SD Negeri Margajaya Bogor Maké Aksara Sunda


Sakola dasar anu aya di dayeuh Bogor, SD Negeri Margajaya nyieun papan ngaran sakola anu dilengkepan ku aksara Sunda. Nurut inpo anu diancokeun ku Republika, ieu léngkah dicokot dina raraga ngabudayakeun jeung miara budaya Sunda pikeun barudak entragan anyar.

Harepanana mah ieu léngkah téh bakal diturutan ku sakola-sakola séjénna anu aya di dayeuh Bogor. Lamun diturutan ku sakola-sakola séjénna téh bakal ngarojong pisan reujeung gerakan Ngabogor. Dinas pendidikan dayeuh Bogor mibanda jeung geus nyieun program anu dingaranan gerakan Ngabogor. Ngabogor mangrupakeun kapondokan tina Bogoh ka Bogor.

SD Negeri Margajaya dayeuh Bogor, ngagunakeun aksara Sunda dina papan ngaranna
SD Negeri Margajaya dayeuh Bogor, ngagunakeun aksara Sunda dina papan ngaranna

Gerakan ieu bisa ditembrakeun ku sikep, pagawéan jeung pasipatan. Salasahijina nyaéta miara jeung ngagunakeun aksara Sunda. Gerakan Ngabogor ieu ngawengku opat gerakan nyaéta lingkungan, kapribadian, kaimanan jeung cinta kana budaya. Ngaliwatan Ngabogor ieu, unggal sakola dirojong pisan lamun mibanda karakter séwang-séwangan. Karakter anu dicokot tina opat rupa tadi, bisa mibanda karakter lingkungan, karakter agama, pribadi atawa budaya.

Atuh, lamun nilik kana ieu program, léngkah anu ditembrakeun ku SD Negeri Margajaya mangrupakeun karakter anu mikanyaah kana budaya. Leuwih jauhna, naon anu diayakeun ku SD Negeri Margajaya ogé aya pakaitna reujeung program ngagunakeun Basa Sunda anu dilaksanakeun unggal poé Saptu.

Bégal


Keur harénghéng ayeuna téh cenah mah. Di sababaraha wewengkon keur usum bégal. Bégal anu pagawéanana ngarampog anu ngulampreng ka hiji tempat. Lain ngan ukur ngarampog wungkul, cenah mah nepikeun ka luluasan pikeun nelasan anu dirampogna. Da ngabégalna ogé ngagunakeun pakarang sagala. Matak sieun lamun ngulampreng anu aya bégal mah.

Pangwawadi, kudu ati bisi aya begal
Pangwawadi, kudu ati bisi aya begal

Tapi ngan saeutik tempat anu osok aya bégalan mah. Kalolobaanana mah aman. Jadi teu kudu sieun teuing. Lamun cenah kabeneran kudu ngulampreng ka tempat anu osok aya bégal, leuwih hade babarengan reujeung batur lumampahna. Ulah sosoranganan.

Perkara bégal mah lain hal anu anyar. Ti baheula ogé geus aya anu ngaranna bégal mah. Bédana téh bégal ayeuna mah ngadeukeutan ka dayeuh. Sedengkeun baheula mah apanan bégal téh ayana di tempat anuhara-haraeun atawa dipileuweungan. Reujeung ayeuna mah leuwih kejem cenah mah bégalna, nepikeun ka wani nelasan sagala. Terus anu dibégalna ogé ayeuna mah biasana anu maraké kandaraan sarupaning motor.

(Potret meunang nginjeum ti PenulisPro)

Paparabotan urang Lembur di Musieum Fatahillah Jakarta


Nganjang ka Kota Tua Jakarta, ngalongok musieum Fatahillah. Kukurilingan nempoan anu aya di jero musieum. Taya anu anéh, kalolobaanana mah anu diancokeun téh paparabotan anu osok aya di imah kayaning méja, korsi, jeung dipan. Nu séjénna mah paling ogé lukisan anu digantung dina témbok, sababaraha rupa tulisan anu eusina ngeunaan sajarah Batawi baheula, rupa-rupa batu titinggal jaman baheula katut tironan prasasti anu aya pakaitna reujeung Batawi baheula.

Rupaa-rupa parabot anu osok aya di dapur
Rupaa-rupa parabot anu osok aya di dapur

Tina sababaraha barang anu dipidangkeun téh, aya paparabotan anu biasa dipaké ku urang lembur. Di hiji rohangan anu dieusi ku barang jeung katerangan ngeunaan Karajaan Sunda, aya paparabotan anu osok aya di dapur urang pilemburan reujeung parabot paranti tatanén.

Rupa-rupa parabot paranti tatanen
Rupa-rupa parabot paranti tatanen

Dina kumpulan paparabotan dapur aya rupa-rupa paparabotan saperti sééng, hawu, hihid, boboko, dulang, céntong, kendi, aseupan, téko jeung nu séjénna. Sedengkeun di deukeuteunana aya tempat anu midangkeun paparabotan paranti tatanén diantarana waé bedog, koréd, étém, sastra jeung kolénjér. Dua ngaran anu panungtung mah kakara manggihan jeung teu apal nu kumaha waé rupa parabotna. Di gédéngeunana aya ogé rupa-rupa baju anu osok dipaké urang pilemburan. Ceuk béja mah, rupa-rupa paparabotan iey téh mangrupakeun paparabotan urang suku Baduy di Banten.

Sora Gamelan Degung di Hotél Santika TMII


Wanci haneut moyan anjog ka Hotél Santika TMII (Taman Mini Indonésia Indah) sanggeus kukurilingan heula ka Jalan Hankam kusabab salah narima inpo ti Google Maps. Anjog ka hotél, sanggeus nguruskeun sagalana (kunu nguruskeunana), muru ka rohangan pikeun gempungan. Ti jero lamat-lamat kadéngé sora anu henteu bireuk deui. Sora gamelan degung kadéngé mapag anu datang ka hotél. Muru ka rohangan pikeun gempungan, ngaran rohanganana Kecapi 3. Asa lain di lembur batur ieu mah, rarasaan téh di lembur sorangan.

Bet bisa?

Hotél Santika anu aya di dayeuh Batawi bet nyetél lalaguan Degung. Naha anu bogana éta hotél téh urang Sunda atawa kusabab pikeun mapag urang Sunda anu datang ka éta hotél? Tapi lamu ngilikan ngaran rohangan mah anu ngaranna Kecapi, hartina henteu robah-robah. Ti mimiti aya nepikeun ka ayeuna angger éta ngaranna. Jadi lain pikeun mapag urang Sunda wungkul.

Hotel Santika Taman Mini Indonesia Indah (TMII)
Hotel Santika Taman Mini Indonesia Indah (TMII)

Nyaliksik ngaliwatan internét ngeunaan Hotél Santika. Hotél Santika mangrupakeun hotél anu dikokolakeun ku pausahaan PT. Grahawita Santika. Ieu pausahaan téh mangrupakeun bagéan tina grup usaha Kompas Gramedia anu puseurna di Batawi. Wangunan hotél munggaran anu dijieun ku ieu pausahaan téh perenahna di Bandung dina taun 1981 kalawan dingaranan Hotél Soeti. Ka dieunakeun, hotélna diganti jadi Hotél Santika Bandung. Beuki dieu, beuki loba wangunan Hotél Santika anu diwangun anu sumebar di sakuliah Indonésia.

Anu jadi ciri ieu hotél téh cenah mah leuwih ngandelkeun budaya Indonésia. Luyu reujeung cekelanana, ‘Indonesian Home’ kalawan moto dina nyadiakeun pangladénna ‘Hospitality from the Heart’, Hotél Santika kacida ngandelkeun budaya anu aya di Indonésia kaasup soméah ka sémahna. Ieu sigana mah anu jadi dasar digalindengkeunana gamelan degung di Hotél Santika TMII.

(Potret meunang nginjeum ti Tripadvisor.com)

Hawa di Batawi téh Geningan Panas


Inget kana pangajaran Fisika ngeunaan kaayaan hawa anu panas jeung tiis. Kaayaan hawa anu panas atawa tiis kacida pakaitna reujeung lobana hawa anu ngumpul di sabudeureunana. Panas anu asalna tina panonpoe (nalika pabeubeurang), bakal diserep ku hawa anu ngarapung. Leuwih loba jumlah hawana leuwih loba panas anu ngumpul. Antukna hawana bakal leuwih panas tibatan patempatan anu jumlah hawana leuwih saeutik.

Dayeuh Jakarta
Dayeuh Batawi (Jakarta)

Jumlah hawa anu aya di hiji patempatan kacida gumantungna kana gedé jeung leutikna ‘gaya gravitasi’ di éta patempatan. Sakumaha perkara séjén anu miboga ‘massa’, hawa dibeungbeuratan ku ‘massa’-na sorangan. Antukna hawa téh osok katarik ka handap. Anu tadina di luhur bisa turun ka handap. Kusabab katarik ka handap, hawa di luhur leuwih saeutik tibatan di handap. Hawa téh loba ngumpul di patempatan anu leuwih handap. Jadi lamun dibandingkeun mah hawa di tempat anu handap bakal leuwih loba tibatan patempatan anu luhur. Jumlah hawa di sisi basisir atawa di sagara bakal leuwih loba tibatan hawa anu aya di gunung.

Kusabab hawa di tempat anu handap atawa basisir mah leuwih loba tibatan di pagunungan, antukna hawana leuwih panas tibatan hawa anu aya di gunung. Hal ieu sigana mah anu nyababkeun di wewengkon Batawi kaayaan hawana leuwih panas tibatan kaayaan hawa di Bandung. Di Batawi mah pabeubeurang téh mani panas, sanajan keur aya di jero imah ogé. Komo deui lamun aya di luar nalika panon poé méntéréng.