Cenah Loba Urang Sunda di Pekanbaru Riau


Nurutkeun béja mah, cenah di Riau téh loba urang Sunda. Loba anu asalna ti Tatar Pasundan anu ngadon nyaba di wewengkon atawa ngahaja pindah ka Propinsi Riau. Urang Sunda anu aya di Riau téh aya anu disababkeun ku geus jadi urang Riau ti baheula kénéh, geus tetep renggenek di Riau (nganjrek jadi urang Riau) ngan miboga karuhun (kolot) ti tatar Pasundan, aya ogé anu samentara kusabab aya kaperluan atawa pangabutuh saperti kakait ku pagawéan. Sumebarna lain ngan ukur di dayeuh Pekanbaru wungkul, tapi ogé sumebar ka kabupatén séjénna, saperti Dumai jeung Bengkalis.

Kamonesan anu diayakeun ku PWS Kepulauan Riau

Pikeun ngaraketkeun tali mimitra antara urang Sunda anu aya di Riau, di Riau diadegkeun gempungan atawa paguyuban anu ngaranna Misuri. Misuri anu papanjangna tina Mitra Sunda Riau. Ayeuna, Paguyuban Mitra Sunda Riau dipimpin ku Bapa Ondi Sukmara. Nurutkeun data, anggahota anu geus asup kana ieu paguyuban kurang leuwih 6000 KK (nurutkeun beja ti kisunda). Jadi urang Sunda anu aya di Riau téh leuwih ti 6000 KK, da loba anu acan asup kana ieu paguyuban.

Salian ti Misuri, aya ogé paguyuban anu ngaranna PWS (Paguyuban Wargi Sunda) Riau. Terus aya ogé anu ngaranna Pagiyuban Sunda Muda-Mudi Misuri (3M).

(Gambar meunang nginjeum ti http://tanjungpinangpos.co.id/)

Naék Kapal Ngapung téh Siga Tumpak Mobil ka Lembur


Najan rada sieun naék kapal ngapung, ahirna mah ngalaman ogé naék kapal ngapung. Rada deg-degan waktu kapal ngapung mimiti maju. Mimitina alon, terus ngagancangan. Kapal anu tadina napak kana aspal téh mimiti nanjak siga nyorang tanjakan. Beuki lila beuki luhur, terus rada déngdék jeung méngkol. Pajaratan ngajauhan terus papaliwat reujeung reueuk bodas.

Sapanjang ngapung, teu karasa kawas ngapung. Rarasaan kawas tumpak mobil atawa beus. Malahan leuwih jauhna mah kawas tumpak mobil anu ka lemburkeun. Lamun tumpak mobil ka lembur, jalanna téh rupa-rupa, aya anu alus aya anu goréng. Nalika nyorang jalan anu alus, mobil téh apanan ngageleser. Dina nalika nyorang jalan anu goréng, mobil téh anjlug-ajlugan balas nyorang jalan anu garinjul ku batu.

Kapal ngapung eukeur ngapung

Tumpak kapal ogé geningan teu béda ti kitu. Henteu sapanjang jalan nyorang jalan anu alus. Di sababaraha tempat mah kapal téh nyorang ‘jalan’ anu goréng. Lamun jalanna (anginna…?) alus mah, kapal téh ngageuleuyeung, sedengkeun nalika jalan anu disorangna goréng mah kapal téh gugurudugan siga nyorang jalan anu garinjul.

Jadi tumpak kapal ngapung anu kaalaman téh siga tumpak mobil keur ka lemburkeun. Taya bédana….

Mahalna Dahareun di Jero Bandara Soekarno-Hatta


Kusabab naék kapalna kudu entragan jam 9, kapaksa kudu nungguan heula di bandara. Da inditna mah bareng reujeung anu entragan isuk-isuk. Untung wae henteu sorangan indit beurangna. Néangan tempat nungguan bagéan indit jam 9, euweuh tempat cicing anu ngeunaheun. Aya ogé tempat cicing anu ngeunaheun di jero rohangan anu jualan dahareun, da loba korsi reujeung méja.

Anu ngaranna tempat ngajualan dahareun mah nyadiakeun tempat cicing korsi méja téh taya deui salian ti pikeun anu ngadon dahar atawa jajan. Kapaksa waé ngadon asup ka jerona sakalian sarapan, da basa indit tacan sarapan heula. Néangan tempat anu di juru supaya rada ngeunaheun najan kudu ngajéngjéhé nundutan. Sakalian waé pésen dahareun pikeun sarapan. Cenah kudu nyokot sorangan….

Kapaksa waé milih dahareun anu aya. Supaya murah, milih dahareun téh anu basajan waé. Henteu daék milih dahareun anu anéh-anéh da bisi mahal. Kabeneran mawa duitna saeutik. Saméméh dibawa ka méja, kudu diitung heula katut dibayar heula. Sanggeus diitung, katut kaluar hargana, mani ngajenghok. Mani mahal-mahal teuing? Alakadar dahar sangu meunang ngagoréng ditambah ku angeun sop baso ditambah cai akua hiji, hargana nepikeun ka 35 rebu….

Tapi kumaha deui, da geus diwadahan. Kapaksa waé dibayar.

Mani mahal-mahal teuing. Kawas di tempat pakanci waé, hahargaan téh naékna teu adeuh. Naha kusabab mayar séwa tempatna kitu mahal téh atawa kusabab hal séjénna? Hanas teu bebekelan ti luar. Saacanna asup ka jero bandara téh meuli heula dahareun pikeun bekel di jero bandara katut di jalanna. Éta wae mangsa geus asup ka jero deui saacanna naék kapal, hayang nginum téh kudu ngaluarkeun béaya 5 rebu pikeun meuli cai téh anu dibotolan. Nalika di awang-awang ogé sarua, harga dahareun anu dijual téh asa mahal….

Tempat caricingna jalma anu arek naek kapal ngapung

Ka hareupna mah, lamun arék iinditan téh kudu bebekelan heula. Kawas baheula lamun arék indit pakanci téh apanan osok nimbel heula pikeun bekel di jalan, sakalianeun lapar téh kari muka timbel (bekel).

(Gambar meunang nginjeum ti http://jurnalpatrolinews.com/)

Kudu Naék Kapal Ngapung…?


Kabeneran ayeuna mah pagawéan téh ayana di luar Pulo Jawa. Nya meureunan kudu nyaba heula pikeun saheulaanan mah. Najan kudu jauh ti lembur sorangan, tapi teu meunang jadi halangan pikeun mugagkeun lampah. Najan arék di mana waé anu ngaranna gawé mah kudu siap sadia. Nu penting mah jelas tugasna jeung nepi ka iraha. Cenah mah lilana téh kurang leuwihna genep bulaneun.

Ari tempatna? Tempatna téh cenah mah kudu meuntas ka Pulo Sumatera, perenahna di wewengkon Riau. Jauh ogé geningan…!

Naék naon atuh ka dituna? Ka dituna téh naék kapal ngapung!

Geningan…? Kumaha atuh…?

Kapal ngapung eukeur ngapung

Nya teu kukumaha. Da lamun badarat mah sigana iraha mah nepina. Teuing sabaraha poéeun lamun jalan darat mah. Sedengkeun ari naék kapal ngapung mah paling ogé sababaraha jameun. Ngan sakeudeung, moal nepikeun ka leuwih ti dua jam. Kitu cenah.

Apanan tacan pernah ngalaman naék kapal ngapung? Moal kukumaha kitu?

Moal kukumaha. Batur ogé anu osok naék kapal ngapung, henteu nanaon. Reujeung deui anu ngaranna cilaka mah teu kudu naék kapal ngapung wungkul. Dalah anu badarat ogé bisa waé cilaka. Pon kitu deui anu di laut, geus nepi kana cilakana mah bakal cilaka. Jadi najan remen kabéjakeun loba anu cilaka, ulah ngendagkeun patékadan. Asal niatna alus, ulah pugag di tengah jalan. Lakonan lamun éta dianggap alus.

Heueuh ogé nya. Najan remen kabéjakeun loba anu cilaka, éta mah geus kuduna waé cilaka. Lamun kuduna henteu cilaka mah moal cilaka. Najan loba anu nyebutkeun ngeunaan cilaka: cenah anu naék kapal ngapung, apanan murag; anu naék kapal laut tilelep; anu naék karéta tabrakan, anu naék mobil ogé sarua; anu naék motor ditabrak; ulah mugagkeun lampah. Da cilaka mah teu kudu tumiba ka jalma anu keur lumampah, najan jalma anu keur cicing ogé bisa waé kakeunaan ku cilaka. Jalma anu cicing diimah terus karagragan kapal ngapung, apanan bisa katumibaan cilaka.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)