Barudak Sakola SD Darul Hikam Diajar Nyieun Kokoprak


Nurutkeun warta anu dipedalkeun ku inilahkoran.com http://www.inilahkoran.com/read/detail/1938876/siswa-darul-hikam-belajar-bikin-kokoprak, SD Darul Hikam Primary International School ngayakeun Sundanese Days anu dijerona diayakeun kagiatan diantarana diajar nyieun kaulinan barudak katut kadaharan tradisional. Kaulinan barudak anu diayakeun téh nyaéta nyieun bebedilan tina palapah daun cau. Sedengkeun kadaharan anu dijieun téh surabi. Salian ti nyieun kaulinan barudak, barudak sakola SD Darul Hikam ogé diajar nyieun kokoprak. Kokoprak téh nyaéta paranti ngagebahkeun manuk di sawah atawa di huma. Ngan bédana reujeung kokoprak anu osok dijieun di huma atawa di sawah anu dijieunna tina tangkal awi, barudak sakola Darul Hikam mah nyieun kokoprakna téh tina barang urut, lain tina awi.

Barudak sakola SD Darul Hikam anu ngiluan Sundanese Days
Barudak sakola SD Darul Hikam anu ngiluan Sundanese Days

Kagiatan anu dilumangsukeun dina poé Salasa ping 18 Désémber 2012 ieu, didadasaran ku hayang ngajaga jeung miara budaya sorangan nyaéta budaya Sunda supaya ulah kalindih ku budaya bangsa deungeun anu geus asup ka Indonésia. Kuayana kagiatan ieu, barudak hususna bisa mikawanoh budaya Sunda kalawan leuwih deukeut deui ti mimiti kadaharan, kaulinan, jeung anu séjénna. Kitu cenah nurutkeun Kapala Sakola SD Darul Hikam dina biantarana.

Dina ieu kagiatan, barudak sakola téh diwanohkeun kana surabi katut bebedilan tina daun cau ogé kokoprak. Sanggeus diwanohkeun jeung diajarkeun cara nyieunna, barudak téh sina nyieun sorangan.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.inilahkoran.com/)

Olimpiade Olahraga Tradisional (OOTrad) Padjadjaran Ka-5 Taun 2012


Sababaraha poé katukang, di kampus Universitas Padjadjaran (UNPAD) Dipati Ukur dilumangsungkeun kagiatan anu dingaranan Olimpiade Olahraga Tradisional (OOTrad) Padjadjaran V 2012. Ieu acara téh dilumangsungkeun dina poé Ahad ping 4 Nopémber 2012, kalawan anu boga hajatna nyaéta UNPAD sorangan. Sakumaha kagiatan taun-taun saméméhna, dina ieu acara téh dilumangsungkeun pasanggiri rampak kendang, saptatlon, maraton jajangkungan katut maén catur tiluan. Ceuk pupuhu nu hajat, kalawan dicutat ku AntaraNews, ieu kagiatan téh mangrupakeun kagiatan maneuh anu dilumangsungkeun ku UNPAD pikeun ngajaga jeung ngariksa budaya Sunda.

Pamilon saptatlon keur ngiluan lomba nanggung suluh

Ieu kagiatan téh diiluan ku wawakil fakultas anu aya di Universitas Padjadjaran, unit kerja katut mitra gawé di sabudeureun UNPAD. Diantara pasanggiri anu dilumangsungkeun, anu raména mah nyaéta pasanggiri saptatlon atawa pasanggiri anu dieusi ku tujuh rupa lomba. Anu ngiluan kana ieu lomba sagrupna antara tujuh nepikeun ka dalapan urang. Lomba-lomba anu diilukeun kana ieu pasanggiri téh nyaéta:

  1. Ngaragaji awi anu dilakonan ku pamilon lalaki. Hasil pamotonganana dibawa pikeun diteundeun di tempat anu anggangna 25 méter, terus balik deui ka tempat asal bari lumpat.
  2. Nyuhun jukut pikeun pamilon lalaki ku jalan ngangkat jukut anu beuratna 25 kilo bari leumpang gancang ka tempat anu jauhna 50 méter.
  3. Ngagandong boboko anu dilakukeun ku pamilon awéwé. Carana ngagandong boboko anu dieusian ku beubeutian kalawan ampegna 15 kilo dibawa ka tempat anu anggangna 50 méter bari leumpang gancang.
  4. Nanggung suluh (pamilon lalaki) anu beuratna 30 kilo kalawan anggangna 50 méter.
  5. Manggul béas (pamilon lalaki) anu beuratna 25 kilo kalawan anggangna 50 méter bari leumpang gancang.
  6. Balap karung pikeun pamilon lalaki jeung éyong pikeun pamilon awéwé anu anggangna 25 méter. Anu diéyongna téh mangrupakeun batu laleutik ku suku sabeulah.
  7. Balap jajangkungan ku pamilon lalaki atawa awéwé anu anggangna 50 méter.

Terus aya ogé balap jajangkungan anu anggangna 2000 méter atawa dua kilo. Ieu lomba bisa diilukan ku lalaki jeung awéwé. Terus ogé lomba catur tiluan kalawan gantian anu katelahna U-Camaintian (Unpad-Catur Main Bertiga Gantian). Dia ahir kagiatan, unggal jawara dilélér hadiah mangrupa piala jeung hadiah séjénna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.pikiran-rakyat.com/)

ulin.bdg, Raraméan Ngeunaan Kaulinan Bandung


Salila dua poé, ping 10 nepikeun ka 11 Nopémber 2012, di Bandung dilumangsungkeun raraméan anu perenahna di Taman Cilaki dayeuh Bandung. Ieu raraméan téh dingaranan ulin.bdg Festival Kaulinan Bandung. Ieu raraméan téh bisa dilumangsungkeun ku alpukahna BCCF (Bandung Creative City Forum). Loba kagiatan anu ngeusian ieu raraméan téh ti mimiti hiburan nepikeun ka kaulinan barudak.

ulin.bdg

Cenah mah kurang leuwih 26 rombongan komunitas anu ngeusian ieu raraméan, saperti Ecoethno, Komunitas Hong, Bike Bdg, Sunday Smile Picnic, Animatronik, Bandung Cycle Chic, Face Painting, Komunitas Sulap Bandung, Komunitas Origami Bandung, Planet Sains, Komunitas Taman Foto Bandung jeung anu séjénna. Kusabab dilaksanakeunana dina tungtung minggu (poé Saptu jeung Ahad), ieu raraméan téh loba anu ngajugjugan, pangpangna sakalian pariknik (pakanci) bari arulin di taman kota anu lumayan linduh iuh.

Salasahiji kagiatan anu ngeusian ieu raraméan téh nyaéta kaulinan barudak anu dikokojoan ku Komunitas Hong. Lumayan loba jinis kaulinan barudak anu disadiakeun, diantarana waé jajangkungan, susumpitan jeung bedil jeprét katut rorodaan gilinding tilu.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.bccf-bdg.com/)

Alimpaido Kaopat Taun 2012 di Kabupaten Kuningan


Anyaran kénéh, cenah ceuk warta anu kapanggih di internét, geus dilumangsungkeun kagiatan Alimpaido. Alimpaido pikeun taun 2012 atawa Alimpaido entragan kaopat, dilumangsungkeun di Kabupaten Kuningan. Ieu acara téh dilumangsungkeun dina ping 20 nepikeun ka 21 Oktober 2012. Ari tempatna nyaéta di Open Space Gallery, Linggarjati. Sakumaha acara Alimpaido saméméhna, dina acara Alimpaido ieu ogé dilumangsungkeun pasanggiri kaulinan barudak anu diiluan ku wawakil ti unggal kabupaten anu aya di Jawa Barat.

Acara Alimpaido kaopat ieu miboga téma Samitaning Kaulinan Barudak, Bisa Mawa Bagja Balaréa. Dina ngalumangsungkeunana, aya sapuluh rupa kaulinan barudak anu dipatandangkeun. Kaulinan anu dipatandangkeun téh nyaéta Jajangkungan, Kelom Batok, Rorodaan, Éngklé/Sondah, Sorodot Gaplok, Pérépét Jéngkol, Gatrik, Gasing, Bedil Jeprét jeung Sumpit. Salian ti pasanggiri kaulinan barudak, ogé dilumangsungkeun paméran kaulinan barudak, workshop kaulinan barudak, katut bazar kaulinan barudak reujeung kadaharan tradisional.

Barudak keur maenkeun hiji kaulinan barudak

Pamilon anu ngiluan kana ieu acara téh diwawatesan ku umur anu paling kolotna 15 taun. Jadi anu bisa ngiluan jadi pamilon dina acara tatandang kaulinan barudakna, ngan ukur barudak wungkul. Jalma anu geus déwasa mah henteu bisa ngiluan. Unggal kabupaten bisa ngirimkeun wakilna jadi hiji tim anu dieusi ku lima urang budak. Ngan dina derna acara, tina 26 kabupaten anu dirarancang bakal ngiluan atawa ngirimkeun wawakilna, aya opat kabupaten anu henteu ngirimkeun wawakilna, nyaéta Kabupaten Sumedang, Kota Depok, Kabupaten Cirebon jeung Kota Sukabumi.

Pikeun warta anu lengkep bisa ngalongok ka loka-loka:

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.pikiran-rakyat.com/)

Nguji Wawanén dina Balap Rorodaan Gilinding Tilu


Maén rorodaan anu gilindingna tilu biasana mah osok dilumangsungkeun dina jalan anu mudun jeung lempeng. Pudunan anu alus mah rata taneuhna, henteu garinjul teuing. Pudunan téh alusna mah diteruskeun ku jalan anu datar pikeun ngeureunkeun rorodaan. Jalanna ogé kudu jalan gedé lamun dipaké pikeun balap. Supaya dina sakali waktu téh bisa dua atawa leuwih rorodaan anu balapna. Dina prakna balap, rorodaan téh biasana mah didorong heula ti tonggohna, supaya majuna rorodaan téh leuwih gancang. Dina nyorang jalan anu mudun téh, rorodaan beuki gancang. Nepi ka tungtung pudunan disambung jalan anu datar, rorodaan téh ngendoran. Rorodaan eureunna téh henteu dierém maké erém, da rorodaan gilinding tilu mah euweuh eréman. Aya kétang erém ngan maké suku anu ditapakeun kana taneuh. Rorodaan eureun sanggeus nyorang jalan anu datar. Eureunna téh biasana mah saeureunna (eureun ku sorangan). Dina balap, budak anu meunang téh biasana mah budak anu rorodaanana pangheulana nepi ka tungtung pudunan atawa budak anu rorodaanana eureun pangjauhna.

Rorodaan gilinding tilu anu osok dipake balap

Anu penting dina balap rorodaan gilinding tilu mah gancang majuna. Ku hayang bisana maju kalawan gancang, loba cara anu dipigawé ku budak. Aya anu maké minyak keletik dina as rorodaanana. Aya ogé anu ku jalan nyieun ambahan (ngawahan) anu rada jauh. Intina mah kumaha supaya rorodaan téh bisa maju kalawan gancang.

Kusabab kitu, dina maén rorodaan gilinding tilu diperlukeun wawanén pikeun budak anu maénna. Budak anu luasan jeung seureudeug mah biasana alus dina maén rorodaana téh. Numpakan rorodaan dina jalan anu mudun, komo bari jeung balap pagancang-gancang reujeung pajauh-jauh diperlukeun wawanén anu kuat. Henteu sieunan reujeung éléhan dina maénna, henteu sieun tidungsruk kanu bala (ka sisi jalan). Pikeun miboga wawanén biasana mah ku jalan diajar ogé bisa. Najan mimitina sieunan jeung ati-ati dina tumpa rorodaanana, ahirna mah sanggeus biasa jeung tapis mah bakal wanian. Komo deui lamun dirojong ku kaayaan anu ramé mah. Beuki loba budak anu ngiluan maén, biasana mah beuki sumanget dina maénna. Anu tadina sieunan bisa jadi wanian tungtungna mah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://hanifahnafiatin.wordpress.com/)

Alimpaido, Minangka Olimpiade Pikeun Barudak


Alimpaido mangrupakeun hiji kagiatan atawa acara anu dilumangsungkeun ku Dinas Pariwisata & Kebudayaan (Disparbud) Jawa Barat. Dina ieu acara téh dipintonkeun jeung dipatandangkeun rupa-rupa kaulinan barudak baheula anu geus jarang diparaké jeung henteu dipikawanoh deui ku barudak ayeuna. Ari acarana biasana mah mangrupa pestival.

Ari dadasar dilumangsungkeun ieu acara téh kusabab kaulinan barudak baheula hususna di Jawa Barat geus ampir leungit di masarakat. Barudak ayeuna geus henteu apal deui kana rupa-rupa kaulinan barudak baheula, anu dipaké arulin ku karuhunna (kolot-kolotna) baheula. Kusabab kitu, kuayana ieu acara dipiharep supaya rupa-rupa kaulinan barudak baheula téh bisa dikali deui jeung diwanohkeun deui ka barudak supaya éta kaulinan barudak henteu nepikeun ka leungit taya tapakna.

Alimpaido téh cenah mah kecap anu meunang nyokot tina kecap Olimpiade. Ngan éta kecap téh disalénggorkeun jadi alimpaido. Ari kecap alimpaido, lamun dibéjérbéaskeun deui mah mangrupakeun kecap rangkepan tina kecap alim jeung kecap paido. Alim hartina embung, sedengkeun paido hartina dibohongan. Jadi kecap alimpaido bisa miboga harti embung dibohongan. Leuwih jembarna éta kecap téh bisa dihartikeun embung linyok bohong. Hal ieu téh luyu reujeung niléy-niléy anu dipiboga ku kaulinan barudak baheula anu ngawengku kana niléy-niléy budaya anu alus jeung kamotékaran dina kahirupan.

 

Atuh ahirna mah, kuayana alimpaido ieu kahayang jeung harepan supaya rupa-rupa kaulinan barudak bisa dihirupkeun deui bisa kahontal. Kaulinan barudak moal nepikeun ka leungit tina kahirupan.

Alimpaido geus jadi program pikeun Diparbud Jawa Barat. Ieu acara dimimitian taun 2009 anu dilumangsungkeun di dayeuh Bandung. Acara alimpaido satuluyna mah ngider ka unggal Kabupaten di Jawa Barat.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.disparbud.jabarprov.go.id/)

Maén Pris-prisan


Barudak anu maén dibagi kana dua grup. Jumlahna lamun jangkep mah disaruakeun, bisa lima urang lima urang lamun barudakna sapuluh urang. Lamun henteu, béda hiji mah teu nanaon. Tempat anu dipakéna alusna mah tempat anu lémpar rata tur lalega, bisa diburuan atawa jalan gedé atawa di lelemah (lahan piimaheun).

Dua grup ieu nyieun gawang masing-masing pahareup-hareup, ngan anggang. Anggangna gumantung kana panjangna patempatan, bisa 50 méter atawa saratus méter. Ulah deukeut teuing, da lamun deukeut teuing mah susah lumpatna. Taya ambahan pikeun lumpat. Sedengkeun ari legana gawang biasana mah henteu leuwih ti panjang nyangégangna budak anu maén. Nya kira-kira sadeupaan mah panjangna téh. Pananda gawang bisa maké batu atawa tihang. Salian ti batu atawa pananda gawang, nyieun ogé tanda pikeun nawan lawan anu anggangna kira-kira dua atawa tilu dampal suku budak ti tanda gawang ka béh hareup. Diteundeunna bisa di béh kénca atawa katuhu.

Sanggeus siap, kari prungna.

Dina maénna, barudak anu maén kudu silih udag. Anu beunang (katoél atawa kacabak) kudu ditawan di tempat nawan. Dina silih udagna aya istilah leuwih kolot jeung leuwih ngora. Budak anu leuwih ngora kakara bisa ngudag budak anu lewih kolot. Henteu bisa sabalikna. Sababna anu bakal ditawan téh budak anu leuwih kolot. Istilah leuwih ngora jeung leuwih kolot, lain nilik kana umu budak, tapi kana waktu ninggalkeun gawangna séwang-séwangan. Budak anu leuwih tiheula ninggalkeun gawang bakal leuwih kolot tibatan budak anu pandeuri ninggalkeun gawang. Kusabab kitu, budak anu tiheula ninggalkeun gawang osok diudag ku lawanna anu cicing di gawang kusabab manéhna leuwih ngora. Budak anu leuwih kolot bisa balik deui ka gawangna supaya jadi leuwih ngora pikeun ngudag budak anu ngudag manéhna bieu. Kitu reujeung kitu waé, nepikeun ka loba budak anu ditawan anu ahirna mah biasana tinggal saurang deui musuhna. Lamun kari saurang deui musuhna, kari ngéléhkeun ku jalan nincak tengah-tengah antara tanda gawangna bari henteu bisa katoél ku budak anu boga (nungguan) gawangna.

Barudak keur maen pris-prisan

Pikeun budak anu babaturanana ditawan, kudu ngusahakeun pikeun ngaleupaskeun babaturanana tina tawanan. Hal ieu supaya manéhna henteu béakeun babaturan (anak buah). Carana kudu noél babaturan anu ditawanna bari henteu katoél deui ku musuh anu nawanna. Budak anu ditawan kudu cicing bari nyekelan kana batu atawa tihang tanda paranti nawan. Sedengkeun budak anu miboga tawanan kudu ngajaga tawanan supaya ulah katoél ku babaturan tawananana.

Dina saméméh prak-prakanana, osok ditangtukeun heula ambahan pikeun lumpatna lamun diudag ku musuh. Naha ambahanana bisa kaluar tina éta tempat atawa ngan ukur di éta tempat wungkul. Lamun bébas mah, barudak bisa lumpat ka mana waé nalika diudag ku musuhna.

Dina palebah éléhna, barudak bisa balikan deui ti mimiti. Tawanan dibalikeun deui ka gawangna.