Mangsa Keur Usum Bonténg


Keur usum Bonténg geningan di lembur téh. Najan melak di kebon téh ngan sababaraha dapur (areuy), tapi pas ka lembur Bonténg téh teu weléh aya. Najan henteu panén ti kebon ogé, osok aya anu ngirim ti tatangga atawa dulur. Ngadahar hiji ogé matak wareg ari Bonténg ti lembur mah. Teu anéh da Bonténgna ogé béda reujeung Bonténg anu osok dijualan di pasar anu laleutik. Bonténg di lembur mah galedé, nepikeun ka sagedé pigeulang leungeun kolot.

Areuy Bonteng di kebon Cikur
Areuy Bonteng di kebon Cikur

Di lembur mah Bonténg téh dipelakna ku jalan diandri (tumpang sari) reujeung pepelakan poko séjénna. Jadi pelak Bonténg téh lain tatanén utama di kebon. Pelak Bonténg ngan ukur pepelakan panambah wungkul. Pepelakan pokona biasana mah Cikur atawa Paré (huma). Kebon Cikur atawa Paré huma téh osok dipelakan Bonténg dina sisi-sisina (sisi galengan atawa piheuleutan). Atuh saméméh panén Cikur atawa panén Paré téh bisa panén Bonténg heula.

Kusabab lain taneman poko, atuh dina melakna ogé tara ieu dipiara. Sok komo deui maké tatanger atawa tuturus. Pelak Bonténg téh osok diantepkeun ngayang waé di kebon. Dina sakalian meresihan kebon (ngoyos) téh, Bonténgna bisa sakalian diala. Anu geus gedé jeung acan kolot pisan osok dibawa ka imah pikeun dahareun.

Saméméh areuy Bonténg paéh, biasana mah Bonténg téh osok dikarikeun paling saeutikna hiji pikeun pibiniheun. Bonténg téh diantepkeun sina kolot jeung asak. Supaya siki éta Bonténg téh bisa diteundeun pikeun bibit pelakeuneun taun hareup.

Kokoprak, Paranti Nyingsieunan Manuk di Huma


Lamun di huma anu atawa sawah anu paréna keur sumedeng konéng, hartina sakeudeung deui ogé bakal panén, osok loba pisan hama utamana manuk anu bakal ngaganggu kana paré. Paré anu keur sumedeng konéng téh osok didaharan ku manuk, saperti manuk piit. Kusabab kitu anu boga huma atawa sawah osok nyieun alat pikeun nyingsieunan manuk. Salasahiji alat anu bisa dipaké pikeun nyingsieunan manuk téh nyaéta kokoprak.

Kokoprak dipaké pikeun ngagebahkeun manuk anu datang ka huma atawa sawah. Ngaran kokoprak téh dicokot tina sorana. Lamun kokoprak dikenyed-kenyed talina, osok disada koprak-koprak. Sora kaluar tina potongan awi anu diadu reujeung palang atawa gagang awi. Sora kokoprak lumayan bisa ngagebahkeun manuk anu ngadon balangsiar ka huma atawa sawah.

Kokoprak di huma

Kokoprak dijieunna tina leunjeuran awi anu dipotongan kira-kira sasiku atawa saleungeun panjangna. Potongan leunjeuran awi ieu diropéa supaya unggal potonganana miboga buku dina hiji tungtungna. Dina tungtung anu miboga buku diliangan (hareup jeung tukang) pikeun kaluarna sora reujeung diliangna palebah gigirna paranti ngantétkeun potonganana kana gagang. Sababaraha potong awi ieu dijajarkeun jeung dikantétkeun maké gagang anu meunang nyieun tina awi, anu tungtuna mah wangunana ampir sarua reujeung calung (ngan panjangna sarua). Saterusna, katétan potongan awi téh ditatanggeran ku tihang, bisa tina awi atawa tatangkalan diteundeun di tengah huma atawa sawah, atawa ditempatkeun di sisi ogé bisa. Tatangger éta kokoprak ditalian luhurna maké tali anu panjang, disambungkeun ka saung. Eta tali dipaké pikeun ngenyed-ngenyed kokoprak ti saung supaya disada.

Ngan ulah poho, supaya kokoprakna bisa disada, dihandapeun gagang awi (tempat ngantétkeun potongan awi), dina tatanggerna kudu maké palang awi ogé supaya dina waktu dikenyedkeun aya panakol kana kantétan awi. Wangunan ieu siga angklung. Jadi sakumaha angklung, kokoprak ogé disadana téh kusaba diadukan potongan awi anu ngantét kana gagang awi anu di handap.