Jajaluk


Geus jadi kabiasaan lamun ninggang mangsana bulan puasa, anu ngaranna jalma jajaluk téh beuki meuweuh, heuseusna di dayeuh gedé kayaning Bandung atawa Batawi. Bulan puasa mangrupakeun bulan anu barokah pikeun sakabeh jalma. Dina ieu bulan heuseusna jalma anu ngagem agama Islam silih ronjatkeun amal ibadahna. Rupa-rupa ibadah, arék ibadah mahdhoh atawa ghoir mahdhod dilakonan. Ngalaksanakeunana leuwih-leuwih ti bulan séjénna.

Kaasup ngeunaan méré mawéh ka papada jalma, dina ieu bulan leuwih ngaronjat. Loba jalma anu leuwih béréhan, barang béré ka papada jalma. Jalma anu kabeneran boga ngadon méré ka jalma séjén anu mikabutuhna.

Jajaluk
Jajaluk

Hanjakal ieu hal téh osok dimangpaatkeun ku sawaréh golongan jalma. Leuwih béréhanana jalma dina ieu bulan dimangpaatkeun pikeun kapentingan diri pribadi. Loba jalma anu ngadon néangan paméré ti jalma séjén leuwih ti biasana. Lain anu hayang méré néangan anu béréeun tapi anu hayang dibéré néangan anu méré. Jalma-jalma leuwih ngeunah néangan paméré batur. Anu tungtungna, néangan paméré téh jadi pakasaban pikeun sawaréh jalma.

(Gambar meunang nginjeum ti Abu Fawaz Asy-Syirboony)

Neuteuli


Rumasa kungsi deleka ka manéhna téh. Najan teu pira, ceuk anggapan mah da asa teu pira. Tibang ogé neundeun cucuk handapeun sendalna. Sugan téh moal teurak éta cucuk kana sendalna. Ari pék téh mangsa dipaké ku manéhna, cucuk téh bet nancek kana sendal nepikeun kana dampal sukuna. Atuh manéhna ngagoak siga anu nyerieun. Teuing nanceb kana dampal sukuna teuing henteu, dan terus ingkud-ingkudan leumpangna.

Najan geus ménta hampura bari diheureuyan kusabab geus nyieun deleka ka manéhna, manéhna osok kasuat-suat deui. Cing téh lain maksud deleka ka manéhna, da éta ngan ukur heureuy. Sugan téh moal tembus kana sendalna, teu pira tibang ogé cucuk.

Neuteuli
Neuteuli

Teu kaop inget atawa nyabit-nyabit ngeunaan sendal éta, manéhna osok nyalahkeun. Pajarkeun téh, manéh mah ngaheureuyan téh kaleuleuwihi atawa awas engké mah ditaur. Kitu ceuk manéhna. Lamun geus kitu, nya teu bisa kukumaha salian ti cicing atawa ménta hampura moal deui-deui.

(Potret meunang nginjeum ti PreciousTrash)

Ambon Sorangan


Ninggang mangsa rumaja mah mangsana loba pangaresep jeung loba kahayang. Resep itu, resep ieu. Sagala resep, sagala hayang. Lamun kongang mah hayang kapimilik sakabéhanana.

Nempo lain jinis osok aya kereteg rasa anu béda. Aya geter-geter rasa anu nyangkaruk dina haté. Komo lamun nempo anu rada hérang-hérang mah, teu butuh waktu anu lila. Datangna rasa téh osok gancang mangaruhan kana haté. Haté kumejot hayang deukeut, hayang gera wawuh. Saha atuh inyana jeung urang mana.

Hanjakal geter-geter rasa téh aya kalana tara nyambung. Geter rasa ngan ukur kapimilik ku sorangan. Inyana mah tong boro mibanda rasa anu sarua, dalah noléh ogé teu daékeun. Teu wawuh-wawuh acan kanu mibanda geter-geter rasana ogé.

Ambon sorangan
Ambon sorangan

Geus kitu mah, bati hanjelu anu aya dina haté. Geter-geter rasa téh henteu ditémbalan, henteu diwaro.

(Potret meunang nginjeum ti Keajaiban Cinta)

Sulur


Lamun kuring kabeneran henteu bisa datang, kuring mah boga andelan. Lamun kabeneran aya halangan aya kénéh manéhna anu bisa nyelangan. Kitu bungahna kuring. Teu kudu bingung najan aya nanaon. Teu keueung najan kudu ngajadwalkeun ti anggangna kénéh ogé.

Bener manéhna mah bisa dijadikeun andelan. Najan manéhna kawas budak kamari soré kénéh, tapi nilik kana pangaweruhna manéhna geus kudu nyongcolang. Teu kudu ngan ukur jadi gaganti wungkul. Tapi keun baé pikeun saheulaanan mah manéhna sina loba heula pangalaman. Isuk jaganing géto mah piraku henteu bisa mandiri.

Babaturan anu bisa jadi sulur
Babaturan anu bisa jadi sulur

Nu penting ayeuna manéhna bisa nyelangan dina mangsana kuring aya halangan.

Malati Leuwi Kinanti


-

Katumbiri melengkung ti kahiyangan
Hujan kembang sumawor ka Pajajaran
Widadari lumungsur muru tampian
Ngadon siram di leuwi Sipatahunan

Katumbiri melengkung ti kahiyangan
Hujan kembang sumawor ka Pajajaran
Widadari lumungsur muru tampian
Ngadon siram di leuwi Sipatahunan

Dengkleung nineung
Kalangkang mangsa katukang
Dengkleung nineung
Silanglang dina panyawang

dengkleung nineung
Kalangkang mangsa katukang
Dengkleung nineung
Silanglang dina panyawang

Dengkleung nineung kalangkang mangsa katukang
dengkleung nineung silanglang dina panyawang
dengkleung nineung kalangkang mangsa katukang
Dengkleung nineung silanglang dina panyawang

Étém


Etem
Etem

Nempo gambar ieu, pasti inget ka jaman baheula. Di pilemburan mah geus jadi parabot anu biasa dipaké nalika panén paré waktu harita. Arék panén paré di sawah atawa di huma.

Ayeuna mah geus jarang anu makéna. Da geningan panén téh ayeuna mah ngagunakeun arit. Supaya gancang sigana mah. Da panéna ayeuna mah langsung diarit reujeung tangkalna.

Baheula, mangsa panén masih kénéh ngagunakeun étém, panén téh rada lila. Sabab harita mah panén paré téh diteukteukanana tina gagangna, sarenggeuy saranggeuy, henteu jeung tangkalna. Siga anu leukleuk. Unggal ranggeuyan dihijikeun jadi saeundang kalawan ditalian maké tali tila awi. Dua eundan paré dihijikeun jadi sageugeus, sarua ditalian.

Sanggeus jadi geugeus, diakutan ka imah. Arék ditanggung (ku lalaki) atawa diais (ku awéwé).

Biru


Lagu Biru, Sanggian/Rumpaka: Nano S., Juru Kawih: Rita Tila
Lagu Biru, Sanggian/Rumpaka: Nano S., Juru Kawih: Rita Tila

 

Biru téh warna kameumeut
Pulas kangen nulis batin
Biru téh rada kageugeut
Sulur getering duriat

Sapertos biruna langit, nya Enung
Teuteup amparan harepan
Kabagjan némbongan
Sapertos biruna laut, nya Enung
Liuh galuraning asih
Leah sesetraning manah, deudeuh

Biru, pamidangan bulan béntang
Pakalangan beurang peuting
Biru, kangen urang rasa urang
Jadi lambang kateguhan anu wening

Sapertos galura cinta, nya Enung
Biru teh anteb mamanis
Kasmaran romantis
Sapertos galindeng tembang, nya Enung
Biru téh hariring tembang
Sungkeman sanghiyang tineung