangaruhan jalma séjén, jeung mangaruhan kayakinan urang lembur. Sanggeus aya kajadian kitu mah, urang lembur téh ati-ati dina poéan miéling kamerdékaan téh. Lamun henteu datang ka kacamatan atawa désa téh, nya mending milih cicing waé di imah.

Bendera Negara Indonesia (sumber foto: internet)

Ku nyérélékna waktu jeung robahna jaman, kaayeunakeun mah, éta perkara téh henteu dipaké atawa kapaké deui. Poéan 17 Agustus téh teu pati dipiroséa. Komo lamun aya pakaitna jeung néangan pakaya dunya mah. Sanajan dina poéan 17 Agustus téh sawaréh jalma téh ngahajakeun daratang ka kacamatan pikeun upacara atawa pawéy, sésana (lolobana) mah nya ngalakukeun pakasabanana séwang-séwangan. Anu tatanén, nya datang ka kebon atawa sawahna séwang-séwangan. Anu perlu jukut atawa suluh, nya néangan kaperluanana séwang-séwangan.

Naha geus teu metu deui kitu ahéngna poéan 17 Agustus téh? Atawa gara-gara geus ganti pamingpin?