Diajar Basa Sunda tina Hénpon Sony Ericcson


Nengetan Basa Sunda dina hénpon Sony Ericsson anu disetél maké Basa Sunda, bisa dijadikeun jalan pikeun mikawanoh Basa Sunda. Arang langka hénpon anu bisa disetél maké Basa Sunda. Sawatara waktu ayeuna mah kakara hénpon Sony Ericsson wungkul anu bisa disetél maké Basa Sunda téh. Hal ieu bisa dijadikeun hiji jalan pikeun mikawanoh reujeung ngalanggengkeun Basa Sunda.

Leuwih jauhna deui, lamun ditengetan mah kalimah atawa kekecapan anu dipaké dina éta hénpon bisa dijadikeun jalan pikeun diajar Basa Sunda, hususna Basa Sunda anu aya pakaitna reujeung téhnologi. Loba kekecapan anyar anu kapanggih, anu sabenerna mah lain anyar, ngan jarang dipaké dina obrolan sapopoé.

Kumaha atuh lamun dijadikeun kamus Basa Sunda…? Bisa ogé. Ngan rada susah lamun ngan ukur hayang ngajadikeun kamus make hénpon Sony Ericsson ku jalan nyetél Basana wungkul mah. Da kecap atawa kalimah anu arék ditarjamahkeunana kudu diapalkeun heula. Dina sakali waktu ngan ukur bisa nempo hiji basa. Matak aya alusna ogé pamendak/kahayang Kang Ell Ariansyah anu seja midamel Kamus Basa Sunda dina hénpon. Mudah-mudahan waé tinekanan.

Salasahiji henpon Sony Ericsson anu aya setelan Basa Sunda

Ngeunaan Basa Sunda dina hénpon, aya rupa-rupa sikep babaturan mangsa apal hénpon téh disetél maké Basa Sunda. Aya anu seuri kusabab manggihan kekecapan anu kakara manggihan jeung anéh (langka dipaké), aya ogé anu hayangeun maké Basa Sunda dina hénpon bogana (ngan teu bisa kusabab béda mérek hénponna), aya ogé anu miboga kahayang pikeun miboga hénpon Sony Ericsson.

Ngarumasna Maké Basa Tarjamahan dina Téhnologi


Anu geus biasa maké Basa Inggris dina widang téhnologi, hususna kompiuter, tangtuna gé geus apal kana kekecapan anu biasa dipaké dina widang kompiuter. Malahan mah apanan lain ngan ukur kecapna wungkul anu geus kacangkem téh, tapi ogé simbulna atawa tandana geus apal pisan. Lamun tanda maké gambar anu kitu, hartina téh kitu. Teu kudu néangan atawa ngoréhan deui hartina.

Kekecapan anu dipaké dina widang anu disinghareupan geus molotok deui. Lamun remen nyanghareupan atawa ngagunakeun kompiuter, geus teu anéh deui nyanghareupan sagala kekecapan anu aya dina kompiuter. Kekecapan anu kalolobaanana (lamun henteu disebut sakabéhna) mah maké Basa Inggris.

Wordpress dina Basa Sunda

Lamun geus kabiasaan maké Basa Inggris dina nyanghareupan kompiuter, atuh bakal karasa ngarumasna atawa bédana nalika nyanghareupan kompiuter dina basa anu béda. Contona waé lamun basa anu dipaké dina kompiuter téh Bahasa Indonésia atawa Basa Sunda. Bakal manggihan kekecapan anu béda, sanajan perlambangna atawa simbulna sarua. Bakal manggih rasa kagok atawa kararagok kusabab kekecapanana béda. Éta waé dina dunya blog, apanan bakal manggihan kekecapan anu béda jeung asa anyaran manggihan yén kecap éta téh bet asup kana kabeungharan kecap dina blog. Apanan aya kecap undeur pikeun narjamahkeun download. Lamun nilik kana kecap mah apanan undeur téh biasa dipaké pikeun ngala pupucukan, ari ieu dina basa kompiuter bet asup dipaké pikeun ngala payil ti internét.

Béh dituna, lamun kabéh kecap dina téhnologi ditarjamahkeun kana basa urang (Basa Sunda), bakal manggihan kekecapan anu arang kapaké dina omongan sapopoé. Jeung bakal nambahan kabeungharan kecap dina Basa Sunda. Najan nyababkeun karagok dina makéna, tapi aya alusna pikeun miara basa hususna Basa Sunda.

(Gambar meunang nginjeum ti http://en.wordpress.org/wp-content/languages/shots/shot-su_ID.png)

Narjamahkeun Basa Téhnologi


Dina widang téhnologi, urang kulon mah leuwih maju tibatan urang wétan. Teu anéh lamun sagala hal ngeunaan téhnologi, sumberna atawa asalna lolobana ti wewengkon kulon. Naha wangunan téhnologina atawa élmuna, ti kulon nyéréd ka béh wétan. Sumber-sumber élmu ngeunaan téhnologi lolobana mudalna ti béh kulon. Teu anéh lamun basa anu digunakeunana téh basa kulon. loba hasil téhnologi reujeung pangrojongna anu maké basa urang kulon.

-

Ku hal ieu salaku urang wétan, taya deui jalan kumaha carana bisa ngarti kana basa urang kulon. Anu biasana maké Basa Sunda, lamun hayang ngarti kana téhnologi kudu bisa jeung ngarti kana basa urang kulon hususna Basa Inggris. Pikeun anu ngalaman sakola mah sahanteuna bisa saeutik-eutikeun kana Basa Inggris téh. Jadi, rada gampang ngartina kana téhnologi anu nyebar ti urang kulon. Anu kungsi ngalaman sakola sahanteuna tingkat SMP mah bisa ngarti kana Basa Inggris téh.

Ngan teu sakabéhna bisa ngarti kana Basa Inggris téh. Aya jalma-jalma anu kurang ngarti kana Basa Inggris téh, naha kusabab teu perenah diajar atawa poho deui najan geus diajar ogé. Pikeun anu teu ngarti kana Basa Inggris mah apanan rada susah pikeun ngarti reujeung nerapna téhnologi anu maké Basa Inggris. Kusabab hal ieu diperlukeun tarjamahan tina Basa Inggris kana basa anu dipikaharti hususna ku urang Sunda.

Ngeunaan ieu hal aya dua pihak anu béda. Anu bisa atawa gampang ngarti reujeung anu (rada) susah ngarti kana Basa Inggris. Dina prak-prakanana, supaya pangarti ngeunaan téhnologi téh bisa sumebar kalawan rata, unggal jalma najan henteu bisa ngarti kana basa urang kulon kudu bisa narima pangarti ngeunaan téhnologi anu asalna ti wewengkon kulon. Kusabab kitu, dina lebah dieu mangpaatna jalma anu ngarti pikeun narjamahkeun atawa ngahartikeun elmu pangaweruh tina basa urang kulon kana basa urang wétan. Anu ahirna mah téhnologi téh lain ngan ukur dikeukeuweuk ku anu ngarti basa deungeun (basa kulon) wungkul, tapi ku kabéhan jalma.

Saha anu arék ngaleukeunan narjamahkeun élmu pangaweruh jeung téhnologi tina basa urang kulon kana Basa Sunda…?

Linux dina Basa Sunda…? Cobaan Waé Gethux Siga Ruyuk 1.0


Geningan ana goréhél téh manggihan ogé warta ngeunaan sistem operasi kompiuter anu maké Basa Sunda. Warta ti tatar belah kidul, perenah ti daérah Tasikmalaya, aya hiji desa anu ngahangkeutkeun nyieun program paranti ngagunakeun kompiuter (sistem operasi) dina Basa Sunda. Ieu gerakan téh dingaranan MGOS, atawa Mandalamekar Go Open Source. Sakumaha ngaranna, gerakan ieu ayana di Mandalamekar anu mangrupakeun hiji désa anu ayana di wewengkon kacamatan Jatiwaras Kabupatén Tasikmalaya. Dina ieu gerakan, pamaréntah desa Mandalamekar ngahaja nyieun sistem operasi anu dasarna tina Linux anu ditarjamahkeun kana Basa Sunda.

Kunaon atuh bet maké dasar Linux?

Linux Basa Sunda

Linux mah cenah geus kajamin amanna (aman dina neundeun data), moal gampang kaserang ku pireus (virus) anu bisa ngaruksak data. Salian ti éta ogé pikeun ngarojong program pamaréntah dina widang téhnologi. Terus di sisi séjénna bisa ngurangan béaya anu kudu dikaluarkeun pikeun ngayakeun sistem operasi reujeung program kompiuter séjénna (Linux mah apanan haratis, teu kudu meuli).
Linux anu dipolahkeun ieu téh dingaranan Gethux Siga Ruyuk 1.0. Ngeunaan ngaranna, Gethux téh asalna tina kecap Get jeung Tux anu hartina ngahontal kamerdikaan. Sedengkeun ari kecap Siga Ruyuk nuduhkeun kana pérsina, nyaéta pérsi (versi) Ruyuk (ruyuk téh sabangsaning jujukutan anu tumuwuh di tegalan). Lamun dihijikeun mah cenah, éta ngaran téh miboga harti ngahontal kamerdikaan pikeun urang lembur atawa pasisian.

Pikeun mikanyaho warta anu leuwih jéntré ngalogok loka Mandalamekar ngeunaan MGOS.

(Gambar meunang nginjeum ti http://mandalamekar.or.id/content/images/1310931133-m.jpg)

Google dina Basa Sunda


Telat atuda apalna. Tapi keun baé lah telat ogé. Dibandingkeun jeung henteu pisan mah, leuwih alus telat.

Ngeunaan Google dina basa Sunda, ti baheula mula geus aya atawa geus nyampak (ngan teuing ti taun iraha mimiti ayana). Google dina basa Sunda sarua waé reujeung Google biasa, ngan bédana téh ngeunaan kekecapan anu ditampokeun dina situs wébna jeung katerangan Google Basa Sunda. Ari pakeun atawa kagunaanana mah sarua waé pikeun néangan sagala hal anu aya di dunya internet sakumaha Google dina aslina.

Google dina Basa Sunda

Pikeun bisa asup ka loka Google Basa Sunda bisa ngaliwatan alamat http://www.google.com/webhp?hl=su anu bakal langsung asup ka Google vérsi Basa Sunda. Sedengkeun lamun maké Basa Inggris atawa Basa Indonésia, bisa ogé maké cara: Klik panumbu Language Tools (lamun asup ngaliwatan google.com) atawa Perangkat Bahasa (lamun asup nagliwatan google.co.id). Dina lambaran anu kaluar, téangan jeung pilih (klik) panumbu atawa kecap Basa Sunda atawa Sunda. Mangka saterusna bakal asup ka loka Google Basa Sunda.